You are on page 1of 2

DOSA

Ku: Syafira Predeisyanti



Datangna teu karasa
Kawas impian kanari
Jiga nimat jiga sawarga

Tapi lamun pajar geur peuyar
Karasa diri leuwih runcah manan meri
Inget ka basisir tempat balabuh
Di mana layar geus rapuh

Dosa
Leuwih amis manan anggur
Mun seug nembag dada nu diabur
Tapi di mana tumiba lara
Kaduhung poe make ditudung

Duh gusti
Najan ka mana nya indit
Dosa teu weleh ngukuntit




KAMERDIKAAN
Ku: Syafira Predeisyanti

Kamerdikaan teh, jang
Jakut ngemploh sisi jalan
Nu teu weleh katincakan
Ku nu resep mabal jalan

Kamerdikaan teh, jang
Jukut ngemploh di sampalan
Dihakanan ingon aburan
Atawa diararitan
Tapi teu weleh parucukan

Kamerdikaan teh, jang
Waruga aki-aki nu rangkebong
Dada ngagambang panon celong
Teu ari mikiran hutang

You might also like