You are on page 1of 1

Kalayan nyebut asma Alloh SWT anu maha welas tur maha asih dilajengkeun muji syukur ka Mantenna,

sim kuring ngawitan muka ieu acara. Kalayan asmana nu kagungan maksad hajat, Bapa miwah Ibu simkuring ngahaturkeun wilujeng sumping ka para tatamu rombongan calon panganten pameget, mangga dihaturanan linggih. Kalihna ti eta ngahaturkeun nuhun ka para Ibu, para Bapa sareng para saderek tatamu nu sanesna wireh parantos kersa sumping nyumponan pangulem nu kagungan hajat, dupi maksad nu mawi sadayana digingsir linggih teh rehing putranan nu istri wastana neng Fitriyani bade ditikahkeun ka Cep Budi anu ayeuna kaleresan parantos sumping. Teu aya sanes nu kasuhun, pangduana ti sadayana, supados dina lakirabina teh ginanjar rahmat Pangeran. Peryogi ka uninga, runtuyan acara dina raraga upacara walimatul urusy atanapi akad nikah ayeuna teh, nya ieu: 1. 2. 3. 4. 5. 6. 7. 8. Bubuka Pembacaan ayat suci Al-Quran Serah terima/seserahan Akad nikah anu dilaksanakeun ti petugas KUA Khutbah nikah Acara simbolis papasrahan Ramah tamah Penutup

Para bapa, para ibu, para wargi anu sami sami hadir, acara nu kahiji nyaeta bubuka parantos dikawitan. Salajengna diteraskeun kana acara anu kadua nyaeta pembacaan ayat suci Al-Quran anu bade didugikeun ku Ustadz Amung Munawar, mangga nyanggakeun. Salajengna nincak kana acara nu katilu nyaeta seserahan, acara ieu dihaturkeun ka pihak calon panganten pameget, mangga nyanggakeun. Hatur nuhun ka pihak calon panganten pameget, bireh parantos nyanggakeun calon panganten pameget diwuwuh ku cacandakannana. Acara salajengna mangrupi acara panampian seserahan dihaturkeun ka Ustadz H. A. Fahrudin, mangga nyanggakeun. Para wargi anu sami hadir. Nembe ku urang sadayana parantos kasaksen panampian seserahan ku pihak istri, hatur nuhun. Salajengna acara diteraskeun ka akad nikah anu bade dipandu ku petugas KUA anu tempatna di lebet bumi. Sarengsena akad nikah, diteraskeun ka acara seserahan secara simbolis. Rupina tugas simkuring minangka tukang ngatur acara mah parantos rengse. kumargi kitu, bilih salami mancen tugas teh aya tutur langkung kepang halang, bobo sapanon carang sapakan, seueur saur anu teu kaukur, ucap anu teu kaungang-ungang, pondok nyogok panjang nyugak paripaosna. Teu aya sanes neda agung cukup lumur neda jembar hampurana.

You might also like