You are on page 1of 27

TRADISI HAJAT LEMBUR

KU: KELOMPOK 4
AFGHAN NUGRAHA CAHYATI RAHAYU FARHAN NUR ZEIN HAFIDZ FITRI NOPIANTI MIRANTI SEPTIANI SABILA NUR AFIFAH YARIS SOFIAN

XI IPA 4

HAJAT LEMBUR
1. 2. 3. 4. 5. BABARIT SABUMI / HAJAT SURA (AWIRARANGAN) NGARUAT LEMBUR (KAMPUNG CIKONDANG) HAJAT BUMI (KAMPUNG KUTA) HAJAT SAASIH (KAMPUNG NAGA)

1. BABARIT

1.1 HARTI BABARIT


Babarit mangrupakeun salah sahiji adat istiadat sunda keur nyalametkeun lembur. Disebut oge hajat bumi

1.2 WAKTU DILAKSANAKEUN BABARIT


Babarit dilaksanakeun tiap rek ganti taun

1.3 TUJUAN BABARIT

Ngadoakeun ka karuhun kalayan nguningakeun nu ngageugeuh di lembur eta supaya dijauhkeun tina balai atawa musibat

1.4a TATA ACARA


Ketua RW satempat ngumumkeun ka wargana yen rek diayakeun acara babarit. Biasana babarit diayakeun dina wanci panon poe satungtung atawa bada asar. Warga selembur nyangu kos rek lebaran. Terus biasana nyarieun kupat. Warga satempat ngariung di tungtung lembur,biasana sok ngajajar disisi jalan bari mawa sangu,kupat,jeung syarat sajabanna. Warga datang silih tukeran kupat jeung tatangga lainna.kupatna nu hiji langsung digantungkeun dina gantar megat jalan

1.4b TATA ACARA


Acara salajengna ijab (ngadoa) dipimpin ku kokolot lembur (nguningaan ka gusti nu maha suci,kalayan ka para rosul, nabi, wali, alim ulama, karuhun, kalayan ka anu ngageugeuh di tempat eta,supaya urang dibere kaberkahan, kasalametan, jeung dijauhkeun tina bala) Saenggeus eta janur sareng kupat nu bade di gantungkeun dina lawang panto diciduhan sepah (sereh, gambir, apu, jebug) digayem tuluy diburakeun kana eta janur . Terus ngadarahar balakecrakan silih asaan jeung tatangga. Terus baralik bari mawa kupat anu geus didoaan ka imah masing-masing. samemeh asup kaimah gantungkeun heula eta janurna dina luhur panto imah, tujuanna jang nolak bala.

1.5 SYARAT-SYARAT BABARIT


Syarat anu digantungkeun di luhureun panto:
Janur Kupat Salamet Jukut Palias Daun Darangdan

Jukut palias biasa dibungkus ku daun darangdan di beungkeut janur nu nalian kupat Dina nyieun eta syarat kudu sajumlah lawang panto

2. SABUMI / HAJAT SURA

AWIRARANGAN

2.1 HARTI SABUMI / HAJAT SURA


Sabumi atawa Hajat Sura nyaeta ngadoa babarengan di lapang atawa tempat nu kabuka keur menta kasalametan

2.2 WAKTU DILAKSANAKEUNANA SABUMI


Sabumi dilaksanakeun tiap bulan Sura atawa Muharram

3. NGARUAT LEMBUR
KAMPUNG CIKONDANG, PANGALENGAN, BANDUNG

3.1 HARTI NGARUAT LEMBUR


Ngaruat lembur nyaeta ngayakeun salametan keur nyalametkeun lembur

3.2 WAKTU DILAKSANAKEUN NGARUAT LEMBUR


Dilaksanakeun sataun sakali, tiap bulan Safar Dilaksanakeun jam 11.00 s/d 15.00 di poe Salasa atawa Kemis di tengah-tengah lembur

4. HAJAT BUMI
KAMPUNG KUTA, DESA KARANGPANINGGAL, KECAMATAN TAMBAKSARI, KABUPATEN CIAMIS

4.1 HARTI HAJAT BUMI


Hajat bumi nyaeta ngayakeun syukuran kaberhasilan masyarakat kampung kuta tina cocok tanam, utamana padi jeung ngamohon lindungan pepelakan di waktu melak kahareupna

4.2 WAKTU DILAKSANAKEUN HAJA BUMI


Hajat bumi dilaksanakeun antara bulan september nepi ka november

5. UPACARA HAJAT SAASIH


KAMPUNG NAGA, DESA NEGLASARI, KECAMATAN SALAWU, KABUPATEN TASIKMALAYA

5.1 HARTI UPACARA HAJAT SAASIH


Upacara Hajat Saasih nyaeta upacara keur syukuran ka Allah jeung menta berkah tur kasalametan ka karuhun kampung naga

5.2 WAKTU DILAKSANAKEUN HAJAT SASIH


Hajat Saasih biasa dilaksanakeun di tanggal 26, 27, 28 Muharram, 12, 13, 14 Mulud (Rabiul Awal), 16, 17, 18 Rewah (Syaban), 14, 15, 16 Syawal, 10, 11, 12 Rayagung (Dzulkaidah)

You might also like