You are on page 1of 4

Pidato Bahasa Sunda | Panghulung Kalbu Panghulung Kalbu Panghulung kalbu kajembaran fuji janten panghias ati urang

sanggakeun ka dzat anu maha suci. Dzat anu ngan sahiji nyatana Allah rabbul ijati. Fuji anu janten panghias rasa urang sanggakeun ka dzat anu maha kawasa nyatana Allah, aza wajala syukur anu janten pangratos masihan rahmat, taufik sinareng hidayahna sahingga urang sadaya tiasa kempel ngariung di ieu majlis ilmu anu mudah-mudahan kenging ridho ti gusti Allah taala. Amiin.. Sholawat sinareng salamna mugia tetep di kocorkeun, dilengserkeun ka jungjunan urang sadaya, panutan sadaya umat islam nyatana kanjeng Nabi Muhammad SAW ka para kaluwargina sohabatna tabiin tabiatna anu pamudah-mudahan dugi ka urang sadaya salaku umatna. Kepala sekolah SMPN 2 Leuwimunding, dewan guru sadayana anu ku simkuring di pihormat, oge teu hilap ka sadaya rerencangan sinareng adi-adi kelas abdi, anu kusimkuring di pihormat. Ngadegna simkuring di didieu Insya Allah bade nyobian nyampekeun hiji biantara anu eusina COBAAN ATAWA UJIAN Ujian anu di pasihan ku gusti Allah ka bagi 2 nyaeta : 1. Ujian anu manis 2. Ujian - Nu kahiji ujian anu manis nyaeta nikmat ti gusti Allah contona : Pa Udin jadi jalema anu dipikihormat ku sabab anjeunna kaya, gaduh mobil anu berkilat sahingga istrina oge 4 Subhanallah - Nu kadua ujian anu pait nyaeta saperti di pasihan musibah contona : Pa Dayat gaduh kaluwargi, kanggo nganafakahan kaluwargina hese. Jadi kasimpulanan : Upami urang di pasihan anu manis, urang kedah bersyukur. Naon sababna ? Maksadna ayat Al-Quran dijelaskeun : Upami urang syukuran ka nikmat Allah maka bade nambihan nikmat tersebut. Tapi sabalikna, upami kufur ka nikmat Allah maka siksa Allah kacida pedihna. Upami urang di pasihan ujian anu pait, sapertos musibah maka urang kedah sabar. Nabi bersabda : Sabar eta sabagian tina iman Sareng Allah ngadawuh : Allah seneng ka jalma-jalma ani sabar, jadi urang hirup di dunya ieu pinuh cobaan. Saleresna masih aya keneh anu di saurkeun tapi waktosna anu teu cekap, sakieu ti abdi hatur nuhun ka sadaya perhatosan nana. Hapunten bila aya kalepatan.

Pidato Bahasa Sunda | Ngesian Kamerdekaan


assalamualaikum wr. wb. kapayuneun bapak kepala sekolah anu ku sim kuring di pihormat, kapayuneun para bapak ibu guru anu sami ku sim kuring di pihormat oge teu hilap k para rerencangan siswa-siswi smun 1 sukabumi anu di mulyakeun ku alloh. alhamdulillah dina danget ieu urang tiasa patepang lawung paamprok jonghok dina rarangka mi eling tepung umur kamerdikaan nagara urang anu ka 65. peryogi ka uninga, seueur pisan pengorbanan anu tos di pasrahkeun ku para pejuang urang kapungkur dina melaan kamerdekaan nagara anu ayeuna ku urang karandapan. ku kituna urang, salaku generasi muda penerus bangsa tos sakeudahna neraskeun perjuangan para pahlawan urang ku jalan diajar anu soson-soson pikeun nanjeurna kahirupan bangsa indonesia di zaman anu bakal datang. sajabina ti eta seueur keneh hal-hal anu tiasa ku urang dilakukeun dina rangka mengisi kemerdekaan ieu, kukituna ka rerencangan abdi sadaya, hayu urang sami-sami babarengan ngeusian kamerdekaan iyeu ku hal-hal anu mangfaat. rupina mung sakitu anu tiasa kapihatur ti sim kuring, luhur saur bahe sora ulah kirang -kirang ngahapunteun wabillahi taufik wal hidayah wassalamualaikum wr.wb.

Masrakat urang masih knh seueur anu beurat pikeun nyumponan kabutuhan hirup
Pidato Bahasa Sunda | -----------------------------------------------------------------Contoh pidato ini mungkin belum lengkap karena itu silahkan Anda lengkapi atau tambah jika menurut Anda perlu dilengkapi. -----------------------------------------------------------------Assalamualaikum Wr.Wb. Aujubillah himinassyaiton nirojim. Bismilah hirohman nirohim. Ashadu ala ilaha illeloh wa ashadu ana Muhamaddarosululoh. Allah huma soli ala syaidina muhammadi abdika warosulika nabiyil umiyil wa ala alihi wasohbihi wasalim, ama badu. Sagala puji urang sanggakeun ka gusti nu maha suci dzat nu ngatur sagala eusi dunya katut eusina, nyaeta Allah Subhanahu Wata Ala. Sakumaha hidayah sareng inayahna urang masi dipaparin nikmat sehat oge nikamat iman sareng nikmat islam nyaeta nikmat anu pang ageung-ageungna. Solawat sareng salam urang curehkeun ka baginda anu mulya nyaeta Nabi Muhammad Selewlohiu Alaihi Wasallam. Kusabab anjeunanana urang sadaya tiasa ngaraos nikmat iman sareng nikmat islam. Jeung mudahmudahan urang sadayana ka asup umatna amin yarobal alamin. Para wargi hormateun sim kuring! Tatar Ciamis th legana 2.556,75 m2 atanapi 3,65 kali lipet tina legana nagara Singapura anu legana 707,1 km2. Pendapatan perkapita penduduk Negara Singapura nyata AS $ 28.228, sedengkeun Nagara Indonesia perkapita pendudukna AS $ 3.979 atanapi ngabanding kana 7 kali lipet sahandapeun perkapitana Singapura. Dina hal ieu sim kuring sans bad ngawiwirang ka lembur sorangan, nanging langkung payus pikeun urang sadaya pada museurkeun pamikiran swang-swangan neuleuman kasang tukang naon anu mantak tingkat konomi nagara urang masih jauh tina basa utama, rahayat mamur kahirupanana sejahtera lahir sinareng batin. Padahal upami urang nitnan kana potnsi sumber daya alam anu dipibanda ku Singapura stu jauh tanah ka langit dibandingkeun sareng tatar Ciamis. Warga nagara Singapura pikeun nyumponan kabutuhan cai ba kudu ngadatangkeun ti nagara deungeunna nyata Johor Malaysia. Kumargi sakitu tangtos tiasa katang ku urang sadaya sabaraha artos anu kedah dianggarkeun pikeun kaperluan MCK penduduk nagara Singapura dina sadidintenna. Hadirin anu sami hadir! Kalayan ngbrhkeun rasa syukur ka Gusti Allah SWT ku bageuran Mantena urang sadaya parantos dipaparin bumi anu subur mamur, gemah ripah loh jinawi.

Nanging paribasa ta saupamina dina mangsa-mangsa ka tukang sok dilengkepan ku kalimah murah sandang murah pangan, sepi paling towong rampog rupina babasan ieu kantun tunggulna. Laas tinggal tapakna, sabab henteu kasartaan sareng kanyataannana. Masrakat urang masih knh seueur anu beurat pikeun nyumponan kabutuhan hirup sadidinten. Mun sok komo lamun kudu nyumponan sagala kabutuhan hirup anu aya hubunganana sareng pendidikan og kashatan anu layak tur pantes. Lapangan gaw anu aya masih tebih tina basa utami pikeun nyumponan tur nampung warga masrakat angkatan kerja anu ti waktu ka waktu terus-terusan nambahan. Panarimaan masrakat dina widang konomi kacida pisan gajligna. Di hiji pihak aya masrakat anu kabeungharanana milyaran rupiah, di pihak sjn justru aya masrakat anu malarat, tikoro nyoso-lara balangsak. Awak gulak giluk tinggal tulang jeung kulit, ceuk paribasana. Numatak sakitu, samangsa-mangsa pamarntah ngarencanakeun pikeun nakeun BBM atawa tarif listrik pasti dirspon ku prots atawa dmonstrasi. Beurat narimbangan akibat tina nakna harga-harga sjn tina sabab musabab tuwuhna inflasi. Saleresna sans ukuran siap atanapi teu siapna masrakat urang dina nyanggap sakumna program pamarntahna, hususna ngeunaan rencana nakeun harga BBM anu disaluyukeun sareng harga minyak dunia. Nanging ku nrklna hahargaan ieu kuduna dipitembeyan ku panghasilan masrakat anu aya hubunganana sareng tingkat pendapatan perkapita penduduk. Mung sakitu wae wawaran ti sim kuring bilih aya carita anu teu genah didangu, bilih aya cariosan anu teu mernah dina manah, neda dihapunteun. Da sadaya kasaen eta datangna ti gusti Allah jeung kasalahan eta ti sim kuring pribadi. Sakali deui nyuhunkeun dihapunteun. Bilahi taofik walhidayah. Wassalamu alaikum Wr.Wb. (pangandaraninfo.com)

You might also like