You are on page 1of 2

Budak Buncir

Ki Asép Sunandar Sunarya


Giri Harja 3 Bandung
 Sumber regepan : video anu di-download ti internét
 Dina hiji poé,  Hyang nyarékan Pandawa yén éta Pandawa jeung Kurawa téh  ti
leuleutik hayoh wé silih arah pati, ti lelembur silih arah umur. Pan ceuk batur mah éta téh
salah guruna, Hyang. Tah, solusina mah kieu wé, Pandawa jeung Kurawa wayahna kudu
bébésanan. Gatotgaca urang tikahkeun jeung putri Astina, Déwi Lesmining Puri. Tapi
tawaran ieu ditampik ku Gatotgaca. Saurna mah Gatotgaca téh can hoyong gaduh bojo, da
can begér. Padahal umurna tos ±30 taun. Sabenerna mah Gatotgaca téh ngarasa paur,
dibalik pajodoan ieu aya maksud anu lian ti Kurawa.
Ari Hyang jeung Pandawa keukeuh Gatotgaca kudu kawin. Puguh wé pakeukeuh-
keukeuh. Terus Semar mamatahan Pandawa, tong sok mamaksa batur. Pék téh Semar
diciduhan, terus ditajong. Daripada dipaksa kawin, Gatotgaca milih kabur. Hyang nitah
Arjuna ngudag Gatotgaca, paksa kadieu deui.
Ahirna Gatotgaca kapanggih ku Arjuna. Arjuna jeung Gatotgaca duél. Arjuna éléh ku
Gatotgaca. Gatotgaca kabur deui. Kaburna téh ka Partapan Tutugan Gunung Parasu.
Sesepuh di partapan éta téh namina Merakgaca. Merakgaca mamatahan Gatotgaca yén
ancurna hiji nagara téh kusabab budayana tos ancur. Jati kasilih ku junti. Jadi Aki
Merakgaca ngadirikeun pasantrén supados nagara ieu teu ancur. Si Aki Merakgaca nyarios
kitu kusabab ngira yén Gatotgaca badé néwak Aki gara-gara gaduh pasantrén. Padahal mah
Gatotgaca ka partapan Aki téh bade nyuhunkeun panarawangan, badé ngabuktikeun
dugaan Gatotgaca yén aya maksud liana tina pajodoan Gatotgaca jeung Déwi Lesmining
Puri. Pék téh bener, tina hasil panarawangan Aki Merakgaca, Gatotgaca téh sabenerna mah
rék diracun ku Kurawa. “Tuh nya pan bener firasat téh”, ceuk Gatotgaca.
 

Terus Gatotgaca naros ka si Aki, “Saha atuh pijodoeun Abdi téh Ki?”. Si Aki
ngajawab yén jodo na Gatotgaca aya di Kidul, di nagri Tirta Dahana. Namina téh Déwi
Dahana Wati, putrid Raja Dahana Déwa. Tah di nagri Tirta Dahana nuju diayakeun
sayémbara, saha anu bisa ngéléhkeun jago sayémbara rék ditikahkeun jeung Déwi Dahana
Wati. Jago sayémbarana téh Patih Nagara Tirta Dahana, namina Tirta Sakti. Tapi Gatotgaca
ragu kénéh bener teu sih jodo Abdi téh éta. Supaya bener-bener nguji kabeneranana,
Gatotgaca di sulap ku Aki Merakgaca jadi pendék, hideung, hina, tapi jago kénéh gelutna,
namina gé diganti jadi Budak Buncir.
Teu lila, Cépot jeung Pétruk datang, néangan Gatotgaca. Tapi da Gatotgaca na tos
robah rupa, jadi Cépot jeung Pétruk teu kenaleun. Terus si Aki ngabéjaan Cépot jeung
Pétruk yén Gatotgaca keur di kidul, di nagri Tirta Dahana, sigana mah keur lalajo
sayémbara anu diayakeun di Tirta Dahana. Terus Cépot jeung Pétruk badé nyusul ka Tirta
Dahana. “Engké heula, Aki badé nitipkeun putra Aki, ieu, si Budak Buncir. Hoyong lalajo
sayémbara ceunah”. “Hayu atuh, asal tong ngérakeun”, ceuk si Cépot jeung Pétruk. Tiluan
arangkat ka Tirta Dahana.

You might also like