You are on page 1of 18

CONTOH ESAI SUNDA sumber:ajip-rosidi.

com DI AJAR MACA Basa kuring asup ka kelas hiji Sakola Rayat (ayeuna mah Sakola Dasar), dina pangajaran maca, ngagunakeun buku Diajar Maca (mun henteu salah kitu judulna). Poho deui saha nu ngarangna. Ngan dina ta buku, murid anu kakara diajar maca cara kuring, diajar ngjah. D-i d-i Didi; Y-o y-o . Yoyo .. W-i w-i .. Wiwi jeung saterusna. Murid diwanohkeun heula kana aksara, boh anu aya soraan (vokal), boh anu henteu aya soraan (konsonan). Ngan ku lantaran euweuh soraan, aksara lambang konsonan mah sok ditambahan ku e heulaeunana. Jadi Ed-i .. di, Ew-i . wi, En-a . na jeung saterusna.

Ngajar maca cara kitu th disebut diajar ngjah. Ku sabab jumlah aksara Rum anu dina basa Sunda disebut aksara Latn th ngan ukur sawatara likur, atuh mmh anggeus kelas hiji og murid th kabhanana geus apaleun kana sakabh aksara. Lamun budak geus apaleun kana sakabh aksara, hartina manhna baris bisaeun maca naon ba, pangpangna anu dina basa Sunda atawa dina basa sjn anu sistim jahanana henteu bda, cara upamana basa Indonsia.

Tapi dina taun 1960-an, para sarjana anu kakara mulang diajar di nagara Kanguru dina raraga Rencana Kolombo nganggap yn sistim ngjah th tinggaleun jaman. Anu dianggap bener mah anu disebut sistim global. Ari dasar falsafahna nyata ku lantaran urang dina waktu nnjo kecap th henteu saaksara-saaksara tapi sagemblengna, cara ari urang ningal karta api henteu sagerbong-sagerbong, tapi saruntuyanana. Sistim global th digunakeun di nagaranagara nu ngagunakeun basa Inggris, sabab dina basa Ingris mah aksara th henteu salilana sarua diunikeunana, upamana aksara u henteu salilana diunikeun u, lamun mandiri dibaca yu, tapi lamun di antara dua konsonan sakapeung dibacana a cara dina but, tapi sakapeung u cara dina put. Kitu deui aksara i, lamun mandiri dibaca ai, tapi lamun bareng jeung aksara sjn, bda-bda ngunikeunana, sakapeung dibaca ai cara time dibaca taim, tapi sakapeung dibaca i cara dina bit. Aksara a sakapeung dibaca i cara dina take, tapi sakapeung dibaca a cara dina kecap answer. Aksara o biasana dibaca o cara dina kecap long, tapi lamun aya dua sakapeung dibaca a cara dina blood, tapi sakapeung o ba ngan rada panjang cara dina door. Sakapeung deui o th dibaca wa cara dina once. Cindekna sora unggal aksara dina basa Inggris mah henteu angger, bda jeung dina basa Sunda anu salilana angger. Aksara a diunikeun a sanajan di mana ba

diperenahkeunana, jeung dihijikeun jeung aksara naon ba g. Kitu deui aksara u, i, o, , e, eu tara robah unina naha mandiri, naha saheulaeun atawa sapandeurieun konsonan, atawa di antara dua konsonan, angger ba.

Kitu deui aksara konsonan dina basa Sunda mah angger diunikeunana di mana ba tempatna. Bda jeung dina basa Inggris, apan konsonan g sakapeung dibaca g cara dina kecap egg, sakapeung dibaca j cara dina kecap logic. Kitu deui konsonan rangkep gh (sakapeung diunikeun g cara dina ghost, sakapeung h cara dina though, sakapeung k cara dina lough), t (sakapeung t cara dina hit, sakapeung c cara dina tulip) jeung ra-ra deui.

Ku lantaran kitu dina pangajaran maca di nagara-nagara nu ngagunakeun basa Inggris aya mataajaran anu disebut spelling, nyata nu ngajarkeun kumaha nuliskeunana saban kecap. Sabab dina hakkatna basa Inggris mah sarua jeung basa Cina, apan Kanji g saban kecap th dilambangkeun ku aksara nu cara nulis jeung garis-garisna kudu diapalkeun. Lamun salah nyieun garis atawa garisna aya nu kurang atawa aya nu leuwih, diunikeunana jeung hartina baris bda. Kecap-kecap dina basa Inggris og kudu diapalkeun susunan aksarana, lamun kaliru baris bda ngunikeunana sarta bda hartina deuih.

Jadi para pakar urang anu ngawanohkeun sistim global dina ngajarkeun maca basa Indonsia jeung Sunda th, saenyana mah ngan tuturut munding bari henteu ngarti yn pasipatan unggal basa th bda-bda. Naon anu alus jeung merenah pikeun basa Inggris, tacan tangtu merenah jeung alus pikeun basa Sunda jeung Indonsia, sanajan aksara anu digunakeunana sarua tur asalna ti sumber budaya Barat. Komo deui da pikeun ngalaksanakeun sistim global mah, barudak th kudu dibarengan ku ra maca, hartina kudu ra buku sangkan dina waktu diajar ra papanggih jeung runtuyan gerbong anyar. Di nagara-nagara maju tempat para pakar ta diajar, buku geus henteu jadi masalah. Perpustakaan anu lengkep aya di tiap sakola. Bda jeung di urang. Dina taun 1960-an waktu sistim global ta mulai dilaksanakeun, buku masih jadi barang langka, sarta sakola anu bogaeun perpustakaan masih ancal-ancalan. Akibatna barudak SD nepi ka kelas 4 masih knh tacan lancar maca. Hartina jutaan budak jadi korban ksprimn para pakar anu kabisana ngan tuturut munding.

Luyu jeung pasipatan basa Sunda, aksara Latn anu digunakeun pikeun nuliskeun basa Sunda ayeuna paling merenah diajarkeun ku sistim ngjah cara Ed-i di, Ew-i .. wi, En-a .. na, Em-

o . mo jeung saterusna.

Pangajaran maca th tujuanana sangkan barudak bisa maca, nyata bisa ngunikeun runtuyan lambang anu mangrupa aksara ta jadi kecap. Bisa jadi kecapna tacan kahartieun ku budak anu macana, tapi ngahartikeun mah lngkah kadua sabada si budak bisaeun macana. Sabada terangeun kana kecapna jeung cara ngunikeunana, lamun tacan ngarti kana hartina, si budak bisa nanyakeun ka guruna, ka kolotna, ka lanceukna atawa ka babaturanana anu geus ngartieun. Lamun geus nyampak, nanyana bisa kana Kamus. Hanjakal tacan aya kamus kabasa Sunda anu praktis keur barudak.

Gerakan Kasundaan

GEUS lila aya kateusugema di kalangan urang Sunda, ku sabab dina balantika nasional langka urang Sunda anu meunang kapercayaan pikeun nyangking kalungguhan penting. ta kateusugema th sok diupahan ku ngabobodo manh, ngarasa dianaktrkeun, atawa nyalahkeun sipat urang Sunda anu cenah sok ngaheulakeun batur, henteu karooh ku kalungguhan, dak lh sungkan meunang, jeung sabangsana. Dianak-trkeun henteu mustahil. Tapi naon sababna merenahkeun diri jadi anak lain jadi bapa atawa indung? Sanajan tangtu ba, masih kudu dipaluruh sacara obyktif naha enya aya anak tr jeung anak teges di lingkungan nagara Rpublik Indonsia. Naha timbulna rasa dianaktrkeun th lain ngan ku lantaran mmang urang Sunda lh dina persaingan nasional anu saenyana mah lumangsung sacara fair? Lamun enya kitu, kateusugema ku nyalahkeun batur th istuning kaliru. Sabab di alam dmokrasi nu jadi dasar nagara Rpublik Indonsia, saenyana euweuh anak tr atawa anak teges, henteu aya bapa tr atawa indung tr, da kabeh slr kalungguhanana sarua satata. Mmang kungsi aya mangsana urang Sunda ngarasa henteu sugema ku ayana kawijakan ko jeung non pamarntah anu nyababkeun ra urang Sunda anu kapabel nyekel kalungguhan di pamarntahan Jawa Barat digsr ku sabab dianggap ko, diganti ku nu henteu kapabel tapi anyar datang ti Yogya nu dianggap non anu rrana urang Jawa. Kana ayana kawijakan pamarntah anu maliding sanak, timbul gerakan kasundaan dina taun 1950-an nu puncakna ngayakeun Kongrs Pemuda Sunda. Gerakan kasundaan harita babarengan jeung gerakan di darah-darah lianna

anu pada-pada ngarasa henteu sugema ka pamarntah Pusat anu didominasi ku urang Jawa anu beuki dngdk ka knca ku sabab dina Pemilu munggaran (1955) di luar sangkaan sarera, PKI jadi party kaopat nu unggul pemilu, nepi ka Presidn Sukarno keukeuh hayangeun ngawangun kabint kaki empat. Tapi para formatur kabint anu ditugaskeun ngawangun kabint kaki empat ta teu aya nu sanggupeun. Kabint nu disusun ku PM Ali Sastroamidjojo gagal nyanghareupan gerakan-gerakan darah, nepi ka bubar. Presidn Sukarno ngaluarkeun Konspsi Presidn (1957) nu intina dua hal: kahiji, ngawangun Kabint Gotongroyong anu ngajak PKI asup jadi anggota kabint jeung kadua ngawangun Dwan Nasional anu jadi panashat pamarntah tur anggotaanggotana diwangun ku wakil-wakil golongan fungsional jeung wakil-wakil darah, dipingpin ku Presidn ku anjeun. Presidn ku anjeun anu milihan anggotana. Sabada Kabint Ali Sastroamidjojo bubar, Presidn Sukarno ngangkat warganegara Dr. Ir. Sukarno jadi formatur sarta ngagunakeun wewenang Panglima Tertinggi dina kaayaan perang (SOB) ngangkat jalma-jalma jadi anggota kabint nu teu meunang nolak. Nu diangkat jadi Perdana Mentri kabint nu dingaranan Kabint Karya th Ir. Djuanda Kartawidjaja, urang Sunda. Tugasna antarana nyanghareupan gerakan-gerakan darah. Sukarno g bisaeun nurutan Walanda ngalakukeun adu domba. Para pamingpin gerakan darah nu umumna para panglima di Sumatera jeung Sulawesi (jadi kabh g tentara) dina rapat di Sungai Darh (Januari 1958) ngadongsok presidn sangkan ngabubarkeun Kabint Karya anu diwangun sacara henteu sah da presidn diangkat jadi formatur mah ngalanggar UUDS 1950 (nu jadi UUD nu sah harita), bari ngusulkeun sangkan Bung Hatta jeung Sultan Hamengku Buwono IX asup kana kabint. Tapi pangdongsokna anu ditungtungan ku ultimatum th henteu diwaro, nya tuluy ngawangun kabint tandingan PRRI. Akibatna Pamarntah Pusat ngirimkeun pesawat AURI ngabom Painan. PRRI dianggap pemberontakan. PRRI henteu manggapulia nyanghareupan kakuatan militr Pamarntah Pusat. Kongrs Pemuda Sunda (KPS) diayakeun dina bulan Novmber 1956 ku para pamuda (bda jeung di darah sjn, lain ku tentara) ngawangun Dwan Komando Pemuda Sunda (DKPS) anu tugasna ngalaksanakeun kaputusan-kaputusan KPS sacara hukum, antarana mangaruhan Konstituante nu anyar diistrnan sangkan ngarobah struktur nagara tina kesatuan jadi federasi. Tapi dina bulan Mi 1957, para anggota DKPS ditangkepan kalawan tuduhan rk ngarobah struktur nagara sacara illegal. Ditangkepanana waktu keur ngayakeun silaturahmi Lebaran nu dituduh ngayakeun

rapat gelap. Dokumn Kaputusan KPS nu geus diumumkeun dina prs jeung dikirimkeun ka lembaga-lembaga pamarntah jeung masarakat, dianggap bukti yn rk ngarombak struktur nagara da dina kaputusan DKPS aya pameredih sangkan nagara kesatuan RI dirobah jadi federasi. Sabada mh opat taun ditahan tanpa pross, para angota DKPS dikaluarkeun, da tuduhanana teu aya buktina. Sabada para anggota DKPS ditarangkepan tur PRRI jeung Permsta dianggap pemberotakan, beunang disebut tara kadng aya gerakan kasundaan atawa gerakan darah lianna. Dalah dina widang kasenian, kabudayaan jeung basa og henteu kadng kectna. Tuduhan provinsialistis, sparatis, federalis jeung sabangsa jadi ririwa anu ngareunteutkeun hat jalma anu hayang ngayakeun kagiatan kadarahan, kaasup ngayakeun kagiatan kasenian jeung kabudayaan. Sabada Presidn Sukarno dirorod tina kalungguhanana ku gerakan nu disebut Angkatan 66, organisasi-organisasi kasundaan milu ram nyokong Orde Baru nu dibobotohan ku Jndral Suharto, bari ngapeskeun Orde Lama, nyata pamarntahan anu dipingpin ku Presidn Sukarno. Basa pamarntah Orde Baru ngadegkeun Golongan Karya (Golkar) pikeun nyanghareupan Pemilihan Umum 1971, organisasiorganisasi kasundaan cara Paguyuban Pasunda, Pasundan Istri jllna arasup sarta aktif di Golkar. Dina ahir taun 1966 Sudam I Divisi Siliwangi ngadegkeun organisasi pamuda, Angkatan Muda Siliwangi (AMS), nu digunakeun pikeun nyokong pamarntah Orde Baru dina numpes Orde Lama. Dina Pemilu taun 1971, AMS aktif nyokong Golkar sarta pamingpinna aya nu diarangkat jadi anggota parlemn boh di DPR boh di DPRD. Ku sabab tujuanana og ngunggulkeun perjuangan Orde Baru, atuh soal kasundaan mah tara jadi acara utama, ngan sakasampeurna ba. Kakara sabada sadar yn sihorng anu ngawakilan Tatar Sunda dina perjuangan Orde Baru th rrana lain urang Sunda, tur urang Sundana ngarasa kadsh da lh visi jeung taktik, soal kasundaan muncul jadi isu di kalangan lit Sunda kaasup nu aya di Golkar. Kakara engeuh yn nu dariuk jadi wakil rahayat di DPRD Jawa Barat, geuning rrana lain urang Sunda. Ti harita timbul deui sumanget kasundaan th, komo sabada aya Undang-undang Otonomi Darah mah. Sasatna mh unggal bulan aya organisasi kasundaan

diadegkeun, ngan hanjakal rrana mah sabada ngayakeun salametan rongkah (dklarasi) dina waktu ngadegkeunana di hotl sigrong th, tara aya kadng naon kagiatanana. Umumna orintasina ngan usaha sangkan milu kabagian proyk pamarntah atawa sangkan urang Sunda jeneng nyekel kalungguhan di tingkat nasional atawa darah, da dianggap lamun aya urang Sunda dijungjung lungguh jadi pejabat th tanda kaunggulan ki Sunda. Sikep kitu th pandangan kaom priyayi anu nganggap kalungguhan jadi mnak hiji prstasi. Alam pikiran kaum priyayi nu jiwana biasa teuing ulun-kumawula th, masih ged knh pangaruhna di kalangan para lit pamingpin Sunda nepi ka kiwari cara anu didmonstrasikeun ku ayana Tim Indepnden nu diwangun ku organisasi-organisasi bercorak kasundaan anu ngahaturkeun panuhun ka presidn sangkan maparin 20% tina jabatan penting nasional ka urang Sunda bari ngasongkeun 160 ngaran urang Sunda anu cenah piliheun presidn. Bh dieu ngasongkeun sapuluh ngaran anu dianggap merenah jadi menteri. Nu maak hlok, para anggota Tim Indepnden th aya dina daftar 160 urang Sunda anu merenah jadi gegedn tingkat nasional jeung dina daftar 10 urang pimenterieun. Bubuhan geus aya ti dituna paribasa ngeupeul ngahuapan manh. Tujuan gerakan kasundaan kuduna lain kalungguhan, tapi usaha sangkan urang Sunda, pangpangna rahayat pptk, meunang kasempetan sajembar-jembarna pikeun ngarprsntasikeun diri jeung pribadina dina widangna masing-masing. Lamun urang nitnan balantika nasional, karasa pisan kurangna urang Sunda mh dina sagala widang. lh ku urang Minang, Batak, jeung Bugis nu jumlahna jauh sahandapeun urang Sunda. Naha ku lantaran urang Sunda henteu miboga kamampuh? Tacan tangtu. Anu sidik, urang Sunda apan asor pisan kabisana da rata-rata urang Sunda sakolana ngan 7 taun, hartina henteu tamat SMP-SMP acan. Sabalikna urang Sunda nu mareunang atikan luhur, umumna pala putra mnak heubeul atawa mnak anyar anu mibanda mntalitas priyayi, anu ngarep-ngarep dijenengkeun ku nu dibendo. Da ceuk pikiranana hirup nu utama mah kudu nyekel kalungguhan di pamarntahan, sanajan gawna ngan ukur sembah kuriling atawa jadi pakacar. Padahal urang Sunda kakara maju, lamun lmuna luhung dina sagala widang, wani tandang ngadu kamampuh parebut prstasi tina gaw nyata anu karasa mangpaatna ku balara. Tapi urang Sunda luhung lmuna lamun sakola th lain ngan ngudag ijazah jeung gelar, tapi enyaan ngudag lmuna. Para kaom lit Sunda boga kawajiban pikeun ngusahakeun sangkan sakabh urang Sunda bisa meunang atikan anu cukup nepi ka

dina waktuna tarung dina mdan kahirupan nasional, bisa unggul ku sabab parabotna samakta. Harkat jeung martabat urang Sunda moal unggah ngan ku baraman mntamnta kalungguhan, tapi ngan lamun urang Sunda ra nmbongkeun prstasi nu pikasrabeun dina sagala lapangan kahirupan di tingkat nasional. Ngan pikeun nepi ka dinya, kudu aya parobahan mntalitas urang Sunda, tina mntalitas tukang baraman jadi mntalitas jiwa anu mandiri. Nu ged kapercayaan dirina, tur dirojong ku lmu jeung kamampuh dina metakeunana bari karasa mangpaatna ku balara.***
Khutbah ku Basa Sunda

Baheula mah khutbah th kudu dina basa Arab ba, padahal jamaahna henteu ngalartieun basa Arab. Bh dieu khutbah ku basa Arab geus beuki langka, sabab mmang henteu aya larangan khutbah ku basa nu lain basa Arab. Di Tatar Sunda (kaasup Banten) mimiti khotib khutbah dina basa Sunda atawa Indonsia. Tapi ka dieunakeun, khutbah dina basa Indonsia beuki populr, sabalikna nu khutbah dina basa Sunda beuki ngurangan. Di masjid-masjid di Bandung, geus langka anu khutbahna ku basa Sunda. Alesanana henteu kabh jamaah bisaeun basa Sunda, da ra nu lain urang Sunda. Tapi anu khutbah ku basa Indonsia, sanajan jamaahna kabhanana urang Sunda anu tanwand ngalartieun basa Sunda, lain ngan di kota ged cara Bandung ba. Dalah di masjid kacamatan cara Cilimus (Kuningan), khutbahna (jeung katerangan anu ditepikeun ku ahli masjid sammh khutbah) ditepikeunana ku basa Indonsia. Naha sikep kitu th ku lantaran hayang ngabuktikeun rasa kabangsaan? Wallahualam, tapi rasa kabangsaan mah henteu kudu ditepikeun ku basa Indonsia. Suratkabar Sipatahoenan anu dina basa Sunda dina mangsa sammeh perang digolongkeunana kana surat kabar nasional, sabab eusina nmbongkeun sikep kabangsaan. Hal ta nmbongkeun yn rasa kabangsaan g bisa ditepikeun ku basa Sunda - atawa basa drah lianna. Pikeun jadi Indonsia, urang Sunda henteu kudu eureun jadi Sunda. Naha ku lantaran ngaghan ka nu kabeneran aya jalma anu henteu bisaeun basa Sunda jadi jamaah di dinya? Sikep ngaghan malah ngahormat ka smah th cenah salah sahiji sipat urang Sunda anu cenah nmbongkeun kaluhungan budina. Tapi naha enya nyarita (dina hal ieu khutbah) ku lain basa Sunda dumh aya jamaah nu lain urang Sunda th nmbongkeun kaluhungan budi? Naha ciri kaluhungan budi th

leuwih mentingkeun smah, manan pribumi anu jumlahna leuwih ra? Wallahualam. Tapi sikep kitu og bisa jadi gambaran tina jiwa katut sikep anu henteu istikomah, henteu yakin kana diri sorangan, ku sabab geus biasa ngawula kana kapentingan batur. Kungsi milu Jumaahan di masjid Turki deukeut Amsterdam, nagara Walanda. ta masjid disebut kitu sabab diadegkeun ku komunitas urang Turki anu hirup di Walanda. Jamaahna rrana urang Turki, sanajan ra muslim bangsa sjn, kaasup Walanda g nu sok saralat di dinya. Sammh salat Jumaah, aya pangajian anu ditepikeun dina basa Turki. Dina waktu salat, khutbah ditepikeun dina basa Turki. Lain henteu tarerangeun yn aya bangsa sjn anu milu salat di dinya anu henteu bisaeun basa Turki, tapi maranhanana mentingkeun ngawedelan kaimanan bangsana nu tanwand leuwih merenah ditepikeun ku basa Turki, sanajan maranhanana hirup di pangumbaraan. Sabalikna waktu Jumaahan di masjid Indonsia di Den Haag, khutbah ditepikeun dina basa Walanda anu titatarajong ku khotib urang Indonsia. Padahal di masjid ta th jamaahna rrana urang Indonsia sanajan mmang aya bangsa sjn og, di antarana aya duaan atawa tiluan urang Walanda nu bisa jadi moal ngartieun kana basa Walanda anu digunakeun ku khotib. Nu kasaksian di masjid Indonsia di Den Haag sarua jeung nu ayeuna biasa kasaksian di masjid-masjid di Tatar Sunda jeung Banten. Khotib anu khutbah dina basa Indonsia di Tatar Sunda g ra anu basa Indonsiana titatarajong. Naha atuh maksakeun teuing khutbah dina basa Indonsia? Naha lain dina basa Sunda ba? Boaboa geus hs nangan khotib anu lancar lamun kudu khutbah dina basa Sunda th. Agama mah lain ngan urusan uteuk (akal) ba, tapi jeung rasa deuih. Numatak leuwih merenah ditepikeun ku basa indung. Bda nyantlna ka nu ngadngkeun lamun ditepikeun ku basa indung mah. Yn basa indung penting, kabuktian ku dihormatna ku UNESCO nu ngayakeun Po Basa Indung dina bulan Fbruari. Yn basa indung baris leuwih nyerep kana sanubari nu ngabandunganana, kahalartieun ku para pandta Kristen jeung Katolik, anu di garja-garjana bh dieu beuki ra diulik jeung diajarkeun basa indung. Dina misa g basa Sunda geus ra dipak. Lalaguan Sunda digunakeun dina acara-acara kaagamaan. Ra garja anu ngayakeun kagiatan basa jeung kasenian darah.

Nu matak sikep para ulama jeung khotib-khotib di masjid di urang nu nganggap leuwih had henteu ngagunakeun basa Sunda dina khutbah Jumaah, mutuh matak hlok. Padahal apan urang Sunda mah rrana ngagem agama Islam, hartina di imah g dina urusan agama ngagunakeun basa Sunda, basa indungna. Jadi kana baris leuwih nyerepna lamun ngabandungan khutbah di masjid dina basa indungna. Ku henteu digunakeunana basa indung, nyata basa Sunda, dina khutbah di masjidmasjid atawa tablg di majlis-majlis pangajian, sacara henteu langsung milu mahan basa Sunda. Nyata ku sabab henteu mr kasempetan kana basa Sunda sangkan hirup tur tumuwuh dina widang anu paling subtil, nyata widang agama, widang kayakinan. Bisa jadi konskwnsi tina henteu ngagunakeun basa Sunda dina khutbah jeung tablg ayeuna baris mahan basa Sunda th henteu nepi ka kapikireun ku para pangurus masjid jeung para khotib, da tara mikir jangka panjang. Bisa jadi karagteunana engk lamun hal ta geus kajadian. Nu matak ironis, engk mah garja-garja anu malah ngagunakeun basa Sunda dina kagiatanana th.
Wajib Nyarita Basa Sunda

Di sawatara kabupatn di Jawa Tengah aya kawijakan anu ngudukeun para karyawan di kantor-kantor lingkungan pemda nyarita basa darah (Jawa) sapo dina saminggu. Lamun aya anu (poho) ngagunakeun basa Indonsia, didengda. Kawijakan kitu th ayeuna geus ditarurutan di Jawa Barat. Aya kantor-kantor anu kiwari ngudukeun para karyawanna nyarita ku basa Sunda sapo dina saminggu. Lamun aya nu ngarempak, didengda. Saliwatan mah ta kawijakan th jiga anu nmbongkeun kanyaah kana basa darah. Cara kitu cenah baheula dilaksanakeun di saban HIS. Para murid sapopona kudu (jadi 6 po dina saminggu) nyarita ku basa Walanda, lamun aya anu nyarita ku lain basa Walanda didengda. Di sawatara pasantrn og cara kitu th ditarurutan. Para santri sapopona kudu nyarita ku basa Arab jeung Inggris, lamun nyarita ku basa Indonsia atawa darah, didengda. Cara kitu th mmang ngajurung para murid (HIS) atawa para santri (pasantrn) leuwih soson-soson diajarna basa asing. Tapi sacara henteu langsung hal ta g ngahudangkeun anggapan para murid jeung para santri yn basa nasional jeung basa darah mah lain basa anu luhur ajnna, ku kituna henteu kudu disanghareupan sacara daria. Dianggapna, baris bisa ku sorangan ieuh.

Kawijakan ngagunakeun basa darah di kantor-kantor, sanajan ngan sapo baris nimbulkeun masalah praktis, sabab ayeuna mah di kantor mana di Jawa Barat jeung di Banten anu karyawanna kabhanana urang Sunda? Karyawan anu lain urang Sunda lamun kalungguhanana jadi bawahan tangtu baris nurut kana kawijakan kapala kantorna, sanajan henteu mustahil dina hatna mah gegelendeng. Lain hartina henteu aya anu hideng sorangan nyarita ku basa Sunda, da ra urang peuntas anu samemh aya kawijakan kitu g sok nyararita ku basa Sunda, sakapeung basa Sundana leuwih alus manan rrana urang Sunda. Almarhum Livain Lubis upamana, apan urang Batak, tapi basa Sundana jeung rengkuhna geus Nyunda pisan. Kiwari ra paranakan Cina anu basa Sundana leuwih brs manan rrana urang Sunda. Dina taun 1950-an, basa Sunda paranakan Cina th kasar jeung sia-aing ba, ayeuna mah apan barudak urang Sunda anu ana pirajeunan nyarita basa Sunda sia-aing jeung kecap anjing ba anu murubut diucapkeunana th. Naha kawijakan kudu ngagunakeun basa Sunda atawa basa darah lianna di luareun Jawa Barat baris ged pangaruhna kana kamekaran basa Sunda? Cara ilaharna mode atawa fashion, ngan baris jadi bahan obrolan. Henteu mustahil malah pada ngageuhgeuykeun - paling henteu di tukangeun. Lamun enya hayang ngaronjatkeun harkat basa darah, dina hal urang di Jawa Barat jeung Banten, basa Sunda, henteu aya deui jalanna salian ti pamarntah darah ngaluarkeun Perda (Peraturan Darah) anu luyu jeung wewenangna - anu ngangkat basa Sunda jadi basa resmi di sagigireun basa Indonsia. Ku ayana ta Perda, basa Sunda lain ba bisa digunakeun jadi panganteur di sakola-sakola, tapi bisa digunakeun di Pangadilan deuih, nepi ka urang lembur anu henteu (pati) bisaeun basa nasional bisa nepikeun pamanggih atawa kasaksianana kalawan laluasa. Nepi ka ayeuna saban sakitan atawa saksi urang lembur nu henteu (pati) bisaeun basa nasional kudu nyarita dina basa nasional, nepi ka henteu mustahil aya ha-hal anu nimbulkeun salah tafsir ti pihak hakim atawa jaksa nu matak ngarugikeun nu didakwa. Ayana Perda nu ngangkat basa darah jadi satingkat jeung basa nasional, henteu pasalia jeung Undang-undang Otonomi Darah. Hartina aya dina wewenang para bupati jeung walikota katut para anggota DPRD-na. Lamun basa darah sacara resmi geus disaruakeun kalungguhanana jeung basa nasional, tacan ngandung harti yn balara baris ngajnan kana basa darahna. Masalah numuwuhkeun pangajn

kana basa darah moal bisa kaungkulan ku ayana Perda. Sacara umum ayeuna aya anggapan yn basa darah (lain ngan basa Sunda ku urang Sunda ba) th kalungguhanana handapeun basa naisoal, basa Indonsia. Tapi basa nasional g dianggap leuwih handap kalungguhanana manan basa deungeun, pangpangna basa Inggris. Numatak di mana ba, para pakar urang lamun nyarita kudu ba diselang ku sawatara ungkara basa Inggris, meureun ambh katangar yn intelktual. Geus puguh ari direumbeuy ku kecap-kecap basa Inggris mah, istilah atawa kecap anu aya basa Indonsiana og ngahaja diganti ku kecap Inggris kayaning pilihan diganti ku opsi (tina option) padahal sammhna digunakeun kecap Walanda inisiatif, pemilih diganti ku konstitun, potongan (harga) jadi diskon padahal sammhna dipak kecap korting tina basa Walanda; jll. Dalah kecap kosta anu geus maneuh jadi kecap Indonsia og diucapkeunana ayeuna mah nurutan basa Inggris, universitas, diucapkeun yuniversitas, produk diucapkeun prodak, internasional diucapkeun international (cara dina basa Inggris) jllna. Komo para prsnter tlvisi mah, ateul cungcurungan jigana lamun henteu nmbongkeun yn bisa basa Inggris th. Masalahna henteu cukup diungkulan ku Perda atawa paraturan lianna. Sabab hal ta patali jeung sikep katut mntalitas bangsa urang anu nganggap sagala anu datang ti bangsa adijaya kudu diturutan sabab dianggap leuwih luhur ajnna. Hal ieu ngan bisa diungkulan ku atikan, boh di imah boh di sakola. Padahal ayeuna mah di TK jeung di SD og geus ra anu ngajarkeun basa Inggris. Malah di sawatara darah basa Inggris th diasupkeunana kana . muatan lokal!
Diajar Maca

Basa kuring asup ka kelas hiji Sakola Rayat (ayeuna mah Sakola Dasar), dina pangajaran maca, ngagunakeun buku Diajar Maca (mun henteu salah kitu judulna). Poho deui saha nu ngarangna. Ngan dina ta buku, murid anu kakara diajar maca cara kuring, diajar ngjah. D-i d-i Didi; Y-o y-o . Yoyo .. W-i w-i .. Wiwi jeung saterusna. Murid diwanohkeun heula kana aksara, boh anu aya soraan (vokal), boh anu henteu aya soraan (konsonan). Ngan ku lantaran euweuh soraan, aksara lambang konsonan mah sok ditambahan ku e heulaeunana. Jadi Ed-i .. di, Ew-i . wi, En-a . na jeung saterusna. Ngajar maca cara kitu th disebut diajar ngjah. Ku sabab jumlah aksara Rum anu dina basa Sunda disebut aksara Latn th ngan ukur sawatara likur, atuh mmh anggeus

kelas hiji og murid th kabhanana geus apaleun kana sakabh aksara. Lamun budak geus apaleun kana sakabh aksara, hartina manhna baris bisaeun maca naon ba, pangpangna anu dina basa Sunda atawa dina basa sjn anu sistim jahanana henteu bda, cara upamana basa Indonsia. Tapi dina taun 1960-an, para sarjana anu kakara mulang diajar di nagara Kanguru dina raraga Rencana Kolombo nganggap yn sistim ngjah th tinggaleun jaman. Anu dianggap bener mah anu disebut sistim global. Ari dasar falsafahna nyata ku lantaran urang dina waktu nnjo kecap th henteu saaksara-saaksara tapi sagemblengna, cara ari urang ningal karta api henteu sagerbong-sagerbong, tapi saruntuyanana. Sistim global th digunakeun di nagara-nagara nu ngagunakeun basa Inggris, sabab dina basa Ingris mah aksara th henteu salilana sarua diunikeunana, upamana aksara u henteu salilana diunikeun u, lamun mandiri dibaca yu, tapi lamun di antara dua konsonan sakapeung dibacana a cara dina but, tapi sakapeung u cara dina put. Kitu deui aksara i, lamun mandiri dibaca ai, tapi lamun bareng jeung aksara sjn, bda-bda ngunikeunana, sakapeung dibaca ai cara time dibaca taim, tapi sakapeung dibaca i cara dina bit. Aksara a sakapeung dibaca i cara dina take, tapi sakapeung dibaca a cara dina kecap answer. Aksara o biasana dibaca o cara dina kecap long, tapi lamun aya dua sakapeung dibaca a cara dina blood, tapi sakapeung o ba ngan rada panjang cara dina door. Sakapeung deui o th dibaca wa cara dina once. Cindekna sora unggal aksara dina basa Inggris mah henteu angger, bda jeung dina basa Sunda anu salilana angger. Aksara a diunikeun a sanajan di mana ba diperenahkeunana, jeung dihijikeun jeung aksara naon ba g. Kitu deui aksara u, i, o, , e, eu tara robah unina naha mandiri, naha saheulaeun atawa sapandeurieun konsonan, atawa di antara dua konsonan, angger ba. Kitu deui aksara konsonan dina basa Sunda mah angger diunikeunana di mana ba tempatna. Bda jeung dina basa Inggris, apan konsonan g sakapeung dibaca g cara dina kecap egg, sakapeung dibaca j cara dina kecap logic. Kitu deui konsonan rangkep gh (sakapeung diunikeun g cara dina ghost, sakapeung h cara dina though, sakapeung k cara dina lough), t (sakapeung t cara dina hit, sakapeung c cara dina tulip) jeung ra-ra deui. Ku lantaran kitu dina pangajaran maca di nagara-nagara nu ngagunakeun basa Inggris aya mataajaran anu disebut spelling, nyata nu ngajarkeun kumaha nuliskeunana

saban kecap. Sabab dina hakkatna basa Inggris mah sarua jeung basa Cina, apan Kanji g saban kecap th dilambangkeun ku aksara nu cara nulis jeung garis-garisna kudu diapalkeun. Lamun salah nyieun garis atawa garisna aya nu kurang atawa aya nu leuwih, diunikeunana jeung hartina baris bda. Kecap-kecap dina basa Inggris og kudu diapalkeun susunan aksarana, lamun kaliru baris bda ngunikeunana sarta bda hartina deuih. Jadi para pakar urang anu ngawanohkeun sistim global dina ngajarkeun maca basa Indonsia jeung Sunda th, saenyana mah ngan tuturut munding bari henteu ngarti yn pasipatan unggal basa th bda-bda. Naon anu alus jeung merenah pikeun basa Inggris, tacan tangtu merenah jeung alus pikeun basa Sunda jeung Indonsia, sanajan aksara anu digunakeunana sarua tur asalna ti sumber budaya Barat. Komo deui da pikeun ngalaksanakeun sistim global mah, barudak th kudu dibarengan ku ra maca, hartina kudu ra buku sangkan dina waktu diajar ra papanggih jeung runtuyan gerbong anyar. Di nagara-nagara maju tempat para pakar ta diajar, buku geus henteu jadi masalah. Perpustakaan anu lengkep aya di tiap sakola. Bda jeung di urang. Dina taun 1960-an waktu sistim global ta mulai dilaksanakeun, buku masih jadi barang langka, sarta sakola anu bogaeun perpustakaan masih ancal-ancalan. Akibatna barudak SD nepi ka kelas 4 masih knh tacan lancar maca. Hartina jutaan budak jadi korban ksprimn para pakar anu kabisana ngan tuturut munding. Luyu jeung pasipatan basa Sunda, aksara Latn anu digunakeun pikeun nuliskeun basa Sunda ayeuna paling merenah diajarkeun ku sistim ngjah cara Ed-i di, Ew-i .. wi, En-a .. na, Em-o . mo jeung saterusna. Pangajaran maca th tujuanana sangkan barudak bisa maca, nyata bisa ngunikeun runtuyan lambang anu mangrupa aksara ta jadi kecap. Bisa jadi kecapna tacan kahartieun ku budak anu macana, tapi ngahartikeun mah lngkah kadua sabada si budak bisaeun macana. Sabada terangeun kana kecapna jeung cara ngunikeunana, lamun tacan ngarti kana hartina, si budak bisa nanyakeun ka guruna, ka kolotna, ka lanceukna atawa ka babaturanana anu geus ngartieun. Lamun geus nyampak, nanyana bisa kana Kamus. Hanjakal tacan aya kamus ka-basa Sunda anu praktis keur barudak.
Heurin ku Ltah

Paribasa heurin ku ltah dina basa Sunda ngagambarkeun jalma anu henteu laluasa nepikeun kereteging atina ku rupa-rupa sabab. Bisa jadi ku sabab rk barangpnta sieun dipersabenan. Bisa jadi ku sabab ngarasa ra, henteu kaduga da ngarasa manhna mah lain jalma anu satata jeung anu diajak nyarita. Bisa jadi henteu wani ku sabab bisi disalahkeun, atawa dianggap teu merenah. Dina ta paribasa digambarkeunana jalma anu rk nyarita henteu laluasa th ku sabab sungutna kaheurinan ku ltah, hartina pinuh ku ltah nepi ka hs rk nyarita. Biasana ku sabab henteu wani ngedalkeun kereteging atina da kahalangan ku rupa-rupa karmpan. Pangpangna lamun kudu nyarita di hareupeun gegedn. Urang Sunda mah geus ratus-ratus taun hirup biasa ngawula, akibat tina kungsi dijajah ti jaman Mataram dina abad ka-17. Lain ba basa Sunda g disina nurutan basa Jawa ngagunakeun

unggah-ungguhing bhasa atawa undak-usuk basa anu ngahaja dijieun pikeun


ngabda-bdakeun harkat jelema. Akibatna ana nyanghareupan gegedn atawa pangagung, henteu welh ati-ati ari nyarita, bisi salah, sabab ceuk aturan undak-usuk basa mah salah nerapkeun kecap th jadi dosa anu pohara gedna, nepi ka dianggap dusun meledug nu jauh ka bedug. Sanggeus jadi bagian nagara Rpublik Indonsia anu dmokratis og, mntalitas sieun ku gegedn jeung pangagung, nepi ka ngarasa heurin ku ltah, masih knh kandel. Lain ba nyanghareupan gegedn ksekutif tapi nyanghareupan gegedn lgislatif og sarua. Kitu deui ari nyanghareupan gegedn yudikatif. Padahal apan gegedn lgislatif th formalna mah wakil rahayat. Hartina jadi gegednna th ku lantaran dipilih ku rahayat. Tugasna satungtung jadi wakil rahayat th apan mangnepikeun gerentesing ati rahayat anu diwakilanana, ngabla kapentingan rahayat anu milihna. Sangkan terangeun kumaha saenyana kaayaan, kahayang jeung pikiran rahayat, para wakil rahayat th kudu meunang asupan ti rahayat anu diwakilanana. Lamun rahayat sorangan henteu wani nepikeun pikiran jeung kahayang anu aya dina hatna, kumaha para wakil rahayat ta terangeunana kana kaayaan jeung kahayang nu diwakilanana. Lamun teu aya nu mr bahan-bahanna, kumaha wakil rahayat rk memperjuangkeunana? Kitu soth lamun urang percaya yn wakil rahayat th maksudna rk memperjuangkeun nasib jeung kapentingan rahayat, hartina lamun para wakil rahayat ta terangeun kana tugasna jeung hayangeun ngalaksanakeunana.

Dina jaman kiwari anu rk ngipuk dmokrasi, kawani nepikeun pikiran jeung kahayang th jadi hak, malah kawajiban unggal warganagara. Ngan lamun warganagara wani jeung ngarasa bbas nepikeun kereteging atina jeung kahayangna, wakil rahayat bisa berjuang pikeun ngahontalna. Hartina lamun kasaksian yn para wakil rahayat henteu ngalaksanakeun kawajibanana ngabla kepentingan rahayat, rahayat ulah rk ngarasa heurin ku ltah negor wakilna. Ngan lamun ti dua pihakanana, nu ngawakilan jeung anu diwakilanana pada-pada niat babarengan ngabla kepentingan bangsa jeung nagara (kaasup rahayatna), pamarntahan baris jalan sakumaha mistina. Nu jadi masalah di urang di Indonsia dina ngipuk dmokrasi, rahayat henteu ra ilubiungna ku sabab sering ngarasa heurin ku ltah, da tacan dibiasakeun nyarita brukbrak di hareupeun pangagung, bubuhan geus lila teuing rahayat urang mah hirup di alam fodal. Anu kudu nurut ba kana parntah kaum mnak anu jareneng, anu dianggap leuwih terang kana sagala hal anu patali jeung kahirupan pamarntahan. Lamun nepikeun kereteging atina satarabasna sieun dibenduan, hg wa engk kahalangan rputasina dina kapangkatanana. Numatak (atawa mangkaning) urang Sunda mah pangsieuneunana leungiteun bisluit, da nganggap hirupna gumantung kana bisluit, sanajan sapona paling henteu maca ayat anu mangrupa jangji yn moal gumantung salian ti ka Allah paling henteu 17 kali. Dina prakna mah sieun knh ku dunungan anu sawenang-wenang manan ku Allah anu cenah Maha Kawasa tur Maha Welas Asih tur aya firmanNa anu nyaurkeun yn nya Anjeunna anu baris ngajamin rezeki mahlukNa. Palebah dieu sidik yn ngajak sangkan wani nyarita bruk-brak, henteu heurin ku ltah th lain pagawan gampang. Rahayat anu geus ti luluhur bh ditu knh sikepna kumaha kersa nu dibendo ba, henteu babari dirobah mntalna sangkan bisa nyarita tatag nepikeun pikiran jeung pamanggihna. Sangkan tatag nepikeun pikiranana, apan kudu dilatih ti leuleutik barudak th dilatih nyusun pikiran, ngedalkeunana dina susunan kalimah anu rapih sarta ngagunakeun argumntasi anu babari kahartieun ku nu diajak nyarita. Pangajaran nyarita di sakola jigana geus lila henteu mentingkeun hal ta. Nu matak lamun ngabandungan nu nyararita, asa tara puguh alangujurna, nu penting ram kadngna. Di antara bangsa urang ayeuna timbul anggapan yn ngadu argumntasi th pacowong-cowong ngomong, patarik-tarik nyarita. Malah lamun perelu ditungtungan ku ngadu peureup jeung siku. Adegan anu adu jotos di gedong perwakilan rahayat geus sering kajadian.

Kudu ditangan carana kumaha sangkan barudak urang ti leuleutik knh ulah diajar jeung dibiasakeun ngarasa heurin ku ltah, tapi kudu diajar nyusun pikiran jeung nyusun argumntasi pikeun rebut bener jeung ngabla kapentingan balara. Dmokrasi baris tumuwuh dina alam ngadu bebeneran ku pikiran jeung argumntasi lain ku pacowong-cowong jeung paheuras-heuras genggerong, komo deui ku tonjok jeung jotos mah. Komo deui ku para-ra balad anu darakeun ngarurug sarta nyaremkeun pihak anu henteu sapamadegan jeung dirina bari ngagunakeun ancaman jeung kakerasan mah.***
Si Kabayan

Saha urang Sunda anu henteu terang ka si Kabayan? Salian ti jadi tokoh dongng anu baheula mah sok ditepikeun ku nini jeung aki ka incu, ayeuna mah ditulis jadi buku sarta dijieun filem sagala. Dina majalah basa Sunda sok aya lulucon anu tokoh utamana si Kabayan. Di Banten bjana aya makam anu disebut makam si Kabayan. Wallahualam naha enya anu dikubur di dinya th si Kabayan anu sok jadi tokoh dongng ta, atawa si Kabayan nu sjn deui. Si Kabayan tokoh dongng mah fiksi, ngan aya dina hayalan anu nyaritakeun atawa nuliskeunana, jadi mustahil aya bungkeuleukanana nepi ka kudu dikubur sagala. Tapi henteu mustahil ktang sabada dikubur, kakara caritana sumebar bari jeung ditambahan atawa dirka-rka ku ahli carita. Enya henteuna kitu tanwand kudu dipaluruh heula sacara ilmiah. Si Kabayan th dipikaresep pisan ku urang Sunda. Buktina nu nyieun carita nu tokohna si Kabayan henteu bak-bak. Bari jeung lamun dititnan pasipatan tokoh si Kabayan th henteu salilana konsisten. Maksud th dina saban carita sipat si Kabayan th henteu salilana sarua. Sakapeung digambarkeun pangedulan, teu nyaho di cedo, wani kurang ajar ngaheureuykeun mitoha. Sakapeung digambarkeun jadi tukang tipu anu resep ngabobodo batur kaasup mitohana sorangan. Cindekna unggal pangarang anu nyiptakeun carita si Kabayan bisa ngagambarkeun pasipatan tokohna luyu jeung kahayangna. Ku sabab kitu henteu kudu heran lamun Utuy T. Sontani (19201979) dina taun1957 nyebutkeun yn si Kabayan th manusa nu geus teu naon-naon ku naon-naon. Maksudna manusa nu geus henteu kapurba deui ku rupa-rupa rasa anu biasa mangaruhan jelema. Hartina ceuk Utuy mah si Kabayan th manusa nu geus ngungkulan kamanusaanana. Alias manusa pinunjul. Tapi dina dramana anu ditulis ku

Utuy dina basa Indonesia nu judulna Si Kabayan (1959), digambarkeun si Kabayan th jadi dukun anu dianggap wacis jeung sakti, tapi saenyana mah ngaheureuykeun jalmajalma anu daratang marnta tulung ka inyana. Utuy ngabandingkeun tokoh si Kabayan anu geus teu naon-naon ku naon-naon th jeung tokoh Sang Kuriang anu digambarkeun dina librtona Sang Kuriang (basa Indonesia 1959, basa Sunda, 1963) jadi manusa individualis anu gnan percaya ka dirina pribadi ba. Manhna embung ngaku Dayang Sumbi th indungna, sabab terangna ngeunaan hal ta th ti nu lian. Tangtu sarra og kitu, da waktu dijurukeun mah apan kabh manusa g tacan hideng, kumaha rk terangna saha anu ngajurukeunana? Ceuk Utuy, ta dua tokoh anu bda-bda sipatna th mangrupa kakayaan batin ki Sunda. Sang Kuriang anu ngan percaya ka dirina sorangan jeung si Kabayan anu nganggap yn nu lian th ngan aya pikeun diheureuykeun, dijadikeun kaulinan. Dirina sorangan mah apan geus teu naon-naon ku naon-naon. Nepi ka kiwari interprtasi Utuy ka dua tokoh dongng titinggal karuhun Sunda th tacan aya nu ngabantah. Hartina tacan aya nu lian anu mr interprtasi orisinal boh ngeunaan si Kabayan boh ngeunaan Sang Kuriang. Naha anggapan Utuy yn si Kabayan th manusa nu geus teu naon-naon ku naonnaon th bener? Lamun urang nitnan dongng-dongng si Kabayan anu kungsi aya dina khazanah sastra Sunda, boh lisan boh tinulis, anggapan Utuy th luyu jeung kanyataan. Si Kabayan anu aya dina dongng cara anu dimuatkeun dina disertasina Maria CosterWijsman Uilen spiegel-verhalen in Indonesie in het biezonder in de Soendalanden (1929), henteu ngagambarkeun hal ta. Nu nyampak ngan carita pikaseurieun tur cara umumna carita pikaseurieun (lain ngan dina basa Sunda ba), ra anu jorang anu ku sawarh mah baris dianggap henteu merenah dibaca di lingkungan jalma sopan. Nu matak waktu Bal Pustaka nyusun buku Si Kabayan (1932) dumasar kana dongngdongng anu aya dina disertasina Maria Coster-Wijman, nu dipilihan th ngan carita anu aman ba, nyata anu henteu nyigeung-nyigeung parabot reproduksi jelema. Keur umumna urang Sunda si Kabayan th lain tokoh idal. Moal aya urang Sunda anu nganggap si Kabayan th idolana. Lamun aya jalma nyebut ka baturna, Silaing mah

kawas si Kabayan!, tangtu ta th lain ku sabab baturna ta nmbongkeun parangi anu pujieun, atawa ku sabab geu nmbongkeun prstasi anu nyongcolang. Tapi Si Kabayan angger jadi tokoh anu dianggap has Sunda. Ku sabagian urang Sunda jeung ku umumna nu lain urang Sunda si Kabayan dianggap representasi urang Sunda. Citra ngeunaan urang Sunda henteu bisa leupas tina citra si Kabayan. Jalma tukang heureuy anu tara pisan daria, anu dina nyanghareupan konflik jeung masalah jalan kaluarna ku bobodoran. Tangtu ba anggapan yn urang Sunda th sarua jeung si Kabayan, henteu bener. Anggapan yn urang Sunda th henteu bisa daria, henteu bisa nyanghareupan konflik th salah. Dina sajarah Rpublik Indonsia, urang apan nyaksian munculna Ir. Djuanda dina waktu nagara nyanghareupan krisis kadarahan dina ahir taun 1950-an. Kitu deui munculna H. Ali Sadikin nu sukss ngawangun Jakarta jadi kota mtropolitan di tengah parobahan Orde Lama ka Orde Baru. Dina tipologi Utuy, duanana moal kagolongkeun ka si Kabayan anu geus henteu naon-naon ku naon-naon, tapi ka Sang Kuriang anu ngawangun talaga buatan dina jero sapeuting. Tapi aya henteu aya nu sok ngaidentifikasi Sang Kuriang ka urang Sunda. Leuwih ra anu ngaidntifiaksikeunana th ka si Kabayan. Pikeun ngarobah citra ngeunaan diri hiji bangsa atawa slr, henteu babari. Citra urang Sunda th si Kabayan lain citra anu positif, tapi citra Sang Kuriang og henteu matak agul (ku sabab turunan anjing jeung babi nu ku budaya jeung kayakinan urang Sunda kiwari sorangan lain sato anu mulya, malah najis). Lamun urang Sunda hayang miboga citra anu positif, kudu nyieun lgenda anyar upamana ku nmbongkeun prstasi anu luar biasa dina ngawangun Indonesia jadi bangsa nu dipihormat ku bangsa lian, lain jadi bangsa paria nu ngan bisa ngkspor babu jeung kuli sarta gawna kekeleyengan nangan hutang. Ngan lamun aya urang Sunda anu prstasina diaku ku lain ku urang Sunda ba, lain ku slr lian sabangsa pada-pada urang Indonsia ba, citra yn urang Sunda th si Kabayan anu kabisana ngan bobodoran ku sabab henteu bisa ngungkulan masalah anu disanghareupan bisa leungit.

You might also like