You are on page 1of 5

KATA PENGANTAR

PUJI SARENG SYUKUR URANG PANJATKEUN KA


HADIRAT ALLAH S.W.T
SARENG SOLAWAT JEUNG SALAM NGALIMPAH TERUS
KA JUNJUNGAN URANG SAREREA KANJENG NABI
MUHAMMAD S.A.W
DIJIEUNKEUN TUGAS KLIPPING “KASENIAN URANG
SUNDA” IEU KANGGE TUGAS DEBAT DI SEMESTER KA-
2 DI KELAS VIII J.
KLIPPING IEU NGABAHAS TENTANG KASENIAN-
KASENIAN URANG SUNDA.

Wayang Golék téh hiji seni pintonan wayang nu


mangrupa bonéka tina kai nu dipaénkeun ku dalang, nu kawentar tur populér pisan di Tatar Sunda.
Wayang
Wayang mangrupakeun bentuk téater rahayat nu populér pisan. Masarakat mindeng
ngahubungkeun kecap "wayang" jeung "bayang", dumasar pintonan wayang kulit nu mintonkeun
hirupna bayangan/kalangkang wayang dina layar. Di wewengkon Tatar Sunda, nu pangpopulérna
mah wayang golék.
Wayang golék aya dua rupa: wayang golék papak (cepak) jeung wayang golék purwa. Iwal ti
wayang wong, pintonan wayang dimaénkeun ku dalang nu mingpin pintonan sakaligus
ngalagukeun suluk, nyoarakeun antawacana, ngatur gamelan, ngatur lagu, jsb.
Tumuwuh
Sakumaha alur carita pawayangan umumna, dina pintonan wayang golék ogé biasana boga
lalakon-lalakon anu boh galur atawa caranganana dicokot tina carita Ramayana jeung Mahabarata
kalawan migunakeun basa Sunda nu diiring ku gamelan Sunda (saléndro), nu diwangun ku dua
saron, peking, selentem, bonang, bonang rincik, kenong, sapasang goong (kempul jeung goong),
ditambah kendang (hiji kendang Indung jeung tilu kulanter), gambang jeung rebab.

Jaipongan: nyaeta hiji wanda seni tari nu lahir tina kreativitas seniman asal Bandung, Gugum
Gumbira. Perhatiannana kana kasenian rahayat nu salasahijina nyaeta ketuk tilu nyababkeun
anjeunna wanoh bener-bener kana perbendaharan pola-

pola gerak tari tradisi nu aya dina kiliningan/bajidoran atawa ketuk tilu. Gerak-gerak bukaan,
pencugan, nibakeun jeung sababaraha ragem gerak mincid tina sababaraha kasenian di luhur cukup
miboga inspirasi keur ngamekarkeun tari atawa kasenian nu kiwari dipikawanoh minangka
jaipongan. Kiwari jaipongan sering dipake keur hiburan dina acara kawinan jeung sunatan,
utamana di daerah Subang jeung Karawang.
Samemeh wangun seni pertunjukan ieu mucunghul, aya sababaraha pangaruh nu ngasangtukangan
wangun tari pergaulan ieu. Di Jawa Barat misalna, tari pergaulan mangrupakeun pangaruh tina
Ball Room, nu biasana dina pintonan tari-tari pergaulan teu leupas tina ayana ronggéng jeung
pamogoran. Ronggéng dina tari pergaulan henteu ukur fungsi keur kagiatan upacara, tapi keur
hiburan atawa cara gaul. Ayana ronggeng dina seni pintonan mibanad daya tarik nu ngondang
simpati kaum pamogoran. Misalna dina tari Ketuk Tilu nu kacida dipikawanohna ku masarakat
Sunda, diperkirakeun kasenian ieu kasohor sakitar taun 1916. Minangka seni pintonan rahayat,
kasenian ieu ukur dirojong ku unsur-unsur basajan, saperti waditra nu ngawengku rebab, kendang,
dua siki kulanter, tilu siki ketuk, jeung goong. Pon nya kitu deui gerak-gerak tarina nu henteu
mibanda pola gerak nu baku, kostum penari nu basajan minangka lambang karahayatan.
Angklung: nyaéta alat musik tradisional Sunda nu dijieun
tina awi, dimaénkeun ku cara dieundeukkeun (awak buku awina neunggar sarigsig) sahingga
ngahasilkeun sora nu ngageter dina susunan nada 2, 3, nepi ka 4 dina unggal ukuranana, boh nu
badag atawa nu leutik. Laras (nada) nu dipaké angklung tradisional Sunda biasana saléndro jeung
pelog.
Dina kasenian Sunda, nu migunakeun alat musik tina awi di antarana angklung jeung calung.
Anapon awi nu sok dipaké nyieun ieu alat musik biasana tina awi wulung (awi nu kelirna hideung)
jeung awi temen (kelir bodas). Sada nu kaluar tina angklung jeung calung asalna sarua, nyaéta tina
solobong awi nu ngelentrung lamun ditabeuh (diadu).
Rupa-rupa angklung
Angklung Kanékés
Di wewengkon Kanékés, angklung utamana dipaké patali jeung upacara-upacara tatanén, lalin keur
hiburan. Angklung dipaké nalika melak paré di huma jeung ngubaran paré (tilu bulan sanggeus
dipelak). Sanggeus dipaké, angklung disimpen dina upacara musungkeun angklung.
Angklung Dogdog Lojor
Kasenian dogdog lojor ayana di masarakat Kasepuhan Pancer Pangawinan atawa masarakat adat
Banten Kidul nu sumebar di sabudeureun Gunung Halimun. Najan kasenian ieu ngaranna dogdog
lojor, luyu jeung salasahiji alat musikna, ieu kasenian dilengkepan ogé ku angklung, sabab patali
jeung upacara adat paré. Unggal geus panén, masarakat ngayakeun acara Sérén Taun di puseur
kampung adat (imah kokolot) anu biasana pindah-pindah luyu jeung paréntah tina wangsit.
Angklung Gubrag
Angklung gubrag ayana di kampung Cipining, kecamatan Cigudeg, Bogor. Ieu angklung umurna
geus kolot, dipaké dina upacara melak, ngunjal, jeung ngadiukkeun paré ka leuit. Dumasar carita
turun-tumurun, ieu angklung téh mimiti aya dina hiji mangsa paceklik.
Badéng
Badéng téh mangrupakeun kasenian nu asalna ti Sanding, Malangbong, Garut. Bentuk kasenian
angklung ieu dipaké pikeun kapentingan da'wah Islam, kira abad ka-16 atau 17. Harita, Arpaén
jeung Nursaen (dua warga Sanding), diajar Islam ka Demak. Samulangna ti Demak, aranjeunna
nyumebarkeun ajaran Islam ka masarakat Sanding hususna migunakeun kasenian badéng.
Tembang Cianjuran: mangrupakeun seni vokal Sunda nu
dibarengan ku alat musik kacapi indung, kacapi rincik, suling, jeung rebab. Asalna mah, di tempat
borojolna, Cianjur, kasenian ieu téh disebutna mamaos. Dingaranan tembang Cianjuran sotéh ti
taun 1930-an, anu lajeng dikukuhkeun taun 1962 dina Musawarah Tembang Sunda sa-Pasundan di
Bandung.
Mamaos kabentuk dina mangsa pamaréntahan bupati Cianjur RAA Kusumaningrat (1834—1864)
anu sok ngarang ieu tembang di hiji wangunan nu disebut Pancaniti. Kusabab kitu, anjeunna
katelah Kangjeng Pancaniti.

Sajarah:
Mamaos kabentuk dina mangsa pamaréntahan bupati Cianjur RAA Kusumaningrat (1834—1864)
anu sok ngarang ieu tembang di hiji wangunan nu disebut Pancaniti. Kusabab kitu, anjeunna
katelah Kangjeng Pancaniti.

Calung nyaéta pakakas musik Sunda anu mangrupa


prototipe ti angklung. Béda jeung angklung, cara maénkeun calung mah ku cara nakol (wilahan,
bilah) awi anu disusun nurutkeun titi laras (tangga nada) pentatonik (da-mi-na-ti-la). Jenis awi
pikeun nyieun calung lolobana tina awi wulung (awi hideung), tapi aya ogé anu dijieun ti awi
temen (awi pulas bodas).Sajaba dihartikeun salaku pakakas musik, calung ogé jadi istilah sebutan
pikeun seni pintonan. Aya dua wangun calung Sunda anu dipikawanoh, nyaéta calung rantay sarta
calung jinjing.
Kamekaran:
Jenis calung anu ayeuna mekar sarta dipikawanoh sacara umum nyaéta calung jinjing. Calung
jinjing nyaéta jenis pakakas musik anu geus lila dipikawanoh ku urang Sunda, contona di
wewengkon Sindang Heula - Brebes, Jawa tengah, sarta bisa jadi mangrupa kamekaran ti wangun
calung rantay.

You might also like