You are on page 1of 2

1) Definisi Sunatan/Sepitan

Sunatan nu sering ku urang disebat sepitan nyaeta proses ngabersihken awak ku cara motong ( kulup ) sabagian alit kalamin pameget. Tata cara sunatan/sepitan dilakuken supados alat vitalna bersih tina najis. Murangkalih nu parantos ngajalanken tata cara sunatan dilaksanaken biasana upami murangkalih pameget nginjak yuswa 6 warsih. Tina upacara sunatan salain paraji sunat/bengkong oge di ulem tatanggi,kulawargi. Benten sareng budak istri,upacara sunatan budak istri dilaksanakeun waktos budak eta alit keneh atanapi nuju orok supados henteu isin. Baheula sateu acan aya dokter masyarakat sering nganggo jasa bengkong atanapi mantra kanggo nyunat budak sunat. Disebat bengkong sabab alat anu biasa digunaken kanggo sunatan nyaeta alat nu di damel dina hinis nu tengahna di bolongan kanggo ngajapit ujung kalamin budak nu bade disunat.

2) Pelaksanaan Khitanan
Parantos jadi tradisi di tatar sunda,upami aya budak nu bade di sunat sadinten sateu acanna sok aya acara arak-arakan ( ngurilingan kampong ). Arak-arakan biasana di iringi sakaligus diramekeun ku kaseunian tanjidor ( kanggo daerah Betawi ),sisingaan (Subang),sareng kuda ronggeng ( Sumedang/Majalengka ). Wengina diayakeun sukuran. Tina pelaksanaanna enjing-enjing pisan/pasusubuh budak nu bade di sunat di ibakan atanapi di keueum dib along dugi ka ngadegdeg ( Kiwari nu saperti kitu jarang dilakukeun deui, kulantaran teknologi kasehatan tos berkembang ), teras dipangku dicandak kabalandongan bade disunat ku parajii sunat ( bengkong ),seueur jalmi nu nyaksian diantarana aya nu nyepeng hayam jago kanggo di peuncit,aya nu nyepeng petasan,sareng rea-rea tatabuhan sabari nembang marhaban. Sakantenan budak eta disepitan, hayam jago dipeuncit minangka bela, petasan dibeuleum,sareng tatabuhan disadakeun. Teras budak anu parantos disunat dicandak ka lebet bumi kanggo di ubaran ku paraji sunat/bengkong. Teu lami parantos eta para uleman sararumping nu caket na sareng nu teubih. Aranjeunna masihan artos/nyecep ka budak anu disunat eta supados bungaheun sareng ngahilapkeun rasa nyerina. Upacara Pagelaran Wengina diayakeun acara pagelaran kesenian sunda,kasenian sunda anu tiasa di pitontonkeun / ditanggap diacara sunatan diantarana: 1. Arak-arakan sapanjang alun-alun kota 2. Wayang golek 3. Sisingaan Dll Prosesi Pagelaran kesenian sunda eta biasana dugi ka enjing atanapi enjingna deui. Saatos sunatan eta sadayana ditujuken kanggo ungkapan rasa syukur sareng nyuhunkeun kasajahteraan sareng kasalametan lahir batin dunya sareng akherat.

You might also like