You are on page 1of 4

LEUWI

sora nu tinggerendeng
teu weleh saheng
di leuwi aing

laut nu tan istirah


teu weleh motah
di leuwi aing

di leuwi aing
sagala teu weleh betah
sagala teu weleh motah

(Abdullah Mustappa, Tina Mangle No.217)

LALAKON I

Mangsa budak resep ulin


ngarucu bulan
mangsa rumaja resep wanoja
ngumbar asmara
nincak sawawa narik jangkar
ngambah sagara
geus kolot mah kari tapakur
isuk sore ngitung
umur!

(Hadi AKS, Tina Galura No.39)

LAGU HIRUP

Unggal poe unggal lengkah


nataan tanggal dina kalender
angger aya nu diarep-arep
ari umur melesat henteu kajeueung

Dina beja dina carita


teu weleh aya nu miheulaan
warna-warni kajadian. Teu kapireng
da puguh katalimbeng rusiah

Dina sakeclak cimata. Aya kasedih


nu teu kedal. Dina kongkolak
kahirupan. Aya nu miang
teu mulang deui

(Eddy D. Iskandar, 1992)

DEDEN ADITYA NUGRAHA


XII IPA 1
SMAN 1 MARGAHAYU
BONGAN KITU

Bongan kitu disebutna, puguh mega


dipapay di awang-awang: cek aing angin

bongan kitu karasana, nyerina raheut


tatamba ka saban tabib: cek aing ngimpi

bongan kitu digambarna, geulis kabina-bina


ditepungan unggal wayah: cek aing werejit

bongan kitu pandena, nyarita sorangan


ditataan di rs jiwa: cek aing eling

bongan kitu ayana, beda jeung nu lian


diguliksek dina kamus: cek aing ibadah

bongan kitu itunganana: Gusti

(Juniarso Ridwan, 1992)

Ukur jadi kalangkang

 
Bulan ukur jadi kalangkang dina peuting ngabangingik, jadi tumbal dina réwuan juta lampu nu moncorong. Beureum,
konéng ngagindingan kota, sawaréh lalumpatan di jalan-jalan patakonan. Ting garerung bari ting sérépét meupeus
lamunan. Langit beuki alum némbongkeun kaceuceub. Kuring beuki anteng ngelun-ngelunkeun haseup filter,
sumarambah ngalimpudan jomantara. Nyéh, bulan seuri basa kuring ngajak sasalaman, ngajak ulin lulumpatan dina
kecap-kecap nu ngawangun puisi…

 (IWAN  M. Ridwan  Galura edisi Minggu ka I Agustus 2010)

PAHLAWAN
Rachmat M. Sas Karana

Prajurit nu teu mulang ti danalaga


perang'na jalan nu dipirido Allah Ta'ala
tong dianggap palastra
lantaran maranehna, langgeng hirupna

Ngan
Bisa jadi urang teu sadar
poho lantaran tambelar
kana pahlawan nu ngancik `na sanubari
nu meunang ganjaran tan wangenan
ti Gusti Nu Maha Suci

DEDEN ADITYA NUGRAHA


XII IPA 1
SMAN 1 MARGAHAYU
Boa - Boa

Kuhoyong sajadah
janten “alketip ngapung”
jajap waruga
deuheus Salira
ka Sidratul Muntaha

Raga madep Kabah - Baetullah

Kalimah takbir di ucap


babacaan dilenyepan
maca ayat ditarikkeun - ditutup ku aweh salam
tapi,
emutan
angger ngalalana
kamamana-kamamana

Gusti,
Rakaat demi rakaat
nu diadegkeun
to’at dawuh Isro Miraj
boa - boa
ngan saukur, dianggap
olah raga
ku Salira
boa-boa
boa-boa

CIKARACAK

Cikaracak ngarakacak
leuweung dibukbak
huluwotan ngoletrak
caina teu ngeclak
kampung burak
rahayat ngoceak
para kglomerat: curak-curak
sila andekak

Naha kudu nungguan rahayat barontak


lamun cikaracak caina hayang ngeclak, atawa:
kudu aya tangkurak dekok
dibeletak batu cikaracak
nu lawas teu manggih
tiisna keclak cai :
cikaracak

Lamun rahayat ngoceak


Cikaracak ngarakacak

DEDEN ADITYA NUGRAHA


XII IPA 1
SMAN 1 MARGAHAYU
pamingpin milu andekak
naha urang ge cukup calawak

DEDEN ADITYA NUGRAHA


XII IPA 1
SMAN 1 MARGAHAYU

You might also like