You are on page 1of 8

AMALAN NYAMBUT BULAN ROMADON

Munara Cahya

Patarosan 

Para pangaping Tanya Jawab Munara Cahaya anu dipihormat. Sakedap deui urang
bade mayunan sasih Ramadlan. Sim kuring hoyong tumaros, amalan naon wae
anu keudah diamalkeun ku urang salaku umat Islam dina mayunan saish Ramdlan,
luyu sareng amalan-amalan anu kantos ku Rasul diamalkeun? Sim kuring
nyhunkeun pedarana anu saebreh-ebrehna. Hatur nuhun.
      
Sumpena, ti Cilacap

Waleran

Sami-sami hatur nuhun kana perhatosana. Perkawis amalan-amalan pikeun


nyambut sasih Ramadlan, dumasar kana katerangan, henteu aya amalan anu
husus, sapertos di bulan-bulan sanesna. Sapamendak sim kuring amalan-amalan
eta di antawisna, sakumaha anu dilaksanakeun Rasululloh nyaeta, nga-doa,
nyuhunkeun ka Gusti Alloh, supados maparinan deui ka urang kasempatan
papendak deui sareng sasih Ramadlan dina kaayaan sehat walafiat. Margi ku
kaayaan sehat, urang tiasa ngalaksanakeun saum, solat tarawe, jeung sajabina anu
mangrupi amalan-amalan pikeun nyampurnakeun saum urang. Cara ieu, Rasul
ngalakasnakeuna ti angalna keneh. Dina katerangan disebatkeun sakumaha
pidawuhna, ti sahabat Anas bin Malik nyarios, saestuna Rasululloh Saw nalika
bade mayunan bulan Rojab sok nga-du'a: Allahuma barik lana fii rajab wa
sya’ban, wa balighna ramadan. Hartosna, Ya Alloh, mugi maparinan berkah ka
abdi sadaya di bulan Rojab sareng Sya'ban, sareng ngadugikeun abdi sadaya
kabulan Romadlon (HR. Imam Ahmad sareng Imam Thobroni). Ieu Hadits
nguningakeun, wireh Rasul dina ngabageakeun kasumpingan sasih Ramadlan
disiapkeun ti dua sasiheun deui sateuacana sasih Ramadlan, yakni ti sasih Rojab
keneh.

Du'a ieu, rupina kange urang parantos kalangkung saupama bade nyonto ka Rasul,
margi Rasul ngadu'a ieu dina waktos awal sasih Rojab. Tapi sok sanaos kitu, dina
mayunan sasih Romadlon, urang tetep ngadu'a bari ngebersihkeun diri tina
mangrupi-rupi kotoran atanapi dosa, supados dipaparinan kasehatan lahir sinareng
batin, utamina pikeun ngalaksanakan amalan-amalan di bulan Romadlon.

Salajengna dina mayunan sasih Ramadlan, urang kedah ngaraos gumbira, malih
Rasul satiap mayunan sasih Ramadlan, osok ngabewarakeun kabar-kabar gumbira
ka para sahabatna, sakumaha diunggelkeun dina pidawuhna: "Parantos sumping
ka maraneh kabeh bulan Ramadlan, bulan anu pinuh ku kaberkahan. Alloh
parantos ngawajibkeun saum ka maraneh kabeh. Jeung dina ieu bulan, Alloh
ngabuka panto-panto surga, nutup panto-panto naraka" (HR. Ahmad). Ku kituna,
pikeun jalma-jalma anu ariman, henteu aya deui kabahagiaan jeung kabagjaan anu
kacida ageungna salian ti mayunan sasih Ramadlan. Teras tingkatkeun rasa syukur
ka Gusti Alloh kana anugrah-Na bulan anu pinuh ku rahmat jeung barokah ieu.

Sajabi ti eta, pikeun urang ayeuna sateuacan lebet kana sasih Ramadlan saena
ngarancang heula program kagiatan pikeun nyiar pahala anu kacida lobana. Waktu
sabulan kacida singkat jeung terehna, ku hal kitu satiap menit malih satiap detik
saena dieusian ku amalan-amalan anu tiasa ngaberesihkeun diri pikeun
ngadeukeutkeun ka Gusti Alloh. Tekadkeun dina hate urang, dina bulan Ramadlan
ayeun jeung saterusna niat ningalkeun sagala rupa dosa jeung kasalahan, atawa
ningalkeun kabiasaan-kabiasaan goreng anu henteu mawa manfaat. Sabalikna,
tingkatkeun kabiasaan-kabiasaan anu alus, anu mere manfaat kalih masalahat ka
diri urang jeung ka balarea.

Persiapan anu langkung utami dina mayunan sasih Ramadlan nyaeta ngaderes
deui elmu-elmu anu patali sareng amalan Ramadlan, margi satiap amal henteu
make elmu, mangka hasilna bakal hamo. Utamina elmu ngeunaan rukun jeung
syarat sahna puasa, perkara anu ngabatalkeun puasa, amalan-amalan sunat dina
sajeuroning puasa, jeung sajabana. Nyeueurkeun hadir ka majlis dzikir atawa
majlis ta'lim. Aya Hadits anu nerangkeun, wireh Rasul nyeueurkeun saum dina
ieu bulan, malih dina katerangan sanesna Rasul henteu kantos saum dina bulan-
bulan sanes langkung seueur ti batan saum dina bulan Sya’ban (perkawis ieu
langkung jeulasna dipedar dina patarosan ngeunaan kautamaan bula Sya’ban).

Supados langkung mantep dina mayunan sasih Ramadlan, urang sami-sami ngaos
bari nala'ah khutbah Rasululloh Saw anu pihartoseuna kieu:

"Wahai jalma anu ariman, saestuna bakal datang ka maraneh kabeh bulan Alloh
anu pinuh ku rahmat, barokah jeung maghfiroh. Bulan anu paling mulia mungguh
Alloh. poe-poena mangrupakeun poe anu pang utamana. Peting-peutingna
mangrupakeun peuting anu pang utamana. Jam demi jam mangrupakeun waktu
anu pang utamana".

Dina eta bulan, renghap anjeun jadi tasbeh, sare anjeun jadi ibadah, sakabeh
amalan ditarima, sakabeh doa diijabah. Prak menta ka Gusti Alloh ku niat anu
tulus jeung ihlas, supaya Mantena nagbingbing anjeun pikeun ngalaksanakeun
puasa bari maca Kitab-Na. Cilaka jalma anu henteu meunang ampunan Alloh di
bulan anu Agung eta.

Lobakeun sedekah jeung mere maweh ka fakir miskin. Muliakeun indung bapa
anjeun, kudu mikasih ka sahandapeun, sambungkeun tali duduluran, jaga letah
(lisan) anjeun, tahan paningali anjeun tina hal-hal anu henteu halal pikeun anjeunn
ningalina, oge panguping anjeun tina hal-hal anu henteu halal pikeun anjeun
ngupingkeuna, jeung kudu geude mikanyaah ka budak-budak yatim.
Wahai jalma anu ariman, sing saha di antara maraneh mere kadaharan keur buka
puasa, mangka mungguh Alloh sami sareng ngabebaskeun hiji budak beulian,
terus dipupus sakabeh dosana anu katukang. Sing saha anu ngalakukeun solat
sunat dina bulan Ramadlan, mangka Alloh bakal ngabebaskeun dirina tina siksa
seuneu naraka. Sing saha jalma anu ngalakukeun solat fardlu dina eta bulan,
mangka pahalana saperti ngalakukeun 70 kali solat fardlu di luar bulan liana. Sing
saha jalma anu maca solawat ka kakaula di eta bulan, mangka Alloh bakal
ngabeuratkeun timbangana di poe kiamat engke nalika timbangan kaalusana
hampang. Jeung sing saha maca al-Qur^an sanajan saayat dina eta bula, mangka
pahalana sarua jeung maca satamatan al-Qur^an di bulan-bulan liana. Masih
seueur deui pidawuh/khutbah Rasul anu ngenaan nyambut jeung kautamaan bulan
Ramadlan. Wallohu A'lam.
RUKSAKNA IMAN JEUNG ALAM
Ku : Drs.H. Asep syaripudin M.Si

Hayu urang regepkeun pidawuh Alloh dina surat Ar-Rum 40-42, uni hartosna kieu : "Nya
Alloh anu ngayugakeun maraneh, tuluy Anjeunna anu maparin rejeki ka maraneh, tuluy
Anjeunna anu bakal mateni maraneh, tuluy Anjeunna anu bakal ngahirupkeun deui
maraneh. Naha aya ti antara sarekat-sarekat maraneh nu migawe perkara nu karitu? Maha
suci Anjeunna jeung maha luhung tina saniskara anu ku maranehna disarekatkeun. Geus
timbul karuksakan di darat jeung di laut alatan pagawean leungeun manusa, anu
balukarna Alloh nibankeun ka maranehna (wawales-tina) sabagian anu ku maranehna
dilampahkeun, supaya maranehna babalik pikir. Pok caritakeun, "Jung maraneh geura
ngalalana di ieu bumi, tuluy titenan kumaha balukarna jalma-jalma baheula anu
kalolobanana jalma-jalma musyrik.

Upami dititenan sakumaha dawuhan di luhur, estuning ngagaduhan ma'na nu jero pisan.
Siklus kahirupan, masalah karuksakan jeung palajaran tina kahirupan manusa samemehna
pikeun eunteung ayeuna. 
Dina tilu ayat di luhur, Alloh negeskeun ka manusa, yen 'ngayugakeun kahirupan',
'nyiptakeun rejeki' ajang bekel hirup, 'maot' jeun 'datangna poe kiyamah' sadayana
mangrupa sunnatullah, sarta teu aya deui nu kawasa pikeun ngarobahna anging ku
kawasana Alloh Swt.  Sedengkeun ari masalah karuksakan di darat jeung di laut nu jadi
sabab pagawean manusa, nu saterusna timbulna kaayaan nu sarwa kurang jeung ilangna
sareat pirijkieun, eta mah sanes kalebet sunatulloh, tapi alatan paripolah manusana
sorangan nu teu nyekel pageuh naon nu sabenerna tugas manusa salaku khalifah. Alatan
polah manusa saperti kitu oge, cirining manusa geus teu mampuh nyakinkeun yen nu
ngayugakeun ieu alam jeung nu salawasna maparinan pituduh teh Alloh Swt. 
Bukti-bukti arkeologis nu hasilna dikumpulkeun ku para elmuan tina sababaraha situs
purbakala geus nuduhkeun, yen manusa moderen  teh nu hirupna aya diluhureun fosil
sajarah peradaban generasi manusa nu mampuh ngawanun kamajuan jeung karaharjaan,
tapi maranehna ancur nu leuwih-leuwih alatan naon nu geus dilakukeunana. Di sagara
keusik Arabia, di sababaraha dasar lautan, sarta dihandapeun tumpukan lava gunung
vesuvius geus kapanggih ayana patilasan peradaban manusa nu dipekirakeun ancurna
kalawan ngadadak. 
Dina al-Qur'an seueur disebutkeun bangsa-bangsa nu diancurkeun alatan paripolah
manusana sorangan nu mengpar tina moral jeung akidah musyrik tea. Naha kumaha atuh
hubungan kamusrikan jeung karuksakan di muka bumi ieu teh?

Alloh nu Maha ngayugakeun sadayana alam (Alloh al-Khaliq). Anjeunna geus


ngatur kumaha tatanan nu mangrupa sunnatulloh. Alloh nu maha miara, nu
ngajaga, tempatna panyalindungan. Alloh geus ngatur kalawan ditetepkeun ayana
hukum alam nu disebut sunnah tasabubiyyah (kausalitas) kalawan sampurna
(Alloh Robbul 'alamin). Alloh tempat pangbalikkan sakabeh mahluk-Na (Alloh al-
Ma'bud). Ku kituna, urang kedah teguh dina kayakinan yen teu deui pangeran nu
ngajaga ieu alam anging aya dina penjagaan Alloh, teu aya deui pangeran nu
ngatur ieu alam jeung eusina anging aya dina pangaturan Alloh (tauhid
rububiyyah), yakin yen teu aya deui pangeran nu wajib disembah anging ka hiji-
hijina dzat Alloh (tauhid ubudiyyah), jeung yakin, yen Alloh mung hiji-hijina
pangeran kalawan teu aya nu bisa nyarekatan (tauhid uluhiyyah).

Alatan kabodoan manusa sarta lolong dina kayakinan, henteu paham ka nu


nyiptakeun, ka nu ngapimilik, sarta ka nu jadi puseurna katoatan, ahirna manusa
aya dina kaayaan nu linglung kalawan teu mampuh dina nyepeng amanah
kakhalifahan nu samistina.

Alatan kabodoan manusa oge, ahirna katalimbeng nepi ka mahluk dijadikeun


"Tuhan" jeung manusa sorangan ngajadikeun sumberna bebeneran malahan
ngajadikeun pangeran. Nu kieu nu ngaranna musyrik, nu jadi asal mula
ditibankeunana sagala musibah.

Manusa oge dina ngolah jeung ngamangpaatkeun alam ieu, boh di darat boh
geus ngarasa jadi milikna sorangan, henteu ngarasa yakin yen saleresna Alloh nu
maha ngapimilik. Nepi ka maranehna ngarasa mampu ngadalikeun akibat nu geus
dilakukeunana. Ku kituna kasarakahan jeung kasenangan geus jadi pangeran
maranehanana. Maranehna deui sombong, ngajadikeun yen elmu pangaweruhna
hiji-hijina pituduh hirupna sorangan. Nu kieu nu disebut kamusrikan dina harti nu
leuwih luas. Kitu deui alatan pamadegan kitu nu saestuna akibat timbulna
musibah di alam semesta ieu.

Ku kituna, kahartos pisan, naon sababna tiap Nabi jeung Rosul salawasna
nyandak risalah tauhid nu jadi puseurna kasalametan manusia.  Alatan kayakinan
ka Alloh, manusa oge sayaktosna bakal mampuh ngajalankeun khalifah di muka
bumi.

Karuksakan pagawean manusa nu ngabalukarkeun timbulna musibah caah,


mangka hakekatna mah kaimanan manusa aya dina kaayaan ruksak, musyrik.
Sedengkeun timbulna karuksakan tauhid oge sumberna tina kabodoan manusa
henteu apal dina perkara saha nu saleresna nyiptakeun ieu alam jeung teu apal
kana ngaran-ngaran nu ku Alloh geus diturunkeun ka Adam (bil quwwah) nalika
diciptakeun sarta ditugaskeun jadi khalifah.
Ku kituna, nyalametkeun alam tina karuksakan, ieu teh tanggung jawab manusa,
tugas salaku khalifah, tugas urang yakin ka Alloh sarta tanggung jawab karana
manusa geus dipasihan apal kana ngaran-ngaran potensi alam ieu.

"Cacakan pangeusi eta nagri ariman sarta takwa, tanwande  Kami maparin
kurnia ka maranehna rupa-rupa berkah ti langit jeung bumi, tapi maranehna
ngabohongkeun. Nya Kami nibankeun siksaan ka maranehna alatan saniskara nu
geus diusahakeun ku maranehna".  (Q.S. al-A`raf :96).
  
Kamunafekan jeung karuksakan alam Nalika hijrah ka Madinah sarta ngabebenah
kahirupan anyar masarakat anu majemuk, Rasululloh mayunan hiji kaayaan anu
bangga. Di Mekkah mantenna adu hareupan jeung jalma kafir sacara langsung. Di
Madinah mantenna adu hareupan jeung jalma-jalma munafik. Lisan maranehna
netelakeun kaimanan, tapi hatena ngabantah. Waktu maranehna diajak pikeun
henteu nyieun karuksakan di alam dunya, maranehna ngabantah. Kalah sabalikna
maranehna ngaku minangka jalma-jalma anu nyieun kamaslahatan. Nabi adu
hareupan jeung tukang ngawaradul!

Ieu berita diinformasikeun ku Alloh dina surat Al-Baqaroh. Ieu bereta teh
sabenerna mah aya luyuna jeung kaayaan mental masarakat, malah mah boa
euntreup dina diri urang. Kamunafikan teh simbol tina pangaweruh anu henteu
napel dina hate. Pangaweruh nu ukur nepi kana tikoro, henteu nepi kana kolbu.
Pangaweruh anu eureun lebah obrolan, henteu jadi buah nu mangrupa tindakan.

Kiwari, cepil urang mingkin akrab mireng berita-berita musibah: katiga entak-
entakan, caah, krisis pangan, nekna suhu, leyurna es di kutub utara, lini, abrasi
basisir, sagara keusik ngalegaan, jeung berita-berita sejenna. Ieu berita goreng
ngeunaan karuksakan di darat jeung di laut teh kawas mangrupa tina nu kaunggel
dina Al-Quran anu diturunkeun 14 abad nu kaliwat.  Pidawuh-Na : "Geus
katembong karuksakan di darat jeung di laut balukar polah manusa, nu
ditibankeun ku Alloh ka sangkan maranehna ngarasakeun kana noan anu geus
dipilampah ku maranehna. Muga-muga maranehna balik deui (kana jalan Alloh) ".
(Q.S. al-Rum:41).
Dina Al-Qur'an Alloh netelakeun yen karuksakan di alam dunya teh mangrupa
(alatan) laku lampah manusa munafik. Dina lahirna mah maranehna pinter nyarita,
ngomong kahadean, mroklamasikeun yen maranehna teh micinta agama jeung
Alloh, tapi disatukangeun eta nyamuni seuneu mumusuhan. Di alam dunya,
maranehna nyieun musibah, ngaruksak tatangkalan, jeung ngabinasakeun ingon-
ingon ternak.

Hayu urang lenyepan deui pidawuh Alloh: "Sarta di antara manusa aya jalma
anu caritaanana ngeunaan urusan dunya ngalantarankeun anjeun kataji. Sarta
manehna kedal sumpah kalawan asma Alloh yen manehna micinta anjeun.
Padahal manehna teh jalma anu kacida pisan ngamusuhna. Sarta upama manehna
misah ti anjeun, manehna lumampah di alam dunya pikeun nyieun karuksakan,
ngancurkeun tatanen jeung ingon-ingon ternak. Alloh henteu mikaresep
karuksakan." (Q.S. al-Baqarah : 204).

Di jama kiwari, jalma-jalma anu micinta lingkungan ngarasa guligah. Dunya


urang ayeuna ngajerit alatan lumangsungna karuksakan leuweung anu neregteg.
Balukarna, krisis cai ngancam padumi dunya!  Hiji lembaga riset dunia mere
laporan yen sapertilu sato mamalia di alam dunya ayeuna geus aya dina daftar
merah kamusnahan!

Naon hubungan egoismeu jeung karuksakan lingkungan? Egoismeu jeung


kateupadulian urang teh mangrupa marga lantaran mucunghulna sagala pasualan
lingkungan anu kaalaman ku urang poe ayeuna. Rea di antara urang anu ukur
mikirkeun kasenangan pribadi tanpa mikiran pangaruh anu bakal tumiba ka
lingkungan di sabudeureun urang, pon kitu deui lingkungan global sacara
gembleng. Ukur lantaran ngarasa boga duit, urang henteu malire pepeling jeung
ajakan pikeun ngirit enerji.

Geura sawang: Sakumaha rena enerji jeung sumber daya anu kudu kapiceun
teu puguh ukur alatan jalma-jalma hayang ngararasakeun kasenangan anu
saenyana mah henteu bener-bener dibutuhkeun ku maranehna. Sakumaha reana
enerji jeung sumber daya anu kapiceun teu puguh ukur alatan hayang midang
pinuh ku gengsi.
Jalma-jalma mindeng meuli hal-hal anu ku maranehna henteu dipikabutuh,
ngaganti barang-barang anu kuduna mah masih keneh bisa digunakeun ukur
alatan bosen. Urang henteu kungsi mikiran sakumaha reana tanaga jeung sumber
daya ieu planet anu ruksak keur nyumponan eta kabutuhan egois urang.

Regepkeun hiji hal: Artos saderek memang tiasa dianggo meser mangleter-leter
BBM, tapi eta artos teh henteu bisa mulangkeun saban leter BBM anu parantos
dicandak ku saderek ti alam. Butuh jutaan taun pikeun ngahasilkeun BBM anu ku
saderek tea dianggo.

Ulah ukur mikirkeun kasenangan hirup sorangan. Paling henteu geura pikiran
kaayaan generasi panerus, maranehna kudu ngalakonan hirup kalawan sagala
sumber daya anu kacida pisan kawatesanana alatan polah kolot, aki, nini, jeung
karuhunna dina mangsa nu geus kaliwat.

Laju saderek bakal kagungan pikiran, kapan urang teh boga enerki alternatif
kayaning bio fuel, hidrogen jeung sajabana? Angger bae eta sakabeh henteu gratis,
teu weleh aya nu kudu dikorbankeun. Bio Fuel ngabalukarkeun karuksakan
lingkungan lantaran keur melak eta tatangkalan bahan bakar teh butuh lahan anu
henteu saeutik. Hidrogen masih keneh mahal sarta tacan bisa diproduksi sacara
efisien. Kumah keh lamun planet urang ancur tiheula samemeh urang bisa
ngarasakeun genahna eta tehnologi. Kiwari urang paudag-udag jeung waktu.
Rea pisan jalma di beubeulahan dunya sejen anu kacida butuhna ku saban keclak
BBM anu dipake ku urang, saban keclak cai beresih, jeung hal-hal sejenna anu
ngarojong kahirupan maranehna. Hayu urang singkil sarta ngabuleudkeun tekad
yen manusa teh bener-bener mahluk pilihan Alloh anu ditugaskeun jadi khalifah:
ngama'murkeun alam dunya sarta nanjeurkeun perdameyan. Berjuang nyegah
karuksakan sarta ngabebenah deui sakumaha Alloh ngabebenahna nepi ka salaras
tur saimbang.

Upama urang geus salah ngalengkah sarta ngalaksanakeun tindakan tanpa elmu
dina ngamangpaatkeun alam. Urang omean lengkah jeung tindakan urang. Urang
bayar kasalahan urang ku laku lampah anu sabalikna. Upama urang geus
milampah tindakan anu talobeh dina ngamangpaatkeun sumber daya alam,
ngahare-harekeun hasil analisa dampak lingkungan (AMDAL), atuh ayeuna urang
ngalaksanakeun tobat nyeta ngeureunan tindakan anu talobeh tanpa pangaweruh,
pindah jadi manusa anu wijaksana anu ketak igelna teu weleh ati-ati tur taliti.
Ku margi kitu, hayu urang babarengan ngedalkeun tekad geusan salawasna
ngaberesihkeun diri urang tina kamunafikan. Ku ieu cara, muga-muga urang
kaasup kana jalma-jalma anu bagja di dunya jeung aherat. Amiin.

BIODATA :

AJAR TRY PURNOMO


XII IPA 3

You might also like