You are on page 1of 2

Nama : Vega Nidia A Kelas : XII IPA 2

Assalamualaikum warohmatullohi wabarokatuh, Puji rawuh syukur langkung ti payun dihaturkeun ka hadirat Ilahi robbi, anu parantos maparin pareng ka urang sadaya dugi ka tiasa silaturahmi, patepung lawung patepang raray di tempat ieu. Solawat miwah salam mugia tetep ngocor ngagolontor ka Jungjunan Alam, Nabi panungtung anu parantos ngalungsurkeun cahya kaimanan ka umatna. Nabi panutan urang sadaya,habibana wanabiyana Muhammad SAW. Para hadirin hormateun sim kuring . Dina danget ieu sim kuring bade ngadugikeun biantara nu jejerna Miara basa Sunda dikalangan rumaja kiwari. Sateuacan ngadugikeun ieu biantara sim kuring bade nyuhunkeun dihapunten bilih cariosan sim kuring kirang saluyu sareng harepan sadayana. Para wargi anu sami-sami hadir. Sakumaha anu kauninga ku urang sadayana, ray dinten, ray dinten teh masarakat urang, hususna rumaja teu aya kendatna ditaragal ku rupi-rupi kabudayaan anu jolna ti luar. Dina leresan bocok mah tangtos pisan kabudayaan Sunda teh Sakapeung mah urang teh sok salempang , boa-boa baris karandapan jati kasilih ku junti, budaya sunda jadi semah di lemburna sorangan. Kanggo ngungkulan ieu kaayaan anu matak pikasalempangeunana, teu aya sanes, urang sadaya sugri anu mikadeudeuh kana budaya Sunda kedah guyub akur sauyunan, ngahiji sapamadegan , pikeun ngamumule budaya sunda. Pikeun ngahontal ieu tujuan, urang peryogi nyusun lengkah-lengkah sareng strategi anu salajengna dilaksanakeun kalawan daria. Ku emutan sim kuring, kaayaan anu sapertos ayeuna teh teu tiasa diantep. Urang teu tiasa api lain meungpeun carang , jalaran hal ieu teh janten hiji masalah anu kedah diungkulan ku urang sadayana. Atuh kantenan kedah aya hiji riungan anu medar sareng nembrakeun masalah anu nuju dipayunan ku urang sadayana. Hususna masalah anu aya rambat kamalena sareng seni budaya, katut basa Sunda. Upami urang parantos sapanyawangan kana jentulna masalah, nembe urang barembug deui kedah kumaha ngungkulanana. Anu gaduh kawajiban milarian tarekah kanggo ngungkulan masalah tea, aya tilu pihak anu kedah sauyunan, nya eta para seniman, pamarentah, sareng masarakat. Para seniman anu kagungan kaparigelan dina widang seni sundagaduh kawajiban kanggo ngawanohkeun budaya sunda ka para nonoman . Ulah dugi ka nonoman Sunda teh ngagulngagul kana budaya batur, ari budaya sorangan teu direret-reret acan.Pamarentah anu ngagaduhan kakawasaan kedah ngarojong kana rupi-rupi kagiatan anu aya patalina sareng budaya sunda, boh sacara materil oge sacara moril. Kitu deui masarakat kedah ngarobah pandangan anu ngarasa era lamun nyarita ku basa sunda. Nganggap dirina maju jeung modern lamun nyarita ku basa deungeun. Nepi ka loba kolot anu henteu ngarasa perlu ngajarkeun basa jeung budaya Sunda ka turunanana.. Eta pandangan teh kacida pisan salahna tur perlu dilelempeng ku para seniman, pamarentah, tur masarakat Sunda sadayana. Para hadirin hormateun sim kuring Mugia basa jeung budaya sunda titinggal karuhun urang teh, tiasa sirungan deui , tandang makalangan, ngigelan jaman. Rupina sakitu nu kapisanggem. Sim kuring neda hapunten ka sadayana boh bilih dina pisanggem anu nembe didugikeun ku simkuring kirangna seueur lepatna. Wassalamualaikum warohmatullohi wabarokatuh.

You might also like