You are on page 1of 43

LEMBUR KURING, BUDAYA KURING

LEMBUR KURING, BUDAYA KURING

ARI ARIYANTO

Dayeuhluhur On Facebook CILACAP


LEMBUR KURING, BUDAYA KURING

EUSINA

Daftar Eusi............................................................. 2 Bubuka ................................................................. 4 Lembur Kuring, Budaya Kuring ........................... 7 Kumpulan Sasakala jeung Dongng di Dayeuhluhur ..................................... 12 Ki Jonggrang ........................................................ 12 Leuwi Munding .................................................... 16 Dungus Pondok. .................................................... 19 Curug Pangantn .................................................. 22 Guha Basma ......................................................... 28 Lampiran . ............................................................. 30 Daftar Pustaka ...................................................... 40

LEMBUR KURING, BUDAYA KURING

Kapihatur Kanggo:

Ibu, sinareng Bapak nu aya di lembur.

LEMBUR KURING, BUDAYA KURING

BUBUKA

Assalamualaikum Wr. Wb
Sampurasun, Puji sinareng syukur simkuring panjatkeun ka kersana Guti Nu Maha Suci, dina denget ayeuna, alhamdulillah simkuring parantos medarkeun perdana ieu buku anu judulna Lembur Kuring, Budaya Kuring. Buku ieu dipidamel kanggo sadaya masyarakat, umumna urang Sunda, langkung khususna kanggo warga Dayeuhluhur, supados janten salah sahiji bahan ajar kanggo barudak sakola. Dina ieu buku, simkuring ngahaja ngumpulkeun hasil tradisi lisan dina wangunan Dongng.

LEMBUR KURING, BUDAYA KURING

Dongng anu diserat og caritana saluyu pisan sareng sababaraha carita anu dicarioskeun ku sababaraha narasumber. Eusi carita dongng nu dimunculkeun og teu welh ngeunaan kahirupan-kahirupan Dayeuhluhur di jaman baheula na. Tujuan simkuring ngagarap ieu buku, supados janten inspirasi kanggo dulur-dulur sadayana anu di lembur, pikeun ngahasilkeun karya anu sansna. Saliyan ti ta, simkuring miboga tujuan ngarumat lembur. Ngarumat anu dimaksad nyata, tiasa ngajaga budaya nu aya di Dayeuhluhur, budaya lisana, og budaya tulisana, supados tiasa dijagi. Ngamumul Budaya Sunda, tos sans janten ngan saukur wacana, nanging kedah aya perobahan dina tindakanna. Tidinya simkuring diajar, nyiar lmu kasundaan sangkan tiasa diaplikasikeun.

LEMBUR KURING, BUDAYA KURING

Teu hilap, Simkuring ngahaturkeun nuhun ka sadaya pihak anu tos ngarojong dina pross padamelan proyk ieu buku, langkung khususna ka Bapak Teddi Muhtadin, M.Hum salaku dosn pembimbing, ka Ibu Rama, og ka rrncangan Simkuring sadayana. Mugi dina medalna ieu buku, seueur manfaatna kanggo urang sadayana, langkung khususna ka warga Dayeuhluhur.

Dayeuhluhur, 5 Mei 2012

LEMBUR KURING, BUDAYA KURING

LEMBUR KURING, BUDAYA KURING

LEMBUR KURING, BUDAYA KURING

Dayeuhluhur, nyata salah sahiji Kecamatan anu aya di wilayah Kabupatn Cilacap, Jawa Tengah. Di Kecamatan Dayeuhluhur aya 14 Dsa, diantawisna : 1. Desa Panulisan Timur 2. Desa Panulisan 3. Desa Panulisan Barat 4. Desa Matenggeng 5. Desa Ciwalen 6. Desa Dayeuhluhur 7. Desa Hanum 8. Desa Datar 9. Desa Bingkeng 10. Desa Bolang 11. Desa Kutaagung 12. Desa Cijeruk 13. Desa Cilumping 14. Desa Sumpinghayu

LEMBUR KURING, BUDAYA KURING

Salah sahiji Kecamatan anu ngajagi, ngamumul Budaya Sunda. Malahan, dugikeun jaman ayeuna, teu acan aya nu terangeun, teu acan aya nu knging info atanapi katerangan, ti iraha masyarakat Dayeuhluhur didominasi ku Urang Sunda. Kuatna tradisi Budaya Sunda di Dayeuhluhur ditandakeun ku kecap-kecap, bahasa sadidinten nyata Bahasa Sunda. Kunaon malah ngangge Bahasa Sunda? Kusabab mayoritas warga Dayeuhluhur remen komunikasa sareng urang Jawa Barat, khususna Urang Banjar, kusabab warga

Dayeuhluhur ketergantungan ka warga Banjar dina widang konomi. Salaku conto, nalika warga Dayeuhluhur ngajual hasil panen dina widang tatann, mayoritas dijual ka wilayah Banjar. Hal ieu didukung og ku jalur akss ka Banjar langkung gampil tibatan jalur akss ka Majenang atanapi Cilacap anu jarakna langkung tebih.

LEMBUR KURING, BUDAYA KURING

10

Dina widang Budaya, warga Dayeuhluhur ngajagi pisan anu namina Budaya Karuhun ti nnk moyangna. Nanging, aya og anu tos teu ngalestarikeun kearifan lokal budaya na, lantaran saluyu og sareng

berkembangna jaman. Dina conto, diantawisna, di Dayeuhluhur masih knh mendakan sababaraha

kagiatan anu sifatna tradisi, ngeunaan adat istiadatna, misalna : aya nu disebat sedekah kupat anu di dayeuhluhur disebat babarit kupat, kaliwonan, ngiriman sasajn ka karuhun anu disimpen di tampat-tempat nu dianggap ngandung nilai magis atanapi mistis. Tina sababaraha conto ta, tiasa disimpulkeun, Dayeuhluhur nyatana masih kuat ku tradisi, adat istiadat anu turun temurun dilakonan ku karuhun atanapi nnk moyangna di jaman baheula.

LEMBUR KURING, BUDAYA KURING

11

Budaya nu aya di dayeuhluhur, tiasa janten minat kanggo para Filolog, oge Budayawan kangge neliti dina sagala widang na nu aya di dayeuhluhur, supados nilainilai kearifan lokal, og Budaya nu masih knh khas, teu acan kacampur ku Budaya sansna tiasa kajaga. Di widang Pendidikan, sakola-sakola nu aya di Dayeuhluhur og nambihkeun mulok pelajaran Bahasa Sunda dina kurikulumna, saliyan tina Bahasa Jawa. Ieu oge, tiasa janten bukti, sangkan warga Dayeuhluhur bener-bener merjuangkeun, mempertahankeun Budaya Sunda na.

LEMBUR KURING, BUDAYA KURING

12

Kumpulan Sasakala jeung Dongng di Dayeuhluhur

Ki Jonggrang Kacaritakeun di jaman baheula, di darah Dayeuhluhur, aya hiji jelma anu kacida jangkung pangawakanna, kacida ahng ku gedna. Mun saha wa nu nempo kaayaan ta jelma geus barang pasti bakal aranheun. Jelma na mun dikira-kira mah ceunah kurang leuwih jangkungna th aya satangtung awieun. Ngaranna Ki Jonggrang, pantes pisan jeung kaayaan pangawakanna kusabab diaranan Ki Jonggrang th. Manhna hirup sorangan, geus teu apal indung bapana saha. Sanajan jadi jelma anu miwal jeung nu liyanna, manhna teu nutup diri, kumaha wa carana mah sangkan manhna bisa ngahiji jeung masyarakat. Sanajan hs, kusabab rata-rata jelma nu liyanna sok ngajauh lantaran sararieuneun ku pangawakanna, manhna teu lh glng. Manhna hayang bisa nunjukeun ka
LEMBUR KURING, BUDAYA KURING

13

masyarakat sangkan manhna og jelma biasa, nu bisa ngajalankeun kahirupan normal jiga nu liyanna.

Teuing kumaha mimitina, kumaha caritana, sangkan manhna bisa boga pangawakan sajangkung kitu, da ti leuleutik og geus nmbongkeun kitu. Manhna hirup jeung hiji jelma nu geus kolot. Ti leuleutik manhna diurus ku aki ta nepikeun ka ged. Sanajan boga awak jangkung, mung dina patuangan mah normal jiga nu sansna. Hirupna th ngan saukur jadi pangcan barudak nu sapada na. Mun ulin th tara boga batur. Nyorangan we hayuh. Tapi manhna teu nepikeun ka putus asa. Ngan hiji we mereun anu jadi batur satia manhna, nyata si aki anu geus ngurus manhna nepi ka ged jiga ayeuna. Ti aki ta manhna bisa tabah, sabar, narima kaayaan.

LEMBUR KURING, BUDAYA KURING

14

Dina hiji mangsa, teu disangka-sangka, lembur manhna kalat bencana, geus tilo po hujan ngagebrt kacida kerepna. Nepikeun cai lebak ti Cibt mudal, caah ka lembur si Jonggrang. Sakabh jelma pahibut nangan lahan atawa tempat anu jangkung pikeun nyalametkeun tina banjir ta. Sabab saking gdna ta cai anu caah, euweuh hiji g jelma nu kaburu nyalametkeun diri. Tah tidinya si Jonggrang mikir, kumaha carana sangkan sakabh jelma nu aya di lembur manhna bisa salamet. Kusabab geus euweuh deui waktu, manhna gogoakan, ngageroan jelma nu pada baringung, bari ngomong bapak-bapak, ibu-ibu sadayana! Buru kadarieu . . . , geura nak kana awak urang, amih salamet, k ku urang dibawa ka tempat anu luhur. Kitu ceuk si Jonggrang th. Teu loba mikir, kabh jelma nu aya didinya pahibut lumpat nyampeurkeun si Jonggrang. Kabh jelma nu aya didinya nungtut hiji-hiji disalametkeun, da ku awak jangkung badag, ci cai banjir ta teu jadi masalah pikeun si Jonggrang. Si Jonggrang buru-buru lumpat ka bukit anu luhur amih salamet tina caah cai lebak Cibt.

LEMBUR KURING, BUDAYA KURING

15

Ku bantuan manhna, sakabh jelma di ta lembur salamet. Jelma anu tadina sok moyokan si Jonggrang og mnta hampura, nyatana si Jonggrang th boga rasa mikanyaah ka kabh warga lemburna, had lampah, had gaw, kacida bageurna. Tah tidinya sakabh jelma th sadar, si Jonggrang th teu gorng kalakuan sakumaha nu dibayangkeun maranhna. Tina kajadian ta, si Jonggrang jadi jema anu pangdipikanyaah ku baturna, ku wargana, ku sakabh jelma di lemburna. Jonggrang og teu malah jadi jelma ged hulu, sanajan manhna jadi bahan poyokeun baheula na, teu saaeutik og rasa dendam dina diri manhna.

LEMBUR KURING, BUDAYA KURING

16

Leuwi Munding

Di jaman baheula, aya hiji leuwi anu kacida kasohor ku kandahanana. ta leuwi jadi daya tarik jalmi sakuriling lembur ta. Panorama alam na kacida hbring pisan, ndah ditingalna th, cai na anu hrang, ditambah di sakurilingna th aya pemandangan gunung-gunung anu nambihan kandahan ta leuwi. Saliyan ti ta, jalmi didinya mercayakeun ta leuwi janten salah sahiji tempat anu sakral, naha ceunah bet kitu? Kumargi ta leuwi th miboga carita anu teu lh ram na. Sanajan leuwi na ndah, mung taya hiji g nu wani liwat kadinya, komo deui lamun kanyat cicing didinya sanajan mung hoyong ngarasakeun

pemandanganna hungkul og. Tah, kunaon ceunah sababna? Ceunah numutkeun carita ti kokolot mah kieu, ta leuwi th aya nu nyicingan, anu nyicinganna th mangrupakeun lubang (belut raksasa) anu kacida sarakahna. jadi rk saha-saha anu ngaliwat kadinya th sok teu bisa balik deui, kumargi sok tara salamet, ceunah

LEMBUR KURING, BUDAYA KURING

17

ceuk jalmi didinya mah sok dijadikeun korban atanapi tumbal. Jadi weh kandahan ta leuwi th teu bisa dimanfaatkeun ku jalmi anu cicing di sekitar ta lembur, kumargi ku ta carita. Dina hiji po, waktos nunjukeun pasosor, layung ti tungtung langit nmbongkeun kandahanna, mani katnjo nambihan ndahna ka ta leuwi th. Nuju kacida ndah-ndahna, aya sapasang

munding anu liwat tas nangan jukut, sabab kacida cap na, nyiar kaditu-kadieu, salah sahiji munding na th teu kuat hayangeun nginum, teu mikir ku carita ta leuwi, torojol wh munding jalu na ngadeukeutan leuwi, buruburu nginum cai, asa ku teu percaya, munding hiji deui padahal geus ngalarang sangkan ulah ngadeukeutan leuwi ta, bener wh, ti beulah hulu cai jol lubang raksasa anu dicaritakeun ta, bakating ku bingung, munding anu hiji mung bisa nempokeun munding anu keur nginum cai leuwi, torojol ta lubang nwak munding nu keur nakna pisan nginum, kusabab sarua sieunna, munding bikangna mah teu bisa nulungan, ngan

LEMBUR KURING, BUDAYA KURING

18

ukur bisa gogoakan mnta tulung, mung hanjakal kabeneran nuju teu aya sasaha saliyan manhna duaan, pasrah wh nu aya th. Saharita g, munding nu katwak geus teu bisa kukumaha, bakat ku sieun ningal rupa ta lubang, mundingna g pasrah, tas kitu, si munding jalu dipurak ku ta lubang, nepikeun dilegleg hirup-hirup. Munding bikang ngan ukur ceurik nempo kajadian ta. Tah tidinya mimiti na leuwi ta th diaranan leuwi munding.

LEMBUR KURING, BUDAYA KURING

19

Dungus Pondok

Hiji tempat anu aya di Dayeuhluhur, ceunah mah kasohor, ku keueungna, ku carita-carita mistisna. Malahan sok dipak pikeun tempat tatapa, pikeun mntamnta sagala anu dipikahayang. Naon wa, saha wa anu wani cicing, anu wani tatapa, wani muja tilu po tilu peuting, naon-naon anu jadi kahayang bakal

kacumponan. Tempatna th kacida keeungna, hieum pisan ku tatangkalan anu garared. Tangkal caringin, jeung tangkal benda ngurilingan ieu tempat. Ditambah aya hiji tempat anu sok dijadikeun tempat muja siluman, nyata Kramat Dungus Pondok. Numutkeun carita-carita ti unggal jelma mah,

didinya th loba nu manggihan makhluk kajajadn. Misalna sok aya nmbongan sosok ai pangawakan mah mangrupa jelma, tapi hulu na mangrupakeun sato, biasana mangrupakeun hulu harimau, hulu singa, hulu oray, jeung nu sajaba na. Tina carita ta, sakabh jelma sok kalah keueungeun, sarieuneun ku carita ta, da

LEMBUR KURING, BUDAYA KURING

20

ceunah

makhluk-makhluk

kajajadn

ta

sok

aya

ngaganggu jeung sok mnta tumbal dina hiji mangsa anu geus ditantukeun. ta omongan th lain ngan ukur caarita, bener wae dina kanyataan na og, tiap satahun sakali, sok aya korban anu ngantunkeun, saatos tapa ti Kramat Dungus Pondok ta, teuing bener salahna mah, nujadi barang pasti, jelma anu ngadatangan ka ta tempat pasti miboga niat anu gorng (musyrik) ti jalan Gusti Allah, mung sakabh jelma ngahubungkeun kajadian ta numutkeun kana carita mistis di tempat ta . Kusabab kitu, sakabh warga nu aya di ta lembur, dina satahun sakali sok ngayakeun sedekah kaliwonan, nyata sajenis upacara ritual, anu eusina mr sasajn, persembahan pikeun ngahormatan ruh-ruh karuhun anu cicing di Dungus Pondok. Ki Walji, salaku kokolot anu dipercaya ku wargana, ngayakinkeun, ngabenerkeun, sangkan ta tempat th bener-bener sakral, aya kakuatan ghaib anu karasa kacida kuatna di Kramat ieu. Kagiatan sedekah kaliwonan rutin

dilaksanakeun, saliyan ti ta, warga didinya boga aturan,

LEMBUR KURING, BUDAYA KURING

21

yn saha-saha anu hayang ziarah ka ieu tempat, teu meunang ngarusak alam nu aya di Kramat Dungus Pondok ieu, komo deui nepi ka ningkah sanakna, misalna ngomong sompral nalika ngunjungan ta tempat. Tah tidinya, euweuh deui warga anu jadi korban, euweuh deui nu ninggal ku gara-gara ngadatangan ta tempat. Sakabh warga jadi leuwih tentrem.

LEMBUR KURING, BUDAYA KURING

22

Curug Pangantn

Dina jaman baheula, kacaritakeun aya hiji pasangan kekasih anu kacida pageuh hubunganna, kacida mikanyaah, kacida mikacintana, dua-duana miboga prinsip, tujuan sangkan ta hubungan bisa terus dijalanan nepi ka tungtung hirupna. Sebut Si Ujang jeung Si Nyai ngaranna th. Hubunganna geus lila, ti mimiti maranhna keur sakola di Madrasah, nepikeun ka ayeuna, kira-kira maranhna geus umur dalapan belas taunan. Si Ujang, anu hirupna serba sederhana, hirup ti kulawarga Patani, kusabab kitu, ti leuleutik manhna geus diajarkeun tatann ku kolotna. Hirupna miwal jeung baturna, anu lolobana hirup ti latar belakang kulawarga bangsawan, beunghar, sagala boga. Namung aya hiji nu ngabdakeun antara kahirupan Si Ujang jeung batur nu liyanna, nyata sikap, perilaku na. Si Ujang anu hirupna sederhana, prihatin pisan ka kolotna, teu nko-nko, gigih, rancag, sabar dina ngajalanan kahirupan sanajan sagala kurang. Bda jeung

LEMBUR KURING, BUDAYA KURING

23

babaturanna anu mayoritas hirup ti golongan bangsawan. Hirupna th ngan ukur foya-foya, miceunan duit kolotna, teu mikir jeung hirup ka hareupna bakal kumaha. Nu aya dinapikiran maranhna mah ngan ukur hirup senang, boga kolot jalma boga, padahal maranhna mah teu bisa nanaon. Tah tidinya anu dijadikeun alasan, sangkan si Nyai, anu jadi bunga dsa di lemburna, bener-bener mikanyaah ka si Ujang. Si Nyai, hirup ti kulawarga anu kacida beugharna, asalna ti kulawarga golongan bangsawan. Hirupna serba mwah, manhna og, sanajan beunghar, henteu

sombong, heunteu riya ka jelma, bageur pisan, somah, keur th geus kacida geulisna, ongkoh bageur deui, pantes we para lalaki loba nu hayangeun ka manhna pikeun dijadikeun pamajikan. Kabh-kabh kaum lalaki di ta lembur silih beersaing, mung saukur hayang meunangkeun hat Si Nyai. Mung hiji anu beruntung, nyata Si Ujang anak patani ta, anu kacida beruntungna. Si Nyai kacida nyaah na ka Si Ujang. Hanjakal na th, hubungan anu geus lila dilakonan ku Si Nyai jeung Si

LEMBUR KURING, BUDAYA KURING

24

Ujang th teu meunang restu ti kulawarga Si Nyai, lantaran Si Ujang mah jalma teu boga, jalma miskin anu sagala serba kurang. Komo ti bapana Si Nyai, anu kacida teu panuju na kana hubungan ta. Dina hiji po, Si Nyai keur ngobrol paduaan jeung Bapana. Si Nyai diomongan ku Bapana, sangkan manhna dicaram ngajalan hubungan deui jeung Si Ujang. Mung Si Nyai teu narimaeun, kulantaran manhna yakin pisan, sajatina Si Ujang th lalaki anu bener-bener bisa nuntun pikeun kahirupan rumah tangga, lalaki anu boga tanggung jawab. Sanajan ngomong nepikeun panjang lbar, Bapana keukeuh teu narima, manhna embungeun bbsanan jeung jelma anu derajatna leuwih handap ti kulawarga manhna. Malah mah, Bapana Si Nyai rk ngajodohkeun manhna jeung Si Udin, putrana bandar bas anu beunghar ddi lemburna. Ngadng omongan bapana kitu, Si Nyai wani sumpah-sumpahan ka sakabh kulawargana, sangkan manhna moal sudi mun nepi ka kawin jeung pilihan Bapa na ta, kusabab

LEMBUR KURING, BUDAYA KURING

25

Bapana terus maksa, Si Nyai nepikeun ka kabur ti imahna, sababaraha po teu balik-balik ka imahna. Tina kajadian ieu, Ibu jeung bapana hariwang, singket waktu, geus sababaraha po euweuh ba kabar, disamperkeun ka Si ujang sarua euweuh, Bapa na og nangan. Kamana sia th atuh Nyai??? Matak teuing aing hariwang, omong Ibuna. Sapopo Ibu na th ngan ukur bisa ceurik balilihan, mikiran anak hiji-hijina. ongkoh da ieu th gara-gara ku Bapa na, cik atuh!! Matak naon ai masalah pilihan pikeun manhna mah tong teuing pimilueun, ceuk Ibu na Si Nyai. Geus atuh ibu, tong ngan saukur bisa ceurik, lila-lila aing rieut.. omong Bapana. Heeuh da manh mah sagala og sok ngagampangkeun, sgala th kudu nurut omongan sorangan, teu mikir hat budak mah teu narimaeun, (bari ceurik ingsreuk).

LEMBUR KURING, BUDAYA KURING

26

Po isukna, aya hiji warga keur ngala parab di lebah hilireun curug, ghgr manggih sapasang mayit anu geus pias, ngambang dina lebak luhureun curug anu kacida jangkungna. Mun dikira-kira mah, aya kana 13 mtran. Pas dibawa ka kampung, disidik-sidik th nyata mayit Si Nyai jeung Si Ujang, geus apal kitu, jelma anu manggihan ta mayit buru-buru laporan ka Pa RT, sangkan amih diwawarkeun ka warga. Saeunggeus ta, datang kulawarga ti dua-duana, Si Ujang jeung Si Nyai, kadua kulawarga teu kuat nahan ceurik, bari jeung balilihan, naha ieu budak th nepi ka janjina. Teu wasa deui, nalangsa bari jeung asa ngimpi. Ceunah mah, ceuk Si Ohim, budak anu maggihan mayit Si Nyai jeung Si Ujang, ta duanana th ninggal ku gara-gara bunuh diri, luncat tina Curug anu aya di leuweung Cimelewong, tatangga lemburna, kusabab, tidinya og manhna manggihan ta mayit, pas pisan ngambang di handapeun curugna. Tina Kajadian ta, sakabh warga ngadatangan ta tempat, curug anu kacida ndah na, dua mayit na og dikuburkeun di lebah

LEMBUR KURING, BUDAYA KURING

27

lalamping sisieun curug pisan. Pikeun miling kajadian ta, warga nu aya didinya sok ngayakeun sedekah dina poe kajadian ninggalna Si Nyai jeung Si Ujang, mr sasajn di ta curug, anu tujuannangahormatan roh kaduana, sangkan amih bisa tenang di alam kuburna. Tina kajadian ta, Curug ta jadi kaasohor di lemburna, malah og ka lembur liyanna. Dijadikeun tempat nu sakral ku warga lemburna. Warga nu didinya, nyebut ta curug ku ngaran Curug Pangantn, kusabab saluyu jeung carita nu nyata kajadian di ta lemburna.

LEMBUR KURING, BUDAYA KURING

28

Guha Basma

Desa Sumping Hayu, Kecamatan Dayeuhluhur, Kabupatn Cilacap, jadi salah sahiji saksi, tempatna bangsa di jaman Walanda nu ngawasa di Indonesia. Kacaritakeun di jaman penjajah baheula, di ieu lembur aya salah sahiji peninggalan sejarah jaman Walanda, nyata aya na terusan, atanapi terowongan anu ku warga didinya disebut Guha Basma. Diwangun nalika keur jaman pangawasa Walanda, terowongan ieu diwangun pikeun jalur alternatif antisipasi perang gerilya anu dilancarkeun ku pihak Indonsia.Wangunanna sederhana, mung anu jadi unik nyata panjangna ieu guha, numutkeun carita-carita kokolot di ta lembur. Guha Basma ta salah sahiji jalur penghubung Bangsa Walanda, anu panjangna th, ceunah mah dugi ka wangunan penjara nu aya di Nusakambangan Kabupatn Cilacap. Upami dibayangkeun panjangna, moal kaukur ku sacara langsung, jalur ta guha kamana wa liwatna bisa nepikeun ka Nusakambangan, sekitar Bntng

LEMBUR KURING, BUDAYA KURING

29

Pendem. Baheulana, ta terowongan digunakeun kana sagala hal anu aya tumalina jeung strategi perang, saliyan dipak pikeun jalur hubung antar urang Walanda, dipak og pikeun tempat panyiksaan urang pribumi, dipak tempat ngaso, og tempat panyimpenan senjata. Dina tahun 1991, nalika miling hari

kemerdkaan 17 Agustus, sakabh warga Kecamatan Dayeuhluhur ngayakeun acara jalan bersama nyata leumpang babarengan asup ka Guha Basma, acara ieu dihadiran og ku sadaya Lurah Dsa sakecamatan, og dihadiran ku Bapak Camat Dayeuhluhur. Mung hanjakal, wangunan Guha Basma tos teu utuh, aya sababaraha bagian di jero na anu geus rugrug ku gempa. Acara nelusuran Guha Basma og mung nepikeun ka jarak kurang leuwihna 17 mter. Kusabab kadituna tos teu tiasa diterusken lantaran katutup ku rugrugan taneuh.Guha ieu dijadikeun salah sahiji tempat wisata Budaya ku Pangurus Kecamatan Dayeuhluhur, amih bisa

dilestarikeun. ***

LEMBUR KURING, BUDAYA KURING

30

LAMPIRAN FOTO GOGRAFIS DAYEUHLUHUR

Kantor Kecamatan

Puskesmas Dayeuhluhur

LEMBUR KURING, BUDAYA KURING

31

Kantor Polosi Kecamatan

Kantor Koramil Dayeuhluhur

LEMBUR KURING, BUDAYA KURING

32

Kagiatan Warga (sedekah/babarit kupat)

Kagiatan Organisasi

LEMBUR KURING, BUDAYA KURING

33

Kagiatan Pasar

Tani

LEMBUR KURING, BUDAYA KURING

34

Kagiatan Ladang (Jagong)

Ngawarung

LEMBUR KURING, BUDAYA KURING

35

Wisata sareng Potnsi Alam (Curug Cimandaway)

Sawah Lega

LEMBUR KURING, BUDAYA KURING

36

Kebon Jagong

Foto Kagiatan Sakola (SMA)

LEMBUR KURING, BUDAYA KURING

37

Barudak SMP Angkat Sakola

Upacara Bendra di SMA

LEMBUR KURING, BUDAYA KURING

38

Kagiatan Diajar (Nari)

Foto Kaulinan Barudak (Kalci)

LEMBUR KURING, BUDAYA KURING

39

Ngadu Kalci

Ucing-Ucingan

LEMBUR KURING, BUDAYA KURING

40

Data Panghargaan (Kads Hanum)

Tokoh Adat Dayeuhluhur Knging Kalpataru

LEMBUR KURING, BUDAYA KURING

41

DAFTAR PUSTAKA http://statda.blogspot.com/search/label/home

LEMBUR KURING, BUDAYA KURING

42

Data Informan Nama Umur : Risah : 70 Tahun

Alamat : RT 01/02, Dusun Cirateun, Desa Matnggng, Kecamatan Dayeuhluhur, Kabupatn Cilacap

LEMBUR KURING, BUDAYA KURING

43

You might also like