You are on page 1of 2

BIANTARA BASA SUNDA

Wasta : Dwi Nurini


Kelas : VIII F
Asal Sekolah : SMPN 1 Cimanggung Sumedang

TAREKAH NGEUNAAN SENI TRADISI


Assalamua’laikum Wr.wb.
Alhamdulillahi Robbil ‘Alamin, Alhamdulillahi ladzi hadzana li hadza wamakunna
linahtadya laula an haddzanallah. Laqad ja’akum rosulullahi min Robbina bil haqi
bashiron wanadziro.
Asyhadualla illaha illalloh, waasyhadu anna Muhammadan Rosululloh.
Allohumma sholli ala Muhammad wa’ali Muhammad. Amma Badu.
Bapa miwah ibu girang pangajen hormateun simkuring,
Hadirin anu sami linggih dina ieu pasamoan,
Puji sinareng syukur urang sanggakeun ka Gusti nu Maha Suci anu Maha Welas tur
Maha Asih henteu aya pilih kasih kasugri nu kumelip di ieu bumi, anu parantos maparin
mang rewu-rewu nikmat ka urang sadayana. Ku nikmat sareng hidayah mante-Na dina
danget ieu simkuring tiasa silaturahmi, patepung lawung patepang raray dina acara “
Pasanggiri Biantara Basa Sunda Tingkat SMP sa-Kabupaten Sumedang”.
Solawat miwah salam mugia salamina dilungsurkeun ka jungjunan alam Nabi
Panungtung anu Parantos ngalungsurkeun cahaya ka imanan ka Umatna, Nabi panutan
urang, Nabi Muhammad S.A.W. teu hilap rahmat sareng salam oge di lungsurkeun ka
kulawargana, katut muslimin sareng muslimat sadayana. Amin Ya Robbal a’lamin.
Bapa miwah Ibu girang pangajen anu di hormat.
Langkung tipayun nepangkeun simkuring wasta pun Dwi Nurini, Siswi kelas 8
SMPN 1 Cimanggung. Alhamdulillah dina danget ieu simkuring tiasa ngiring aub janten
patandang dina ieu pasanggiri biantara basa sunda. Maksadna teu aya sanes mung hoyong
diajar nyarios dina basa sunda. Dina ieu waktos simkuring bade nyobi medar perkawis
“Tarekah Ngeunaan Seni Tradisi” . mugia aya mangfaatna kanggo ngahirup-huripkeun
deui ieu seni tradisi anu ayeuna katinggalna meh pareum.
Hirup jeung mekarna kasenian, salawasna luyu jeung kabutuh masyarakatna, tangtu
wae dina kamekaranana oge baris kapangaruhan ku kaayaan lingkungan jeung paneka
jaman. Lamun urang nyoreang ka tukang, fungsi kasenian dina jaman bihari raket patalina
jeung upacara adat. Ari kiwari geus robah jadi pintonan pikeun hiburan. Robahna teh lain
dina fungsina wungkul, tapi deuih dina prak-prakan magelarkeunnana.
Hadirin nu ku simkuring di hormat. salaku urang sunda geus jadi kawajiban urang
pikeun miara tur ngamumule seni tradisi sunda, ulah nepi ka seni tradisi urang teh diaku ku
bangsa deungeun. Contona pakakas Angklung nu kiwari diaku ku malaysia. Ieu kajadian
teh ulah kaalaman anu ka dua kalina. Kumargi kitu, hayu urang wangun Jawa Barat teh jadi
propinsi anu luhur ajen seni tradisina. Tancebkeun tekad sing pageuh, tembrakeun kalawan
jentre, yen urang teh “Nyaah, Bogoh, tur Resep kana seni tradisi Jawa Barat”.
Aya sababaraha tarekah pikeun miara tur ngamumule seni tradisi Sunda, diantarana :
1. Urang kudu bener-bener mikanyaah jeung micinta seni tradisi Jawa Barat
2. Urang sasarengan diajar neuleuman seni tradisi
3. Buktikeun yen seni tradisi Jawa Barat moal eleh ajenna ku seni tradisi bangsa sejen.
4. Ngadu’a ka Gusti Alloh sangkan para nonoman sunda dipaparin hidayah kanggo miara,
ngamumule tur ngajenan seni tradasina.
Bapa miwah Ibu girang pangajen anu di hormat.
Rupina heunteu panjang anu kapisanggem, harepan urang mugia naon anu di pedar
ku simkuring sing aya manfaatna. Seni tradisi Jawa Barat tetep mekar tur nanjeur pikeun
ngigeulan paneka jaman.
Sakitu nu kapihatur, bilih aya basa nu kirang merenah langkung saur bahe carek neda
di hapunten.

Boboko eusi kalapa


Ninggang kana pileuiteun
Abdi bogoh seni sunda
Sieun nepi ka leungiteun

Dahar liwet reujeung peda


Sambelna-sambel tarasi
Mun rumasa urang sunda
Piara seni tradisi

Saninten buah saninten


Dibawa ka parapatan
Hapunten abdi hapunten
Bilih aya kalepatan

Billahi Taufik Walhidayah Wasalamu a’laikum wr.wb.

You might also like