You are on page 1of 1

Sampurasun.......

Rupina sadaya gaduh kahoyong kantun kumaha urang ngangon pangawasa titipan tinu kawasa, sangkan
ulah di usikeun kana pirugieun hirup, buktikeun sagalana ku tekad, niat nu suci, ucap,lampah anu nyata,
kasifatan welas asih... sadaya ge aya nu ngahayangkeun, numawi kedah uninga diri teh saha?
tah lamun diri nu ngajati (nga jaga ati)
aya dasar: HADE tapi KADE (KAHADE)
"Sing saha nu milaku kahadean tapi ukur lilisanan wungkul,kade dajala nu nungtun"
Nu mawi kuma putusan hirup anu keur salira di salira da nu salira..
permana jati, permana teh tetepkeun ngajaga ati
Sangkan sidik tingal pangreungeu,
Sangkan sidik tingal pangrungu..
Urang SUNDA kudu ajeg panceg dina kaSUNDAanna,sok sanajan mibanda rupa-rupa ageman, poma
ulah poho kana TANGTUNGan, kudu pageuh dina titincakan,
satemenna pieun urang SUNDA mibanda purbatisti-purbajati nu mandiri nu jadi tatali paranti karuhun
mangrupa ugeran jeung wiwaha nu pinuh ku ajen kaluhungan budi jeung kasampurnaan hirup...
ugeran sareng wiwaha nu jadi ciri jati diri na urang SUNDA
antawisna :
Mipit kudu amit-ngala kudu menta, nete taraje-nincak hambalan, nyukcruk galur-mapay laratan, malapah
gedang, herang cai na-beunang laukna, asak jeujeuhan-jembar hampura, leuleus jeujeur-liat tali, landung
kandungan-laer aisan, ipis lapis-kandel tapel, waspada permana tinggal, seukeut deuleu-seukeut ambeu,
weruh sadurung winara(weruh ka jalan pangbalikan nu sajati).
Sing saha KI SUNDA nu miharep buah kamulyaan,kudu sanggup ningalkeun: hiri dengki, sirik pidik, jail,
kaniaya ka papada, iren pinastren, cegekan, cedihan, panasan, teu kaopan, tur teu payaan. sabab eta
sakabeh sifat karang sang "angkara"

Mugia tabe pun ka salira, sanes maksad bade tataheur, ieu mah mung saukur bahan alat keur
mageuhkeun rasa urang sadayana..

You might also like