You are on page 1of 3

URANG SUNDA KUDU NGAROJONG KANA ATIKAN

PIKEUN SUKSESNA KAWAJIBAN DIAJAR 12 TAUN

Assalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh


Sampurasun…..
Déwan yuri anu ku sim abdi di pihormat, ibu kalih bapa guru nu sami rawuh
di ieu tempat, teu kakantun réréncangan sadaya anu ku sim abdi di pitresna.

Bismillah wiwitan kedalna lisan kairing ku rasa sukur ka Alloh SWT nu Maha
Ghopur tur mihéman, ngancikeun cahaya iman tina galeuh sanubari, mugi sing ulah
pukah deui, komo kudu luncat mulang tali gadang, sing kukuh tur pengkuh teu
unggut kalinduan teu gédag kaanginan.

Sholawat salam nu jadi panyuat rasa tilam katresna, mugi tetep dilélérkeun ka
kanjeng nabi Muhammad SAW, miwah kulawargana, sohabatna tug dugi ka umatna
nu tumut turut kana ajaranana.

Dina kasempetan nu saé ieu dina raraga lomba biantara basa sunda, sim abdi
badé ngabantun judul “Urang Sunda Kudu Ngarojong Kana Atikan, Pikeun Suksésna
Kawajiban di Ajar 12 Tahun”.

Déwan yuri nu ku sim abdi di pihormat,


Masalah atikan mangrupikeun, salah sawios kawajiban kanggé urang
sadayana, milari élmu téh dianjurkeun ku agama boh kupamaréntah, sabab ku ayana
atikan manusa tiasa undak darajatna dibandingkeun jeung manusa nu teu ngagaduhan
atikan. Sakumaha pitutur sepuh “jalmi nu gaduh élmumah calikna pangpayunna,
cohokna pang panjangna iketna pangrubakna”.

Taun ajaran énggal ayeuna nu badé kasampeur, mangrupikeun salah sawios


tatapakan nu énggal pikeun seuweu-siwi tatar galuh Ciamis, pikeun neraskeun sakola
nu sakola dasar ka sakola lanjutan tingkat awal, boh nu ti sakola lanjutan tingkat awal
ka sakola lanjutan tingkat luhur,

1
Déwan yuri nu ku sim abdi dipihormat,
Jawa Barat nu di sebat Pasundan sabagian ageungna urang sunda parantos ti
beh dituna kénéh wanoh kana atikan, sateuacan UNICEF. Dina kamandangna “long
life education” nuntut élmu téh sapanjang hirup, sepuh pini sepuh urang tos
ngawanti-wanti supados seuweu-siwina teu jaranteun jalmi bodo, sateuacan aya
program kawajiban diajar 9 tahun ayeuna rek diundakeun jadi 12 tahun sepuh pini
sepuh sunda tos ngagaduhan kamandang ngeunaan filosopis dina atikan boh dina
wanda kawih, sisindiran, paribasa atawa babasan.

Dina rumpaka kawih anu kieu unggelna:


Néléngnéngkung Néléngnéngkung
Geura gedé geura jangkung
Geura sakola sing jucung
Sangkan jadi jelma luhung

Néléngnéngkung Néléngnéngkung
Geura gede geura jangkung
Mun hidep pareng geus luhung
Poma ulah rek adigung

Filosopis dina wanda kawih diluhur écés tur jéntré, urang sadaya kudu sakola
nyuprih élmu, bari jeung lamun parantos gaduh élmu teu adigung adiguna.

Dina rumpaka sisindiran anu kieu unggelna.


Aya manuk dina pager
Na sukuna aya bola
Lamun urang hayong pinter
Kudu getol kasakola

Baju kutud heureut pola


Dikelin teu dijalujur
Lamun teu cucud ka sakola
Arisin balik kalembur

2
Sihoreng mun urang hoyong pinter teh kudu getol kasakola sabalikna mun
urang teu junun kasakola bakal isin balik kaleumbur.
Déwan yuri nu ku sim abdi dipihormat, Bapa kalih Ibu anu sami rawuh di ieu
tempat, ogé réréncangan saperjoangan nu ku sim abdi dipikatresna,
Agama urang agama islam ngajarkeun umatna pikeun nyuprih élmu dina salah
sawios hadits nabi Muhammad saw.

Hartosna : Nyuprih élmu téh wajib pikeun muslimin jeung muslimat ti kawit na
kandungan dugi ka alam kubur.

Ditegaskeun deui ku sepuh pini sepuh urang sadaya dina babasan “elmu
tungtut dunya siar, sukan-sukan sakadarnya”.

Filosofis nu nyangkaruk dina babasan diluhur, urang sadaya sanés mung ukur
nyuprih élmu wungkul tapi biayana gé kudu disiar, mun pareng geus linuhung ku
élmu kudu siger tengah.
Kumargi kitu hayu urang sukséskeun Wajar Dikdas 12 Taun, rarojong
program pamaréntah supaya urang sadaya janten murangkalih anu pinter bari jeung
bener, cageur bari jeung sing singer. Mun cageur, bageur, bener, pinter, tur singer
insya allah moal kabalinger.
Pamendak pitutur sepuh urang sunda, luyu jeung agama diarigama,
pamungkas:
Sing getol nginum jajamu
Nu guna nguatkeun urat
Sing getol neangan élmu
Nu guna dunya akhérat

Cag, wassalamu’alaikum warahmatullahi wabarakatuh

You might also like