Welcome to Scribd, the world's digital library. Read, publish, and share books and documents. See more ➡
Download
Standard view
Full view
of .
Add note
Save to My Library
Sync to mobile
Look up keyword
Like this
80Activity
×
0 of .
Results for:
No results containing your search query
P. 1
CONTOH ESAI SUNDA

CONTOH ESAI SUNDA

Ratings:

4.0

(1)
|Views: 24,478|Likes:
Published by albaqiatus

More info:

Published by: albaqiatus on Apr 13, 2010
Copyright:Attribution Non-commercial

Availability:

Read on Scribd mobile: iPhone, iPad and Android.
download as PDF, DOCX, TXT or read online from Scribd
See More
See less

12/01/2013

pdf

text

original

 
CONTOH ESAI SUNDAsumber:ajip-rosidi.comDI AJAR MACA
Basa kuring asup ka kelas hiji Sakola Rayat (ayeuna mah Sakola Dasar), dina pangajaranmaca, ngagunakeun buku Diajar Maca (mun henteu salah kitu judulna). Poho deui sahanu ngarangna. Ngan dina éta buku, murid anu kakara diajar maca cara kuring, diajarngéjah. D-i d-i  Didi; Y-o y-o . Yoyo .. W-i w-i .. Wiwi jeung saterusna. Muriddiwanohkeun heula kana aksara, boh anu aya soraan (vokal), boh anu henteu aya soraan(konsonan). Ngan ku lantaran euweuh soraan, aksara lambang konsonan mah sokditambahan ku ©eª heulaeunana. Jadi ©Ed-i .. di, Ew-i . wi, En-a . naª jeung saterusna.Ngajar maca cara kitu téh disebut diajar ngéjah. Ku sabab jumlah aksara Rum anu dinabasa Sunda disebut aksara Latén téh ngan ukur sawatara likur, atuh méméh anggeuskelas hiji ogé murid téh kabéhanana geus apaleun kana sakabéh aksara. Lamun budakgeus apaleun kana sakabéh aksara, hartina manéhna baris bisaeun maca naon baé,pangpangna anu dina basa Sunda atawa dina basa séjén anu sistim éjahanana henteubéda, cara upamana basa Indonésia.Tapi dina taun 1960-an, para sarjana anu kakara mulang diajar di nagara Kanguru dinararaga Rencana Kolombo nganggap yén sistim ngéjah téh tinggaleun jaman. Anudianggap bener mah anu disebut ©sistim globalª. Ari dasar falsafahna nyaéta ku lantaranurang dina waktu nénjo kecap téh henteu saaksara-saaksara tapi sagemblengna, cara ariurang ningal karéta api henteu sagerbong-sagerbong, tapi saruntuyanana. ©Sistim globalªtéh digunakeun di nagara-nagara nu ngagunakeun basa Inggris, sabab dina basa Ingrismah aksara téh henteu salilana sarua diunikeunana, upamana aksara ©uª henteu salilanadiunikeun ©uª, lamun mandiri dibaca ©yuª, tapi lamun di antara dua konsonan sakapeungdibacana ©aª cara dina ©butª, tapi sakapeung ©uª cara dina ©putª. Kitu deui aksara ©iª,lamun mandiri dibaca ©aiª, tapi lamun bareng jeung aksara séjén, béda-bédangunikeunana, sakapeung dibaca ©aiª cara ©timeª dibaca ©taimª, tapi sakapeung dibaca ©iªcara dina ©bitª. Aksara ©aª sakapeung dibaca ©éiª cara dina ©takeª, tapi sakapeung dibaca©aª cara dina kecap ©answerª. Aksara ©oª biasana dibaca ©oª cara dina kecap ©longª, tapilamun aya dua sakapeung dibaca ©aª cara dina ©bloodª, tapi sakapeung ©oª baé nganrada panjang cara dina ©doorª. Sakapeung deui ©oª téh dibaca ©waª cara dina ©onceª.Cindekna sora unggal aksara dina basa Inggris mah henteu angger, béda jeung dinabasa Sunda anu salilana angger. Aksara ©aª diunikeun ©aª sanajan di mana baédiperenahkeunana, jeung dihijikeun jeung aksara naon baé gé. Kitu deui aksara ©uª, ©iª,©oª, ©éª, ©eª, ©euª tara robah unina naha mandiri, naha saheulaeun atawa sapandeurieunkonsonan, atawa di antara dua konsonan, angger baé.Kitu deui aksara konsonan dina basa Sunda mah angger diunikeunana di mana baétempatna. Béda jeung dina basa Inggris, apan konsonan ©gª sakapeung dibaca ©gª caradina kecap ©eggª, sakapeung dibaca ©jª cara dina kecap ©logicª. Kitu deui konsonanrangkep ©ghª (sakapeung diunikeun ©gª cara dina ©ghostª, sakapeung ©hª cara dina©thoughª, sakapeung ©kª cara dina ©loughª), ©tª (sakapeung ©tª cara dina ©hitª, sakapeung©cª cara dina ©tulipª) jeung réa-réa deui.Ku lantaran kitu dina pangajaran maca di nagara-nagara nu ngagunakeun basa Inggrisaya mataajaran anu disebut ©spellingª, nyaéta nu ngajarkeun kumaha nuliskeunana sabankecap. Sabab dina hakékatna basa Inggris mah sarua jeung basa Cina, apan Kanji gésaban kecap téh dilambangkeun ku aksara nu cara nulis jeung garis-garisna kududiapalkeun. Lamun salah nyieun garis atawa garisna aya nu kurang atawa aya nu leuwih,
 
diunikeunana jeung hartina baris béda. Kecap-kecap dina basa Inggris ogé kududiapalkeun susunan aksarana, lamun kaliru baris béda ngunikeunana sarta béda hartinadeuih.Jadi para pakar urang anu ngawanohkeun sistim global dina ngajarkeun maca basaIndonésia jeung Sunda téh, saenyana mah ngan tuturut munding bari henteu ngarti yénpasipatan unggal basa téh béda-béda. Naon anu alus jeung merenah pikeun basaInggris, tacan tangtu merenah jeung alus pikeun basa Sunda jeung Indonésia, sanajanaksara anu digunakeunana sarua tur asalna ti sumber budaya Barat. Komo deui dapikeun ngalaksanakeun sistim global mah, barudak téh kudu dibarengan ku réa maca,hartina kudu réa buku sangkan dina waktu diajar réa papanggih jeung ©runtuyangerbongª anyar. Di nagara-nagara maju tempat para pakar téa diajar, buku geus henteu jadi masalah. Perpustakaan anu lengkep aya di tiap sakola. Béda jeung di urang. Dinataun 1960-an waktu sistim global téa mulai dilaksanakeun, buku masih jadi baranglangka, sarta sakola anu bogaeun perpustakaan masih ancal-ancalan. Akibatna barudakSD nepi ka kelas 4 masih kénéh tacan lancar maca. Hartina jutaan budak jadi korban©ékspériménª para pakar anu kabisana ngan tuturut munding.Luyu jeung pasipatan basa Sunda, aksara Latén anu digunakeun pikeun nuliskeun basaSunda ayeuna paling merenah diajarkeun ku sistim ngéjah cara Ed-i  di, Ew-i .. wi, En-a .. na, Em-o . mo jeung saterusna.Pangajaran maca téh tujuanana sangkan barudak bisa maca, nyaéta bisa ngunikeunruntuyan lambang anu mangrupa aksara téa jadi kecap. Bisa jadi kecapna tacankahartieun ku budak anu macana, tapi ngahartikeun mah léngkah kadua sabada si budakbisaeun macana. Sabada terangeun kana kecapna jeung cara ngunikeunana, lamun tacanngarti kana hartina, si budak bisa nanyakeun ka guruna, ka kolotna, ka lanceukna atawaka babaturanana anu geus ngartieun. Lamun geus nyampak, nanyana bisa kana Kamus.Hanjakal tacan aya kamus éka-basa Sunda anu praktis keur barudak.
G
erakan Kasundaan
 
GEUS lila aya kateusugema di kalangan urang Sunda, ku sabab dina balantikanasional langka urang Sunda anu meunang kapercayaan pikeun nyangkingkalungguhan penting. Éta kateusugema téh sok diupahan ku ngabobodo manéh,ngarasa dianaktérékeun, atawa nyalahkeun sipat urang Sunda anu cenah ©sokngaheulakeun baturª, ©henteu karooh ku kalungguhanª, ©daék éléh sungkanmeunangª, jeung sabangsana.Dianak-térékeun  henteu mustahil. Tapi naon sababna merenahkeun diri jadi©anakª lain jadi ©bapaª atawa ©indungª? Sanajan tangtu baé, masih kudu dipaluruhsacara obyéktif naha enya aya anak téré jeung anak teges di lingkungan nagaraRépublik Indonésia. Naha timbulna rasa dianaktérékeun téh lain ngan ku lantaranmémang urang Sunda éléh dina persaingan nasional anu saenyana mahlumangsung sacara fair?Lamun enya kitu, kateusugema ku nyalahkeun batur téh istuning kaliru. Sabab dialam démokrasi nu jadi dasar nagara Républik Indonésia, saenyana euweuh anaktéré atawa anak teges, henteu aya bapa téré atawa indung téré, da kabeh sélérkalungguhanana sarua satata. Mémang kungsi aya mangsana urang Sundangarasa henteu sugema ku ayana kawijakan ©koª jeung ©nonª pamaréntah anunyababkeun réa urang Sunda anu kapabel nyekel kalungguhan di pamaréntahanJawa Barat digésér ku sabab dianggap ©koª, diganti ku nu henteu kapabel tapianyar datang ti Yogya nu dianggap ©nonª  anu réréana urang Jawa. Kana ayana
 
kawijakan pamaréntah anu maliding sanak, timbul gerakan kasundaan dina taun1950-an nu puncakna ngayakeun Kongrés Pemuda Sunda. Gerakan kasundaanharita babarengan jeung gerakan di daérah-daérah lianna anu pada-pada ngarasahenteu sugema ka pamaréntah Pusat anu didominasi ku urang Jawa anu beukidéngdék ka kénca ku sabab dina Pemilu munggaran (1955) di luar sangkaansareréa, PKI jadi partéy kaopat nu unggul pemilu, nepi ka Presidén Sukarnokeukeuh hayangeun ngawangun ©kabinét kaki empatª. Tapi para formatur kabinétanu ditugaskeun ngawangun ©kabinét kaki empatª téa teu aya nu sanggupeun.Kabinét nu disusun ku PM Ali Sastroamidjojo gagal nyanghareupan gerakan-gerakan daérah, nepi ka bubar. Presidén Sukarno ngaluarkeun ©KonsépsiPresidénª (1957) nu intina dua hal: kahiji, ngawangun Kabinét Gotongroyong anungajak PKI asup jadi anggota kabinét jeung kadua ngawangun Déwan Nasionalanu jadi panaséhat pamaréntah tur anggota-anggotana diwangun ku wakil-wakilgolongan fungsional jeung wakil-wakil daérah, dipingpin ku Presidén ku anjeun.Presidén ku anjeun anu milihan anggotana. Sabada Kabinét Ali Sastroamidjojobubar, Presidén Sukarno ngangkat warganegara Dr. Ir. Sukarno jadi formatursarta ngagunakeun wewenang Panglima Tertinggi dina kaayaan perang (SOB)ngangkat jalma-jalma jadi anggota kabinét nu teu meunang nolak. Nu diangkat jadi Perdana Mentri kabinét nu dingaranan Kabinét Karya téh Ir. DjuandaKartawidjaja, urang Sunda. Tugasna antarana nyanghareupan gerakan-gerakandaérah. Sukarno gé bisaeun nurutan Walanda ngalakukeun adu domba.Para pamingpin gerakan daérah nu umumna para panglima di Sumatera jeungSulawesi (jadi kabéh gé tentara) dina rapat di Sungai Daréh (Januari 1958)ngadongsok presidén sangkan ngabubarkeun Kabinét Karya anu diwangun sacarahenteu sah da presidén diangkat jadi formatur mah ngalanggar UUDS 1950 (nu jadi UUD nu sah harita), bari ngusulkeun sangkan Bung Hatta jeung SultanHamengku Buwono IX asup kana kabinét. Tapi pangdongsokna anu ditungtunganku ultimatum téh henteu diwaro, nya tuluy ngawangun ©kabinét tandinganª PRRI. Akibatna Pamaréntah Pusat ngirimkeun pesawat AURI ngabom Painan. PRRIdianggap ©pemberontakanª. PRRI henteu manggapulia nyanghareupan kakuatanmilitér Pamaréntah Pusat.Kongrés Pemuda Sunda (KPS) diayakeun dina bulan Novémber 1956 ku parapamuda (béda jeung di daérah séjén, lain ku tentara) ngawangun DéwanKomando Pemuda Sunda (DKPS) anu tugasna ngalaksanakeun kaputusan-kaputusan KPS sacara hukum, antarana mangaruhan Konstituante nu anyardiistrénan sangkan ngarobah struktur nagara tina kesatuan jadi federasi. Tapi dinabulan Méi 1957, para anggota DKPS ditangkepan kalawan tuduhan rék ngarobahstruktur nagara sacara illegal. Ditangkepanana waktu keur ngayakeun silaturahmiLebaran nu dituduh ngayakeun rapat gelap. Dokumén Kaputusan KPS nu geusdiumumkeun dina pérs jeung dikirimkeun ka lembaga-lembaga pamaréntah jeungmasarakat, dianggap bukti yén rék ngarombak struktur nagara da dina kaputusanDKPS aya pameredih sangkan nagara kesatuan RI dirobah jadi federasi. Sabadaméh opat taun ditahan tanpa prosés, para angota DKPS dikaluarkeun, datuduhanana teu aya buktina.Sabada para anggota DKPS ditarangkepan tur PRRI jeung Permésta dianggappemberotakan, beunang disebut tara kadéngé aya gerakan kasundaan atawagerakan daérah lianna. Dalah dina widang kasenian, kabudayaan jeung basa ogéhenteu kadéngé kecétna. Tuduhan provinsialistis, séparatis, federalis jeungsabangsa jadi ririwa anu ngareunteutkeun haté jalma anu hayang ngayakeunkagiatan kadaérahan, kaasup ngayakeun kagiatan kasenian jeung kabudayaan.

Activity (80)

You've already reviewed this. Edit your review.
1 hundred reads
1 thousand reads
babahfawwaz liked this
DHe Vic'z liked this
Herdi R Fauzi liked this
Herdi R Fauzi liked this
Novia Prathama liked this

You're Reading a Free Preview

Download
/*********** DO NOT ALTER ANYTHING BELOW THIS LINE ! ************/ var s_code=s.t();if(s_code)document.write(s_code)//-->