You are on page 1of 20

Lutung Kasarung

Kacaturkeun di nagara Pasir Batang, Prabu Tapa Ageung ti pramswari Niti Suwari kagungan putra tujuh, istri wungkul. Nu kahiji kakasihna Purbararang, nu kadua Purbandah, nu katilu Purbadwata, nu kaopat Purbakancana, nu kalima Purbamanik, nu kagenep Purbaleuwih jeung nu katujuh Purbasari. Ngaraos parantos sepuh, Prabu Tapa Ageung ngersakeun ngabagawan, bad tatapa di leuweung. Nu dicadangkeun ngagentos ngeuyeuk dayeuh ngolah nagara th lain Purbararang putra cikal, tapi bet Purbasari, putra bungsu. Atuh munasabah ba, Purbararang asa kaunghak. Amarahna teu katahan, asa dihina asa ditincak hulu. Purbasari diusir ti dayeuh dibuang ka Gunung Cupu. Kacaturkeun di Kahiangan, Guruminda, putra dwata cikalna, titisan Guriang Tunggal, ngimpn gaduh garwa anu sarupa jeung Sunan Ambu. Saur Sunan Ambu, Jung, geura boro pijodoeun hidep. Aya nu sakarupa jeung Ambu. Tapiulah torojogan, anggo heula ieu raksukanlutung! Jangglk Guruminda minda rupa jadi lutung, katelah Lutung Kasarung. Kocap deui di nagara Pasir Batang. Prabu Tapa Ageung ngersakeun hayang tuang daging lutung. Nya nimbalan Lngsr kudu ments Aki Panyumpit ngala lutung ka leuweung. Aki Panyumpit gasik ngasruk leuweung nangan lutung. Tapi dadak sakala, leuweung jadi sepi taya sasatoan. Bororaah sato kayaning peucang jeung lutung, sireum og taya nu ngarayap ck wiwilanganana mah. Aki Panyumpit th mh pegat pangharepan. Barang rk mulang, dina tangkal peundeuy bet kabeneran manggih lutung keur guguntayangan. Ari rk disumpit, celengkeung th lutung nyoara: h, Aki, bet kaniaya. Ulah disumpit! Kuring th rk ngaku bapa pulung ka Aki. Hayang betah di dunya, hayang nyaho anu dingaranan karaton. Sukur atuh, sok geura turun, walon Aki Panumpit bengong, aya lutung bisa ngomong. Singhorng Lutung Kasarung ta. Dwata minda rupa turun ka dunya. Lutung Kasarung dibawa ku Aki Panyumpit, dihaturkeun ka karaton. Tapi barang rk dipeuncit, taya pakarang nu teurak. Sang Lutung teu bisa dirogahala. Tungtungna mah, saur Ratu, Lngsr pasrahkeun ba ka anak kami, sugan butuh keur pibujangeun. Nya atuh ku Lngsr dipasrahkeun ka Purbararang. Ari walonna th bet: Dak soth ngabujangkeun, lamun jalma nu utama. Mun lalaki turunan mantri, ari lutung mah sangeuk teuing! Deregdeg lngsr ka putra nu kadua, teu ditampa. Ka anu katilu, nya kitu knh. Pajarkeun th, lain teu hayang nampa, ngan sieun ku Si Tth.

Lngsr mulang deui ka Purbararang, pokna th, Nya sok ba atuh, bisi pajar nampik pasihan rama. Lutung kasarung tetep di karaton. Belenyeng lumpat ngintip para mojang nu lalenjang keur ngagembrang ninun. Keur jarongjong ninun, ari koloprak th taropong Purbararang moncor ka kolong bal. Cing Adi, pangnyokotkeun taropong! Ih, Tth, apan boga bujang lutung, Ck Purbaleuwih. Cing lutung pangyokotkeun taropong di kolong bal! Deregdeg lutung lumpat. Ulang-ileng, top taropong dicokot. Ari brwk th dibbkkeun mani jadi lima, sor disodorkeun! Jurig lutung, taropong aing sabogoh-bogoh dibbkkeun! Lngsr! Teu sudi kami mah, anteurkeun Si Lutung ka Si Purbasari di leuweung! Jut Lngsr turun, Lutung unggeuk, tuluy nuturkeun. Lutung Kasarung ditampa ku Purbasari. h Mama Lngsr, geunig Si Tth aya knh adilna. Kajeun lutung, tamba suwung. Kajeun hideung, tamba keueung nu di leuweung. Kajeun gorng, tamba jemp nu nyorangan. Hatur nuhun bjakeun ka Si Tth. Tutas haturan, Lngsr mulang ka karaton. Caturkeun di sisi leuweung. Purbasari ngagolr dina palupuh sabbk, di hateup welit sajalon. Lutung kasarung ngangres ningal kaayaan putri. Rep Sang Putri disirep. Utun, urang sar jeung kaula. Kula mah banget ku tunduh! Oaah, Sang Putri, lutung mah tara sar jeung manusa, bisi geuleuheun! Reup Putri Purbasari kulem tibra pisan. h, deudeuh teuing. Putri th nalangsa pisan. Aing rk nnda ka Sunan Ambu, neda sapaat para bujangga, niat misalin Sang Putri meungpeung sar, gerentes Lutung Kasarung, Guruminda mamalihan. Raksukan digdogkeun, bray baranang siga bntang, kakaspan Guruminda kahiangan. Panejana tinekanan, sajiadna katurutan. Jleg ngajengglng karatonna, leuwih agrng ti nagara. Purbasari dipangku, dibogkeun dina kasur tujuh tumpang, disimbut sutra banggala, disumpal ku benang emas. Jangglk Gurumiinda jadi lutung deui, tapakur di sisi bal kancana. Kabeungharan jeung kamulyaan Purbasari di gunung kasampir-sampir ka nagara. Purbararang, nu gorng budi ti leuleutik, nu gorng lampah ti bubudak, beuki tambah sirik, beuki tambah ceuceub. Ruparupa akal dikotktak, sangkan aya alesan keur ngarah pati Purbasari.

Mimitna Purbasari diperih pati, kudu bisa mendet parakan Baranangsiang, leuwi Sipatahunan. Mangka saat sapeuting. Mun teu bukti teukteuk beuheung keur tandonna. Ku pitulung Lutung Kasarung, dibantu Sunan Ambu jeung para bujangga, ieu tanjakan th laksana. Tuluy Purbasari dititah ngala bantng ti leuweung. Ku kasaktn Lutung Kasarung, bantng th katungtun ku Purbasari ka nagara. Purbasari dipents nyieun pakarang tatann tm bingkeng jeung jarum potong, jeung ditangtang pahad-had ngahuma. Geus tangtu Purbasari dibr pasir anu pangangar-angarna, ari Purbararang mah di tempat nu had. Tapi Purbasari unggul knh. Rupa-rupa kol Purbararang, antukna Purbasari diajak pangeunah-ngeunah olahan, paloba-loba samping, papanjang-panjang buuk, pageulis-geulis rupa. Tapi rayat jeung jaksa nagara mutus teu welh Purbasari anu unggul. Tungtungna Purbararang pinuh ku hat dir jeung ujub, ngajak pakasp-kasp beubeureuh, Sagornggorngna beubeureuh manhna, da pubuh manusa, kakasih Indrajaya. Sakasp-kaspna beubeureuh Purbasari, lutung. Purbasari lh, tenggekna kari saketokkeun diteukteuk. Cunduk kana waktuna, Lutung Kasarung manggih putri panyileukanana. Putri nu sasorot jeung Sunan Ambu, Purbasari. Lutung Kasarung ngagdogkeun raksukanana, baranyay hurung, jangglk jadi Guruminda deui. Indrajaya ngamuk, tapi teu bisa majar kumaha, kaungkulan kadigjayaanana. Purbasari ngadeg ratu di Pasirbatang, jadi pramswari Guruminda. Ari Purbararang jeung sadrkna nu opat deui, dihukum kudu jadi pangangon. Indrajaya mah dihukum jadi pangarit, dibekelan arit timah. Ngan anu pangais bungsu, Purbaleuwih, anu welasan ti baheula ka Purbasari, ditikahkeun ka Ki Bagus Lembu Halang, ciciptaan tina raksukan Lutung Kasarung jadi papatih di Pasir Batang. Tina Gapura Basa Jilid 2, Karya Drs. Hidayat Suryalaga, spk.

Sumber: http://bujanggamanik.wordpress.com/2008/04/24/lutung-kasarung/

Carita Pantun Ngahiangna Pajajaran

Carita Pantun Ngahiangna Pajajaran Pun, sapun kula jurungkeun Mukakeun turub mandepun Nyampeur nu dihandeuleumkeun Teundeun poho nu barto Nu mangkuk di saung butut Ukireun dina lalangit Tataheun di jero iga!

Saur Prabu Siliwangi ka balad Pajajaran anu milu mundur dina sateuacana ngahiang : Lalakon urang ngan nepi ka po ieu, najan dia kabhan ka ngaing pada satia! Tapi ngaing henteu meunang mawa dia pipilueun, ngilu hirup jadi balangsak, ngilu rudin bari lapar. Dia mudu marilih, pikeun hirup ka hareupna, supaya engk jagana, jembar senang sugih mukti, bisa ngadegkeun deui Pajajaran! Lain Pajajaran nu kiwari, tapi Pajajaran anu anyar, nu ngadegna digeuingkeun ku obah jaman! Pilih! ngaing moal ngahalang-halang. Sabab pikeun ngaing, hanteu pantes jadi Raja, anu somah sakabhna, lapar ba jeung balangsak. Darngkeun! Nu dk tetep ngilu jeung ngaing, geura misah ka beulah kidul! Anu hayang balik deui ka dayeuh nu ditinggalkeun, geura misah ka beulah kalr! Anu dk kumawula ka nu keur jaya, geura misah ka beulah wtan! Anu moal milu ka saha-saha, geura misah ka beulah kulon! Darngkeun! Dia nu di beulah wtan, masing nyaraho: Kajayaan milu jeung dia! Nya turunan dia nu engkna bakal marntah ka dulur jeung ka batur. Tapi masing nyaraho, arinyana bakal kamalinaan. Engkna bakal aya babalesna. Jig geura narindak! Dia nu di beulah kulon! Papay ku dia lacak Ki Santang! Sabab engkna, turunan dia jadi panggeuing ka dulur jeung ka batur. Ka batur urut salembur, ka dulur anu nyorang saayunan ka sakabh nu rancag di hatna. Engk jaga, mun tengah peuting, ti gunung Halimun kadng sora tutunggulan, tah ta tandana; saturunan dia disambat ku nu dk kawin di Lebak Cawn. Ulah sina talangk, sabab talaga bakal bedah! Jig geura narindak! Tapi ulah ngalieuk ka tukang! Dia nu marisah ka beulah kalr, darngkeun! Dayeuh ku dia moal kasampak. Nu ka sampak ngan ukur tegal baladaheun. Turunan dia, lolobana bakal jadi somah. Mun aya nu jadi pangkat, tapi moal

boga kakawasaan. Arinyana engk jaga, bakal ka seundeuhan batur. Loba batur ti nu anggang, tapi batur anu nyusahkeun. Sing waspada! Sakabh turunan dia ku ngaing bakal dilanglang. Tapi, ngan di waktu anu perelu. Ngaing bakal datang deui, nulungan nu barutuh, mantuan anu sarusah, tapi ngan nu had laku-lampahna. Mun ngaing datang moal kadeuleu; mun ngaing nyarita moal kadng. Mmang ngaing bakal datang. Tapi ngan ka nu rancag hatna, ka nu weruh di semu anu sastu, anu ngarti kana wangi anu sajati jeung nu surti lantip pikirna, nu had laku lampahna. Mun ngaing datang; teu ngarupa teu nyawara, tapi mr cr ku wawangi. Ti mimiti po ieu, Pajajaran leungit ti alam hirup. Leungit dayeuhna, leungit nagarana. Pajajaran moal ninggalkeun tapak, jaba ti ngaran pikeun nu mapay. Sabab bukti anu kari, bakal ra nu malungkir! Tapi engk jaga bakal aya nu nyoba-nyoba, supaya anu laleungit kapanggih deui. Nya bisa, ngan mapayna kudu mak amparan. Tapi anu marapayna loba nu arieu-aing pang pinterna. Mudu ardan heula. Engk bakal ra nu kapanggih, sabagian-sabagian. Sabab kaburu dilarang ku nu disebut Raja Panyelang! Aya nu wani ngorhan terus terus, teu ngahiding ka panglarang; ngorhan bari ngalawan, ngalawan sabari seuri. Nyata budak angon; imahna di birit leuwi, pantona batu satangtungeun, kahieuman ku handeuleum, karimbunan ku hanjuang. Ari ngangonna? Lain kebo lain emb, lain mong lain bantng, tapi kalakay jeung tutunggul. Inyana jongjon ngorehan, ngumpulkeun anu kapanggih. Sabagian disumputkeun, sabab acan wayah ngalalakonkeun. Engke mun geus wayah jeung mangsana, baris loba nu kabuka jeung rarang mnta dilalakonkeun. Tapi, mudu ngalaman loba lalakon, anggeus nyorang: undur jaman datang jaman, saban jaman mawa lalakon. Lilana saban jaman, sarua jeung waktuna nyukma, ngusumah jeung nitis, laju nitis dipinda sukma. Darngkeun! Nu kiwari ngamusuhan urang, jaradi rajana ngan bakal nepi mangsa: tanah bugel sisi Cibantaeun dijieun kandang kebo dongkol. Tah di dinya, sanagara bakal jadi sampalan, sampalan kebo barul, nu diangon ku jalma jangkung nu tutunjuk di alun-alun. Ti harita, raja-raja dibelenggu. Kebo bul nyekel bubuntut, turunan urang narik waluku, ngan narikna henteu karasa, sabab murah jaman seubeuh hakan. Ti dinya, waluku ditumpakan kunyuk; laju turunan urang aya nu lilir, tapi lilirna cara nu kara hudang tina ngimpi. Ti nu laleungit, tambah loba nu manggihna. Tapi loba nu pahili, aya kabawa nu lain mudu diala! Turunan urang loba nu hanteu engeuh, yn jaman ganti lalakon ! Ti dinya gehger sanagara. Panto nutup di buburak ku nu ngaranteur pamuka jalan; tapi jalan nu pasingsal! Nu tutunjuk nyumput jauh; alun-alun jadi suwung, kebo bul kalalabur; laju sampalan nu diranjah monyt! Turunan urang ngareunah seuri, tapi seuri teu anggeus, sabab kaburu: warung bak ku monyt, sawah bak ku monyt, leuit bak ku monyt, kebon bak ku monyt, sawah bak ku monyt, cawn rareuneuh ku monyt. Sagala-gala diranjah ku monyt. Turunan urang sieun ku nu niru-niru monyt. Panarat dicekel ku monyet bari diuk dina bubuntut. Walukuna ditarik ku turunan urang keneh. Loba nu paraeh kalaparan. ti dinya, turunan urang ngarep-ngarep pelak jagong, sabari nyanyahoanan maresk caturangga. Hanteu arengeuh, yn jaman geus ganti deui lalakon.

Laju hawar-hawar, ti tungtung sagara kalr ngaguruh ngagulugur, galudra megarkeun endog. Gnjlong saamparan jagat! Ari di urang ? Ram ku nu mangpring. Pangpring sabuluh-buluh gading. Monyt ngumpul ting rumpuyuk. Laju ngamuk turunan urang; ngamukna teu jeung aturan. loba nu parah teu boga dosa. Puguh musuh, dijieun batur; puguh batur disebut musuh. Ngadak-ngadak loba nu pangkat nu marntah cara nu dan, nu bingung tambah baringung; barudak satepak jaradi bapa. nu ngaramuk tambah rosa; ngamukna teu ngilik bulu. Nu barodas dibuburak, nu harideung disieuh-sieuh. Mani sahng buana urang, sabab nu ngaramuk, henteu beda tina tawon, dipalngpng keuna sayangna. Sanusa dijieun jagal. Tapi, kaburu aya nu nyapih; nu nyapihna urang sabrang. Laju ngadeg deui raja, asalna jalma biasa. Tapi mmang titisan raja. Titisan raja baheula jeung biangna hiji putri pulo Dewata. da puguh titisan raja; raja anyar hs apes ku rogahala! Ti harita, ganti deui jaman. Ganti jaman ganti lakon! Iraha? Hanteu lila, anggeus tmbong bulan ti beurang, disusul kaliwatan ku bntang caang ngagenclang. Di urut nagara urang, ngadeg deui karajaan. Karajaan di jeroeun karajaan jeung rajana lain teureuh Pajajaran. Laju aya deui raja, tapi raja, raja buta nu ngadegkeun lawang teu beunang dibuka, nangtungkeun panto teu beunang ditutup; nyieun pancuran di tengah jalan, miara heulang dina caringin, da raja buta! Lain buta duruwiksa, tapi buta henteu neuleu, buaya eujeung ajag, ucing garong eujeung monyt ngarowotan somah nu susah. Sakalina aya nu wani ngageuing; nu diporog mah lain satona, tapi jelema anu nglingan. Mingkin hareup mingkin hareup, loba buta nu baruta, naritah deui nyembah berhala. Laju bubuntut salah nu ngatur, panarat pabeulit dina cacadan; da nu ngawalukuna lain jalma tukang tani. Nya karuhan: tarat hp sawarh, kembang kapas hapa buahna; buah par loba nu teu asup kana aseupan.. Da bonganan, nu ngebonna tukang barohong; nu tanina ngan wungkul jangji; nu palinter loba teuing, ngan pinterna kabalinger. Ti dinya datang budak janggotan. Datangna sajamang hideung bari nyorn kanron butut, ngageuingkeun nu keur sasar, nglingan nu keur paroho. Tapi henteu diwararo! Da pinterna kabalinger, hayang meunang sorangan. Arinyana teu areungeuh, langit anggeus semu beureum, haseup ngebul tina pirunan. Boro-boro dk ngawaro, malah budak nu janggotan, ku arinyana ditwak diasupkeun ka pangbrokan. Laju arinyana ngawut-ngawut dapur batur, majarkeun nangan musuh; padahal arinyana nyiar-nyiar pimusuheun. Sing waspada! Sabab engk arinyana, bakal nyaram Pajajaran didongngkeun. Sabab sarieuneun kanyahoan, saenyana arinyana anu jadi gara-gara sagala jadi dangdarat. Buta-buta nu baruta; mingkin hareup mingkin bedegong, ngaleuwihan kebo bul. Arinyana teu nyaraho, jaman manusa dikawasaan ku sato! Jayana buta-buta, hanteu pati lila; tapi, bongan kacarida teuing nyangsara ka somah anu pada ngarep-ngarep caringin reuntas di alun-alun. Buta bakal jaradi wadal, wadal pamolahna sorangan. Iraha mangsana? Engk, mun geus tmbong budak angon! Ti dinya loba nu ribut, ti dapur laju salembur, ti lembur jadi sanagara! Nu barodo jaradi glo marantuan nu garelut, dikokolotan ku budak buncireung! Matakna garelut? Marebutkeun warisan. Nu hawek hayang loba; nu boga hak marnta bagianana. Ngan nu arling caricing. Arinyana mah ngalalajoan. Tapi kabarrang.

Nu garelut laju rareureuh; laju kakara arengeuh; kabh g taya nu meunang bagian. Sabab warisan sakabh bak, bakna ku nu nyarekel gadan. Buta-buta laju nyarusup, nu garelut jadi kareueung, sarieuneun ditempuhkeun leungitna nagara. Laju narangan budak angon, nu saungna di birit leuwi nu pantona batu satangtung, nu dihateup ku handeuleum ditihangan ku hanjuang. Naranganana budak tumbal. sejana dk marnta tumbal. Tapi, budak angon enggeus euweuh, geus narindak babarengan jeung budak anu janggotan; geus mariang pindah ngababakan, parindah ka Lebak Cawn! Nu kasampak ngan kari gagak, keur ngelak dina tutunggul. Darngkeun! Jaman bakal ganti deui. tapi engk, lamun Gunung Ged anggeus bitu, disusul ku tujuh gunung. Gnjlong deui sajajagat. Urang Sunda disarambat; urang Sunda ngahampura. Had deui sakabhanana. Sanagara sahiji deui. Nusa Jaya, jaya deui; sabab ngadeg ratu adil; ratu adil nu sajati. Tapi ratu saha? Ti mana asalna ta ratu? Engk og dia nyaraho. Ayeuna mah, siar ku dia ta budak angon! Jig geura narindak! Tapi, ulah ngalieuk ka tukang!

Sumber: http://nurahmad.wordpress.com/wasiat-nusantara/uga-wangsit-siliwangi-sunda/

Uga Wangsit Siliwangi (sunda)


Carita Pantun Ngahiangna Pajajaran Carita Pantun Ngahiangna Pajajaran Pun, sapun kula jurungkeun Mukakeun turub mandepun Nyampeur nu dihandeuleumkeun Teundeun poho nu barto Nu mangkuk di saung butut Ukireun dina lalangit Tataheun di jero iga!

Saur Prabu Siliwangi ka balad Pajajaran anu milu mundur dina sateuacana ngahiang : Lalakon urang ngan nepi ka po ieu, najan dia kabhan ka ngaing pada satia! Tapi ngaing henteu meunang mawa dia pipilueun, ngilu hirup jadi balangsak, ngilu rudin bari lapar. Dia mudu marilih, pikeun hirup ka hareupna, supaya engk jagana, jembar senang sugih mukti, bisa ngadegkeun deui Pajajaran! Lain Pajajaran nu kiwari, tapi Pajajaran anu anyar, nu ngadegna digeuingkeun ku obah jaman! Pilih! ngaing moal ngahalang-halang. Sabab pikeun ngaing, hanteu pantes jadi Raja, anu somah sakabhna, lapar ba jeung balangsak. Darngkeun! Nu dk tetep ngilu jeung ngaing, geura misah ka beulah kidul! Anu hayang balik deui ka dayeuh nu ditinggalkeun, geura misah ka beulah kalr! Anu dk kumawula ka nu keur jaya, geura misah ka beulah wtan! Anu moal milu ka saha-saha, geura misah ka beulah kulon! Darngkeun! Dia nu di beulah wtan, masing nyaraho: Kajayaan milu jeung dia! Nya turunan dia nu engkna bakal marntah ka dulur jeung ka batur. Tapi masing nyaraho, arinyana bakal kamalinaan. Engkna bakal aya babalesna. Jig geura narindak! Dia nu di beulah kulon! Papay ku dia lacak Ki Santang! Sabab engkna, turunan dia jadi panggeuing ka dulur jeung ka batur. Ka batur urut salembur, ka dulur anu nyorang saayunan ka sakabh nu rancag di hatna. Engk jaga, mun tengah peuting, ti gunung Halimun kadng sora tutunggulan, tah ta tandana; saturunan dia disambat ku nu dk kawin di Lebak Cawn. Ulah sina talangk, sabab talaga bakal bedah! Jig geura narindak! Tapi ulah ngalieuk ka tukang! Dia nu marisah ka beulah kalr, darngkeun! Dayeuh ku dia moal kasampak. Nu ka sampak ngan ukur tegal baladaheun. Turunan dia, lolobana bakal jadi somah. Mun aya nu jadi pangkat, tapi moal boga

kakawasaan. Arinyana engk jaga, bakal ka seundeuhan batur. Loba batur ti nu anggang, tapi batur anu nyusahkeun. Sing waspada! Sakabh turunan dia ku ngaing bakal dilanglang. Tapi, ngan di waktu anu perelu. Ngaing bakal datang deui, nulungan nu barutuh, mantuan anu sarusah, tapi ngan nu had laku-lampahna. Mun ngaing datang moal kadeuleu; mun ngaing nyarita moal kadng. Mmang ngaing bakal datang. Tapi ngan ka nu rancag hatna, ka nu weruh di semu anu sastu, anu ngarti kana wangi anu sajati jeung nu surti lantip pikirna, nu had laku lampahna. Mun ngaing datang; teu ngarupa teu nyawara, tapi mr cr ku wawangi. Ti mimiti po ieu, Pajajaran leungit ti alam hirup. Leungit dayeuhna, leungit nagarana. Pajajaran moal ninggalkeun tapak, jaba ti ngaran pikeun nu mapay. Sabab bukti anu kari, bakal ra nu malungkir! Tapi engk jaga bakal aya nu nyoba-nyoba, supaya anu laleungit kapanggih deui. Nya bisa, ngan mapayna kudu mak amparan. Tapi anu marapayna loba nu arieu-aing pang pinterna. Mudu ardan heula. Engk bakal ra nu kapanggih, sabagian-sabagian. Sabab kaburu dilarang ku nu disebut Raja Panyelang! Aya nu wani ngorhan terus terus, teu ngahiding ka panglarang; ngorhan bari ngalawan, ngalawan sabari seuri. Nyata budak angon; imahna di birit leuwi, pantona batu satangtungeun, kahieuman ku handeuleum, karimbunan ku hanjuang. Ari ngangonna? Lain kebo lain emb, lain mong lain bantng, tapi kalakay jeung tutunggul. Inyana jongjon ngorehan, ngumpulkeun anu kapanggih. Sabagian disumputkeun, sabab acan wayah ngalalakonkeun. Engke mun geus wayah jeung mangsana, baris loba nu kabuka jeung rarang mnta dilalakonkeun. Tapi, mudu ngalaman loba lalakon, anggeus nyorang: undur jaman datang jaman, saban jaman mawa lalakon. Lilana saban jaman, sarua jeung waktuna nyukma, ngusumah jeung nitis, laju nitis dipinda sukma. Darngkeun! Nu kiwari ngamusuhan urang, jaradi rajana ngan bakal nepi mangsa: tanah bugel sisi Cibantaeun dijieun kandang kebo dongkol. Tah di dinya, sanagara bakal jadi sampalan, sampalan kebo barul, nu diangon ku jalma jangkung nu tutunjuk di alun-alun. Ti harita, raja-raja dibelenggu. Kebo bul nyekel bubuntut, turunan urang narik waluku, ngan narikna henteu karasa, sabab murah jaman seubeuh hakan. Ti dinya, waluku ditumpakan kunyuk; laju turunan urang aya nu lilir, tapi lilirna cara nu kara hudang tina ngimpi. Ti nu laleungit, tambah loba nu manggihna. Tapi loba nu pahili, aya kabawa nu lain mudu diala! Turunan urang loba nu hanteu engeuh, yn jaman ganti lalakon ! Ti dinya gehger sanagara. Panto nutup di buburak ku nu ngaranteur pamuka jalan; tapi jalan nu pasingsal! Nu tutunjuk nyumput jauh; alun-alun jadi suwung, kebo bul kalalabur; laju sampalan nu diranjah monyt! Turunan urang ngareunah seuri, tapi seuri teu anggeus, sabab kaburu: warung bak ku monyt, sawah bak ku monyt, leuit bak ku monyt, kebon bak ku monyt, sawah bak ku monyt, cawn rareuneuh ku monyt. Sagala-gala diranjah ku monyt. Turunan urang sieun ku nu niru-niru monyt. Panarat dicekel ku monyet bari diuk dina bubuntut. Walukuna ditarik ku turunan urang keneh. Loba nu paraeh kalaparan. ti dinya, turunan urang ngarep-ngarep pelak jagong, sabari nyanyahoanan maresk caturangga. Hanteu arengeuh, yn jaman geus ganti deui lalakon.

Laju hawar-hawar, ti tungtung sagara kalr ngaguruh ngagulugur, galudra megarkeun endog. Gnjlong saamparan jagat! Ari di urang ? Ram ku nu mangpring. Pangpring sabuluh-buluh gading. Monyt ngumpul ting rumpuyuk. Laju ngamuk turunan urang; ngamukna teu jeung aturan. loba nu parah teu boga dosa. Puguh musuh, dijieun batur; puguh batur disebut musuh. Ngadak-ngadak loba nu pangkat nu marntah cara nu dan, nu bingung tambah baringung; barudak satepak jaradi bapa. nu ngaramuk tambah rosa; ngamukna teu ngilik bulu. Nu barodas dibuburak, nu harideung disieuh-sieuh. Mani sahng buana urang, sabab nu ngaramuk, henteu beda tina tawon, dipalngpng keuna sayangna. Sanusa dijieun jagal. Tapi, kaburu aya nu nyapih; nu nyapihna urang sabrang. Laju ngadeg deui raja, asalna jalma biasa. Tapi mmang titisan raja. Titisan raja baheula jeung biangna hiji putri pulo Dewata. da puguh titisan raja; raja anyar hs apes ku rogahala! Ti harita, ganti deui jaman. Ganti jaman ganti lakon! Iraha? Hanteu lila, anggeus tmbong bulan ti beurang, disusul kaliwatan ku bntang caang ngagenclang. Di urut nagara urang, ngadeg deui karajaan. Karajaan di jeroeun karajaan jeung rajana lain teureuh Pajajaran. Laju aya deui raja, tapi raja, raja buta nu ngadegkeun lawang teu beunang dibuka, nangtungkeun panto teu beunang ditutup; nyieun pancuran di tengah jalan, miara heulang dina caringin, da raja buta! Lain buta duruwiksa, tapi buta henteu neuleu, buaya eujeung ajag, ucing garong eujeung monyt ngarowotan somah nu susah. Sakalina aya nu wani ngageuing; nu diporog mah lain satona, tapi jelema anu nglingan. Mingkin hareup mingkin hareup, loba buta nu baruta, naritah deui nyembah berhala. Laju bubuntut salah nu ngatur, panarat pabeulit dina cacadan; da nu ngawalukuna lain jalma tukang tani. Nya karuhan: tarat hp sawarh, kembang kapas hapa buahna; buah par loba nu teu asup kana aseupan.. Da bonganan, nu ngebonna tukang barohong; nu tanina ngan wungkul jangji; nu palinter loba teuing, ngan pinterna kabalinger. Ti dinya datang budak janggotan. Datangna sajamang hideung bari nyorn kanron butut, ngageuingkeun nu keur sasar, nglingan nu keur paroho. Tapi henteu diwararo! Da pinterna kabalinger, hayang meunang sorangan. Arinyana teu areungeuh, langit anggeus semu beureum, haseup ngebul tina pirunan. Boro-boro dk ngawaro, malah budak nu janggotan, ku arinyana ditwak diasupkeun ka pangbrokan. Laju arinyana ngawut-ngawut dapur batur, majarkeun nangan musuh; padahal arinyana nyiar-nyiar pimusuheun. Sing waspada! Sabab engk arinyana, bakal nyaram Pajajaran didongngkeun. Sabab sarieuneun kanyahoan, saenyana arinyana anu jadi gara-gara sagala jadi dangdarat. Buta-buta nu baruta; mingkin hareup mingkin bedegong, ngaleuwihan kebo bul. Arinyana teu nyaraho, jaman manusa dikawasaan ku sato! Jayana buta-buta, hanteu pati lila; tapi, bongan kacarida teuing nyangsara ka somah anu pada ngarepngarep caringin reuntas di alun-alun. Buta bakal jaradi wadal, wadal pamolahna sorangan. Iraha mangsana? Engk, mun geus tmbong budak angon! Ti dinya loba nu ribut, ti dapur laju salembur, ti lembur jadi sanagara! Nu barodo jaradi glo marantuan nu garelut, dikokolotan ku budak buncireung! Matakna garelut? Marebutkeun warisan. Nu hawek hayang loba; nu boga hak marnta bagianana. Ngan nu arling caricing. Arinyana mah ngalalajoan. Tapi kabarrang.

Nu garelut laju rareureuh; laju kakara arengeuh; kabh g taya nu meunang bagian. Sabab warisan sakabh bak, bakna ku nu nyarekel gadan. Buta-buta laju nyarusup, nu garelut jadi kareueung, sarieuneun ditempuhkeun leungitna nagara. Laju narangan budak angon, nu saungna di birit leuwi nu pantona batu satangtung, nu dihateup ku handeuleum ditihangan ku hanjuang. Naranganana budak tumbal. sejana dk marnta tumbal. Tapi, budak angon enggeus euweuh, geus narindak babarengan jeung budak anu janggotan; geus mariang pindah ngababakan, parindah ka Lebak Cawn! Nu kasampak ngan kari gagak, keur ngelak dina tutunggul. Darngkeun! Jaman bakal ganti deui. tapi engk, lamun Gunung Ged anggeus bitu, disusul ku tujuh gunung. Gnjlong deui sajajagat. Urang Sunda disarambat; urang Sunda ngahampura. Had deui sakabhanana. Sanagara sahiji deui. Nusa Jaya, jaya deui; sabab ngadeg ratu adil; ratu adil nu sajati. Tapi ratu saha? Ti mana asalna ta ratu? Engk og dia nyaraho. Ayeuna mah, siar ku dia ta budak angon! Jig geura narindak! Tapi, ulah ngalieuk ka tukang!

Sumber: http://maztrie.blogspot.com/2009/05/bojnihqjwdbqhjvcsbkjcncjnbkjwbsk.html

Kembang Panyarikan
Asyhadu alla ilaha ilallah, wa asyhadu anna muham-madar rasulullah. Sang pedah putri manik, sap kaen sang pada herang, nang manik geusan tetep, sing araning menyan, sang limar putih ratna, cur kumancur pangabukti kaula, kang wecan ku-ma ceuk Alloh, ka kawasa, ka pangeran, ka aulia sanga... karo, ka rasulullah muhammad, sim jisim muhammad, sayi-dina muhammad, Alloh huma soli ala sayidina, Alloh Alloh sayidina muhammad. Ya Alloh, sim kuring ngaula pihatur, ngahaturkeun pangabakti, ka wa dalem dingin, ka embah kuwu sangkan ci-rebon girang, nu asal embah pangeran panjunan, jisim kuring kudu melek, piwarangan ki ayip, melek papantunan nu digurit, taya lian, jisim kuring rek nyuhunkeun pitulungna, supayadiparengan berekah salamet, tandang waras waluya, ieu nu rek digurit papantunan, melek ti peuting, marteda ka gusti nu pasti, ka Alloh nu kawasa, ieu maksud-maksad, ngahaturi pangabakti ka wa dalem dingin, sabadegana, ka embah kuwu sangkan cirebon girang, nu asal embah pange-ran panjunan, nuhunkeun idin, ieu dumeh caritaan, bakal ditukil, turunkeuneun ka incu putra, kita mah nyuhunkeun widi, jisim kuring ngahaturkeun pangabakti, saeutik-eutik-keun ge disuhunkeun, ka wa dalem dingin sunan purba, ka sunan kalijaga, ka sang ratu dangiang, turunan widadari pa-tang puluh, tuakeun dagang isun, ka pangeran jurus, ka sangiang ringgit, ka guna kusumah, ka galuh adam babar bu-ana, ka sangiang rancasan, ka gending sanga gending, sanggakeun hatur pangabakti simkuring. Ngahaturkeun pangabakti, ka nu boga kemitan, windu ieu, taun ieu, bulan ieu, poe ieu, peuting ieu, ngahaturkeun pangabakti. Ngahaturkeun pangabakti, ka indung bumi, ka bapa langit, ka indung tilu, ka bapa opat, ka papat pangeran, ka opat pangeran dasar bumi. Ngahaturkeun pangabakti, ka nu boga taun dalapan, bulan duabelas. Ngahaturkeun pangabakti deui, jisim kuring, ka nu pa-ra dedemit sadaya, para dedemitbandung, nu cicing di tengah cai, di birit leuwi, di hulu dayeuh, jisim kuring nuhun-keun deui, rek ngahaleur picatur, mapaykeun caritaan. Sim kuring ngahatur pangabakti, ka para dedemit sadayana, teu diwiji-wiji, saterasna hatur pangabakti, ka urang sawerga maniloka, ka para bujangga, para dewata, para pohaci, para widadari, ka ibu, ka rama, nu aya di sawarga maniloka, nuhunkeunwidi, sim kuring seja ngahaleur pitutur, mapaykeun caritaan. Saterasna hatur pangabakti, jisim kuring, ngahaturkeun pangabakti, ka para wali, ka para nabi, para sahabat, ka para malaikat, ka para wali salapan, ka sapuluh walinunggal. Jisim kuring ngahaturkeun pangabakti, saeutik-eutikeun nu disuhunkeun, mugi ulah janten kabenduan, margi dikota, bilih kurang jungkrang sareatna, saratna, mugi kersa ngahampura, dumeh ieu,

lain ngarajah, lain munah, dumeh cariosan rek ditukil, pikeun pageto, turunkeuneun ka incu putu, ahirjaman, sakitu pihaturna saeutik, jisim kuring, bilih luput nyebut, salah ngucap, mugi kersa ngahampura, ka ituna, ka ieuna, ka sadayana bae, disuhunkeun pitulungna, su-paya berekah salamet, waras waluya, gampang balik, ti laer mandele, mustakil damel jati kaula, bisi deuleu papadang ati, ka ti pati samar, cocokna cop ka ati, estuning estulah saeutik, aki soleh soteh, nu aran di jero kurungan aing, sumebar papadang ati, laer barang, narowongan ka ati sun, ti ka ret, sakaol cet recet, ingetan diguratgurat, timu deui sing kuring, sing kuring na tungtung biwir, sang karancang na tungtung letah, sang ratu...ratu gumilang, rasa sajagat, diri sang ratu luhung, sajagat kabeh, saca maruih inten, sarang tumeka ning badan, kandeg kalangsu, gunung timbal eleh, ka lawe laut, tangkalna ngaheuleut, pepet ka heuleut, gunung raksa cakrabancana, uklah sieuh beuteung ceurik, geus tueuk ceu-rik, geus pajeng munah bae, munahan jeung nyebutkeun, hula ilahuma, ijrail, minkail, isropil, jabrail, isun ring kong koncong, kiyen sadina mangku anggawa nur sakti, isun sakti, kawasa sakti, tak tibakena ciancamaya, wadukan hulu, cit peujit, darma mangjantenkeun, dipegateun jaman ratu maesa berhala, tipadaleman. Bul putih ngaraning kukus, tampalirih ngaraning parukuyan, ratna gumilang ngaraning menyan, kukus aing me-nyan putih, kang ngelun ka manggung, ka sang rumuhun, ka guru putra hyang bayu, guriang tan katingalan, nu lungguh di lingga wulung, nu herang di lingga omas, nu calik dina lemah putih, putih aing jeung tarima, aing nginjeum ka sadang kasaktian, keur naon eta diinjeum, da herang dijero raga, nu putih tunggaling aing, nya aing nu tunggal putih. Bul kukus aing ka handap, kahandapka sang nugrahan, ka basuka ka basuki, ka betara kabetari, ka betara naga raja, ka betari naga danti, pangmancatkeun aing ka sang windu-rarang, mangka terus ka nu ngasuh, mangka datang ka nu wenang, ngenta widi ti nu sakti, mun salah benerkeun aing, mun bener asuhan aing, ku pohaci windurarang, cacap pangkat disalin deui. Iring-iring bukit jati, gunung rompang candra lentang, susukan tanjakan bankjaran kembang, nunjang ka bukit bu-rangrang, nyanghulu ka gunung guruh, cacap pangkat disalin deui. Ahung ku sang rarawana, rawana huriping beurang, tilu pangkat majar ahung, ahung lungguh tanpa buana, aci bumi, aci buana, aci tumang balang paksa, nya sia mah nya nurmaya, ret ka manggung, ret nangkuban, nu hejo awaking, neut malik ti luhur, teu kenging kaluluhuran, teu kenging kalelengkahan, awaking nu seda sakti, awaking nu seda leuwih, dungkuk aing dungkuk sang yuga, sang yuga sang racik seda, nya sia mah nya nurmaya, ret ka manggung, hurung batan kanjut ruyung. Mambrang batan candradita, putih batankembang pacing, ti pakuan renta danti, siliwangi nya pakuan, siliwangi ti pakuan limbangjaya. Kocap, cihaliwung nunjang ngidul, cisadane nunjang ngaler, nunjang ka bukit burangrang, nyanghulu ka gunung guruh, ci peucang ka tebeh wetan, ti tengah cirancamaya, pamuruyan gajah putih, kiruh ti hilir ti girang, ti tengah cinembarang herang, gunung manik mandala tiga kapanten, eusina dewata dua, dua sarerah sagala, keur meujeuh nu ngukus muja, nya kudu make parawanten, make dicokotan deui, ditibakeunna ka tarekate dunia, dalem tapa tarekate nya dunia dalem tapa seuweu ratu nu lalembut, lembut batan me-rang buuk, badag batan merang henca, nu lembut mah seu-weu ratu, nu badag seuweu kaula, sup asup kana parungpung buuk, didamaran tengah poe, parandene teu kadeuleu,

sang ku paeh oray buana, ti manggung, sup asup ka pusereun agung, aya di manggung, sang ku paeh oray buana ti handap, aya di handap, neukteuk beuheung rawana, kula teh megat-keun apus, kumendeng megat jalan kumarintang, bisina mada-madawi, da aing mada-madawi, tes manetes, maya mas, maya lenggang kancana, aing nu nangtung si nguwung-ngu-wung, si dengdang si ngawangngawang, dingaran sumangga wenang, nya aing si anggawenang, ratu patanjala seda, aing nu wisesa di buana pancatengah, basa nyusuk cihaliwung, basa mengkong cisadane, ngababakan di jambudipa, ngadu-dukuh di jambuluwuk, sang batara susuk tunggal, nya aing katelahna, sang batara susuk tunggal. Neda agung nya paralun, neda panjang pangampura, ka sang ratu teja gelangan, cacap pangkat disalin deui. Ahung buta kasundulan, ahung buta kasunian, hol bumi, hol langit, hol manusa, hol setan, manusa lawas, setan lawas, pada sirna, salamet ta kula mipir baribis, ulah sindang barang geusan, cacap pangkat disalin deui. Ahung guruh limanputih lalakina, ahung guru sang seda malela, ahung guru sang seda tunggal, sang tunggal sang rajah punah, sang punah sang darma jati, tanah lemah tukuh bumi, tukuh buana, dat musna sirna, ilang tanpa ka-rana, mulya kara-kara ista, ora bayane, cacap pangkat disalin deui. Ahung guru pucuk hyang bayu, sang pamunahing rajah, hyang nu seda mah puguh bae, maha mulya, pangmu-nahkeun aing itu, pangmunahkeun aing ieu, hyang wisesa, ratu wisesa, aing nu wisesa di buana pancatengah, langit munah, bumi munah, ka punah kapara wisesa, kawisesa ku awaking, sumuwuh pamunah ratu, ngabalungbung tampa puhun, cacap pangkat disalin deui. Hurip nu ngarajah, mangka hurip nu dilalakonkeun, hurip jaya di buana, hurip jaya di kurungan, asup sukma bayu ka kurunganana, hurip jaya di buana, hurip jaya di kurungan, kantun neda mulus rahayuna, sadayana, marteda ka nu kawasa, agung kula nya paralun,neda panjang pangam-pura, cacap pangkat disalin deui. Raden Panji arummangu, raden palawiru, raden kian santang, isun jaluk sora sia, sunda becik, sunda ngawih, sunda babut, iku teka gustine raratu galuh, cacap pangkat disalin deui. Kun paya kun, babu awah, bapa adam, usik nyaring sari nu kasih, neut hudang sarinu rarang, kula mung neda ngaapal, pangaitkeun aing kacapi, mangkana tanghi ti peuting, mangkana hudang ti beurang, mana usik ku pamilih, mana hudang ku tarima, mangka harus batan calung, mangka ngear batan gangsa, roh betan kaula, ngaler-ngetan sora nu reh, sora daek jeung kacapi, nya kacapi nya awaking. Agung kula nya peralun, neda panjang da pangampura. Caturkeun, urang cuang caritakeun, cuang diajar mupulihkeun nu bihari, mopoyakeun nu baheula, diguratkeun, diguritkeun, kana pucuk gebang pondok lontar, ecekan guguluntungan, sabeulit tamba pamali, sakecap tamba buagan, tamba lebur pituturan, tambailang kalagian, bising aya jurig anu nyiliwuri, bising aya setan anu ngewa-ngewa, tamba sepi nu di bumi, tamba rehe nu dibale, tamba euwah-euwah da-tang, palias kula ngadatangkeun mah, da teu nerus narutus, narajang alas, da puguh

lungguhing galuring pantun, ngahudang ngaraga wayang, ngembat papatan caritana nu ba-heula, neda agung kaula nya paralun, neda panjang pangam-pura, bakalan kajenggut tuang kukuncung, kajambak tuang paparas, kacokot tuang jojompong, kahudangkeun tihang panggung, kakipaskeun taken wayang, ti mendi picaritaeun, ti citeres, ti kahiangan, citeres ti kahiangan. Cupu dicupuan deui, diwadahan ku cupu manik, eh.. astagina, dituruban ku mandepun, ditilaman ku sarat tangan, sok teundeun di handeuleum sieup, tunda eta di hanjuang siang, paranti neundeun carita. Nyokot bari ninggalkeun, palias ditunda dinya, diteundeun di jalan gede, handapeun caringinkurung, dibuka ku nu maliwat, gebyar, ku nu sakti tan kabudi, ku nu seda tan kabuka, ku nu bisa ngabujangga, nu rancage di angenna, weruh-weruh wijaksana, suksila raja betara, agung kula nya paralun, neda panjang da pangampura, eusina mustika jalma, tambahan ti citeresan, ti citeres, ti kahiangan, di ngaran panji haleuang, pating derengdeng, pating haleuang, nu menta dilalakonkeunana, eusina putra patutan, putra patimu jeung ratu. Palias kula mun nyaturkeun menak ti sabeulah wetan, watekna mah bising perang tampa sangkan, merangan geger landesan, niat kaula megatkeun ka tampa laranganana. Palias kula mun nyaturkeun menak ti sabeulah kidul, watekna mah bilih perang tampa puhun, merangan geger landesan, niat kaula megatkeun ka tampa laranganana. Palias kula mun nyaturkeun menak ti sabeulah kaler, watekna mah bilih perang tampa seler, merangan geger landesan, niat kaula megatkeun ka tampa laranganana. Palias kula munnyaturkeun menak ti sabeulah luhur, watekna mah bilih perang tampa pulur, merangan geger landesan, niat kaula megatkeun ka tampa laranganana. Palias kula mun nyaturkeun menak ti sabeulah handap, watekna mah bilih perang tampa sadap, merangan geger landesan, megatkeun kaula ka tampa laranganana. Seja kula rek diajar, nyukcruk seuweu ratu nu bahayu, rek mapaykeun seuweu raja nu baheula, anu tuhu urang caturkeun,anu gelar urang caritakeun, pan luput kula ba-yuan, mun salah kula pagahan, mun bener kula asuhan, pindingan, neda agung nya paralun, neda panjang pangampura, ka sadaya nubakal dicarioskeun. Salian ti ratu kulon, lamun kulon kadi katon. Tanjak barat ka pajajaran, nu ngujur dina pangambung, nu salat dina pangucap, nu ngancik dina panitih, seler patih ranggalawe, nu calik dina panitih, nu seler ti ranggalawe, nu tirih ti siliwangi, pencaring ti mundingwangi, pencaring ti mundingwangi, diseuweuan da ratu agung, nu agung di gunung bubut, nu muter di karantenan, nu calik di gajah depa, pangcalikanana ku kuningan, kuningan direka munding, tambaga direka kuda, emas direkakeun gajah, panjangna sadeupa mider, direkakeun gajah depa, eukeurna kumpul mungpulung, sacekan sareanana.

Ngariung para nu jangkung, ngajajar Ujaring cinarios, lampah ratu kembang panyarikan, "mas ratu!, nam buru-buru urang bisi kalepasan, cundukkeun ka ratu, sebakeun ka nu jadi raja". "Kakang bakal sim kuringmah, ti tadi ge moal daek cunduk ka ratu, moal daek seba ka raja, sebab lengoh ka-lempohan, kadar mawa puyuh sahiji, ngerakeun ku deu-ngeun-deungeun, wirang temen ku deungeun-deungeun, tinimbang ka ratu, terus ka raja, urang cuang pulang deui bae, ka nagara urang." "Beu..ana kitu, temen maneh hayang mawa, naon nu dibawa?" "Kakang bakal sim kuring mah, daek-daek dicunduk-keun ka ratu, disebakeun ka menak, ulah peuting, ulah beu-rang peuting ge mangga, lamun mawa anjung-anjung wesi jimat, eusinamunding bulu hiris, kuda bulu landak, embe bulu songket, kalicangket jangjang mayang, papatong jang-jang salaka, jeung bokor salongo, eta kaula daek, lamun mawa barang eta, cunduk ka ratu seba ka menak..mangga." "Beu..payung agung gelang gading, ari ngucap sok sembarangan, di mendi atuh nu kitu ayana?, si kakang sapanjang namgtung bumi, nunjang lemah..kakara ngadenge, anjung wesi bagbagan wesi jimat." "Inggih duka ayana mah dimana..kakang bakal, da kaula ge teu terang, ngan bae numutkeun ari aya ngaranna mah, kudu aya banda barangna." "Bener ceuk pangucap mah gampang, biwir handap jeung nu luhur, tapi nu enya di endi ayana eta?, perkara jimat anjung wesi bagbagan wesi." "Teu langkung sakumaha pangersa sampean, kakang bakal, lamun bae keresa maha, mangga ilari,teu kersa mah sawios, mangga urang cuang pulang deui bae, ka nagara urang." Ditinimbang ku raden, "tinimbang kami teu tepung deui jeung ratu, teu tepang deui jeung raja, kajeun teuing te-lat di jalanan. Peklamun maneh tetela, hayang dibelakeun ku si ka-kang, mangka daek ngantian di dieu, di mega malang!" "Inggih..mangga kakang bakal, kula ngantosan, ulah samarganing taun..bulan, najan windu kula moal welwh ngantos, di dieu di mega malang." "Pek ulah undur kalayuan, ulah leumpang kalayatan, yen kakana teu acan datang, cirining teu acan hasil pamak-sadan." "Inggih mangga kang bakal, kula sanggem ngantosan", "tutug timus perele panteg, kakang ayeuna widian..bayi, sar-ta dungakeun." "Mangga..rek angkat, muga-muga salamet sampean nu angkat, nu dikantun kula, muga-muga diparinan salamet, sarta muga-muga sing laksana paneda, sing hasil nya pa-maksadan."

Kacarios ratukembang panyarikan, gadang ngantun-keun saderek, payung agung gelang gading, di mega malang. "Permisi mas ratu", "mangga launan..leuleuyan, sam-pean kang bakal". Kcarios, ratu kembang panyarikan, ti mega malang, kolear..., kolear..., kolear..., kamana nya ragrag?, kacarios buana pancatengah kaliwat, bening kesit mudunna, paralak, kolear..., gejlig. Ka mana raden nya mudun?, kacarios mudunna raden, ka nagara buana larang, handapeun buana tengah, kuda ramenantak gajah ramenantak, nu kasebat. Sasumpingna raden ka nagara buanan larang, langlang-lingling, kumis baplang sangga dulang, jalma nu taya ka-inggis karisi, taya karempan taya kasieun, ratu kembang pa-nyarikan. "Adi..kuda ramenantak!, gajah ramenantak!, dewek datang teu dihormat adi!" "Ieung..pangampura..lanceuk, pamugi-mugi hampura, kana kaluput-lepat kula, bagea sampean!", "neda adi!", "Tas ti mana sampean?", rek ka mana..raka? "Dewek nu matak ka dieu datang, rek namyakeun kamaneh, coba-coba dewek menta anjung wesi, bagbagan we-si, eusina kuda bulu landak, munding bulu hiris. Embe bulu songket, kalicangket jangjang wayang, papatong jangjang salaka, jeung bokor salongo, sok..lamun gableg, sia serahkeun ka dewek, lamun teu gableg, ancur lemburna, bebas nagara disambut, diwuluku digagacek diurus ku dewek!" "Ieung..raka ari sampean, sok ngaget-ngaget ka kula, bujeng-bujeng kula ngagaduhan nu kitu, ngaranna ge kula kakara nyaho, anjung wesi bagbag jimat." "Sok adi serahkeun ka dewek, ulah bobad ula goro, serahkeunadi!" "Inggih kula teu ngagaduhan, bilih sampean teu percanteun mah, mangga ilari di patempatan kula, goletrak teu aya naon-naon." "Maneh diperih pati, dipalar modar ku dewek, ayeuna luput teu bisa nyerenkeun buktina, anjung wesi bagbagan wesi, menta beja di mana nu aya, bejakeun ka awak sok!" "Ieung..kaula nu matak ge teu ngadenge-denge, bejana nu bogaeun." "Sok bejakeun ka dewek!, ulah bohong ulah bobad, ramenantek!, lamun teu mere barangna, teu mere bejana, ancur leburna, bebas nagarana disambut, diwuluku digagacek, diurus ku dewek!" "Ieung..inggih kula mah, da teu ngadenge-denge beja-na." "Piraku adi?, sok bejakeun ka dewek..sok!"

Kuda ramenantak gajah ramenantak, bakating ku sieun, dumeh aya ponggawa kitu petana, kapaksa. "Ieung..raka!, tapi sampean poma-poma, lamun sampe bisa laksana, ulah bebeja meunang kabar ti awak." "Moal adi!, sok bejakeun!, sok! sok!" "Kula ari terang mah henteu, ngan ngadenge beja wungkul, eta nubogaeun anjung wesi, bagbagan wesi jimat saeusina, kajaba di nagara buananyungcung, kasebat nu bo-gana, kasebat tumenggung rangga walian..raka." "La-la-la..ari buana nyungcung, lebah mendi adi?", "ieu handapeun buana kula, salapis deui", "beu..naha handapeun negara maneh, aya deui buana?" "Inggih ceuk beja mah aya, hiji nagara galendor, anu gaduhna enjang buana, kaduana buana nyuncung, nu gaduh-na tumenggung rangga walian." "Ceuk beja di dieu nu boga?", "enggih leres..raka, ngan sampean upami datang ka sampe bisa, eta nyandak jimat, peupeujeuh ulah bebeja, yen meunang beja ti awak". "Na hade..adi?", "aduh..sing heman, sebab eta tu-menggung rangga walian, kocapna gagah, teuas tulang liat kulit, totosa bojana kulit, alamat sieun dirurug nagara ku-la..raka!" "Beu..kitu adi?", "enggih..leres", "ayeuna dewek permisi adi!", "rek ka mana raka?, alon heula masing tetela, masing nyata", "dewek rek ka nagara buana nyungcung.. adi!" "Inggih leres alon heula, tapi eta perkara di nagara buana nyungcung, tumenggung rangga walian, tohaga perkawis nu jaga negara, pagerna ge paripaos lain awi,lain kayu, lain batu, lain waja, lain beusi", "kutan? ku naon pagerna..adi?". "Kacarita kupara ponggawa bae, saputer karaton nyi-ger, matana lir mata simeut, sadaya pada batoton, nyandak pedang jeung tumbak, gada racak, nyiger saputer karaton, sampean kinten-kinten sanggup?" "Jah..sagala sapira sipil!", "lian ti eta aya deui raka!", "naon adi?", "kacarios aya oray laki, sagede catang kalapa, sampean moal sieun?", "ah..sapala-sapira-sipil!","aya deui raka!", "naon adi?", "tiwuan ge sagede hayam bibit, sampean kinten-kintenna moal sieun?", "ah..sapala-sapira-sipil!", "aya deui raka!", "naon adi!", "waliwis putih sagede tampir, sampean moal sieun?", "sapala-apira-sipil!", "lian ti dinya aya deui raka!", "naon adi!", "hileud sagede gulungan kasur!, sampean moal sieun?", "ah..sapalasapira-sipil!", "aya deui raka!", "naon adi?", "kacaraios ietuk jimat kabuyutan, ngagolang di tengah jalan!", "sapala-sapira-sipil!", "aya deui raka!", "naon adi!", "kampaan beusi ngahalangan jalan, nutup muka ku manehna, sampean kira-kira bisa ngarepeh-keunnana?", "ah..sapala-sapira-sipil!"

"Tah ku kituna raka, lamun sanggem sampean, jeung eta perkawis nu jagana, ponggawa saputer karaton, sakuriling bangking, pada nyandak pakarang, sampean moal si-eun..raka?" "Ah..sapala-sapira-sipil!", ceuk kuda ramenantak, jero atina,"beu..ieu jalma, kitu sipilkieu sipil, kumaha carana, atawakumaha ieu jalma kanyahona?", aneh kuda ramenan-tak. "Aya deui adi?", "enggeus sakaterang kula sakitu, cek bejana bae, da kula terang mah henteu", "ah..ayeuna dewek permisi..adi!", "rek ka mana sampean?", "rek ka buana nyungcung!", "inggih..mangga raka, tapi poma-poma upama sampe dugi ka hasilna, ulah nyebatkeun meunang beja ti awak..raka!", "moal adi!", "sebaba kula sieun dirurug, ku urang nagara buana nyungcung, anu katelah rangga walian", "moal adi!" Kacarios, ratu kembang panyarikan, tutug timus parele panteg, meunang kabar beja, ti kuda ramenantak gajah rame-nantak, lajeng matek ajian panerus bumi, dilalarkeun kalimahna, byar. Ngemplang narawangan, copong molongpong, siga anu mere jalan ka handap, ti nagara buana rarang, lajeng raden teh mudun, ti buana rarang, kolear..., kolear... Kacarios, nyorang ka nagara galendor, nu gaduhna enjang buana. "Wah..ieu ponggawa endi?, ka wani-waningambah ka nagara dieu, kapan kula kabawah perentah, ku tumenggung rangga walian..gih, aya terus kalakuan pan balik!, kon ba-lik!" Kacarios teu diitung najan buta sagedena, bakat kesit, ratu kembang panyarikan mudunna, disepak buta, jeblag!, blak nangkarak, lajeng raden mudun terus, kolear... "Wakadalah..ponggawa, kan maksa-maksa, maksa-maksa temene sabodo..ponggawa!"

Kacarios raden, launa mudun terus, kolear..., kolear..., gemblung. Datang kanagara, kasebat nagara buana nyngcung, handapeun nagara, nagara buana pancatengah. Raden rut-ret ningali, kulon wetan, kaler kidul, barang ningali ka karaton, nyata wadya bala ponggawa, saputer karaton nyiger, matana lir mata simeut bae, pada batoton, nyangking keris, nyandak pedang reujeung tumbak, jeung gadana. "Beu..tetela nyata, teu salah cek beja..yeuh!", teu ana paran solonong, oray sagede catang kalapa!", "o-o-lakada-lah", "kok! kok!", "teu salah ceuk beja, oray sagede catang kalapa!" Raden sanggeus patepang jeung oray, ditonjok oray, jebot!, goletak modar, "wah teu sapira kadigjayaanana oray!" Aya welis sagede tampir, riab cekot, riab, riab, riab..., ditampiling welis, jeblag!, goletak mati, "wah teu sapira kadigjayaan!"

Aya tiwuan sagede-gede hayam bibit, ngong!, ngong!, diteunggeul ku peureup, jebot!, goletak modar, "tiwuan teu sapira mati!"

Sumber: Purnama, Yuzar.2006. Analisa Struktural dan Nilai Cerita Pantun Kembang Panyarikan dari Kabupaten Ciamis (Laporan Hasil Penelitian Balai Kajian Sejarah dan Nilai Tradisional Bandung, 2005) http://uun-halimah.blogspot.com/2008/06/carita-pantun-kembang-panyarikan-jawa.html

You might also like