Welcome to Scribd, the world's digital library. Read, publish, and share books and documents. See more
Download
Standard view
Full view
of .
Look up keyword
Like this
33Activity
0 of .
Results for:
No results containing your search query
P. 1
Dialog Drama Basa Sunda

Dialog Drama Basa Sunda

Ratings: (0)|Views: 6,266 |Likes:
Published by Danx Zumaic Exodus

More info:

Published by: Danx Zumaic Exodus on Feb 05, 2010
Copyright:Attribution Non-commercial

Availability:

Read on Scribd mobile: iPhone, iPad and Android.
download as DOCX, PDF, TXT or read online from Scribd
See more
See less

07/12/2013

pdf

text

original

 
Dialog Drama Basa Sunda Judul : Kalung BerlianPeran:1. Loisel2. Nyi Loisel3. Juragan Mentri George Ramponneau4. Istri Juragan Mentri George Ramponneau5. Nyi Forestier (Nu diijeuman perhiasan)6. Nyi Matilda (Tukang Butik)7. Pulisi8. Tukang Iklan9. Babaturan Loisel10. LatarLatar :Aya hiji wanoja ngaranna Anne.Manéhna téh salahsaurang wanoja anu nya ngora nya hadé rupa,tur pikayungyuneun deuih, ngan hanjakal, sasat goréng milikna baé, bet dikadarkeun jadi anakpagawé. Teu maskawin, teu cita-cita, sumawonna dipikawanoh, diajénan, dipikahéman turdipileuleuheungkeun ku nu gandang tur beunghar mah; nya teu bisa majar kumaha, ukur sadaya-daya wé basa dikawin ku pagawé leutik ti kantor Déwan Atikan anu ngaranna Loisel. Ayeuna gantingaran jadi Nyi Loisel.Nyi Loisel hirupna basajan, taya bangsana nyenangkeun manéh; ngan orokaya teu bagja, carailaharna golongan manéhna; tuda lain sasaha, pira wanoja ti golongan cacah kuricakan; enya gélaluis tur laluwes tapi da heureut deuleu pondok léngkah, ukur bisa cameubleu di imah.Nyi Loisel teu weléh nguluwut marungkawut, awahing ngarasa diteungteuinganan, da cék pikirnapantesna mah hirupna téh binarung kasenangan. Ari di imah éstuning lieuk euweuh ragap taya,rét ka kénca rét ka katuhu téh ukur bilik nu geus buruk, korsi réyod tur paparabotan butut.Hiji mangsa, wanci sareupna, salakina balik mani hariweusweus bari ngagigiwing amplop badag.
Loisel : “Tah, …keur Nyai.” 
 
Nyi Loisel : …. Nangis…
 
Loisel : “Hih, ari Nyai, panyana téh rék bungah. Nyai
téh kapan tara ka mamana. Ayeuna meunangkasempetan, tur langka deuih kasempetanana gé. Hésé béléké Akang meunang ieu ondangan téh.Batur mah harayang, da puguh nu diondangna gé lain jalma joré-joré. Sok wé sebutan tibangsabaraha urang nu meunang ondangan sarupa kieu. Geura, di ditu mah urang bisa patepung jeung
sakumna bangsa ménak.” 
 
Nyi Loisel : “Na majar kudu kumaha ari meunang nu kitu?”, “Nya naon atuh nu kudu dipaké?” 
 
Loisel : “Kapan aya baju nu ku Nyai dipaké basa urang lalajo sandiwara téa geuning.
Katingalina
ku Akang mah kacida kéwesna…” 
 
Nyi Loisel : “ Ah…, henteu.” 
 
 
Loisel :, “Urang ka Matilda geura, yu. Sabaraha nyah pangajina papakéan nu pantes téh? Nubasajan wé, nu sakirana bisa dipaké jang acara séjénna?” 
 
Nyi Loisel : “Duka atuh sabaraha
-sabarahana mah. Ngan ku kira-kira mah moal kurang ti opat
ratus franc.” 
 
Loisel : “Heug atuh. Ku Akang Nyai rék dibéré duit opat ratus franc. Kahadé sing bisa milih nu alusbajuna.” 
 Latar : Saenggeus Nyi Loisel dibéré duit, manehna geuwat muru ka toko butik Matilda rék mesenbaju. Di toko butik Matilda :
Nyi Loisel : “ Nyi Matilda…, Numananya baju nu pantes kanggo kaondangan Juragan Mentri ?” 
 
Nyi Matilda : “ Ieu, nu saé mah…, bahana sutera asli ti Cina” 
 
Nyi Loisel : “Oh…. Tapi sabaraha pangaosna?” 
 Nyi Matilda
: “Mung…. Tilu ratus tuju puluh lima franc.” 
 
Nyi Loisel : “Sabaraha lami anggeusna ?” 
 
Nyi Matilda : “Tilu dinten gé tos réngsé.” 
 
Nyi Loisel : “Omatnya sing saé!....” 
 
Nyi Matilda : “Sing percantenlah ka abdi!.” 
 Latar : Geus deukeut kana poéan pasamoan, Nyi Loisel katémbongna kalah alum tur beuki guligahbaé. Ari pibajueun téa mah geus méh anggeus dikaputna. Dina hiji peuting pok salakina nanya
Loisel : “Aya naon deui Nyai? Geus aya kana dua tilu poéna Nyai katénjona teu
 
cara sasari?” 
 
Nyi Loisel : “Asa teu pararantes ari taya perhiasan hiji
-hiji acan mah. Teu emas, teu inten. Rékkumaha alus katénjona. Asana mani nyirikeun teuing taya kaboga téh. Lah, asa leuwih hadé tong
tulus baé ka ditu téh.” 
 
Loisel : “Kembang
-kembang atuh tapelkeun. Dina usum kieu mah geura pantes téh kacirina munkembang dijieun papaés. Ku pangaji sapuluh franc gé Nyai bisa maké dua tepi ka tilu kembang
eros nu aralus.” 
 
Nyi Loisel : “Lah, …barina gé aréra teuing pagilinggisik jeung istri nu baleunghar
bari jeungdangdan teu maké perhiasan sasiki-
siki acan.” 
 
Loisel : “Na urang téh belet kabina
-bina! Kapan aya Nyi Forestier. Geura ku Nyai tepungan pikeun
nginjeum perhiasan. Geus wanoh ieu.” 
 
Nyi Loisel : “Aéh, enya!” pokna. “Na mani teu kapikir nya.” 
 Latar :Isukna manéhna nepungan baturna téa ka imahna, terus ngadongéngkeun naon nu keurkarandapan.
Nyi Loisel : “Nyi Forestier, kuring butuh perhiasan pikeun nyumponan ondangan pa Menteri”,
 
 “Kuring kadieu seja rek nginjeum ka anjen” 
 
Nyi Forstier : “Sok wé milih nu mana, Nyi.” 
 
Nyi Loisel : “Nu ieu we, kalung berlian, mani alus pisan…”, “ Nuhun pisan.. Nyi, ké ,lamun enggeusrék geuwat dibalikeun deui”. “Teu nanaon mun nu ieu? Nu ieu wungkul?” 
 
Nyi Forestier : “Hih, atuh pék baé. Piraku teuing dikorétkeun.” 
 Latar :Cunduk kana waktuna pasamoan téa. Teu wudu Nyi Loisel tinemu jeung kabagjaan. Éstupanggeulisna, luis tur luwes, komaraan, amis budi tur hégar. Sakur lalaki nu aya di dinya kabéhneuteup ka manéhna, ngajak pancakaki, tur hayang wawanohan. Sakabéh anggota Kabinét nusarumping pada-pada ngajak ngawalsa ka manéhna. Dalah Juragan Menteri Atikan gé mani rétdeui rét deui.
Babaturan Loisel : “Ngiring bingah Pa Menteri, Bu Menteri” 
 
Juragan Menteri& Istri juragan Menteri : “Nuhun,..” 
 
Loisel : “Ngiring bingah Pa Menteri” 
 
Juragan Menteri : “Nuhun”. “ Loisel, … anjeun bagja boga pamajikan geulis….”, “kahade,… sing at
-
ati bisi aya nu ngécéng!” 
 
Loisel : “Hatur nuhun, Pa Menteri”, “Mugia abdi sing tiasa ngajagina.” 
 
Istri Juragan Menteri : “ Duh…, mani sae kalungna…” 
 
Nyi Loisel : “Hatur nuhun, ah mung sakieu
-
kieuna Bu…” 
 
Juragan Menteri : “ Loisel, … sok tong asa asanya!”, “ sok sing bebas!..” 
 
Istri Juragan Menteri : “ Mangga, dileueut atuh…” 
 
Loisel & Nyi Loisel : “Hatur nuhun….” 
 ------ Nyi Loisel ngobrol jeung Ibu Menteri----------------Loisel jeung babaturannana ----------------
Babaturan Loisel : “Geulis pisan euy, pamajikan manéh téh” 
 
Loisel : “Saha heula atuh,…salakina kasép ogé, nya?” 
 Latar :Manéhna Jigrah, bungah, bungangang, lat poho di kalaipan. Teu rék kitu kumaha, mungguh geushasil ngararasakeun berekahna kageulisan, éstu laksana tinemu bagja. Bagja anu poharameunang pangajén ti balaréa. Sakabéh pamuji, sakur harepan nu nguniang katut kabagjan harita
ku manéhna karasa éstuning gembleng tur pohara ni’m
atna.

You're Reading a Free Preview

Download
/*********** DO NOT ALTER ANYTHING BELOW THIS LINE ! ************/ var s_code=s.t();if(s_code)document.write(s_code)//-->