You are on page 1of 1

DUKA TEUING

Ceu dod urang Cileuleuy nu dagang pais beunyeur jeung krck jar sapeupeuting gawna ngan gudad-gadeud di luhureun hawu. Ceuk Ceu Geugeu urang Cikeumeuh mah manhna kasarad ku Jurig Korod nu resep luadlod lantaran po Salasa Kaliwon kamari kekeprok di hareupeun kurung Manuk Bincarung. Ai ceuk Lurah Sarju, Ceu dod th weureu ngalamun ngawang-ngawang hayang kawin deui, taun kamari salakina maot tikusruk kana susukan lantaran reuwas diggl Keuyeup basa balik ngalawanjar ti sawah deukeut pawinian kulon. Saprak harita, geringna Ceu dod ibur nepi salelembur. Ra nu ngomongkeun ra nu nyaritakeun. Tapi teuing nu mana nu eucreug, nu pasti Ceu dod kudu gancang diubaran. Mun hayang waras, Ceu dod kudu ngalegleg jubleg tambleg jeung kudu n yonyorong lodong kosong bari nyorang gobang panjang di handapeun tangkal samoja nu rada hieum...! Ceuk si Mmn nu dasarna jalma gebleg rada singled. Isukannana, Ceu dod leungit. Kapanggih-panggih th peuting, geus teu nyawaan. Kabntar gelap ngagolr dipipir saung deukeut gawir di sawah kulon. Awakna hideung lestreng siga lutung. Tutung nepi ka tulang-tulang, asak nepi ka urat-urat. Lamun Ceu dod lain jelma, sigana ngeunah nu aya mun dicocol mak sambel kacang nu seuhah lata-lata. Eta carita; bja ceuk si Carmid minantu Kang Casim ti Cikalong wtan, incu ka dua Ki Casta nu kawin ka Caswiti rangda ti Cills tatangga na mang Cakil mitoha si Cablak nu dagang comro di parapatan Congang deukeut imah si Cacu lanceuk na Cici urut kabogoh si Cucu. Cenah mah rada gaib euy, mayitna oge hs kapanggih, padahal ditangna ku kabeh jelma salembur dibantu ku aparat nepi sapeupeuting. Nu kolot nu ngora, teu aww teu lalaki. Ek rangda ek parawan. Nepi munding bikang Haji Korsid og milu nangan. Po ta Ceu dod jadi Most Wanted. Dukun og kuat ka turun tangan...teuing Bah Wira teuing Aki Karma. "Tungguan w k jam 12 peuting" ceuk si dukun bari ngomean gado nu janggotna tinggal salambar. Ai pk th heueuh euy, bener, kapanggih...di deukeut saung di sawah keur ngagolr geus teu nyawaan, padahal jelma sarra geus udar ider di ta tempat sababaraha balik. Sigana mayit Ceu dod disumputkeun ku oray kadut nu keur ngidam! ceuk si Mmn. Eta carita si Carmid, basa uing ngawangkong di imah si Aceng. Tapi mun ceuk si Utam anak Kuwu Kardi mah, meureun maotna Ceu dod lantaran angin duduk. Teuing nu mana nu bener, nu pasti uing sieun. Eta carita nyata, lain dongeng lain bodor, tapi enya jeung henteu na mah uing can pati jelas, soalna basa si Carmid nyarita, uing keur teteleponan jeung pamajikan, hawar-hawar ta. K lah isuk ku uing ditanyakeun deui. Bisi salah dng...!!!???!!!

You might also like