Kakocapkeun dina jalma baheula, aya hiji jajaka kacida bageurna. Lain ukur ka sasama manusa, tapi ka bangsa sasatoan ogẻ manẻhna tẻh kacida pisan perhatianana. Sakali mangsa manẻhna indit ngalalana tumpak kuda. Tacan gẻ jauh inditna, keleper aya bangbung nyamperkeun. “Bagẻa Ki Jajaka,” ceuk Bangbung, “ Meunang kuring milu?” “Puguh waẻ,” tẻmbal Jajaka, “Yu tuh arẻk milu mah!” Ngadẻngẻ kitu, bangbung kcida atoheun. Teup bangbung enteu dina tonggong kuda. Keur kitu torojol aya landak norojol ti jerouen saliara, nyamperkeun ka ẻta jajaka, bari pok ngomong, “Bagẻa Jajaka, meunangg kuring milu?” “Puguh waẻ, yu atuh, “tẻmbal Ki Jajakanana. Kalacat landak naẻk kana tonggong kuda. Jajaka, bangbung, jeung landak neruskeun lalapahanana. Teu lila jol keuyeup. manẻhna kokodẻpẻlan dina bagedor cau sisi walungan, tuluy ngadekeutan si jajaka. “Bagẻa Jajaka, meunang kuring milu?” pokna bari neuteup ka ẻta Jajaka. Si Jajaka ogẻ nẻmbalan. “Puguh waẻ, yu atuh.” Geus kiyu mah kalacat keuyeup tẻh naẻk kana tonggong kuda. Wanci sareupna jol maranẻhna nepi ka hiji imah di pagunungan. Jajaka keketrok kana panto, tapi euweuh nu nẻmbalan. Geus kitu mah, bari rada asa-asa, blus Jajaka sup ka jẻro imah. Di jẻro, manẻhna manggih budak awẻwẻ nu keur inghak-inghakna ceurik semu kanyeyerian.
“Kunaon , ku naon Nyai ceurik?” Jajaka nanya.
“Puguh aya maung, tuh di gunung tukangeun imah,” tẻmbal budak awẻwẻ. “Unggal peuting manẻhna datang ka dieu. Bapa, ema, lanceukna lalaki jeung lanceuk awẻwẻ kuring geus tiwas dihakan maung. Sigana peuting ieu giliran kuring. Tah kitu pangna kuring ceurik tẻh.” “Deudeuh teuing, Nyai!” ku akang jeung babaturan Akang rẻk mantuan nulungan. Sugan waẻ Gusti Nu Mahasuci marengan.” Tuluy babaturanana kabẻh dicalukan sarta terus dibagi pagawẻan. Bangbung kudu tunggu di juru kamar sarta lamun datang, kudu geuwat niup damar. Landak kudu ngaruang manẻh dina taneuh sarta waktu maung geus deukeut geuwat nancebkeun cucuk-cucukna ka awak maung. Keuyeup kudu tunggu dina luhur kentẻng sarta dipapancẻnan ngaragagkeun manẻh kana awak maung, tuluy nyapit sabisa- bisa. Sanggeus kabẻhanana mareunang pancẻn, maranẻhna muru tempatna sẻwang-sẻwang. Ari budak awẻwẻ mah sina ngaringkep manẻh di kamar. Ki Jajaka nyumput ngadedempẻs. Teu lila maung turun gunung, tuluy ngateyep asup ka jero imah. Keur kitu, pes damar pereum ditiup bangbung. Maung uyup-uyup bari undur-unduran, geduk ninggang periuk, jleng pangarih luncat, jejebot sirah maung diteunggeul ku Jajaka. Maung lumpat utag-atog moroan lawang, gejos sukuna kacugak cucuk landak. Maung ngagaur nyerieun. Barang rẻk lumpat kaluar imah, guprak keuyeup ninggangkeun manẻh tina luhur para imah, tuluy nyapit sirahna. Maung kacida ripuheunana. Diserang tiditu ti dieu. Satuluyna, manẻhna ngabecir muru leuweung. Satuntasna kajadian ẻta maung tara daẻk deui datang. Kapokkeun mereun. Budak awẻwẻ tẻh kacida atoheunana, manẻhna nganuhunkeun sababaraha kali ka Ki Jajaka. Teu lila, pruk duanana kawin, sarta saterusna ngambah hirup rumah tangga kalayan hunang-hening, teu boga musuh. Duanana pada-pada dipikanyaah ku tatangga jeung dulur-dulurna ku sabab sikep hadẻ hatẻ nu dipilih ku maranẻhnana. Unsur Intrinsik
a. Tema : Sikẻp hadẻ hatẻ, tulung-tinulungan nu ahirna
mawa bagja pikeun sarẻrẻa. b. Alur : Dimimitan ku sikep boga kanyaah ka sasama, kaasup sasatoan, Ki Jajaka bisa nulungan budak awẻwẻ Kalawan gampang. Manẻhna dibantuan ku bangsa sasatoan anu dibawana, nu ahirna budak awẻwẻ ẻta bisa salamet tina ancaman maung. Ki Jajaka jeung budak awẻwẻ ahirna laki rabi, kawin kalawan meunang kabagjaan. c. Latar : Di hiji tempat, dipakampungan, di jaman baheula, dina kayaan sasatoan galak loba kẻnẻh. d. Penokohan : Ki Jajaka sabagẻ tokoh utama, miboga sipat hadẻ hatẻ, resep tutulung ka sasama. Sipatna digambarkeun langsung ku pangarangna ogẻ digambarkeun sikep jeung paripolahna. e. Jihat sawang : Pangarang sabagẻ jalma kayilu, ngan ukur tukang nyarita, heunteu kalibat langsung dina caritana. f. Amanat : Kudu resep tutulung, hiji kaalusan moal ka