You are on page 1of 2

Valesia Ananta XII IPA 4

Acara Perpisahan SMAN 2 Cibinong Assalamualaikum Wr. Wb Wilujeng Enjing Hadirin Sadayana Pangersa Bapa pupuhu sakola anu ku sim kuring dipihormat, Pangersa Bapa miwah ibu guru anu ku sim kuring dipihormat, Pangersa bapa miwah Ibu rawuh teteh oge kakang Alumni SMA Negeri 2 Cibinong anu ku sim kuring dipihormat, Alhamdulillahirobbialamin, urang sanggakeun puji jeung syukur ka Allah SWT. Lantaran dibere nimat islam, nimat iman, jeung kasehatan dugi ka urang sadaya tiasa tiasa kempel ngarium, patepung lawung paamprok jonghok di ieu patempatan dina ieu acara anu ku urang sadaya diantos-antos, nyaeta acara Wisuda SMAN 2 Cibinong kelas tilu angkatan 2012-2013. Solawat miwah salam urang haturkeun ka jungjunan urang Nabi Muhammad SAW, ka kulawargina, ka para sahabatna, dugi ka urang salaku umatna nepi ka akhir jaman

Hadirin sadaya hormateun sim kuring! Nepangkeun wasta kuring Valesia Ananta. Sim kuring ngadeg cumarios di payuneun hadirin sadaya wireh kapancenan salaku panata acara dina ieu acara, nyaeta perpisahan kelas tilu SMAN 2 Cibinong angkatan 2012-2013. Sim kuring nyanggakeun wilujeng sumping ka hadirin sadaya anu parantos kersa ngaluuhan ieu acara, jeung ngucapkeun salamet ka Putra putri anu lulus ti SMAN 2 Cibinong Anapon runtuyan acara tepang sono Akbar, nyaeta : 1. Bubuka 2. Ngaoskeun ayat suci Al Quran 3. Biantara pangbagea ti Bapa pupuhu sakola 4. Biantara pangbagea ti pupuhu OSIS SMAN 2 Cibinong 5. Parsembahan seni putra putri SMAN 2 Cibinong 6. Sasalaman jeung pelepasan murid kelas tilu angkatan 2012-2013 7. Penampilan bentang tamu 8. Doa jeung panutup

Valesia Ananta XII IPA 4

Hadirin bapa miwah ibu rawuh teteh oge kakang Alumni anu ku sim kuring dipihormat! Supados teu nyangkolong kana waktos , sumangga ieu acara urang buka ku maos basmallah sasarengan, bismillahirrahmanirrahim..

Panutup: Hatur nuhun ka kersana bapa H. Tubagus Zeky Syam anu parantos mingpin dua, mugia dua urang sadaya di kobul ku AllaH swt. Amin. Sumangga ieu acara urang pungkas ku aosan hamdalah. Alhamdulillahirabbil alamin. Ti simkuring, rupina sakitu anu kapihatur. Sim kuring ngahaturkaeun nuhun ka rerengrengan panitia OSIS anu parantos ngabantosan tina sagala rupi hal pikeun ngalancarkeun acara ieu, mugia kasaean sareng bantosan pangurus OSIS SMA Negeri 2 Cibinong di wales ku Alloh SWT. Amin. Hapunten bilih aya basa anu lkirang merenah. Bobo sapanon carang sapakan, luhur saur bahe carek, mugia kersa ngahapunten. Billahi taufik wal hidayah wassalamualaikum wr.wb.

You might also like