• Embed Doc
  • Readcast
  • Collections
  • CommentGo Back
Download
 
Upami urang nalungtik atanapi nitenan, geuningan di zaman ayeuna (nu duka ti irahaawalna) terjadi suatu kaayaan nu disebat nyaeta “Tabrakan Peradaban”. Kamajuanperadaban nu teu rata antara beulahan dunya nu hiji jeung nu sejenna,ngabalukarkeun lolobana manusa nu aya di peradaban leuwih hade miboga kamakmurannu jauh leuwih gede ti lolobana manusa nu aya di peradaban leuwih handap. Asupnasistem peradaban nu leuwih maju nu dibawa ku para investor, pebisnis, marketingsareng nu sanesna, ka nagara urang bisa ngarugikeun masyarakat urang nu peradabanaleuwih handap. Naha bet ngarugikeun???? Sabab manusa – manusa di nagaraperadabana leuwih rendah can siap ngarubah atawa ngigelan sistem peradaban nagara2nu leuwih maju. Can siapna urang jang ngigelan peradaban nagara maju, bisadimangpaatkeun jang kamakmuran pribadi nagara 2 maju.Kadang abdi sapagodos sareg prinsipna Urang Baduy nu nutupan maneh tina pangaruhluar. Ku tertutupna Baduy ti pangaruh luar, maka kabasajanan kahuripan sosialmasyarakat Baduy teu kaganggu. Hurip basajan, permasalahan sosial, ekonomi,kesehatan oge basajan. Teu perlu sistem kerja nu rumit, kayaning etos kerja,scheduling, Upah minimum, sareng rea2 deui. Dina soal baju ge, teu butuh nu alus2,cukup komprang jeung kabaya nu warna hideung tea. Meureunan tujuan hidupna geatawa cita2 na ge teu luhur, ngan nikah, ngagedekeun budak, jeung indit ka huma /sawah. Duka dugi ka iraha sistem kieu teh bisa bertahan, da lami lami mah pendudukBaduy ge beuki nambahan. Aya hiji waktu di mana SDA teu nyukupan jang sakumnamasyarakat baduy jero. Tapi dugi ka ayeuna masyrakat Baduy jero teu pernahkakurangan makan, duka pedah pendudukna dibates atau teu nambahan. Dina nambahnage, pada kaluar ti baduy jero jadi baduy Luar.Balik deui ka benturan peradaban, urang nu masih can siap nampa sistem peradabanindustri maju ibaratna leumpang kasesered, memang urang ge ngilu maju tapi urangteu ngadeg panceg, kurang2 na mah mun teu kuat muntang (eta ge mun ayapigeusaneunana) urang bakal labuh, katindih tur katincakan ku nu sejen. Masalahbenturan peradaban muncul lantaran urang teu bisa nyonto, teu bisa niru peradabannagara2 maju, beda jeung Jepang nu bisa niron sacara hade sistem peradaban nagara2Eropa nu mangrupakeun nagara maju.Urang nu can bisa atawa ngarti pisan kana sistem peradaban nagara maju, ujug –ujug kapaksa kudu nyanghareupan listrikisasi, elektronisasi, mesinisasi, atau hal–hal canggih liana. Najan urang can siap, urang kudu narima jeung ngagunakeun hal– hal canggih eta, da mun hanteu mah pasti urang bakal beuki katinggaleun. Kapaksaurang nu ceunah ngagantungkeun hirupna ti hasil agraris, nu teu boga modal gede,kudu mengkonsumsi barang – barang canggih eta nu hargana mahal. Ngahutang kaditu –kadieu jang ngawangun sistem peradaban nu mirip jeung peradaban maju. Tapi hasilngahutang teh geuning jiga nu teu aya tapakna, pangwangunan nu lolobana nganterbatas ka infrastruktur sapertos jalan,listrik, sareng transportasi teu cukupampuh jang nandingan kamajuan nagara maju. Pangwangunan infrastrukutur teu bisangaronjatkeun sacara signifikan pangwangunan industrisialisasi di nagara ieu.Tetep jauh pisan katinggaleunana, utama na mah dina industri nu mroduksi barang –barang hi-Tech, saperti barang – barang elektronik sareng permesinan.Ieu masalah benturan peradaban ieu teh diperparah ku membludakna jumlah pendudukjeung urbanisasi. Efek ti meledakna jumlah penduduk teu bisa kaungkulan ku sistemperadaban urang nu can maju. Nu aya mah lahan pertanian beuki sempit, teu bisanyukupan pangabutuh jalma nu jumlahna beuki meledak. Tungtungna, urang kudungimpor beas jeung bahan tatanen liana ti nagara sejen. Urang memang bisa meulialat – alat atau niron metode tatanen nu modern ti nagara maju, tapi tinimbangkitu, pamarentah nu hayang instan jeung hoream mikir, leuwih milih ngimpor beas.Leuwih alusna masyarakat nyieun sorangan alat – alat modern eta atau ngalakukeunpenelitian, tapi asa pamohalan mun ayeuna mah. Dina ayana ge jiga na moal dianggapku pamarentah, da pamarentah kurang berehan dina mere modal jang pengembanganpenelitian.
of 00

Leave a Comment

You must be to leave a comment.
Submit
Characters: ...
You must be to leave a comment.
Submit
Characters: ...