You are on page 1of 7

Sajarah

Salian ti aksara Sunda Kuna, kaadaban Sunda ogé kungsi wanoh jeung sababaraha sistim aksara
lianna, di antarana

 aksara Pallawa atawa aksara Pra-Nagari anu dipaké pikeun nuliskeun basa Sangsakerta,
dipaké nepi ka abad ka-7,
 aksara Sunda Kuna anu diturunkeun tina aksara Pallawa.
 aksara Cacarakan atawa aksara Jawa, sacara umum marengan asupna Islam jeung
kaadaban Jawa ka Cirebon (abad ka-16) jeung Priangan (abad ka-17),
 aksara Pegon, utamana di lingkungan pasantrén, ku asupna ajaran Islam ti tatar Arab,
 aksara Latin, mimiti dipaké ahir abad ka-19, diwanohkeun ku pangjajah Walanda.

Sacara resmi, pamaréntah Jawa Kulon ngaliwatan Perda taun 2003 geus ngarojong aksara Sunda
pikeun pakéeun sapopoé. [1]

[édit] Komputerisasi
Komputerisasi aksara Sunda nalika medarna publikasi resmi ngeunaan aksara Sunda ti
Pamaréntah Jawa Kulon. Conto mimiti nyaéta "Aksara Pakuan" dina wanda OTF[2].

Salian ti éta, dina bulan Januari 2006, proposal pikeun ngodekeun Aksara Sunda dina format
Unicode geus dikirimkeun ka konsorsium Unicode [3]. Prosés ieu bakal jalan dua taun lilana.
Diharepkeun dina taun 2008, aksara Sunda geus asup kana susunan Unicode versi 5.0.

[édit] Susunan Aksara Sunda


Aksara Sunda diwangun ku sababaraha komponén, diantarana:

 aksara ngalagena
 vokal mandiri
 aksara swara
 tanda baca
 angka

[édit] Aksara Ngalagena


[édit] Aksara Vokal Mandiri

[édit] Rarangkén

Dumasar kana patempatanana, 14 rarangkén dibagi jadi:

 rarangkén luhur = 5 rupa


 rarangkén handap = 2 rupa
 rarangkén sajajar = 6 rupa

a. Rarangkén luhur

° panghulu, ngarobah sora aksara Ngalagena /a/ jadi /i/.


ᮤExample: ᮊ = ka → ᮊᮤ = ki.
° pamepet, ngarobah sora aksara Ngalagena /a/ jadi /e/.
ᮨExample: ᮊ = ka → ᮊᮨ = ke.
° paneuleung, ngarobah sora aksara Ngalagena /a/ jadi /eu/.
ᮩExample: ᮊ = ka → ᮊᮩ = keu.
° panglayar, nambahan sora /+r/ kana sora asalna.
ᮁExample: ᮊ = ka → ᮊᮁ = kar.
° panyecek, nambahan sora /+ng/ kana sora asalna.
ᮀExample: ᮊ = ka → ᮊᮀ = kang.
b. Rarangkén handap

° panyuku, ngarobah sora aksara Ngalagena /a/ jadi /u/.


ᮥExample: ᮊ = ka → ᮊᮥ = ki.
panyakra, nyalusupkeun sora /+r/ kana sora asalna. Sora panungtung bisa dirobah ku
° rarangkén séjénna.

ᮢExample: ᮊ = ka → ᮊᮢ = kra.
panyiku, nyalusupkeun sora /+l/ kana sora asalna. Sora panungtung bisa dirobah ku
° rarangkén séjénna.

ᮣExample: ᮊ = ka → ᮊᮣ = kla.
c. Rarangkén sajajar

ᮦpanéléng, modifies Ngalagena vowel /a/ jadi /é/.


° Example: ᮊ = ka → ᮊᮦ = ké.
panolong, ngarobah sora aksara Ngalagena /a/ jadi /o/.
°
ᮧExample: ᮊ = ka → ᮊᮧ = ko.
pamingkal, nyalusupkeun sora /+y/ kana sora asalna. Sora panungtung bisa dirobah ku
° rarangkén séjénna.

ᮡExample: ᮊ = ka → ᮊᮡ = kya.
° pangwisad, nambahan sora /+h/ kana sora asalna.
ᮂExample: ᮊ = ka → ᮊᮂ = kah.
° patén atawa pamaéh, ngaleungitkeun sora /a/ aksara Ngalagena.
᮪Example: ᮊ = ka → ᮊ᮪ = k.
[édit] Angka

Dina tulisan, angka diwatesan ku tanda pipa ajeg | ... |.

Conto: |᮲᮰᮰᮸| = 2008


[édit] Conto makéna
[édit] Asmarandana
Éling éling masing éling,
rumingkang di bumi alam,
darma wawayangan baé,
raga taya pangawasa,
lamun kasasar lampah,
napsu nu matak kaduhung,
badan anu katempuhan.

[édit] Ladrang

Aya hiji rupa sato leutik,


Éngkang-éngkang, éngkang-éngkang,
Sok luluncatan di cai,
Ari bangun arék sarupa jeung lancah.

You might also like