Professional Documents
Culture Documents
Bissmillahirahmaanirrahiimi.
Mimiti jisim kuring nulis ieu kitab, ngalap berkah tina jenengan Allah
ta’ala, nu murah ti dunya ka umat-umatna sakabeh, jeung nu asih di Akherat ka
umat-umatna anu mu’min, ari Rohmatna Allah ta’ala kasalametannana turuna ka
atas panutan urang Kangjeng Nabi Muhammad Shalallohu ‘alaihi wassalam, jeung
ka para sahabatna rawuh kulawargana sakabeh.
Ari ma’rifat ka Allah ta’ala teh wajib di sakabeh jalma mukalaf, tegesna
jalma anu geus aqil baligh, eta wajib teu meunang henteu, karana aya
dawuhannana Kangjeng Nabi Muhammad shalallohu ‘alaihi wassalam kieu :
Awwalu dinni ma’rifatullahi ta’ala
Sundana : Awal –awal Agama eta kudu nyaho heula ka Allah ta’ala,
sababna pang kudu nyaho heula teh, supaya manusa enggoning ngalakonan
ibadahna syah ditarima amal ibadahna ku Allah ta’ala, sabab tadi oge amal teh
kudu kalawan ilmu, upama teu kalawan ilmu batal, tegesna teu jadi, samangsa-
mangsa teu jadi tangtu moal aya mangfa’atna pikeun di Akherat ngan ukur keur
di dunya wungkul.
Tapi dina hal ilmu mangkade kaliru, ari hartina ilmu teh kanyaho, tapi
lain kudu nyaho kana syara, syahna batalna ibadah bae, tapi kudu jeung nyaho
(ma’rifat) ka Allah ka Rasulullah, sabab eta teh ibarat tempat atawa gudangna keur
piwadaheun amal ibadah urang sarerea, ulah teu puguh sokna.
Ibarat lamun di dunya mah ibadah keur ngumpul-ngumpulkeun papaes
imah, saperti meja korsi lomari jeung salianna, ari ma’rifat ka Allah ibarat urang
ngabogaan imah anu pageuh anu gede, nyaeta supaya eta barang-barang nu
beunang hese cape teh merenah puguh tempatna, betah ngeunah dicicingannana,
karana sanajan boga barang loba sarta aralus hargana mahal, upama teu boga
tempat (imahna) rek dimana diteundeunna? Naha rek sina pabalatak di buruan, di
pipir-pipir, atuh cicingna oge piraku rek aya kangeunahannana, da meureun
kapanasan kahujanan, keur mah teu ngeunah dicicingannana teh, barang-
barangna oge tangtu babari ruksak, moal tulus jadi kani’matannana.
Komo deui upama urang boga tekad amal ibadah teh keur bawaeun
engke balik ka Akherat, atuh beuki wajib ma’rifatna ka Allah ta’ala teh, sabab
pikeun tempat pangbalikan tea.
Upama teu dikanyahokeun ayeuna, naha kira-kirana bisa datang engke
kana tempat asal urang tadi? Kapan dina sakaratil maut mah geus moal aya
tanyaeun deui, jeung geus moal boga akal deui ku ngarasakeun kanyeri oge, sabab
ceuk Hadist upama urang lolong tegesna teu nyaho ka Allah ka Rasulullah ayeuna
keur waktu di dunya, engkena di Akherat tetep lolong bae, samangsa-mangsa
lolong tegesna poek di Akherat, atuh beubeunangan urang ti dunya anu beunang
sakitu hese cape teh, rek dibawa kamana?
Ku sabab teu bisa datang ka Allah, kana asal urang tadi sarerea,
palangsiang babawaan teh bakal dibawa utrak-atrok, dibawa asup ka enggon
Siluman, babawaan urang dijieun kakayaan di Nagarana, urang di jieun badegana,
ku sabab eta ayeuna urang meungpeung di dunya, kudu ikhtiar kudu tiung
memeh hujan, tegesna kudu nganjang ka pageto, nyaeta kudu bisa paeh samemeh
paeh, karana lamun teu bisa paeh heula sajero hirup, moal nyaho ka Akherat
karana nyaho ka Akherat teh kudu bisa paeh heula, kapan ceuk dalilna oge :
161
Kitab Jalan Ka’marifatan ka Allah ta’ala Berhubung Jeung Tarekat Haq Maliyah
Ari jalan-jalanna ma’rifat ka Allah ta’ala nyaeta aya dua jalan, aya nu ti
handap ka luhur, jeung aya nu ti luhur ka handap.
Ari anu ti handap ka luhur, nyaeta anu masantren heula, ngaji kitab
Qur’an jeung terus ngalakonan ibadahna rukun anu lima perkara, tah anu kitu teh
ibadah keur jalan ma’rifat ka Allah ta’ala, tapi hanjakal lolobana mah tara
ditepikeun kana ma’rifatna, lantaran kaburu betah, kaburu ngeunah dina asma,
tegesna geus ngarasa ni’mat dina Pal Nunjukna (papan merk nu nuduhkeun
tempat), padahal upama diteruskeun ma’rifat kana dzatna sifatna Allah ta’ala,
piraku teu undak kani’matannana, da gening karek dina asmana wungkul geus
sakitu kani’matannana.
Ari jalan anu ti luhur ka handap, nyaeta anu nyumponan dalil tadi
Awwalu dinni ma’rifatullahi ta’ala, jalanna lain tina masantren wungkul, tapi
kudu jeung ngisat diri nyaeta kudu daek tirakat, kalawan jeung ikhtiar neangan
pigurueunnana, Guru anu Mursyid, sabab moal weruh tanpa Guru, ku sabab eta
mana ku urang kudu disusul? Teu aya deui lian ti tarekatna Wali nu kudu disusul,
sabab eta anu bisa tepi ma’rifat kana sifatna Allah ta’ala nu kasebut Jauhar Awwal
tea, nyaeta hakekatna Muhammad tea, da piraku teu aya leleberannana pikeun
urang sarerea, sababna tadi oge para Wali pangna sakitu poharana tatapa teh
pikeun ngabela umat-umatna Rasulullah supaya bisa baralik deui ka Allah ta’ala.
Ku sabab kitu atuh hayu urang pada teangan ku sarerea eta tarekat wali
teh, sabab upama teu buru-buru kapanggih, tangtu urang moal barisa balik deui
ka asal, pasti nyawa urang engke bakal marakayangan atawa nitis-nitisan, balik
deui ka dunya kana barang anu keuna ku ruksak deui, moal bias nyumponan kana
dalil :
Inna lillaahi wa inna ilaihi raaji’uun
Sundana : Asal ti Allah kudu balik deui ka Allah.
Ku sabab kitu tangtu sarerea oge meureun pada bingung keneh, pada-
pada percaya oge, lantaran urang pada teu ngarasa tadi inditna ti Allah, turunna
ka alam dunya, tapi kusabab dalilna kitu, gancang bae ngaku yen urang asal ti
Allah, tapi ngakuna teh sasemet biwir bae, kapaksa ngaku soteh sieun
disebutkeun kufur kafir karana henteu percaya kana dalil, tapi atina mah keukeuh
poek teu kaharti ku sabab teu karasa. Kusabab eta ayeuna pribados arek mere
panerangan saeutik, malah mandar tiasa percaya sareng karaosna, urang tadi asal
ti Allah kieu katerangannana, urang papay ti handap ka luhur supaya kaharti ku
akal.
Mimiti urang tumarima asal ti mana? Nu kaharti jeung ku umum, urang
asal kaluar teh ti Indung. Teruskeun deui papay ka luhurna, ari Indung asal ti
mana? Tangtu Indung urang teh kaluar ti Nini. Ari nini asal ti mana? Teu salah
deui asal kaluar ti Buyut. Ari Buyut asal ti mana? Tangtu kaluarna ti Bao. Ari Bao
asal ti mana? Nya asalna kaluar ti Janggawareng. Ari Janggawareng asal ti mana?
Tangtu kaluar ti Udeg-udeg. Ari Udeg-udeg asal ti mana? Tangtu asalna kaluar ti
Kakait Siwur, saterusna kitu bae, ti Indungna deui, ti Indungna deui nepi ka Babu
Hawa. Ari Babu hawa asal ti mana? Ku sakaol ceuk Hadist asalna Babu Hawa teh
asal tina iga burungna Nabi Adam. Ari Nabi Adam asal ti mana? Diterangkeun ku
Hadist, asalna Nabi Adam teh tina aci Bumi-Seuneu-Cai-Angin. Ari aci Bumi-
162
Kitab Jalan Ka’marifatan ka Allah ta’ala Berhubung Jeung Tarekat Haq Maliyah
163
Kitab Jalan Ka’marifatan ka Allah ta’ala Berhubung Jeung Tarekat Haq Maliyah
Naon nu kawasa di diri urang teh? Teu aya deui lian ti Hirup, buktina
gening bisa usik.
Iradat hartina Keresa, nyaeta buktina :
Panon bisa ningali
Cepil bisa ngadangu
Baham bisa nyarita
Pangambung bisa ngangseu
Tuh gening bukti, sidik teu pisahna teh, ayeuna mah atuh ngan kari
neangan barangna bae, siga naon sifatna Qudrat atawa sifat Hirup teh? Wajib
pisan kapanggihna supaya bisa kaharti jeung karasana, ulah percaya ceuk beja
kudu nyaho ceuk sorangan.
164
Kitab Jalan Ka’marifatan ka Allah ta’ala Berhubung Jeung Tarekat Haq Maliyah
geuning beda Iman jeung Ma’rifat teh, ana kitu atuh urang percaya
ayana Allah ta’ala teh kudu jeung nyahona (ma’rifat) upama mun teu jeung
sidikna mah tangtu Imanna Iman Taqlid, jadi ngakuna percaya ayana Allah ta’ala
teh ceuk beja ti batur, atawa meunang beja ti kitab bae. Jadi anu kitu faham teh
meh sarerea. Iman ka Allah teh semet percaya kana ayana bae, pedah aya
dadamelanna Bumi jeung Langit. Atuh ana kitu mah sumawonna nu nyekelan
Agama Islam, kapan anu nyekelan Agama sejen-sejen oge pada percaya kana
ayana Allah ta’ala mah, atuh naon bedana Agama Islam jeung Agama-agama
sejen? Pedah eta kitu Agama Islam mah aya rukuna, Syahadat, Shalat, Zakat,
Puasa, Munggah Haji? Kapan dina Agama sejen oge aya Syahadatna , pada aya
Sholatna, ngan beda pertingkahna jeung basana wungkul, maksudna tangtu sarua.
Kapan tadi Agama Islam teh pang luhung-luhungna ti Agama-agama nu sejen da
kapan kieu dalilna oge :
Al insaanu sirri wa anna sirruhu
Sundana : Rasa Muhammad teh nya rasa Allah, Allah Haqna
Muhammad. Tah kitu, anu matak Agama Islam disebut pang luhur-luhurna teh,
lantaran pang parek-parekna ka Allah ta’ala, moal aya allah lamun teu aya
Muhammad, moal aya Muhammad lamun teu aya Allah. Sategesna moal aya Sifat
lamun teu aya Dzat, moal aya Dzat lamun teu aya sifat. Anu matak Kangjeng
Rasulullah disebat Panguluna Rasul, jeung disebut Babuning Roh sakabeh, jadi
Agama Islam pang disebat luhurna teh, nyaeta ku sabab aya haq ma’rifat ka Allah
ta’ala. Kapan bukti Mi’raj, barang beh dieuna mah Kangjeng Gusti Syarif
Hidayatullha Wali Kutub Cirebon, Mi’rajna teh tiasa tepang sareng hakekatna
Kangjeng Nabi Muhammad sholallohu alaihi wassalam, nyaeta anu kasebut
Jauhar Awwal tea, tegesna sifat nu Maha Suci. Saur para Wali mah Sajatining
Hirup atawa Sajatining Syahadat, nyaeta gulungna Dzat jeung Sifatna Maha Suci.
Jadi, sanajan urang oge upama bisa kapanggih mah jeung Tarekat Wali, Insya
Allah bisa tepang sareng Hakekatna Rasulullah. Samangsa-mangsa geus bisa
tepung jeung Hakekatna Rasulullah, kakara urang diaku umatna. Samangsa-
mangsa geus diaku umat Rasulullah, Insya Allah engke bakal dicandak kana
kasalametan Anjeuna, nyaeta kana Kasucian. Upama teu acan kana hakekatna,
tetep teu acan syah urang ngaku jadi umat Rasulullah teh, karana dina rukun
syahna maca Syahadat oge geus diterangkeun dina kitab :
1. Kudu netepkeun heula Dzatna Allah ta’ala
2. Kudu netepkeun heula Sifatna Allah ta’ala
3. Kudu netepkeun heula Asmana Allah ta’ala
4. Kudu Sidik heula ka Rasulullah
Tah gening kitu maca Syahadat teh, gening kudu sidik heula ka
Rasulullah, sabab kumaha bisa netepkeun ayana Allah jeung Rasulullah, upama
teu acan nyaho (ma’rifat) kana sifat-sifatna. Sabab, bisa netepkeun teh, kudu
puguh heula barang-barangna anu ditetepkeunnana. Gening kitu satemen-
temenna maca Kalimah Syahadat teh, lain darapon nyebat bae, karana ari darapon
nyebut bae mah, budak lembut oge pada bisa. Nu matak wajib jeung nyahona,
sabab upama teu jeung nyahona mah, ibarat maca programma bioscoop anu rame,
tapi teu jeung lalajona, naha jadi kani’matan ka urang? Kitu deui sanajan teu maca
programmana, tapi lalajo datang kana tempatna eta bioscoop, naha utama mana?
Utama anu maca programmana tawa utama nu lalajona?
Kitu deui dina bab Agama (Ilmu), nu ngaos atawa nu ngadangukeun
kana ieu kitab, ulah gancang percaya, ulah gancang ngalain-lain, karana ieu zaman
165
Kitab Jalan Ka’marifatan ka Allah ta’ala Berhubung Jeung Tarekat Haq Maliyah
geus alur, pikiran jalma geus naraek, geus teu pati hayangeun dibobodo. Jalma
ayeuna mah dina sagala rupa hayang karasa hayang yakin, sing inget kana
babasan kolot baheula, Batu turun Keusik naek, teu halangan mungguhing
kawenangan Allah, Si kolot jadi bodo, Si budak jadi pinter, jeung kudu inget
mungguh Ilmuna Rasulullah teh aya opat pangkat, nyaeta :
1. Ilmu Sare’at
2. Ilmu Tarekat
3. Ilmu Hakekat
4. Ilmu Ma’rifat
Dina zaman ayeuna mah ilmu ma’rifat anu diarudag-udag teh, hayang
sidik ka Allah ka Rasulullah, da bongan aya dalil :
Wa‘bud robbaka hatta ya’tiyakal yaqiin
Sundana : Nyembah ka Allah teh kudu sidik sarta yakin supaya syah
Dzatna, syah Sifatna, syah Asmana, syah Af’alna. Enggoning ngumbara di alam
dunya teh, sing tepi ka ngarasana teu papisah jeung Allah jeung Rasulullah.
Samangsa-mangsa geus teu ngarasa pisahna jeung Allah jeung Rasulullah beurang
peuting, sugan piraku urang rek goreng tekad, goreng laku saperti sirik pidik, jail
kaniaya ka sasama makhluk, karana tangtu ngarasa isinna, lantaran ngarasa di
poconghok beurang kalawan peuting ku Pangeran. Sagala hal moal disumput
salindungkeun deui, jeung sagala hal kalakuan naon bae, moal make Ujub
Takabur Riya, karana ngarasa geuning diri urang teh Hina Bodo Do’if. Bisa soteh
jadi aya rizki pagawean bisa jadi, sihoreng kalawan pitulungna nu Maha Suci,
nyaeta Qudrat Iradatna anu Kawasa.
Jadi ayeuna oge bisa ditetepkeun, samangsa-mangsa jalma make keneh
kalakuan Sirik Pidik Jail Kaniaya ka sasama makhlukna Allah ta’ala, boh dinu
Ma’siat, boh di Lebe, boh di Santri, boh di Kyai pisan, ciri-ciri eta jalma tacan
ngarasa deukeutna jeung Rasulullah sumawonna jeung Allah ta’ala. Samangsa-
mangsa teu ngarasa deukeutna jeung Pangeran, tangtu laku jeung tekadna cicing
dina Ujub Riya Takabur, sok ngaku aing pinter teu deungeun, ngaku bener aing
teu deungeun, ngaku bisa ngaji aing teu deungeun, ngaku Islam aing teu
deungeun. Jadi jalma kitu teh ngaku boga Qudrat Iradatna sorangan bae, teu
narima kana Qudrat Iradatna Pangeran. Jadi ngarebut atawa mapadani kana
kakawasaannana Allah ta’ala. Kapan teu gampang urang ngaku Islam,
sumawonna taduh-tuduh ka batur, Si itu Islam Si itu Kafir. Karana Islam Kafir
anging Gusti Allah anu uninga jeung nu baris netepkeunnan, kieu katerangannana
:
BAB ISLAM
Ari tegesna Islam teh Suci, beresih tina sagala kokotor, naon anu
ngajadikeun kokotor? Teu aya lian anging nafsu. Ku sabab eta saha bae jalmana di
dunya nu teu boga nafsu? Sumawona di nu jalan ma’siat, sanajan dinu ahli Agama
oge pada katetepan nafsu, komo deui anu make sirik pidik ujub riya takabur,
sanajan nafsu hayang ka dunya oge geus kotor bae. Kieu katerangannana.
Sategesna Islam teh teu dua teu tilu, estu ngan hiji-hijina, malah keur
sahiji teh Gaib. Nyaeta sategesna sifatna Islam teh Nur, tah eta anu teu katetepan
nafsu teh, sabab tadi gening urang keur aya dina Allah Nur mah teu boga nafsu
hayang nanaon. Kitu deui anu Islamna oge teu dua teu tilu, da ngan sahiji-hijina,
nyaeta Kangjeng Rasulullah. Tuh gening jalma mah teu kabagean pangkat Islam,
jalma mah ngan ukur jadi umat, sabab kudu nyaho heula ka Rasulullah jeung
ngalakonan kana parentahna. Lolobana mah ngan ngaku-ngaku wungkul,
sumawonna nyaho ka Rasulullah, kana parentahna oge loba anu teu ngalakonan.
Kapan dina rukun Islam oge diwajibkeun jarah ka Madinah ka Pakuburannana
166
Kitab Jalan Ka’marifatan ka Allah ta’ala Berhubung Jeung Tarekat Haq Maliyah
Ari umat Rasulullah teh haq-haqna mah ngan aya opat, nyaeta :
1. Sahabat Abu Bakar Sidiq, Radiallohu Anhu
2. Sahabat Umar Bin Khatab, Radiallohu Anhu
3. Sahabat Usman Bin ‘Affan, Radiallohu Anhu
4. Sahabat ‘Ali Bin Abi Thalib, Karomallohu Wajhah
Sabab eta anu opat nu sagalang sagulung beurang peuting jeung
Rasulullah, sarta didamel Sahabat (utusannana Rasulullah), tapi ayeuna sarerea
oge meureun terang yen eta Sahabat anu opat teh geus parupus majajina mah, tapi
hakekatna mah teu pupus, aya di badan manusa, kapan Rasulullah oge hakekatna
oge aya di manusa.
1. Hakekat Abu Bakar nyatana Paningal
2. Hakekat Umar nyatana Pangdangu
3. Hakekat Usman nyatana Pangucap
4. Hakekat ‘Ali nyatana Pangangseu
Eta Paningal-Pangdangu-Pangucap-Pangangseu teh gaib kabeh teu aya
rupana. Teh eta hakekatna Sahabat teh, anu matak eta Sahabat anu opat teh kudu
nganyahokeun kana hakekatna Kangjeng Nabi Muhammad Sholallohu ‘alaihi
wassalam, jeung kudu jadi hiji sing bisa ngarasa babarengannana beurang peuting
jeung Rasulullah. Samangsa-mangsa geus teu ngarasa papisahna jeung Rasulullah,
tetep jadi umatna. Tiap-tiap geus jadi umatna tangtu engke bakal
disampurnakeunnana, didatangkeun ka Gusti Maha Suci (asalna), upama teu
nyaho ayeuna mah ka Rasulullah sarta teu ngarasa ngahijina engkena oge
pipisahan bae, nyawa urang moal salah deui tangtu balik deui ka dunya
marakayangan jadi Jurig, Setan, Siluman atawa nitis-menitisna deui ka jalma
atawa ka sato. Samangsa-mangsa nyawa manusa balik deui ka dunya tetep bakal
cilaka asup ka Naraka, engke dina Kiamatna ieu alam dunya, karana ayeuna
nyawa-nyawa manusa anu marakayangan tegesna teu bisa balik ka Allah. Ceuk
basa ayeuna mah keur di Preventief, aya di alam Barjah tunggu-tunggu Landraad,
engke inget bakal aya landratan nu leuwih gede dina Walyaumil Akhiri (kiamatna
ieu alam dunya).
167
Kitab Jalan Ka’marifatan ka Allah ta’ala Berhubung Jeung Tarekat Haq Maliyah
Sundana : Untung ala untung becik papasten ti Allah ta’ala atawa hade
goreng ti Allah ta’ala.
Lebah dieu urang percayana teh ulah kaliru, kudu dipikir dilenyepan
karana tadi Gusti Allah teh sifat Maha Suci. Piraku anu suci make bakal nyiksa,
make bakal ngaganjar engke di Akherat, jadi ana kitu mah Gusti Allah
ngadamelna manusa teh ngalap faedah, kersana rek ngaganjar jeung rek nyiksa.
Lamun kitu mah moal tulus sucina Allah ta’ala teh, tapi urang kudu percaya kana
dalil, urang kudu percaya kana ayana Sawarga Naraka atawa ngeunah teu
ngeunah engke di Akherat, karana ayeuna ge di dunya kembangna geus karasa.
Aya ngeunah jeung teu ngeunah, tapi Sawarga Naraka teh lain ti Allah tapi
sategesna tina tekad ucap jeung pamolah urang keur waktu di dunya, sabab tadi
Gusti Allah ngadamelna manusa teh sakali jadi, henteu nungtutan deui, geus Kun
fayaakun breg sama sakali cukup teu aya kakurangannana. Tapi maparin cukup teh
nyaeta maparin parabotna wungkul, naon parabot ti Allah ta’ala teh? Nyaeta
anggahota saperti leungeun dua, suku dua, panon dua, ceuli dua, irung, baham
jeung nafsu anu opat perkara (Amarah, Loamah, Sawiyah, Mutmainna). Kieu
dawuhannana Allah ta’ala lamun maneh hayang ka Naraka tegesna hayang kana
teu ngeunah, prak bae migawe ‘ala, nyaeta migawe kalakuan anu goreng, da
kapan geus sadia parabotna ti Aing, aya Amarah Lowamah Sawiyah. Kitu deui
lamun maneh hayang ka Sawarga tegesna kana kangeunahan, pek bae geura
migawe becik, hartina migawe kalakuan anu hade, da kapan geus sadia parabotna
ti Aing nyaeta nafsu Mutmainnah. Tah kitu sategesna mah pang aya Sawarga
Naraka di dunya sumawona di Akherat oge, beunang nyieun tina tekad jeung
pamolah urang waktu keur di dunya, kitu deui beubeunangannana oge moal keur
batur, tetep keur milik sorangan, ti dunya nepi ka Akherat.
Jadi ku sabab eta ayeuna urang sarerea mangka ati-ati enggoning
ngajalankeun parabot ti Gusti Allah teh. Kudu make budi jeung pamilih anu
cukup, ulah rek ngagunakeun teuing parabot Amarah Lowamah Sawiah,
kilangbara ari teu dipake pisan mah, atuh ulah loba-loba teuing, sakurang-
sakurangna sing sama timbang jeung ngagunakeun parabot Mutmainnah. Karana
sing awas, eta beubeunangan tina pagawean urang teh engke di Akherat ku Gusti
Allah bakal ditetepkeun, sabeunang-beunangna tina pagawean urang ti
pangumbaraan nyaeta di alam dunya, saboga-bogana moal pahili deui.
Kumaha atuh akalna supaya urang bisa ngalobakeun parabot
Mutmainnah? Teu aya deui akalna lian ti urang kudu bisa nyalindung ka Allah ka
Rasulullah, tegesna ku ma’rifat, tiap-tiap geus ma’rifat tangtu bisa ngarasa
babarenganna beurang jeung peuting jeung Allah jeung Rasulullah. Tiap-tiap geus
ngarasa teu pisah, Insya Allah bisa hade, ibadahna kalawan syah Nagara ge tangtu
aman.
168
Kitab Jalan Ka’marifatan ka Allah ta’ala Berhubung Jeung Tarekat Haq Maliyah
169
Kitab Jalan Ka’marifatan ka Allah ta’ala Berhubung Jeung Tarekat Haq Maliyah
kudu dipake kana ngawaskeun barang anyar anu keuna ku ruksak bae, tapi jeung
kudu dipake ngawaskeun kana hakekat Allah jeung Rasulullah, nyaeta anu
kasebat Qur’anul ‘Adzim anu langgeng tea atawa sifatna hirup, bibitna tujuh bumi
tujuh langit sarawuh eusina kabeh. Tah didinya urang oge asalna jadi sategesna
ngaran ma’rifat ka Allah teh nyaeta anu geus nyaho kalawan Hakim kana hakekat
Allah jeung Muhammad tegesna Jauhar Awwal. Tapi mangkade kaliru,bisi
netepkeun Jauhar Awwal teh kana caangna Panonpoe anu katingal ku panon
kapala, eta mah Jauhar Firid bagian Sawarga Loka (Dewa), tempatna di Gunung
Himalaya. Perkara Johar Awal sajati mah nyaeta anu kasebut Johar Latif, tegesna
gaib moal bisa katingal ku panon kapala, ceuk dalilna kieu :
Ru’yatullaahi ta’ala fii dunya bi’ainil qalbi
Hartina : Ningali hakekatna Allah ta’ala di dunya ku awasna ati, tegesna
ku hakekatna Rasulullah, sabab sifat jalma mah moal aya anu bisa ma’rifat ka
dinya, karana jelema mah ngan ukur dipake tempat ningalina Rasulullah ka Allah
ta’ala. Samangsa-mangsa wujud geus bisa dipake tempat ningalina Rasulullah ka
Allah ta’ala, tangtu ramo urang bisa nyaritakeun yen geus ngaku nyaho ka Allah
ta’ala, lantaran geus dibejaan (dipasihan terang) ku Rasulullah, jadi urang mah
kabawa nyaho kabawa ni’mat ku Rasulullah, ti dunya nepi ka Akherat, moal
sulaya deui sabab geus tetep jadi umatna Rasulullah. Karana ti ayeuna oge geus
teu ngarasa pisahna jeung Rasulullah, lantaran wujud teh beurang jeung peuting
dianggo bae tempat ku Rasulullah ningali ka Allah ta’ala. Samangsa-mangsa geus
ngarasa babarengan beurang peuting jeung nu suci, Insya Allah tekad jeung laku
teh lila-lila kabawa suci. Setan-setan ge moal dareukeut, tapi kitu soteh nu ma’rifat
kalawan tauhidna, ari teu jeung tauhidna mah sulaya bae, sanajan geus boga
tarekatna. Teu ngarasa sieun teu ngarasa isin, jongjon bae tekad jeung lakuna
sakama-kama, jadi nu kitu teh ma’rifatna, ma’rifatna Mikung, tangtu di dunyana
ge moal meunang safa’at ti Rasulullah, di dunyana moal lepot ti kasusah,
kabendon ku nu Maha Suci. Ibarat lampu dikurungan ku semprong anu kotor
geus tangtu kaluarna oge poek, da kudu suci pasuci-suci, suci eusina, suci
cangkangna, kakara jadi, di dunyana moal lepot tina kani’matan, di Akherat pon
kitu deui.
Ku sabab eta poma pisan dulur-dulur anu geus boga jalan ka-
ma’rifatan , tekad jeung laku goreng teh kudu dijaga bener-bener, ulah darapon
nyaho bae, tapi kudu jeung dibarengan ku lakuna jeung tekadna anu hade, sabab
lamun urang ngalakonan pagawean ma’siat ngalanggar hukum Syara, tangtu
urang gancang dibendonna ku Maha Suci langkung beurat, hukuman bongan
nyaho, beda deui jeung nu tacan nyaho, saperti di dunya oge, upama urang
Kampung maling hayam, dihukumna ngan ukur di denda atawa di bui saminggu,
coba lamun Wadana maling hayam hiji, tangtu leuwih beurat hukumannana, jaba
ti leupas pangkatna teh, jeung bari dihukum tikel dua tilu ti si Kampung tadi.
Hukuman bongan geus nyaho kana artikalna, komo anu geus nyaho ka Allah
ta’ala mah, sing inget perjangjian Guru Mursyid (Guru nu geus inkisaf ka
Pangeran) ibadah babarengan doraka pipisahan.
170
Kitab Jalan Ka’marifatan ka Allah ta’ala Berhubung Jeung Tarekat Haq Maliyah
Buktina alam dunya ge eusina ngan tujuh poe, hakekatna nyaeta alam
nu kasebat diluhur, tegesna alam tujuh teh lalakon Allah-Muhammad-Adam, ku
sabab eta wajib dikanyahokeunnana ku sarerea. Upama urang arek nyusul kana
asal. Sabab lamun teu dikanyahokeun ti ayeuna jalan-jalanna jeung barang-
barangna, atuh tangtu bakal sasab, moal bisa balik deui kana asal, sabab teu
kapanggih deui jeung jalanna waktu tadi turun-turunna ti Akherat ka alam dunya.
Ayeuna eta martabat alam tujuh teh, ku jisim kuring rek diterangkeun
sarta make ibarat kalawan dibuktikeun ku gambar, supaya gampang
dihartoskeunnana.
Beureum
Hideung
Koneng
Bodas
Alam Barjah
Seuneu
Angin
Bumi
Cai
171
Kitab Jalan Ka’marifatan ka Allah ta’ala Berhubung Jeung Tarekat Haq Maliyah
Tafsirna
A. Nyaeta alam Ahadiyat, martabat nu Maha Suci, dalilna Dzat Laisa Kamishlihi,
hartina dzat anu teu aya upama.
Bakat kumaha atuh matak teu beunang diupamakeun? Naha bakating
ku kawasana? Atawa bakating ku agungna? Atawa bakating ku hiji-hijina?
Upama bakating ku kawasa, na kapan dina zaman eta mah teu acan aya
dadamelannana, karana ngaran kawasa teh kudu bukti heula nu didamelna.
Kapan dina dina alam Ahadiyat mah sumawona manusa, Akherat jeung alam
dunya ge tacan aya.
Upama bakating ku agungna, da tacan aya nu hina dina di alam
Ahadiyat mah, karana aya basa agung teh saenggeusna aya anu hina.
Upama bakating ku hiji-hijina, da kapan teu acan aya dua zaman eta
mah, sabab ari hiji teh saenggeusna aya nu loba.
Kumaha atuh pihartieunnana? Supaya eta dalil Dzat laisa kamishlihi teh
jadi uni? Kieu upama mufakat mah. Nu matak alam Ahadiyat disebut dalil
Dzat laisa kamishlihi, hartina dzat anu teu aya upama, sategesna nyaeta
bakating ku suci, hartina beresih teu aya sifat-sifat acan sumawonna
jenengannana. Naha rek diupamakeun jeung naon upama teu aya sifatna?
Sabab disaksian deui ku dalil nu Maha Suci teh Bilaa Haifin, hartina teu warna
teu rupa, teu beureum teu hideung, teu poek teu caang, Bilaa Makanin, hartina
teu arah teu engon, teu di kulon teu di wetan, teu di kaler teu di kidul, teu di
luhur teu di handap, tah kitu katerangannana, nu matak nu Maha Suci teu
beunang diupama-upama, sumawonna di engon-engon, dituduh diditu
didieu, lantaran kaburu lain sabab kahalangan ku bukti.
B. Alam Wahdzat martabat sifatna nu Maha Suci. Jadi dina alam Wahdzat mah
nu Dzat Laisa teh jadi Dzat Sifat, rupana caang padang, nyaeta nu kasebut
Jauhar Awwal. Jauhar hartina Cahya, Awwal hartina mimiti. Jadi nya eta nu
pangheula-heulana aya samemeh Bumi jeung Langit, sumawonna manusa.
Tah eta Johar Awal teh nu kasebut hakekat Muhammad tea, kapan ceuk
Hadist oge Muhamad teh awal-awalna pisan, sabab Johar Awal teh Nur,
tegesna cahyana nu Maha Suci. Malah ceuk para Wali mah Sagara Hirup
atawa Sajatining Syahadat, karana gulungna Dzat jeung Sifat atawa Allah
jeung Muhammad dina hakekat.
C. Alam Wahidiyat, martabat Asmana nu Maha Suci, kajadian tina Jauhar
Awwal alam Wahdzat tadi bijil deui sorotna jadi cahaya opat rupa nyaeta
Narun cahya Beureum
Hawaun cahya Koneng
Maun cahya Bodas
Turobun cahya Hideung
Jadi eta cahya anu opat perkara teh, nu disebut Nur Muhammad, ari
Muhammadna mah di Johar Awal, barang eta Nur Muhammad cahya opat
perkara teh. Disebutna Hakekat Adam, nyaeta Asmana nu Maha Suci.
Cahya nu beureum hakekatna lafad Alif
Cahya nu Koneng hakekatna lafad Lam Awal
Cahya nu Bodas hakekatna lafad Lam Akhir
Cahya nu Hideung hakekatna lafad He
Jauhar Awwal jadi hakekatna lafad Tasjid
Sare’atna jadi lafad Allah, jadi eta cahya nu kasebut di luhur teh, nu
ngajadikeun bibit tujuh Bumi tujuh Langit sarawuh eusina kabeh, sanajan
Agama oge ti dinya bae.
172
Kitab Jalan Ka’marifatan ka Allah ta’ala Berhubung Jeung Tarekat Haq Maliyah
173
Kitab Jalan Ka’marifatan ka Allah ta’ala Berhubung Jeung Tarekat Haq Maliyah
174
Kitab Jalan Ka’marifatan ka Allah ta’ala Berhubung Jeung Tarekat Haq Maliyah
175
Kitab Jalan Ka’marifatan ka Allah ta’ala Berhubung Jeung Tarekat Haq Maliyah
TAMAT
*) Dina ieu kitab nerangkeun Rukun Iman mung diterangkeun anu kagenepna
wungkul. Upami palay uninga nu langkung terang kana hiji-hijina, Rukun
Agama, Rukun Islam, Rukun Iman, kedah ngaos Layang Muslimin-Muslimat
jilid I-II-III-IV.
176