You are on page 1of 28

PROPOSAL PANALUNGTIKAN

1. Judul Panalungtikan

INTERPRÉTASI MÉTAFORIS POSTING FACEBOOK BASA SUNDA

2. Kasang Tukang

Masarakat dunya anu sistem komunikasi nagarana ngawenangkeun aksés

téknologi internét, mimiti taun 2004 mikawanoh facebook (saterusna disingget

FB). Teu jauh béda jeung MySpace, Bebo atawa Hi5, FB gelar salaku situs

internét pikeun kalangenan (hobby) anu béh dieuna mekar jadi situs social

networking (jejaring sosial). Nurutkeun http://iptek.tvone.co.id (diaksés 1

Séptémber 2010), dina jero bulan Séptémber 2009 jumlah gembleng akun FB

geus ngahontal 325 juta1. Tina éta jumlah téh, kurang leuwih 50 persen di

antarana saban poé teu weléh aktif ngaksés atawa log in pikeun ngawangun

jaringan sosobatan –boh babaturan anyar, boh babaturan lawas nu tepung deui

dina éta média–, jeung maluruh atawa nepikeun rupa-rupa informasi. Indonésia

nempatan posisi katilu sahandapeun Amerika Serikat jeung Turki, kalawan

pamiarsa aktifna geus ngahontal kurang leuwih 15,3 juta akun.

1
Sacara urutan, facebook gelar pandeuri tapi leuwih dipikawanoh sarta sumebar méh di sakuliah
dunya batan MySpace jeung Bebo anu leuwih sumebar kalawan kerep ukur di wewengkon Amerika
Serikat, atawa Hi5 anu leuwih sumebar di wewengkon Éropa Timur jeung Amerika Selatan. Fakta
lianna némbongkeun yén anu mibanda akun facebook, 70 persen asalna ti wewengkon luareun
Amerika Serikat sarta sumebar méh di sakuliah dunya. Salian ti éta, nurutkeun sawatara katerangan
nu mibanda akun, facebook jadi leuwih populér tibatan situs-situs jejaring sosial lianna, kaasup situs
anu gelarna béh dieu kayaning Twitter, balukar tina leuwih gampang dina prak-prakan
digunakeunana.

1
2

Informasi anu nyampak dina FB biasana mangrupa posting status,

catetan, grafis (foto atawa gambar), jeung pesen. Beh dieuna, aya ogé anu

mangrupa iklan, boh komérsil boh nonkomérsil. Sok sanajan aya watesan-

watesan anu tangtu minangka étika anu lumaku universal –biasana watesan

perkara suku, agama, ras, jeung adat-istiadat–, eusi posting téh éstu teu

kawatesanan. Hartina, sakur anu miboga akun FB bisa nepikeun rupa-rupa

pasualan dina posting sapopoéna, mangrupa béwara, lalayang, artikel,

sawangan, angen-angen, kritik, sindir-sampir, émosi, banyol, jeung salian ti éta.

Médium basa anu digunakeun pikeun nepikeun rupa-rupa informasi dina posting

ogé teu kawatesanan, gumantung kana kamampuh, kahayang, jeung udagan

atawa sasaran pamiarsana.

Gb. 1 Kaca rohang posting dina situs FB


(Foto: www.blog.mybcshop.com)
3

Sakumaha ilaharna widang internét sacara umum, mekarna pamiarsa

jeung pamakéan FB di masarakat dunya tangtu mawa pangaruh, boh positif boh

négatif. Konsép FB mangrupa viral marketing anu bisa nyebar samakta kalawan

gratis, méré pangaruh positif pikeun pamiarsana enggoning ngaraketkeun

duduluran, mikawanoh poténsi diri, sarana pikeun promosi, sarana diskusi, jeung

sarana nepikeun angen-angen atawa sawangan. Éta hal dimungkinkeun sabab

postingan status, pesen, grafis, jeung catetan dina FB sumebar sacara otomatis

dina sistem jaringan sosial anu geus diwangun ku anu nyieun postingan.

Kamekaran FB anu dibarengan ku aksés internét anu leuwih gampang

jeung murah di sakuliah dunya, salian ti méré pangaruh positif téh tangtu baris

ngabalukarkeun ogé ayana pangaruh-pangaruh négatif. Nurutkeun

www.laksamana12.wordpress.com (diaksés 1 Séptémber 2010), dumasar kana

data jeung fakta kajadian-kajadian anu kaalaman ku pamiarsa FB patali jeung

aspék hukum, pangpangna di Indonésia pangaruh négatif FB téh di antarana

jadi sarana pikeun ngahina atawa pencemaran ngaran, nipu, prostitusi, nyulik,

salingkuh, alesan pikeun maéhan manéh, ngaganggu produktifitas gawé, jeung

nyebarkeun paham-paham atawa idéologi anu pasalia jeung konsép nagara

Indonésia, adat-istiadat, atawa agama. Salian ti éta, sok sanajan postingan FB

anu dimuat henteu miboga maksud atawa udagan anu sipatna négatif,

pamahaman anu béda-béda ti séwang-séwang pamiarsa réa anu

ngabalukarkeun munculna pacogrégan, boh sacara pribadi boh sacara hukum.

Contona, postingan anu maksudna heureuy bisa dianggap serius atawa ngahina,

nganyerikeun haté, jeung ngagogoréng, anu béh dieuna bisa dipasualkeun

ngaliwatan hukum pidana jeung perdata.


4

Pasualan sakumaha anu kasebut di luhur, lumangsung dina hirup kumbuh

manusa sapopoé. Dina hirup kumbuh sapopoé, manusa moal leupas tina

komunikasi. Nurutkeun panalungtikan, kurang leuwih 70% waktu anu kasorang

ku unggal jalma dina sapoéna digunakeun pikeun ngayakeun kagiatan

komunikasi. Ngaliwatan komunikasi, manusa ngawangun hiji sistem silipikaharti

pikeun numuwuhkeun duduluran, ngariksa rasa silipikanyaah, mekarkeun

pangaweruh, jeung ngamumulé peradaban. Ngaliwatan komunkasi ogé, manusa

bisa numuwuhkeun pacogrégan, ngagelarkeun rasa mumusuhan, silipikangéwa,

ngahalang-halang kamajuan, jeung mendet munculna pamikiran-pamikiran

anyar (Rakhmat, 2007:vii).

Nurutkeun Langer (Sunarto, 2008:21), béh dieuna manusa mekarkeun

komunikasi dina hirup kumbuhna teu saukur pikeun nyumponan kabutuhan

pokona, tapi mekarkeun ogé kabutuhan anu sipatna leuwih luhur dina wangun

usaha pikeun paham kana ma’na-ma’na anu leuwih abstrak. Ma’na-ma’na

abstrak diciptakeun jeung dipaké ku manusa dina wangun sistem tanda atawa

simbol. Ngaliwatan sistem simbol, manusa ngawangun komunikasi lain saukur

pikeun ngungkulan pasualan pragmatis sapopoé, tapi aya ma’na lianna anu

némbongkeun sistem ajén-inajén jeung sawangan hirupna. Éta hal luyu jeung

pamanggih Talcott Parsons (Sunarto, 2008:21) anu nyebutkeun yén kabudayaan

enas-enasna mah ngagugulung perkara ma’na, nepi ka gumantung pisan kana

sistem simbolisme. Ku kituna, sistem simbol geus jadi padoman pikeun minuhan

kabutuhan manusa –primér, sékundér, atawa kantétanana– nepi ka sistem ajén-

inajén jeung sistem simbol komunikasi ngawangun hubungan anu dalit dina hiji

kabudayaan.
5

Pikeun tujuan komunikasi, manusa ngagelarkeun basa anu hakékatna

mangrupa lambang sora anu dihasilkeun ku pakakas ucap manusa kalawan

puguh éntép seureuhna tur ragem di antara anggota masarakatna. Basa

salawasna diwangun ku dua adegan, nya éta adegan cangkang (lahir) jeung

adegan eusi (batin). Nurutkeun Sudaryat (1987:9), adegan cangkangna basa téh

mangrupa sistem sora manusa anu dihasilkeun ku pakakas ucapna, sedengkeun

adegan eusi mah mangrupa eusi nu dipimaksud ku sistem sora atawa mangrupa

kedalan rasa, pikiran, jeung kahayang nu aya dina sistem sora waktu campur

gaul. Adegan eusi unggal basa ngawangun sistem simbol. Basa salaku sistem

simbol hiji komunitas téh ngagambarkeun kumaha papada anggota dina éta

komunitas némbongkeun perkara ma’na jeung sistem ajén-inajén anu jadi

cecekelanana.

Métafora mangrupa salasahiji cara nepikeun ma’na ngaliwatan simbol-

simbol. Tanda anu sacara literer geus mibanda ma’na (référénsi) pikeun

némbongkeun hal anu dipimaksud sacara dénotatif (référén), digunakeun dina

sistem simbol lianna anu ngagelarkeun konsép analogi. Ngaliwatan analogi, gelar

ma’na anu leuwih jembar atawa ma’na anyar tina unggal lambang sora omongan

patali jeung hal atawa barang anu dipimaksudna.

Biasana papada urang réa anu teu sadar yén saenyana métafora geus

biasa digunakeun dina komunikasi sapopoé. Éta hal bisa jadi balukar tina

pamahaman yén digunakeunana métafora dina komunikasi sapopoé ukur

mangrupa wangun lian (variasi) tina gaya-makéna-basa hiji jalma anu

udaganana leuwih neueul kana ngawangun variasi rétoris. Nurutkeun Nasution

(2008:77), dina konsép sarupa kitu, nu nyarita baris ngagunakeun hiji éksprési
6

figuratif nalika karasa taya basa literal anu mampuh atawa sarimbag dina

ngahasilkeun éfék jeung ma’na sakumaha anu jadi udagan dirina sangkan

pamiarsa ngaréspon ku cara jeung udagan anu sarua.

Parandéné kitu, métafora tétéla geus jadi hiji wangun dina raraga

némbongkeun konsép mikir. Lakoff jeung Johnson (1980:3-5), nétélakeun yén

hakékat poko métafora nya éta kamampuh pikeun paham jeung ngalaman hiji

pernyataan dina términologi lianna. Éta hal némbongkeun yén métafora

ngagambarkeun konsép mikir ku jalan méré tekenan kana sawangan-sawangan

urang ngaliwatan konotasi kecap. Salian ti éta, métafora ogé némbongkeun

kakampuh sinéstésis2 unggal manusa. Winner (Sunarto, 2008:31) nétélakeun

yén métafora mangrupa hiji kagiatan rukun gawé antara otak kénca anu

ngalakukeun kagiatan mikir sacara literal jeung otak katuhu anu ngalakukeun

kagiatan mikir sacara holistik-konstéktual.

Posting dina FB biasana mangrupa wacana ngagunakeun basa jeung

gambar-gambar atawa foto. Wacana anu diterbitkeun salaku postingan FB réa

anu némbongkeun aspék motif ngaliwatan pernyataan jeung kagiatan

nyumputkeun ma’na dina simbol-simbol anu tangtu. Sangkan komunikasi

ngaliwatan posting FB bisa lumangsung kalawan hadé jeung teu matak

ngabalukarkeun gelarna pasualan-pasualan anu sipatna négatif sakumaha

disebutkeun di luhur, perlu pisan simbol-simbol atawa tanda dina ungkara basa

anu digunakeunana dima’naan kalawan teleb. Ulikan perkara dampak positif

2
sinéstésis, tina synesthetic; nurutkeun Seitz (1998:98) mangrupa kamampuh manusa
pikeun ngalakukeun sintésa indra-indra kamanusaanana sacara tuluy-tumuluy, otak
nyusun hiji rélasi (hubungan) stimulus anu ditarimana jeung sénsasi lianna anu
diteundeun jeung geus nyampak dina mémori.
7

jeung négatif FB dina kahirupan sapopoé geus réa dilaksanakeun, aya anu

mangrupa artikel-artikel, sawangan umum, jeung pedaran conto-conto kasus

pidana –alatan salah paham, teu dihaja, dihaja, atawa kurangna pangaweruh.

Sedengkeun panalungtikan perkara ma’na anu nyangkaruk dina posting FB, boh

wacana boh grafis (foto, gambar), tacan kungsi dilaksanakeun. Ku kituna,

panalungtikan perkara interprétasi métafora posting FB anu ngagunakeun basa

Sunda, perlu pikeun dilaksanakeun.

3. Idéntifikasi Pasualan Panalungtikan

Sakumaha ilaharna posting FB anu ngagunakeun basa Indonésia jeung

basa Asing, posting FB anu ngagunakeun basa Sunda eusina biasana mangrupa

guguyon atawa banyol, sawangan atawa koméntar pribadi kana rupa-rupa hal,

katerangan kagiatan pribadi dina waktu-waktu anu tangtu, paménta, sajak,

carita pondok, warta, béwara, lalayang, iklan, foto-foto pribadi jeung umum,

gambar (kaasup karikatur), jeung pilem. Tina rupaning wangun posting FB téh

aya anu mibanda udagan-udagan salaku kritik (ka diri sorangan atawa ka batur),

sindir-sampir, atawa sawangan anu aya patalina jeung situasi sosial budaya

masarakat dunya kalawan dibarengan ku némbongkeun aspék motif minangka

réspon kana rupa-rupa hal anu jadi wacana, aya ogé anu teu dibarengan ku

udagan-udagan anu tangtu (éstuning ngudag unsur kalangenan atawa ngeusi

waktu kitu baé).

Aya atawa henteuna udagan-udagan anu tangtu sakumaha kasebut, tétéla

geus ngagelarkeun sawatara pangaruh positif jeung négatif sakumaha anu ébréh

dina pedaran di luhur. Parandéné kitu, aya wates anu bias antara pangaruh
8

positif jeung négatif tina posting FB téh, pangpangna dina ayana kanyataan

pamahaman anu béda-béda ti papada pamiarsana anu sakapeung

ngabalukarkeun anomali. Udagan positif tétéla bisa robah ma’nana jadi négatif,

pon kitu deui udagan négatif tétéla bisa robah jadi positif, gumantung kumaha

pamiarsa ngama’naanana.

Kalawan nekenkeun kana pasualan sakumaha idéntifikasi di luhur, sacara

gurat badag, ieu panalungtikan neueul kana pasualan sémantik, mangrupa

ulikan perkara ma’na anu nyangkaruk dina wacana basa, kalawan diwewegan ku

ulikan sémiotik perkara aspék-aspék tanda, ikon, jeung indéks, anu disawang

bisa mantuan atawa ngeuyeuban maluruh ma’na sacara gembleng. Sangkan teu

lega teuing, pasualan anu baris ditalungtik téh diwatesanan, perkara métafora

anu nyangkaruk dina posting FB anu mangrupa wacana vérbal ngagunakeun

basa Sunda, sedengkeun posting anu mangrupa grafis (gambar; foto) jeung

pilem mah teu ditalungtik.

Pasualan anu baris ditalungtik dirumuskeun sakumaha ieu di handap.

1) Kumaha wangun jeung gaya métafora dina posting FB anu ngagunakeun

basa Sunda? Patali jeung ieu pasualan, anu ditalungtik téh mangrupa

métafora salaku konsép linguistik (gaya basa);

2) Ma’na naon anu bisa diungkab tina métafora posting FB anu ngagunakeun

basa Sunda? Patali jeung ieu hal, ditekenkeun kana kagiatan ngama’naan

ungkara-ungkara basa anu mangrupa posting FB sacara sémantik jeung

sémiotik. Palebah dieu ogé ulikan métafora dipatalikeun jeung aspék-aspék

kamampuh sinéstésis, motif, jeung kaayaan sosial budaya anu mangaruhan

atawa jadi latar posting FB anu dimuat.


9

4. Définisi Operasional

Sangkan écés, istilah anu aya patalina jeung judul ieu panalungtikan

didéfinisikweun sacara operasional sakumaha ieu di handap.]

1) Interprétasi Métaforis

Sacara gurat badag, métafora bisa dipaham boh sacara tradisional boh

linguistis, salaku babandingan antara tanda-tanda. Sacara tradisional,

métafora digunakeun dina komuniksi sapopoé minangka variasi rétoris.

Sedengkeun sacara linguistik, métafora dipaham salaku konsép mindahkeun

ma’na dénotatif kana konotatif, tina sintagmatik kana paradigmatik. Pikeun

kaperluan ieu hal, disusun tilu konsép métafora, ngawengku simile, métonimi,

jeung sinékdoke. Dumasar kana éta hal, interprétasi métaforis téh mangrupa

sawangan atawa ulikan dumasar kana konsép métafora, boh sacara

tradisional boh sacara linguistik.

2) Posting Facebook Basa Sunda

Facebook mangrupa situs jejaring sosial ( social networking), anu eusina

ngawengku profil pribadi, the wall, pesen atawa surat éléktronik (sarupa é-

mail), news feed jeung mini feed, status, hadiah, iklan, pokes, jeung events.

Salian ti éta, aya deui anu mangrupa aplikasi tambahan anu ngamungkinkeun

pamaké facebook némbongkeun atawa ngirim foto, pilem, jeung catetan.

Posting Facebook basa Sunda téh mangrupa status jeung koméntar sakumna

anu mibanda akun dina situs facebook kalawan ngagunakeun basa Sunda

salaku medium basana.


10

5. Udagan Panalungtikan

Sacara umum, ieu panalungtikan mibanda udagan pikeun maluruh ma’na-

ma’na anu nyangkaruk dina posting FB anu ngagunakeun basa Sunda, sangkan

kagambar hiji konsép anu bisa némbongkeun pangaruh atawa mangpaat FB

pikeun kahirupan urang Sunda. Sedengkeun sacara husus, ieu panalungtikan

mibanda udagana pikeun ngadéskripsikeun:

1) wangun jeung gaya métafora dina posting FB anu ngagunakeun basa Sunda,

disawang tina métafora salaku konsép gaya basa;

2) ma’na anu bisa diungkab tina métafora posting FB anu ngagunakeun basa

Sunda, disawang tina métafora salaku konsép mikir anu dipangaruhan ku

kamampuh sinéstésis, aspék motif, jeung kaayaan sosial budaya anu

mangaruhan atawa jadi latar posting FB.

6. Mangpaat Panalungtikan

Sacara umum, ieu panalungtikan dipiharep méré mangpaat pikeun

usaha ngungkab sacara tuluy-tumuluy kahirupan basa Sunda dina rupaning

widang. Sedengkeun sacara husus, dipiharep mawa mangpaat sakumaha ieu di

handap.

1) Pikeun sakumna masarakat Sunda, bisa digunakeun salaku wahana

ngajembaran pangaweruh jeung sawangan hirupna, utamana dina

mekarkeun sikep leuwih taliti jeung résponsif anu didadasaran ku sikep

méntal positif. Ku éta hal, posting FB anu ngagunakeun basa Sunda dipiharep
11

teu matak ngabalukarkeun gelarna pasualan-pasualan dina hirup kumbuh

sapopoé, boh pasualan sosial budaya boh pasualan hukum.

2) Salaku bagian unsur budaya, déskripsi ma’na métafora posting FB anu

ngagunakeun basa Sunda mangrupa bahan anu penting pikeun nyuprih ajén-

inajén kamekaran basa salaku pakakas komunikasi masarakat Sunda;

3) Pikeun élmu basa Sunda sorangan bisa dijadikeun dokuméntasi dina hirup-

kumbuhna ngawarnaan kamekaran kahirupan masarakat Sunda.

4) Pikeun dunya atikan basa Sunda, boh di sakola boh di masarakat sacara

umum, bisa dijadikeun salaku alternatif bahan pangajaran. Kalawan

ngagunakeun bahan pangajaran anu deukeut jeung dunya siswa atawa nu

diajar basa Sunda, dipiharep kagiatan diajar basa Sunda bisa leuwih narik ati

anu béh dituna kalawan leuwih gampang numuwuhkeun sikep hadé

enggoning ngamumulé hirup-huripna basa Sunda.

7. Raraga Panalungtikan

Interprétasi métafora dina posting FB anu ngagunakeun basa Sunda

dijadikeun puseur dina ieu panalungtikan, kalawan wengkuanana diébréhkeun

dina bagan sakumaha ieu di handap.


12

Gb. 2 Bagan Raraga Panalungtikan

Tina gambar 2 di luhur, katitén yén dina ieu panalungtikan, kabudayaan

jadi papayung anu matalikeun sistem ajén-inajén, téknologi, jeung sistem tanda

(jeung métafora). Puseur panitén ieu panalungtikan nya éta sawatara posting FB

anu mangrupa wacana vérbal ngagunakeun basa Sunda, ditalaah ma’nana

ngaliwatan ulikan sémantik jeung sémiotik. Pikeun paham ma’na sacara leuwih

gembleng, dimangpaatkeun data anu mangrupa ulikan aspék motif jeung latar

sosial budaya, nepi ka kagambar patalina antara kabudayaan, situasi sosial,

jeung métafora dina posting FB.

Puseur panitén kana ma’na anu nyangkaruk dina métafora posting FB anu

ngagunakeun basa Sunda ngawatesanan ieu panalungtikan dina disiplin

paélmuan linguistik. Pikeun maham ma’na métafora anu nyangkaruk kalawan

leuwih gembleng, patalina jeung aspék motif sarta aspék sosial budaya,
13

digunakeun disiplin paélmuan psikologi, komunikasi, jeung antropologi sacarawa

kawatesananan.

Dumasar kana hal sakumaha ditétélakeun di luhur, léngkah garapan ieu

panalungtikan bisa dititénan dina gambar di handap.

Gb. 3 Bagan Léngkah Garapan Panalungtikan

Analisis tipologis mangrupa léngkah munggaran anu dilaksanakeun,

mangrupa tahap observasi kalawan sacara umum maluruh kacenderungan anu

nyampak dina posting FB anu ngagunakeun basa Sunda. Tahap saterusna nya

éta analisis data anu kapaluruh sarta dipedar kalawan merhatikeun patalina

jeung aspék budaya sarta situasi sosial. Hasil analisis jeung pedaran téh diragum

sarta tuluy dicindekkeun.

8. Tatapakan Tiori

Facebook mangrupa situs jejaring sosial ( social networking) anu mekar

tina kalangenan sajumlahing mahasiswa Univérsitas Harvard di Amérika Serikat.

Diciptakeun ku Mark Zukerberg dina jero taun 2004, facebook anu mimitina
14

dingarananan thefacebook ngajomantara sacara kawatesanan di lingkungan

kampus. Salaku situs internét, sakumaha situs-situs lianna, facebook béh dieuna

mekar jadi situs jejaring sosial internasional anu dipikawanoh méh di unggal

nagara anu ngawenangkeun aksés internét dina konsép komunikasi massana.

Sacara gurat badag, eusi atawa fitur anu nyampak dina facebook

ngawengku profil pribadi, the wall, pesen atawa surat éléktronik (sarupa é-mail),

news feed jeung mini feed, status, hadiah, iklan, pokes, jeung events. Salian ti

éta, aya deui anu mangrupa aplikasi tambahan anu ngamungkinkeun pamaké

facebook némbongkeun atawa ngirim foto, pilem, jeung catetan.

Salaku média anu ngamungkinkeun pamakéna nepikeun rupa-rupa

informasi, facebook mekar jadi pakakas komunikasi massa anu kawilang populér

di masarakat dunya. Ashley Montagu (Rakhmat, 2007:12) nétélakeun yén

manusa saéstuna diajar jadi manusana sorangan ngaliwatan komunikasi.

Nurutkeun Stewart L. Tubbs jeung Sylvia Moss (Rakhmat, 2007:13), aya

sawatara ciri anu némbongkeun yén komunikasi disebut éféktif, nya éta

pangartian, kalangenan, mangaruhan sikep, kawangunna hubungan anu leuwih

hadé, jeung tindakan.

Mekarna facebook jadi sarana komunikasi anu populér dipangaruhan ogé

ku faktor-faktor personal anu mangaruhan kalakuan manusa. Napak kana

pamanggih E. Sampson, Rakhmat (2007:33-35) nétélakeun sacara gurat badag

aya dua faktor anu mangaruhan kalakuan manusa, nya éta faktor biolois jeung

sosiopsikologis. Salaku mahluk biologis, manusa taya bédana jeung mahluk

lianna anu mangrupa sato, faktor biologis kalibet sacara gembleng dina sakabéh

kagiatan manusa, samalah sok patali jeung faktor sosiopsikologis. Kalakuan


15

sosial manusa diaping ku aturan-aturan anu geus diprogram sacara génétis dina

diri manusa, biasana disebut epigenetic rules, anu ngatur kalakuan manusa ti

mimiti kacenderungan pikeun ngungkulan incest, kamampuh paham kana

éksprési, tepi ka réspon kana pasualan pulitik.

Faktor-faktor sosiopsikologis mangrupa karakteristik anu mangaruhan

kalakuan manusa disawang tina manusa salaku mahluk sosial. Klasifikasi faktor

sosiopsikologis ngawengku tilu komponén aféktif, kognitif, jeung konatif. Motif

manusa dina ngayakeun komunikasi atawa hubungan lianna mangrupa salasahiji

aspék dina komponén aféktif, biasa disebut motif sosiogénésis atawa motif

sékundér. Napak kana pamanggih ti sawatara ahli psikologi jeung komunikasi,

Rakhmat (2007:38-39) ngawincik klasifikasi motif sosiogénésis manusa kana

genep wengkuan, nya éta 1) motif hayang mikanyaho, 2) motif kompeténsi, 3)

motif cinta, 4) motif harga diri jeung kabutuhan pikeun maluruh idéntitas, 5)

kabutuhan kana ajén-inajén jeung ma’na kahirupan, jeung 6) kabutuhan pikeun

ngundakkeun kualitas hirup ngaliwatan poténsi anu dipimilik.

Aspék sosial budaya milu mangaruhan kana prosés komunikasi manusa.

Unggal komunitas dina hirup kumbuh manusa pasti mibanda sistem sosial anu

tangtu, anu bé dieuna milu mangaruhan kana prosés jeung kabiasaan dina prak-

prakanana ngayakeun komunikasi, boh komunikasi intrapersonal boh komunikasi

massa. Delgado (Rakhmat, 2007:44) ngaragum rupa-rupa faktor kasebut

ngawengku 1) aspék objéktif lingkungan: ékologis (géografis, iklim,

météorologis), désain jeung arsitéktural, témporal, analisis suasana kalakuan,

téknologi, jeung faktor sosial (struktur organisasi, peran, struktur kelompok,

jeung karakteristik populasi), 2) lingkungan psikososial: iklim organisasi jeung


16

kelompok, étos jeung iklim institusional-kultural, 3) stimulus anu ngawewegan

kalakuan jalma lianna jeung situasi.

Béh dieuna, manusa mekarkeun komunikasi dina hirup kumbuhna teu

saukur pikeun ngawewegan kabutuhan pokona, tapi mekarkeun ogé kabutuhan

anu sipatna leuwih luhur dina wangun usaha pikeun paham kana ma’na-ma’na

anu leuwih abstrak (Langer, 1957:30-31 dina Sunarto, 2008:21). Ma’na-ma’na

abstrak diciptakeun jeung dipaké ku manusa dina wangun sistem tanda atawa

simbol. Ngaliwatan sistem simbol, manusa ngawangun komunikasi lain saukur

pikeun ngungkulan pasualan pragmatis sapopoé, tapi aya ma’na lianna anu

némbongkeun sistem ajén-inajén jeung sawangan hirupna. Éta hal luyu jeung

pamanggih Talcott Parsons (Walker, 1977:11 dina Sunarto, 2008:21) anu

nyebutkeun yén kabudayaan enas-enasna mah ngagugulung perkara ma’na,

nepi ka gumantung pisan kana sistem simbolisme. Ku kituna, sistem simbol geus

jadi padoman pikeun minuhan kabutuhan manusa –primér, sékundér, atawa

kantétanana– nepi ka sistem ajén-inajén jeung sistem simbol komunikasi

ngawangun hubungan anu dalit dina hiji kabudayaan.

Métafora mangrupa salasahiji cara nepikeun ma’na ngaliwatan simbol-

simbol. Sacara gurat badag, métafora bisa dipaham boh sacara tradisional boh

linguistis, salaku babandingan antara tanda-tanda. Sacara tradisional, métafora

digunakeun dina komuniksi sapopoé minangka variasi rétoris. Nurutkeun

Nasution (2008:77), dina konsép sarupa kitu, nu nyarita baris ngagunakeun hiji

éksprési figuratif nalika karasa taya basa literal anu mampuh atawa sarimbag

dina ngahasilkeun éfék jeung ma’na sakumaha anu jadi udagan dirina sangkan

pamiarsa ngaréspon ku cara jeung udagan anu sarua.


17

Tina konsép rétorika tradisional, métafora mekar jadi konsép anu leuwih

lega. Métafora némbongkeun kamampuh manusa dina ngayakeun kagiatan

sinéstésis, nya éta kamampuh manusa pikeun ngalakukeun sintésa indra-indra

kamanusaanana sacara tuluy-tumuluy, otak nyusun hiji rélasi (hubungan)

stimulus anu ditarimana jeung sénsasi lianna anu diteundeun jeung geus

nyampak dina mémori (Seitz, 1998:98, dina Sunarto, 2008:31). Tina éta hal,

métafora mekar deui jadi konsép mikir anu dilakukeun ku manusa. Palebah dieu,

katara aya patalina anu raket atawa silipangaruhan antara cara manusa

ngalakukeun komunikasi jeung aspék motif sarta sosial budaya anu jadi latarna.

Sacara linguistik, métafora dipaham salaku konsép mindahkeun ma’na

dénotatif kana konotatif, tina sintagmatik kana paradigmatik. Pikeun kaperluan

ieu hal, disusun tilu konsép métafora, ngawengku simile, métonimi, jeung

sinékdoke. Simile biasana disebut gaya basa ngupamakeun, sok ngagunakeun

kecap panyambung kawas, siga, atawa lir. Métonimi mangrupa cara

ngagunakeun tanda sacara operasional atawa rélasional. Sedengkeun sinékdoke

mangrupa gaya basa anu ngagunakeun prinsip sabagian pikeun sagemblengna

atawa sagemblengna pikeun sabagian (Sunarto, 2008:32-33).

Pikeun paham kana ma’na anu nyangkaruk dina métafora bisa

ngagunakeun pamarekan sémantik jeung sémiotik. Basa salawasna diwangun ku

dua adegan, nya éta adegan cangkang (lahir) jeung adegan eusi (batin).

Nurutkeun Sudaryat (1987:9), adegan cangkangna basa téh mangrupa sistem

sora manusa anu dihasilkeun ku pakakas ucapna, sedengkeun adegan eusi mah

mangrupa eusi nu dipimaksud ku sistem sora atawa mangrupa kedalan rasa,

pikiran, jeung kahayang nu aya dina sistem sora waktu campur gaul.
18

Harti mangrupa objék sémantik. Dina kahirupan makéna basa, antara

komunikator (anu nyarita atawa anu nulis) jeung komunikan (anu ngadéngékeun

atawa anu maca) kakara lumangsung kalawan hadé lamun wawaran anu

diébréhkeunana kaharti (Sudaryat, 1987:19). Hakékatna omongan manusa téh

ngandung harti anu gembleng. Verhaar (Sudaryat, 1987:23) nétélakeun yén

omongan manusa téh nyoko kana tilu hal: maksud, ma’na, jeung wawaran.

Maksud mangrupa jihat subjéktif atawa udagan anu rék dihontal ku anu nyarita.

Ma’na mangrupa jihat basa atawa eusi anu dikandung ku omongan. Sedengkeun

wawaran mangrupa jihat objéktif atawa hal anu keur dicaritakeun.

Pikeun mantuan pamarekan sémantik dina nalaah ma’na, pamarekan

sémiotik bisa digunakeun. Pierce (Isnéndés, 2010: 95-96) ngawincik tanda

dumasar kana sipat groundna, nya éta 1) qualisign, hartina tanda dumasar kana

sipatna, 2) sinsign, hartina tanda dumasar kana wujudna dina kanyataan, jeung

3) legisign, hartina tanda anu dieueuhan. Salian ti éta, tanda dibédakeun ogé

dumasar kana dénotatumna, ngawengku 1) ikon, mangrupa tanda anu teu

gumantung kana dénotatum, tapi bisa dipatalikeun jeung objék anu sarua, 2)

indéks, mangrupa tanda anu gumantung kana dénotatum, ngébréhkeun ayana

hubungan kausal, jeung 3) simbol, mangrupa tanda anu patalina antara tanda

jeung dénotatumna téh ditangtukeun, disapukan, jeung konvénsi balaréa.

9. Anggapan Dasar

Udagan ieu panalungtikan henteu neueul kana nguji hipotésis anu tangtu.

Parandéné kitu, dina prak-prakanana mah anu nalungtik teu bisa leupas tina

ayana wawasan anu ngarahkeun, jadi kasang tukang, jeung ngawewegan ieu
19

panalungtikan. Sok sanajan, éta wawasan téh sabisa-bisa diusahakeun teu

ngaganggu dina ngagali jeung ngarumuskeun timuan anu dianggap penting dina

ieu panalungtikan.

Patali jeung hal di luhur, di antarana bisa didadarkeun wawasan-wawasan

sakumaha ieu di handap.

1) Posting Facebook bisa ditilik tina rangkay kamekaran komunikasi

intrapersonal jeung komunikasi massa. Pamake situs facebook

ngamangpaatkeun fitur jeung aplikasi aanu nyampak pikeun digunakeun

salaku sarana komunikasi;

2) Dina udaganana pikeun komunikasi, posting facebook anu mangrupa status,

catetan, jeung pesen, dipangaruhan ku aspék motif. Pikeun udagan-udagan

anu tangtu luyu jeung motifna, wacana anu nyampak réa anu ngagunakeun

simbol-simbol;

3) Kaayaan sosial budaya dina pajamanan atawa dangka waktu posting

facebook diterbitkeun milu mangaruhan kana wacana anu digelarkeun. Ku

kituna, sawangan-sawangan sosial budaya gelar mangrupa réspon masarakat

anu milu mangaruhan kana kawangunna opini ngeunaan rupa-rupa pasualan

sosial budaya.

10. Métodologi Panalungtikan

10.1 Pamarekan, Métode, jeung Téhnik Panalungtikan

Sacara umum, ieu panalungtikan mangrupa panalungtikan basa anu

ngagunakeun pamarekan kualitatif. Puseur panitén ieu panalungtikan neueul

kana perkara métafora wacana vérbal basa Sunda posting FB. Pikeun
20

mikaweruh ma’na métafora sakumaha anu kapanggih dina sampel data

kalawan leuwih jéntré jeung gembleng, perlu diwewegan ku ulikan perkara

aspék motif jeung aspék sosial budaya anu mangaruhanana.

Metode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta metode

déskriptif. Nurutkeun Sukmadinata (2009:72), metode déskriptif

mangrupa metode pikeun ngadéskripsikeun atawa ngagambarkeun rupa-rupa

fénoména, boh anu sifatna alamiah boh jijieunan atawa rékayasa, kalawan

museurkeun ulikanana kana wangun, kagiatan, karakteristik, parobahan,

patalina, sasaruaan, sarta bédana jeung fénoména lianna. Data anu aya

patalina jeung istilah-istilah basa Sunda anu digunakeun dina pakumbuhan

internet téh dideskripsikeun. Tujuan utama digunakeunana metode déskriptif

téh pikeun méré gambaran ngeunaan métafora dina posting FB anu

ngagunakeun basa Sunda kalawan objektif dina hiji deskripsi situasi.

Dilaksanakeunana ku cara ngagundukkeun, ngolah data, sarta nyieun kacindekan

jeung laporan (Ali, 1987:130).

Sedengkeun téhnik panalungtikan anu digunakeun ngawengku talaah

pustaka, observasi, jeung analisis wacana. Téhnik talaah pustaka jeung

observasi digunakeun pikeun maluruh bahan pustaka jeung data anu aya

patalina jeung pasualan anu ditalungtik. Ku cara ngagunakeun téhnik analisis

wacana, bahan anu geus dikumpulkeun téh tuluy dianalisis sarta

diteuleuman eusina nepi ka kapanggih hubunganana jeung jejer pasualan

anu ditalungtik. Métafora dina posting FB anu ngagunakeun basa Sunda téh

dianalisis dumasar pamarekan sémantik jeung sémiotik, tuluy dilenyepan,


21

ditafsirkeun, sarta ahirna dima’naan kalawan dipatalikeun jeung aspék motif

sarta aspék sosial budaya.

10.2 Sumber Data

Sumber data métafora wacana basa Sunda dina ieu panalungtikan

dipaluruh tina posting FB anu ngagunakeun basa Sunda. Kaitung réa pisan

posting FB anu ngagunakeun basa Sunda téh, kalawan tinimbangan praktis

jeung pragmatis pikeun kaperluan ieu panalungtikan mah digunakeun

sababaraha posting FB minangka sampelna. Sedengkeun anu jadi objék

panalungtikanana nya éta sakur status, koméntar, jeung catetan anu

ngagunakeun médium basa Sunda.

Posting FB anu dipilih didadasarkeun kana ayana unsur métafora patali

jeung kaayaan sosial budaya bangsa Indonésia dina dangka waktu taun 2010.

Data anu kakumpulkeun diréduksi dumasar kana kritéria ayana unsur motif

minangka réspon kana kajadian-kajadian anu sipatna pribadi jeung umum

kalawan aya pakaitna jeung perkara pasualan-pasualan sosial budaya anu jadi

latarna.

Dina waktu ngumpulkeun data, instrumén anu dipaké nyaéta kartu data.

Carana ku jalan nyalin jeung midangkeun posting FB anu dijadikeun sampel.

Sabada éta, unggal kartu dibéré nomer jeung kode, ngaliwatan prosés analisis

tipologis jeung tabulasi, tuluy diasupkeun kana tabél anu geus disadiakeun.

10.3 Prosédur Analisis Data


22

Linguistik jadi panitén poko dina ieu panalungtikan, sedengkeun aspék

motif jeung sosial budaya jadi pangdeudeulna pikeun paham perkara konsép

komunikasi jeung sistem ajén-inajén anu lumaku. Data anu geus dikumpulkeun

jeung diréduksi téh tuluy dianalisis dumasar léngkah-léngkah ieu di handap.

1) Maca sakabéh data;

2) Ngarékap data posting FB anu ngagunakeun basa Sunda; Dina ieu tahap,

dibantuan ku pamarekan kuantitatif sacara kawatesananan. Pamarekan

kunatitatif anu digunakeun lain pikeun udagan nguji korélasional, tapi

pikeun nyusun frékuénsi jeung tabulasi. Éta tabulasi digunakeun pikeun nilik

kacenderungan dipakéna basa jeung aspék sosial budaya, métafora, sarta

aspék motifna.

3) Ngaidéntifikasi wangun métafora dina posting FB anu ngagunakeun basa

Sunda;

4) Ngaidéntifikasi gaya métafora dina posting FB anu ngagunakeun basa

Sunda;

5) Nalaah métafora dina posting FB anu ngagunakeun basa Sunda patali jeung

unsur semantikna sangkan meunang gambaran perkara ma’na anu

nyangkaruk di jerona.

6) Sangkan kacindekan panalungtikan leuwih neueul kana udagan kalawan

lengkep jeung bisa dipertanggungjawabkeun leuwih jero, digunakeun

triangulasi. Ieu tahap dilaksanakeun ngaliwatan koréspondénsi jeung

wawancara ka sababaraha narasumber.

11. Sistematika
23

Hasil-hasil dina ieu panalungtikan disusun ngawengku lima bab kalawan

sistematika sakumaha tabél di handap.

Tabél 1
Sistematika laporan Panalungtikan

No. Bab Judul Bab Eusi Bab


1. I BUBUKA Mertélakeun perkara kasang
tukang, watesan jeung rumusan
pasualan, udagan panalungtikan,
mangpaat panalungtikan,
anggapan dasar, jeung
wangenan istilah.
2. II TATAPAKAN TIORI Ngadadarkeun sajumlahing
konsép poko anu dijadikeun
tatapakan pikeun analisis
pasualan anu ditalungtik
dumasar kana sajumlahing buku
jeung bahan bacaan lianna
salaku rujukan konsép jeung
téori. Sawangan anu
didadarkeun ngawengku tiori
perkara komunikasi, facebook
minangka pakakas komunikasi
pajamanan téknologi kiwari,
métafora, sarta pamarekan
sémantik jeung sémiotik.
3. III MÉTODOLOGI Mertélakeun perkara métode
PANALUNGTIKAN panalungtikan, téhnik
panalungtikan, sumber data,
téhnik ngumpulkeun data, jeung
prosédur analisis data.
4. IV MÉTAFORA POSTING Ngadadarkeun hasil analisis data
FACEBOOK BASA SUNDA anu dijadikeun sampel dina ieu
panalungtikan jeung pedaranana
dumasar kana pamarekan
sémantik jeung sémiotik.
5. V KACINDEKAN JEUNG SARAN Mertélakeun kacindekan tina
hasil analisis anu dipedar dina
bab saméméhna, jeung sawatara
saran anu dianggap penting
pikeun panalungtikan lianna.
24

12. Agénda Panalungtikan

Panalungtikan perkara interprétasi métaforis posting facebook basa

Sunda baris dilaksanakeun dumasar kana rarancang waktu panalungtikan

sakumaha ieu di handap.

Tabél 2
Rarancang Waktu Panalungtikan

Waktu
No. Kagiatan
Jan. Péb. Mar. Apr. Méi Juni
1. Tatahar
2. Ngumpulkeun Data
3. Analisis Data
Triangulasi jeung
4.
Nyusun Kacindekan
5. Nyusun Laporan

Daftar Pustaka

Ali, Drs. Mohamad. 1985. Penelitian Kependidikan Prosedur dan Strategi .


Bandung: Angkasa.
Alwasilah, A. Chaédar. 1993. Pengantar Sosiologi Bahasa. Bandung: Angkasa.
___. 2009. Pokoknya Kualitatif: Dasar-dasar Merancang dan Melakukan
Penelitian Kualitatif. Jakarta: Pustaka Jaya.
Aslinda, Dra., M.Hum., jeung Dra. Leni Syafyahya, M.Hum. 2007. Pengantar
Sosiolinguistik. Bandung: Refika Aditama.
Assie-Lumumba, N’dri T. (Éditor). 2004. Cyberspace, Distance Learning,
andHigher Education in Developing Countries: Old and Emergent Issues of
Access, Pedagogy and Knowledge Production. Leiden, Belanda: Brill.
Aubusson, Peter J., Alan G. Harrison, jeung Stephen M. Ritchie (Éditor). 2006.
Metaphor and Analogy in Science Education. Dordrecht, Belanda: Springer.
Baldwin, John R., Sandra L. Faulkner, Michael L. Hecht, jeung Sheryl L. Lindsley
(Éditor). 2006. Redefining Culture: Perspectives Across the Disciplines . New
Jersey, USA: Lawrence Erlbaum Associates Publisher.
Barker, Chris. 2004. The SAGE Dictionary of Cultural Studies. London, England:
SAGE Publications.
Carnap, Rudolf. 1947. Meaning and Necessity: A Study in Semantics and Modal
Logic. Chicago, Illinois, USA: The University of Chicago Press.
25

Chaér, Abdul jeung Léonie Agustina. 2004. Sosiolinguistik: Perkenalan Awal.


Jakarta: PT Rineka Cipta.
Chandler, Daniel. 1994. Semiotics for Beginner [Online]. URL
http:www.aber.ac.uk/media/Documents/S4B/semiotic.htm [3 April 2010].
___, 2002. Semiotics: The Basic. New York, USA: Routhledge.
Cruse, Alan. 2006. A Glosari of Semantics and Pragmatics. Edinburgh, Inggris:
Edinburgh University Press.
Effendy, Prof. Onong Uchyana, M.A. 2007. Ilmu, Teori dan Filsafat Komunikasi .
Bandung: Citra Aditya Bakti.
Facebook Inc. 2010. Facebook Confidential and Proprietary. USA: Facebook Inc.
Hadi W.M., Abdul. 2008. Hemeneutika Sastra Barat dan Timur. Jakarta: Pusat
Bahasa.
Hayder, Hasin jeung Dr. Mark Alexander Basin. 2010. Learning Facebook
Application Development. USA: PACT Publishing.
Heigham, Juanita jeung Robert A. Croker (Éditor). 2009. Qualitative Research in
Applied Lingusistics: A Practical Introduction . Basingstoke, Hampshire,
Inggris: Palgrave Macmillan.
Hudson, R.A. 1962. Sociolinguistics. New York: Cambridge University Press.
Hurford, James R., Brendan Heasley, jeung Michael B. Smith (Éditor). 2007.
Semantics: A Coursebook. New York, USA: Cambridge University Press.
Isnéndés, Rétty, S.Pd., M.Hum. 2010. Téori Sastra. Bandung: JPBD FPBS UPI.
Kartomihardjo, Soeséno. 1988. Bahasa Cermin Kehidupan Masyarakat. Jakarta:
Departemen Pendidikan dan Kebudayaan Direktorat Jenderal Pendidikan
Tinggi Proyek Pengembangan Lembaga Pendidikan Tenaga Kependidikan.
Kridalaksana, Harimurti. 1984. Kamus Istilah Linguistik. Jakarta: Gramedia.
Lakoff, George jeung Mark Johnson. 1980. Metaphor We Live By. Chicago, USA:
The University of Chicago Press.
Levinson, Stephen C. 1995. Pragmatics. New York, USA: Cambridge University
Press.
Lieber, Rochele. 2004. Morphology and Lexical Semantics. New York, USA:
Cambridge University Press.
Masinambow, E.K.M. jeung Rahayu S. Hidayat (éditor). 2001. Semiotik: Mengkaji
Tanda dalam Artifak. Jakarta: Balai Pustaka.
Nababan, P.W.J. 1991. Sosiolinguistik, Suatu Pengantar . Jakarta: PT Gramedia
Pustaka Utama.
Nasution, Khairina. 2008. “Metafora dalam Bahasa Mandailing: Persepsi
Masyarakat Penuturnya”, dina Linguistik Indonesia, Taun ka-26, No. 1,
Pébruari 2008.
Nuccetelli, Susana. 2003. New Essays on Semantic Externalism and Self-
Knowledge. Cambridge, Massachusetts, USA: The MIT Press.
O’Dwyer, Ella. 2003. The Rising of The Moon: The Language of Power. London:
Pluto Press.
Panitia Kamus LBSS. 1995. Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Tarate.
Prasetijo. 2009. Etnisitas [Online]. URL: http://www.prasetijo.wordpress.com [18
September 2009].
26

Purnanto, Dwi. 2009. Etnografi Komunikasi dan Register [Online]. URL:


http://www.dwipur_sastra.staff.uns.ac.id/2009/06/03/etnografi-komunikasi-
dan-register/ [18 September 2009].
Rakhmat, Drs. Jalaluddin, M.Sc. 2007. Psikologi Komunikasi. Bandung: Remaja
Rosdakarya.
Riemer, Nick. 2010. Introducing Semantics. New York, USA: Cambridge
University Press.
Rosmana, Drs. Iyos Ana, M.Pd. 2003. Morfologi Basa Sunda. Bandung: JPBD
FPBS UPI.
Samuél, Énrico Élizar jeung Andhika Rahmayanto. 1997. Microsoft Internet
Solution: Menguasai Internet dengan Cepat dan Mudah. Jakarta: Elex Media
Komputindo.
Satori, Prof. Dr. Djam’an, M.A. jeung Dr. Aan Komariah, M.Pd. 2009. Metodologi
Penelitian Kualitatif. Bandung: Alfabeta.
Stefanowitsch, Anatol jeung Stefan Th. Gries (Éditor). 2006. Corpus-Based
Approaches to Metaphor and Metonymy. Berlin, Jerman: Mouton de Gruyter.
Stern, Josef. 2000. Metaphor in Context. Massachusetts, USA: Massachusetts
Institute of Technology Press.
Soekanto, Soerjono. 1990. Sosiologi Suatu Pengantar. Jakarta: RajaGrafindo
Perkasa.
Sudaryat, Yayat. 1987. Ulikan Sémantik Sunda. Bandung: CV. Geger Sunten.
___. 1989. Ulikan Linguistik. Diktat Kuliah di JPBD FPBS IKIP Bandung.
___. 1995. Ulikan Wacana Basa Sunda. Bandung: CV. Geger Sunten.
Sudaryat, Drs. M.Hum, Drs. H. Abud Prawirasumantri, jeung Drs. H. Karna
Yudibrata. 2007. Tata Basa Sunda Kiwari. Bandung: Yrama Widya.
Sukmadinata, Prof. Dr. Nana Syaodih. 2009. Metode Penelitian Pendidikan.
Bandung: Remaja Rosdakarya.
Sugiyono, Prof. Dr. 2009. Metode Penelitian Pendidikan: Pendekatan Kuantitatif,
Kualitatif, dan R&D. Bandung: Alfabeta.
Sunarto, Priyanto. 2008. ”Metafora Visual Kartun Editorial pada Surat Kabar
Jakarta 1950-1957″. Disertasi Doktor Program Studi Ilmu Seni Rupa dan
Desain Institut Teknologi Bandung.
Suryabrata, Drs. Sumadi, B.A., M.A., Ed.S., Ph.D. 2008. Psikologi Kepribadian.
Jakarta: Rajagrafindo Persada.
Suwito, Drs. 1983. Soiolinguistik: Teori dan Problem. Surakarta: Fakultas Sastra
Universitas Sebelas Maret.
Tarigan, Prof. Dr. Henry Guntur. 1984. Pengajaran Sintaksis. Bandung: Angkasa.
___. 1988. Pengajaran Morfologi. Bandung: Angkasa.
Tim UPI. 2010. Pedoman Penulisan Karya Ilmiah Universitas Pendidikan
Indonesia 2010. Bandung: Universitas Pendidikan Indonesia.
Woodworth, Katheryn A. 2010. Facebook for Beginners [Online]. URL:
http://www.facebook.com/katheryn.woodworth [1 September
2010].
Zaimar, Okke K.S. 2008. Semiotik dan Penerapannya dalam Karya Sastra.
Jakarta Pusat Bahasa.
Zoest, Aart van. 1991. Fiksi dan Nonfiksi dalam Kajian Semiotik (tarjamahan
Manoekmi Sardjoe). Jakarta: Intermasa.
27

INTERPRÉTASI MÉTAFORIS
POSTING FACEBOOK BASA SUNDA

PROPOSAL PANALUNGTIKAN

Ku

DADANG NURJAMAN
28

0907667

PROGRAM STUDI PEND. BAHASA DAN BUDAYA SUNDA (S2)


SEKOLAH PASCASARJANA
UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA
2010

You might also like