You are on page 1of 4

BIANTARA KABERSIHAN SAKOLA Assalamualaikum Wr. Wb.

Bapak kepala SMA Negeri 1 Mangunjaya nu ku simabdi dipihormat, Ibu miwah Bapak Guru anu dipihormat, para staf Tata Usaha nu sami-sami lingsih, kanca mitra, rerencangan saangkatan sareng adi-adi kelas anu ku abdi dipikacinta. Langkung ti payun mangga urang sanggakeun puji sareng syukur ka Allah SWT nu parantos maparin waktos ka urang sadayana dugi ka tiasa patepang raray dina ieu acara. Teu hilap mugia shalawat sinareng salam urang sanggakeun ka junjungan urang Nabi Agung Muhammad SAW. Para wargi anu ku simkuring dipihormat. Dina ieu waktos, abdi bade nerangkeun sakumaha pentingna hirup sehat kanggo urang sadayana. Janten, urang sadaya kedah atawa wajib ngajaga lingkungan sareng awak nyalira pikeun urang sadaya tiasa ngajaga tina sagala panyakit. Ku margi kitu, urang kedah ningkatkeun pola hirup sehat kanggo kapayunna di kawitan ti ayuena. Dina hadits oge diterangkeun, nyaeta : Inna dhofatu minal iman Nu hartosna : Kabersihan teh sabagian tina Iman Tina hadits di luhur, urang tangtu tos ngartos maksad sareng tujuannana, nyaeta urang teh umat muslim anu ngagaduhan iman dina jero hate urang. Upami urang sadaya iman ka Allah, berarti urang kudu bersih atanapi suci tina sagala kokotor boh hadas alit atawa hadas ageung, nu sangkan nyebabkeun urang teu suci. Bersih tina eta sadaya teh nu didasarkeun tina bersihna sucina urang sareng lingkungan di sakitar urang. Urang kudu mikacinta kabersihan sangkan hate urang ge milu bersih. Para wargi anu mulya. Kaqbersihan teh aya marupi-rupi macemna, nyaeta aya bersih hate, bersih jiwa, bersih raga, sareng bersih rohani. Tah, urang kudu janten jalmi anu kaasup kana jalma anu bersih sadayana. Allohumma, amien... Hayu urang sami-sami ningkatkeun pola hirup sehat kanggo kasaean urang sadaya sangkan tiasa leuwih getol kana ibadah ka Gusti nu Maha Welas tur Maha Asih. Para wargi anu mulya. Cekap sakitu abdi nyanggakeun pihatur, pamungkas pisanggem, bilih aya basa anu kirang entep saeureuhna atanapi kecap anu kirang merenanh larapna, mugi kersa ngahapunten. Wassalammualaikum Wr. Wb.

Contoh Naskah Pidato Terbaru Biantara Basa Sunda Tema Internet Assalamualaikum.wr.wb Bapa/ ibu guru anu dipikahormat sareng rerencangan anu dipikacinta, sateuacana hayu urang panjatkeun puji sareng sukur ka gusti Alloh nu maha Esa, anu tos masihan rohmat sarta hidahyana ka urang sadayana. Ku kituna ayeuna urang tiasa ngumpul di tempat ieu. Hadirin sadayana, Sa teu acana simkuring bade ngucapkeun nuhun ka bapa/ ibu guru anu parantos masihan waktos ka simkuring kangge medarkeun hiji biantara anu judulna Pangaruh Internet Ka Rumaja Hadirin Sadayana, Sateu acan simkuring mitembeyan biantara, simkuring hoyong medarkeun watesan masalah anu bade dibacakeun, nyaeta diantara ; pangaruh internet tina segi positif sareng tina segi negative. Internet, kecap anu teu asing di jaman ayeuna. Internet tiasa diakses dimana wae, cukup modal hp anu ngabogaan koneksi internet atawa cukup ku ngamodal duit sabaraha rebu perak, ayeuna

mah ampir di unggal juru jalan, rek di kota atanapi di desa, ayeuna mah geus loba warung anu ngajual jasa internet atawa anu mana sok disebut warnet. Seueur elmu anu aya di internet nu bisa ku urang dicokot. Sagala informasi naon wae anu aya di internet, informasi eta bisa dicandak kalayan gampang sagampang urang ngabalikeun talapak panangan sareng ngicepkeun soca. Terus naon hubunganna jeung siswa ? tangtu pohara seueurna hubungannana internet di jaman kiwari jeung siswa, sabab siswa heunteu luput tina anu namina informasi sareng elmu. Internet teh nyaeta media anu pang efektifna sarta gampang diakses dimana wae jeung kusaha wae. Sanajan teu bisa dipungkir yen ayeuna kabebasan ieu teh bisa oge disalah gunakeun jeung salah dina narepkeunana. seueur pisan fasilitas internet minangka sarana kriminalitas atanapi asusila. Rea pisan hal-hal negatif tina internet, salah sahiji contona nyaeta : Pikeun anu kakara mikawanoh kana internet nyaeta bisa ngabuka situs situs, gambar gambar, atawa video video anu teu sawajarna Kacanduan gim online nepikeun ka poho kana sagala Bisa katipu tina iklan iklan di internet Tapi aya oge segi positifna : Siswa bisa neangan informasi anu luwes mun dibanding ngan saukur diuk cicing ngaregepkeun guru nerangkeun Bisa nambah rerencangan dina jejaring social, jsb Rumaja nyaeta makhluk anu rentan kanu parobahan di sakurilingna. Rumaja biasana sok nurutkeun anu dominan anu aya disakurilingna. Mangka ti eta alusna lamun urang bisa bijak ngagunakaeun internet keur kamajuan diri sarta pribadi urang sorangan. Sakitu wae biantara ti simkuring, hatur nuhun atos merhatikeun, akhirul kecap. Wassalamualaikum wr.wb Contoh Naskah Pidato Bahasa Sunda Tema Kebersihan di lingkungan oge kabersihan diri urang sautuhna. Pidato ieu manawi cocok kanggo nu nuju meryogikeun bahan kanggo conto dina ngadamel pidato bahasa sunda. Assalamualaikum wr wb Langkung tipayun urang panjatkeun puji sinareng syukur kailahiirabbi nu mana kalayan hidayah sareng inayahna, urang sadaya tiasa kempel dina ieu tempat kalwan dina kayaan sehat walafiat. Para wargi anu ku simkuring dipikahormat. Dina ieu waktos, abdi bade nerangkeun sakumaha pentingna hirup sehat kanggo urang sadayana. Janten, urang sadaya kedah atawa wajib ngajaga lingkungan sareng awak nyalira pikeun urang sadaya tiasa ngajaga tina sagala panyakit. Ku margi kitu, urang kedah ningkatkeun pola hirup sehat kanggo kapayunna di kawitan ti ayuena. Dina salah sahiji hadits diterangkeun Inna dhofatu minal iman Nu hartosna : Kabersihan teh sabagian tina Iman Tina hadits eta, urang tangtu tos ngartos maksad sareng tujuannana, nyaeta urang teh umat muslim anu ngagaduhan iman dina jero hate urang. Upami urang sadaya iman ka Allah, berarti urang kudu bersih atanapi suci tina sagala kokotor boh hadas alit atawa hadas ageung, nu nyebabkeun urang teu suci. Bersih eta sadaya teh nu didasarkeun tina bersihna jeung sucina urang sareng lingkungan di sakitar urang. Kabersihan sakola oge kudu urang jaga. Urang kudu mikacinta kabersihan sangkan hate urang ge milu bersih.

Kabersihan teh aya marupi-rupi macemna, nyaeta aya bersih hate, bersih jiwa, bersih raga, sareng bersih rohani. Tah, urang kudu janten jalmi anu kaasup kana jalma anu bersih sadayana. Allohumma, amien Hayu urang sami-sami ningkatkeun pola hirup sehat kanggo kasaean urang sadaya sangkan tiasa leuwih getol kana ibadah ka Gusti nu Maha Welas tur Maha Asih. Para wargi anu mulya. Cekap sakitu abdi nyanggakeun pihatur, pamungkas pisanggem, bilih aya basa anu kirang entep saeureuhna atanapi kecap anu kirang merenanh larapna, mugi kersa ngahapunten. Contoh Naskah Pidato Bahasa Sunda Ngeunaan Kabudayaan Assalamualaikum w. w. Ibu guru anu ku simkuring dipihormat. Teu kalangkung rerencangan sadayana. Langkung ti payun, mangga urang sami-sami muji syukur ka Gusti Nu Mahaangung, margi mung barokah sareng rohmat mantenna urang tiasa ruing mumpulung dina kasempatan ieu. Hadirin sadayana, dina danget ieu sim kuring bade nepikeun pidato ngenaan watek budaya Sunda. Ari sunda teh asalna tina kecap su anu hartina alus anu ngabogaan unsur kana kasaean. Watek sunda anu ku simkuring dipimaksad nyaeta cageur, bageur, singer, jeung pinter. Harti kecap sunda teh luhur pisan nyaeta gumilang. Harti kecap eta heuteu ngan dilarapkeun dina panampilan , tapi aya dina manah urang sunda sadayana. Dina kahirupan urang sunda seueur pisan kabeungharan seni jeung budayana. Salah sahijina nyaeta Tarling. Tarling singketan tina gitar suling, mimiti munculna di wewengkon Cirebon jeung Pantura iawa barat jaman Balanda, taun 1935-an. Tarling pepek ku sarupaning kamonesan. Aya seni sarimpi, jeung tari topeng minangka bubuka acara. Pareng nincak bulan hajatan teu di desa teu di kota, masarakat rea nu nanggap tarling. Harita tarling kaitung anu pangpayuna diogan ku nu boga hajat. Mung pangaruh dangdut anu diwanohkeun dina taun 70-an ngajadikeun tarling direformasi jadi Tarling dangdut. Beuki dieu tarling klasik kadeseh ku organ tarling anu teu merlukeun modal gede. Beuki dieu kasenian tarling beuki kadesek ku kasenian modern pangaruh tina globalisasi, jiga music pop jeung rock. Seni gitar suling atawa tarling cirebonan anu kungsi dopikaresep kiwari ukur waasna . lagu-lagu taling ngan ukur kadenge dina kaset . komo sangeus ditinggalkeun ku maestro-maestrona. Para hadirin sadayana, urang teh keudah ngiring ngamumule kasenian urang. Kasenian anu jadi kabeungharan urang tong neupi kageugeus ku kasenian luar anu ngajadikeun urang poho kana kasenian jeung kakayaan budaya sorangan. Sakitu wae ti simkuring , pamungkasna mugi-mugi taopek sareng hidayah gubrag ka urang sadaya. Wassalamualaikum w. w.

Contoh Pidato Bahasa Sunda Ngeunaan Kabersihan Lingkungan Asalamualaikum wr. wb Para hadirin anu ku simkuring di pihormat, alhamdulilah danget ieu urang sadayana tiasa pateupung lawung pa amprok jonghok, dina raraga urang mi eling kanu jadi kabersihan Jawa Barat. Hadirin anu ku simkuring di pihormat, sakumaha anu uninga ku urang sadayana, sabaaraha kota di Jawa Barat teh tos sering kenging piala adipura ku sabab kabersihanana, endah sareng asri. Ku kituna urang sadayana keudah ngajagi kana eta kapercanteunan pamarentah ka urang sunda

umumna. Tapi, aya wae masarakat sunda anu sok miceun sampah timana wae. Sabab kurangna kasadaran di diri satiap jalma ngeunaan kabersihan. Ku kituna hayu urang sing sadar kanu jadi kabersihan kususna di kota urang sorangan jeung umumna di Jawa Barat. Hadirin anu ku simkuring di pihormat, kalintang betah janten urang sunda. Atuh teu aya lepatna lamun ku urang di jaga pasti pasti sangkan sagala rupi anu mangrupakeun kakayaan anu di piboga, ku urang di lestarikeun sangkan Jawa Barat, leuwih nanjeur, leuwih maju dina sagala widangna. Hayu urang babarengan ningkatkeun mempertahan keun Jawa Barat, kota Intan, Jawa Barat kota pangirut. Rupina mungsakitu nu tiasa di dugikeun, bilih luhur saur bahe carek, bobo sapanon carang sapakan dina cumarios, ka sadayana neda tawakup anu kasuhan. Wabillahi taufik walhidayah Assalamualaikum Wr. Wb. Langkung tipayun puja urang sanggakeun kanu maha kawasa puji kanu mahasuci, sukur kaaloh anu maha gofur anu masih keneh ngusik malikeun awak sakujur, tug dugika kiwari masih keneh masihan jatah umur, ngan omat etaumur ulah rek dihambur-hambur komo mah dipake ujug ria jeung takaburbisiurang kagolongkeun kajalma anu kufur anggur mah yu urang seueurkeun sukuranu malah mandar jaga di alam kubur kengeng pangampura ti aloh anu mahapunjul amin Oge teu hilap sholawat miwah kasalametan mugia dilimpah curahkeun digulunturkeun ngocor tur ngagolontor, ngalir tur ngamalir kajungjunan urang sadayana nyatanya ka kangjeng nabi muhamad SAW. Ka para kulawargana, ka parasahabatna, ka para tabiit-tabiitna, anu malah mandar tug dugi kaumatna nyatanya urang sadayana, anu mikaconto tur nulad kana tapak lacak mantena tikawit dugika ahir. Dina leresan ieu sim abdi ngahaturkeun nuhun kapangatur waktu panataacara anu ku simkuring dipihormat ka dewan juri anu dipiati kaibu guru miwah bapa guru anu di tungu-tungu oge karerencangan simkuring anu masih kenehcalik di bangku SD anu sararae tur harade, Dina danget ieu sim abdi anu teudisangki-sangki tiasa ngadeg di payuneun para wargi, turta tiasa cumarita dipayuneun para ibu miwah para bapa, sanes bae ku tiasa jeung biasa sim abdingiring lomba, ngan sim abdi hoyong tiasa nyarita ku basa sunda dinangadugikeun biantara.Tangtosna tatar pasundan anu endah taya duana dibarengan ngajdikeunurang betah cicing didinya di lembur matuh banjar karang pamidangan tempatngiuhan tina hujan, tempat niis lamun burang reureuh ngampih lamun peuting,cai wahangan cur-cor tina sungapan maseuhan sawah numuwuhkeun pare nu bisa kapetik hasilna kaala buahna. Tuh pan lamun tea mah lembur ku urang tetep dijaga kaendahana teu diruksak ku leungeunleungeun sarakah nu matak jadi teu endah, cobi tinggal dikota-kota tos sesah mendakan sawah, tos jarang aya pancuran. Tos dibangun molpangbalanjaan anu megah nepika teu merhatikeun bahayana,Mangpangmeungpeun hirup di lembur anu ,asih keneh asri kuring mah hayang jaga tetep kieu rangkongna sora bangkong, reangna sora jangrik jeung recetnasora tongeret mapag sareupna wanci kaburitnakeun. Kaendahan tangtu lana mun jalma sadar nyaah jeung miarana enya-enya teu jorok ka lembur sorangan, miceun runtah dina tempatna, kai teu dituar sangeunahna ahirna alam mere akibatna.Mangpangmeungpeun hirup ayeuna yu urang jaga lembur pamatuhan, nuendah taya papadana ku urang keur urang anu urang.Sakitu anu kapihatur nanging sateuacana sim kuring gaduh sisindiran Ngalamun mubuy bakakak Mawa dahan tina tulangMun lembur tuluy di ruksak Musibah datang, kaendahan oge ilangMung sakitu anu kapihatur,sateuacan amit mungkur nyuhunkeun dihapunten boh bilih aya kalepatan sareng kakirangan bobot pangayon timang taraju aya dipara ibu, jembar hampura anu diteda aya di para bapa, titi surti sarta ngarti ayadi dewan juri.Ditutup ku dua Ragi sabeulah di banjar diremetkeun duananaPamugi aloh ngaganjar nyalamekeun sadaya Wabilahi taufik wal hidayah, warido wal inayah Wassalamualaikum Wr. Wb.

You might also like