You are on page 1of 11

TEKS SAWER (Bagian 1)

1. Bismillah damel wiwitan Mugi Gusti nangtayungan Eulis- Asp nu rndngan Mugia kasalametan 2. Salamet nu pangantnan Ulah aya kakirangan Sing tiasa sasarengan Sangkan jadi kasenangan 3. Sing senang laki rabina Nu diwuruk pangpayunna Nyata bad istrina Masing dugi ka hartina 4. Hartikeun eulis ayeuna Lebetkeun kana manahna Manawi aya gunana Nu dipamrih mangpaatna 5. Mangpaatna lahir batin Eulis th masing prihatin Ayeuna aya nu mingpin Ka carog masing tigin 6. Tigin eulis kumawula Ka raka ulah bahula Bisi raka meunang bahla Kudu bisa silih bla

7. Silih bla jeung carog Ulah ngan pelesir ba Mending og boga gaw Ngarah rapih unggal po 8. Rph rapih nu saimah Rumah tangga tumaninah Tapi lamun loba salah Laki rabi moal genah 9. Bisi teu genah ku raka Prak ba wakca balaka Lamun raka gorng sangka Buru bawa suka-suka 10. Suka-suka ti ayeuna Da eulis atos laksana Ngajodo anu sampurna Ngahiji salalamina 11. Salamina sarng dulur Eulis kudu bisa akur Akuran ka unggal lembur Sangkan jadi buah catur 12. Mun catur sing seueur bukur Ulah ngan kalah ka saur Napsuna ulah takabur Hirup resep loba batur 13. Sareng batur kudu jujur Layeut reujeung nu sakasur

Runtut raut salelembur Nagara g subur mamur 14. Subur mamur sauyunan Mun aya tamu payunan Tapi ulah timburuan Boh bilih silih benduan 15. Ngabenduan ka carog Ngan ulah pasa ba nggal atuh geura had Ambh geugeut saban po 16. Saban po ulah lali Titik rintih suci ati Tmbongkeun sing bar budi Ciri nyaah ka salaki 17. Lalaki mun sok nyandung Omat ulah waka pundung Komo lamun bari bingung Keun antep sina ngaberung 18. Ngaberung tong dihalangan Asal cukup sandang pangan Sina lilir ku sorangan Sangkan panggih kasenangan

19. Senangkeun eulis pikiran Pikiran didadasaran Tukuh muntang ka Pangran Supaya meunang ganjaran 20. Ganjaran ti Maha Suci nggal atuh geura tampi Ayeuna eulis ngahiji Sakapeurih sakanyeri 21. Sakanyeri jeung salaki Mun eulis seueur rejeki Poma ulah sok kumaki Masing tumut ka salaki 22. Tumutkeun eulis ayeuna Ayeuna tos laksana Laksana datang jodona Hat bangblas lalugina 23. Lugina dunya ahrat Gusti maparinan rahmat Kana waktu ulah telat Disarengan silih hormat 24. Silih hormat ka sasama Sing nyaah ka ibu rama Lakonan parntah agama Tangtuna hirup sugema 25. Sugema hirup di dunya Nyata kudu tatanya

Rk nanya pk kanu enya Badanna buru ditanya 26. Tanya ba ku hatna Tah ta pikeun saksina Saksi diri pribadina Nu tara jalir jangjina 27. Mun jangji nu ngajadi ta jangji anu pasti Pasti jodo ti ajali Pikiran cngng ka Gusti 28. Gusti mah teu weleh nyaksi Nyaksi gerentesna ati Ucap lampahna kasaksi Satincak-tincakna ngarti 29. Hartikeun masing karaos Ulah luas-luis los Sumawonna poporongos Pilari jalan nu raos 30. Raoskeun jaga ku eulis Eulis ulah sok gumeulis Najan geulis baris ledis Ninggang mangsa titis tulis 31. Titis tulis bagja diri Patokan nu ti ajali Kajeun siga widadari Da moal beunang dibeuli

32. Dibeuli ku harta banda Da moal bisa kajaga Nu tangtu bakal ngaduda Nyicingan di alam baka 33. Alam baka kalanggengan Langgeng rasa ka Pangran Supaya ulah rayungan Ngabogaan papacangan 34. Boga rasa kudu ngarti Tata titi surti arti Kudu silih beuli ati Pikiran dadamelan Gusti 35. Gusti Allah nu kawasa Ngayakeun dunya tiasa Pepek eusi dunya rosa Sayagi pikeun manusa 36. Manusia mahluk punjulna Palinter pangabisana Ngakalan eusi dunyana Nu kantun tumarimana 37. Tumarima ka Pangran Tumutkeun kana dawuhan Quran hadis tuduh jalan Ti para Nabi panutan

38. Panutan urang sadaya Poma ulah rk cangcaya Sadaya kudu percaya Ka Gusti Allah nu Mulya 39. Mulyana nu Maha Agung Sing saha ba ditulung Ku bumi alam dijungjung Nyaahna kaliwat langkung 40. Nyaah ba nu Kawasa Ka masing-masing manusa Ulah dir gagah perkosa Bisi urang loba dosa 41. Dosa mah ti pada jalmi Welas asih ka sasami Micinta ka lemah cai Layeut jeung batur sabumi 42. Sing layeut laki rabina Ulah aya kuciwana Silih anteur kahayangna Akur reujeung barayanna 43. Mun akur ka sadayana Tmbongkeun budi basana Nu bener tingkah polahna

Supaya hirup sampurna 44. Sampurna euis ayeuna Yap ka dieu pamegetna Bapa bad ngawurukna Diregepkeun ku aspna 45. Regepkeun th ku hatna Bapa mplinganana Tadina asp ngaduda Ayeuna mah gaduh garwa 46. Sareng garwa kedah layeut Sing rapet sacara leugeut Poma ulah pikir heureut Sangkan silih pikameumeut 47. Mikameumeut sareng bojo Laksana asp ngajodo Tapi lamun ngabobodo Bojo moal mikasono 48. Mun sono asp ka istri Sing pageuh saperti patri Campur gaul sareng santri Kalayan ati nu suci 49. Nu suci pasti beresih Tara aya nu dipamrih Ka bojo teu welh asih Sagala sareng pamilih 50. Pilih ku asp ayeuna Nya pk tanya ku hatna Nu gorng jeung nu hadna Sing karasa ku dirina 51. Diri pangasih Gustina Gusti mah moal nyiksana Moal bad ngaganjarna Kumaha wa amalna 52. Amal had tangtu genah Laki rabi tumaninah Lamun amal anu salah Jaga baris nyorang susah 53. Susah lamun teu ngarobah Nu ngajak ngarah ngarinah Napsu nu mawa sarakah Pk atuh pak ibadah 54. Mun ibadah anu tangtu Bagikeun kanu pihatu Mikeuna tong ragu ragu Bilih istri janten bendu 55. Bendu istri asp bingung Ulah waka sok ditundung Lamun istri terus pundung

Pangmsrkeun geulang kalung 56. Geulang kalung serba sa nggal atuh geura angg Dianggna saban po Nu kantun pelesir ba 57. Pelesir eulis ka kota Tah bawa duit sajuta Mun aya kahayang mnta Tatapi ulah lahuta 58. Lahuta aya kahayang Nyariosna ngagorolang Nu bakal moal kasorang Pikir anu mawa Bingbang 59. Bingbang bongan sok sulaya Mikahayang anu teu aya Ahirna pakia-kia Ngajauhan ka baraya 60. Baraya lamun ngahiji ta nu langkung utami Hubungan anu sajati Ngariung sapara wargi 61. Wargi asp sadayana Sakitu mikadeudeuhna Barungah dina manahna Nu janten ibu ramana 62. Ibu rama ngiring dunga Asp ngagaduhan garwa

Istrina lamun satia Hiji ba tong ngadua 63. Ngadua gaduh istrina Moal brs salamina Pakucrut rumah tanggana Mun teu cocog jeung agama 64. ra atuh ku tatangga Sapopo ngan pasa Ku istri dipikangwa Ku tatangga dillwa 65. Lamun boga harta banda Sing kuat nahan gogoda Bisi kagoda ku randa Pikir heula jero dada 66. Pikir asp sing waspada Supaya teu ngarasula Mun keukeuh pikir midua Akibat jadi pasa 67. Pasa jeung pamajikan Napsu stan barangasan Teu ngajadi kauntungan Tetep dina karugian 68. Rugi lamun ngumbar napsu Napsu pangajak nu palsu Ngaranjing ngajadi asu

Nu tangtu badan kalangsu 69. Kalangsu bongan sorangan Osok dak ririungan Mimitina heuheureuyan Dina tempat pamanan 70. Man dadu man kartu lh meunang tacan tangtu Mun meunang udud surutu Mun lh ngobral sapatu 71. Ngobral barang kawalahan Harta banda dijualan Di imah awut-awutan Lebur ancur bbakan 72. Bak duit dipikiran lh man kawalahan Tapi keukeuh panasaran Napsu teu beunang ditahan 73. Ditahan henteu katahan Dipikir terus-terusan Datang napsu panasbaran Stan iblis ngadeukeutan 74. Stan nu ngajak jarambah Nu mawa kana sarakah

Dipak kana awuntah Disorang napsu nu runcah 75. Rucahna antepantepan Teu ngarrt rrncangan Cicing dina palacuran Teu inget ka pamajikan 76. Pamajikan teu dirrt Duit metet dina dompt Tapi mr kkrht Ku tarik-tarikna plt 77. Kaplt ku pamakna Pabeulit pikiranana Teu karasa ku dirina Diumbar wa napsuna 78. Napsuna mangprung ngaberung Teu aya anu dirarung Miboga rasa adigung Tungtungna ripuh jeung bingung 79. Bingung bongan osok salah Teu bisa nahan amarah Jangji ka batur sok gaplah Teu inget kana papatah 80. Papatah ti para sepuh Ulah boga rasa angkuh

Mun jangji kudu sing tukuh Ucap lampah masing ampuh 81. Masing ampuh ti ayeuna Sing bisa mawa hirupna Jauhkeun napsu gorngna Deukeutkeun napsu hadna 82. Deudeuh teuing putra ibu Omat tong ngalajur napsu Ulah man lacur ngadu Mun bener nyaah ka ibu 83. Nyaah deudeuh mikasono Ciri pola kanggo conto Mangka had ulah poho Bojo th bawa lalajo 84. Lalajo bari pelesir Tingali sisi basisir Sugan awas tina pasir Alam dunya geura taksir 85. Geura taksir pangaturan Dadamelanna Pangran Aya gedong matak hran Luhur pageuh nanakran 86. Teu ngaruag teu ngariek

Sakitu eusina uyek Pirang-pirang nu ngaleyek Tapi hanteu ngarempeyek 87. Ya Allah anu ngayuga Ieu alam ngan nyalira Bumi langit g tohaga Eusina mani pohara 88. Eusi dunya warnawarna Cahaya panon pona Sato tatangkalanana Cawisan keur manusana 89. Manusa maruji sukur Ka Gusti Allah nu ngatur Pangantn sing subur mamur Kalayan hirupna jujur 90. Masing jujur sahaluan Ayeuna asp duaan Ulah aya pacngkadan Sing bisa silih blaan 91. Bla pati jiwa raga Dunya katut ahratna Ku asp kudu dijaga Sangkan eulis gumbirana 92. Gumbira nu pangantnan Papatah tamba lumayan Ku eulis asp lenyepan

Nyawrna trh wekasan 93. Nyawr th turun tumurun Tuturunan ti karuhun Pamugi ulah dikantun Sawr turun hatur nuhun 94. Sawr hartina panggeuing Papatah geura nyararing Dangding bari ngahariring Ppling masing arling 95. Arling urang sadaya Ka Gusti Allah nu Mulya Ulah aya panca bahya Sadaya mugi waluya 96. Waluya para wargina Rawuh para pangantnna Gumuruh rasa batinna Caang hat ka gustina 97. Gusti abdi muji nuhun Ngumbara mangtauntaun Ku bumi alam dilahun Nimat kateda kasuhun 98. Duh Gusti nu langkung hman Mugi sadaya sing iman Nya netepan kaislaman Mugi maot mawa iman

99. Bapa nyawr th parantos Mung kantun bad wawartos Ka ondangan nu ngarantos Mugi sami pada ngartos 100. Pada ngartos sadayana Nu dicarioskeunana Lebetkeun kana manahna Naropong jalan sampurna

Teks Sawer (Bagian 2)


Nyukcruk galur ti karuhun Nutur lacak para wali Nyambung ka bala rea Titinggal ti nini aki Ngawaris kabudayaan Seni sunda sawer asli Seni sunda pikeun suluk Gambaran siloka diri Hirup ulah kajongjonan Mawa diri sing taliti Satincak make pikiran Pikiran ieu pepeling Papeling jalan pituduh Nuduhkeun diri sing lilir Hahalang lugay disinglar Mun hayang salamet diri Di dunya ukur ngumbara Peupeujeuh sing repeh rapih repeh rapih nu salembur ka cai sing getol mandi ka darat sing getol solat pageuh pakuat-pakait ulah ingkah bali-lahan ancrubna ngajadi hiji ngahiji ngajadi dulur Sadaya mahlukna Gusti Hubungan sabilulungan Kedalkeun katineung ati Ka ibu sareng ka rama Naneda ka Maha Suci Neda agung cukup lumur Neda jembar pangaksami Bilih aya kalepatan Wireh ayeuna sim kuring Nyawer anu pangantenan Nyanggakeun mugi ditampi Cikaracak Ninggang Batu Laun-laun jadi legok Tai Cakcak ninggang huntu Laun-laun dilebok SAWER PANGANTEN Bismillah damel wiwitan Mugi Gusti nangtayungan Tatan Yuli nu rendengan Mugia kasalametan Salamet nu pangantenan Ulah aya kakirangan Sing tiasa sasarengan Sangkan jadi kasenangan Sing senang laki rabina Nu diwuruk pangpayunna Nyaeta bade istrina Masing dugi ka hartina Hartikeun eulis ayeuna Leubetkeun kana manahna Manawi aya gunana Nu dipambrih mangpaatna Mangpaatna lahir batin Yuli teh masing prihatin Ayeuna aya nu mingpin Ka caroge masing tigin Tigin Yuli kumawula Ka tatan ulah bahula Bisi Tatan meunang bahla Kudu bisa silih bela Silih bela jeung caroge Ulah ngan palesir bae Mending oge boga gawe Ngarah rapih unggal poe Repeh rapih nu saimah Rumah tangga tumaninah Tapi lamun loba salah Laki rabi moal geunah Bisi teu genah ku raka Prak bae wakca balaka Lamun tatan goreng sangka Buru bawa suka-suka Suka-suka ti ayeuna Da yuli atos laksana Ngajodo anu sampurna Ngahiji salalamina Salamina sareng dulur yuli kudu bisa akur Akuran ka unggal lembur Sangkan jadi buah catur Mun catur sing seueur bukur Ulah ngan kalah ka saur Napsuna ulah takabur Hirup resep loba batur

Sareng batur kudu jujur Layeut reujeung nu sakasur Runtut raut salelembur Nagara ge subur mamur Subur mamur sauyunan Mun aya tamu payunan Tapi ulah timburuan Bok bilih silih benduan Ngabenduan ka caroge Ngan ulah pasea bae Enggal atuh geura hade Ambeh geugeut saban poe Saban poe ulah lali Titik rintih suci ati Tembongkeun sing bear budi Ciri nyaah ka salaki Lalaki mun sok nyandung Omat ulah waka pundung Komo lamun bari bingung Keun antep sina ngaberung Ngaberung tong dihalangan Asal cukup sandang pangan Sina lilir ku sorangan Sangkan panggih kasenangan Senangkeun yuli pikiran Pikiran didadasaran

Tukuh muntang ka Pangeran Supaya meunang ganjaran Ganjaran ti Maha Suci Enggal atuh geura tampi Ayeuna yuli ngahiji Sakapeurih sakanyeuri Sakanyeri jeung salaki Mun yuli seueur rejeki Poma ulah sok kumaki Masing tumut ka salaki Tumutkeun eulis ayeuna Ayeuna tos laksana Laksana dating jodona Hate bangblas lalugina Lugina dunya aherat Gusti maparinan rahmat Kana waktu ulah telat Disarengan silih hormat Silih hormat ka sasama Sing nyaah ka ibu rama Lakonan parentah agama tangtuna hirup sugema Sugema hirup di dunya Nyaeta kudu tatanya Rek nanya pek kanu enya Badanna buru ditanya Tanya bae ku hatena Tah eta pikeun saksina Saksi diri pribadina Nu tara jalir jangjina Mun jangji nu ngajadi Eta jangji anu pasti

Pasti jodo ti ajali Pikiran cengeng ka Gusti Gusti mah teu weleh nyaksi Nyaksi gerentesna ati Ucap lampahna kasaksi Satincak-tincakna ngarti Hartikeun masing karaos Ulah luas-luis leos Sumawonna poporongos Pilari jalan nu raos Raoskeun jaga ku yuli yuli ulah sok gumeulis Najan geulis baris ledis Ninggang mangsa titis tulis Titis tulis bagja diri Patokan nu ti ajali Kajeun siga widadari Da moal beunang dibeuli Dibeuli ku harta banda Da moal bisa kajaga Nu tangtu bakal ngaduda Nyicingan di alam baka Alam baka kalanggengan Langgeng rasa ka Pangeran Supaya ulah rayungan Ngabogaan papacangan Boga rasa kudu ngarti Tata titi surti arti Kudu silih beuli arti Pikiran dadamelan Gusti

Gusti Allah nu kawasa Ngayakeun dunya tiasa Pepek eusi dunya rosa Sayagi pikeun manusa Manusia mahluk punjulna Palinter pangabisana Ngakalan eusi dunyana Nu kantun tumarimana Tumarima ka Pangeran Tumutkeun kana dawuhan Quran hadist tuduh jalan Ti para Nabi panutan Panutan urang sadaya Poma ulah rek cangcaya Sadaya kudu percaya Ka Gusti Allah nu Mulya Mulyana nu Maha Agung Sing saha bae ditulung Ku bumi alam dijungjung Nyaahna kaliwat langkung Nyaah bae nu Kawasa Ka masing-masing manusa Ulah dir gagah perkosa Bisi urang loba dosa Dosa mah ti pada jalmi Welas asih ka sasami Micinta ka lemah cai Layeut jeung batur sabumi

Sing layeut laki rabina Ulah aya kuciwana Silih anteur kahayangna Akur reujeung barayanna Mun akur ka sadayana Tembongkeun budi basana Nu bener tingkah polahna Supaya hirup sampurna Sampurna euis ayeuna Yap kadieu pamegetna Bapa bade ngawurukna Diregepkeun ku asepna Regepkeun teh ku hatena Bapa mepelinganana Tadina tatan ngaduda Ayeuna mah gaduh garwa Sareng garwa kedah layeut Sing rapet sacara leugeut Poma ulah pikir heureut Sangkan silih pikameumeut Kanggo ka pamegettatan Mikameumeut sareng bojo Laksana tatan ngajodo Tapi lamun ngabobodo Bojo moal mikasono Mun sono tatan ka istri Sing pageuh saperti patri

Campur gaul sareng santri Kalayan ati nu suci Nu suci pasti baresih Tara aya nu dipamrih Ka bojo teu weleh asih Sagala sareng pamilih Pilih ku tatan ayeuna Nya pek tanya ku hatena Nu goreng jeung nu hadena Sing karasa kudirina Diri pangasih Gustina Gusti mah moal nyiksana Moal bade ngaganjarna Kumaha wae amalna Amal hade tangtu genah Laki rabi tumaninah Lamun amal anu salah Jaga baris nyorang susah Susah lamun teu ngarobah Nu ngajak ngarah ngarinah Napsu nu mawa sarakah Pek atuh pake ibadah Mun ibadah anu tangtu Bagikeun kanu pihatu Mikeuna tong ragu ragu Bilih istri janten bendu Bendu istri tatan bingung Ulah waka sok ditundung Lamun istri terus pundung Pangmeserkeun geulang kalung

Geulang kalung serba sae Enggal atuh geura angge Dianggena saban poe Nu kantun pelesir bae Palesir yuli ka kota Tah bawa duit sajuta Mun aya kahayang menta Tatapi ulah lahuta Lahuta aya kahayang Nyariosna ngagorolang Nu bakal moal kasorang Pikir anu mawa Bingbang Bingbang bongan sok sulaya Mikahauang anu teu aya Akhirna pakia-kia Ngajauhan ka baraya Baraya lamun ngahiji Eta nu langkung utami Hubungan anu sajati Ngariung sapara wargi Wargi asep sadayana Sakitu mikadeudeuhna Barungah dina manahna Nu janten ibu ramana Ibu rama ngiring dua tatan ngagaduhan garwa Istrina lamun satia Hiji bae tong ngadua Ngadua gaduh istrina Moal beres salamina Pakucrut rumah tanggana Mun teu cocog jeung agama

Era atuh ku tatangga Sapopoe ngan pasea Ku istri dipikangewa Ku tatangga dilelewa Lamun boga harta banda Sing kuat nahan gogoda Bisi kagoda ku randa Pikir heula jero dada Pikir tatan sing waspada Supaya teu ngarasula Mun keukeuh piker midua Akibat jadi pasea Pasea jeung pamajikan Napsu setan barangasan Teu ngajadi kauntungan Tetep dina karugian Rugi lamun ngumbar napsu Napsu pangajak nu palsu Ngaranjing ngajadi asu Nu tangtu badan kalangsu Kalangsu bongan sorangan Osok daek ririungan Mimitina heuheureuyan Dina tempat pamaenan Maen dadu maen kartu Eleh meunang tacan tangtu Mun meunang udud surutu Mun eleh ngobral sapatu Ngobral barang kawalahan Harta banda dijualan Di imah awut awutan

Lebur ancur bebeakan Beak duit dipikiran Eleh maen kawalahan Tapi keukeuh panasaran Napsu teu beunang ditahan Ditahan henteu katahan Dipikir terus-terusan Datang napsu panasbaran Setan iblis ngadeukeutan Setan nu ngajak jarambah Nu mawa kana sarakah Dipake kana awuntah Disorang napsu nu runcah Rucahna antep-antepan Teu ngareret rerencangan Cicing dina palacuran Teu inget ka pamajikan Pamajikan teu direret Duit metet dina dompet Tapi mere kekerehet Ku tariktarikna pelet Kapelet ku pamakena Pabeulit pikiranana Teu karasa ku dirina Diumbar wae napsuna Napsuna mangprung ngaberung Teu aya anu dirarung Miboga rasa adigung Tungtungna ripuh jeung bingung Bingung bongan osok salah Teu bisa nahan amarah Jangji ka batur sok gaplah Teu inget kana papatah

Papatah ti para sepuh Ulah boga rasa angkuh Mun jangji kudu sing tukuh Ucap lampah masing ampuh Masing ampuh ti ayeuna Sing bisa mawa hirupna Jauhkeun napsu gorengna Deukeutkeun napsu hadena Deudeuh teuing putra ibu Omat tong ngalajur napsu Ulah maen lacur ngadu Mun bener nyaah ka ibu Nyaah deudeuh mikasono Ciri pola kanggo conto Mangka hade ulah poho Bojo teh bawa lalajo Lalajo Bari palesir Tingali sisi basisir Sugan awas tina pasir Alam dunya geura taksir Geura taksir pangaturan Dadamelanna Pangeran Aya gedong matak heran Luhur pageuh nanakeran Teu ngaruag teu ngarieg Sakitu eusina uyek Pirang-pirang nu ngaleyek Tapi hanteu ngarempeyek Ya Allah anu ngayuga Ieu alam ngan nyalira

Bumi langit ge tohaga Eusina mani pohara Eusi dunya warna-warna Cahaya panon poena Sato tatangkalanana Tawisan keur manusana Manusa maruji sukur Ka Gusti Allah nu ngatur Panganten sing subur mamur Kalayan hirupna jujur Masrahkeun raga jeung nyawa Nanging engkang kedah ngucapkeun sahadat Syarat Percaya Ka Gusti Allah Ashaduanlaillahailallah Waashaduannamuhamm adarasululllah Robbanaatinafidunya hasanahtawwakinaadaba nar

You might also like