You are on page 1of 3

Nu Mangkat 

Nyaba
Kang Jaja rèk mangkat nyaba ka Jakarta. Mèmèh mangkat, isuk-isuk kènèh manèhna mumuluk
bubur ayam. Teu poho pus-ap lima kali, sit-ap lima kali, pul-ap opat kali karasa geuning
manèhna hahèhoh jeung lapareun deui. Belewek jajan buras. Ku keyeng kahayang muru dulur
rèk milu dagang di kota, bèla meupeus cèlèngan bangkong nu mangbulan-bulan can di buka.
Barang prèk peupeus, katèmbong sapuluh rèbu aya genep, dua puluh rèbu aya dua, lima rèbu aya
tujuh, rèbuan aya tilu puluh, cucunguk paèh aya tilu, rècèh saratus logam mah horèam ngitung.
Sawarèh rumasa kudu dibikeun ka indungna pikeun balanja sapopoè. Sèsana di pakè ongkos
nyaba. Enya, saongkoseun gè baè cenah, da geus tepung mah jeung Mang Teten di Jakarta moal
kudu hariwang.

Dua taun katukang Mang Teten geus tiheula ngalalana di Jakarta. Kamari pisan manèhna ngirim
surat ka Kang Jaja sangkan nuturkeun ka Jakarta, mantuan ngepak bubuahan di ruko. Lumayan
cenah, batan huleng jentul cicing di lembur taya pagawèan nu alus. Nya kitu keur mangsa
luntang-lantung jeung Mang Teten di lembur gè, Kang Jaja jeung Mang Teten teu welèh
paheuyeuk-heuyeuk leungeun sapapait samamanis. Kitu tea Mang Teten mah resep ngalalana
abong urang Tasik, dalah Kang Jaja mah kacida kurung batok teu wani-wani ingkah ti lembur
acan. Lumrah mun Mang Teten masih inget kènèh ka Kang Jaja bubuhan babarengan geus lila,
meureun mah pait kalakonan duaan, bagja gè kudu.

Kang Jaja amitan kanu jadi kolot. Kasawang rèk pipisahan jauh. Mèmèh mangkat tunya-tanya
heula sual Jakarta ka Pa Lurah nu kungsi ulin ka Jakarta. Ti mimiti beus nepika angkot mèh
dibejaan Tuluy ngaran jalan, tempat, pasar. Pa Lurah ngadadak nyieun peta sangkan engkè Kang
Jaja teu barieukeun sasab di jalan. Kang Jaja unggut-unggutan. Nganuhun-nuhun. Enya, Mang
Teten tèh nitah Kang Jaja datang wè ka alamat nu kungsi ditulis dina surat. Tèangan di pasar
jeung di ruko nu ngaranna geus puguh jentrè dina eusi surat. Datang wè baè saongkoseun gè,
basana.

Beuleunyeung Kang Jaja numpak beus. Sajajalan manèhna nyawang pikahareupeun. Nya sugan
wè aya milik nu gedè. Rèk milu mantuan Mang Teten di Jakarta, puguh cenah dunungan Mang
Teten butuh pagawè deuih. Nya èta tèa nu diarep-arep ku Kang Jaja, pagawèan nu
nyampeurkeun sorangan. Najan dititah naon gè daèk waè asal tong dititah ngitung angka-angka.
Butek, basana. Ngitung duit mah bae. Kang Jaja sura-seuri sorangan.

Saumur-umur nyunyuhun hulu, kakara Kang Jaja nyaba jauh kieu. Ah itung-itung pangalaman
cenah. Hatè Kang Jaja sajajalan norowèco. Teuteup Kang Jaja ngintip tina jandèla nempo kaluar.
Asa waas keur Kang Jaja mah nu tileuleutik gumulung ukur di lembur. Nempo tempat anyar tèh
asa ngarasa hèlok. Nyaan dunya tèh lega kènèh. Kang Jaja ngarasa sebel. Beuteung asa murel
hayang utah. Kusiwel mawa kèrèsèk tina kantong. Ditahan-tahan ogè. Reup dipeureum-
peureumkeun panonna hayang disarèkeun, mèh teu karasa di jalanna. Panon poè ngarayap
nyorotkeun panasna. Hawa jero beus ngadadak bayeungyang.

Dipeureum-peureumkeun gè angger Kang Jaja tèh teu bisa sarè. Nu gigireun mah budak pamuda
ngagerenyem wè dahar kacang teu eureun-eureun. Sakapeung mah nawaran Kang Jaja. Kang
Jaja ngahanjakalkeun teu mekel dahareun ti imah. Cai nginum gè hanteu. Kadèngè ukur sora
mesin ngagerung luhureun aspal, puguh panumpang mah jempè jiga nu taribra kabèh.

“Hareudang nya, Pa.” ceuk nu gigireun semu nyengir ngipas-ngipas awak ku sapu tangan.
“Enya pisan, Cèp. Keur kaayaan kieu mah hayangna teh gebrus mandi.” Ceuk Kang Jaja. Budak
pamuda seuri ngahahah. Atoh pisan Kang Jaja aya nu maturan ngobrol, make basa Sunda deuih,
jadi asa teu kararagok ngawangkong gè.

Nyaan ku ngawangkong mah Kang Jaja gè teu karasa kesel jero mobil tèh. Eta budak pamuda
tèh budak mahasiswa. Cenah rèk ka lanceukna di Jakarta. Keur mangsa liburan kuliahna jadi
nyelang ulin ka Jakarta, sarua jeung Kang Jaja rèk ngadon gawè. Tah geuning, kabèh jelema
geus lieur ku duit mah. Mahasiwa gè nu kawajibanna diajar teu welèh nyelang nyiar duit. Kang
Jaja unggut-unggutan seuri jero hatè.

Nya tidinya Kang Jaja bacèprot ngawangkong ngalèr-ngidul jeung manèhna. Geuning karasa
beuteung Kang Jaja lapar kacida. Kang Jaja ngarumas. Untung wè ari nginum hungkul mah
budak pamuda tèh nawaran. Leguk wè Kang Jaja teu èra nginum bangun nu hanaang kacida.
Beurang panasna turun. Panon poè nyumput tukangeun mèga. Hawa teu bayeungyang teuing.
Genah karasana kana awak Kang Jaja na gè.
Mingkin lila, Leng. Reup Kang Jaja peureum…

***

Geuning lain reup kawas ilaharna sarè. Kang Jaja kapiuhan lila pisan. Barang lilir manèhna keur
di geuing-geuing ku supir jeung kondèktur. Kang Jaja nguniang hudang. Sirah semu lieur, awak
nyeri, beuteung nyeri. Kang Jaja istighfar. Panonna rinyay. Tikoro asa pahang. Awakna panas
nyebrèt. Teuing geus sabaraha jam teu sadar. Kang Jaja luak-lieuk. Geuning beus mah geus
towong. Leungeunna ngagarayam neang kantong. Ataghfirullah! Kamana kantong? Kang Jaja
reuwaseun.

“Kamana kantong, Kang? Kamana kantong kuring?” Kang Jaja tatanya ka kondektur jeung
supir. Nu ditanya kalahkan silih pelong. Gebeg deui Kang Jaja reuwas basa nempo arloji dina
leungeunna leungit. Kusuwal-kusiwel kana sakuna. Gebeg deui. Duitna gè euweuh. Ukur nyèsa
dua rebu. Goak Kang Jaja ngagoak. Kokotètèngan bangun ku bingung. Biwirna ngageter.
Panonna carinakdak. “Mana duit kuring! Mana arloji kuring! Mana kantong kuring!” kang Jaja
cocorowokan. Supir gogodeg. Kondèktur ngarènghap panjang.

“Kamu dicopet, Mas.” Ceuk kondektur ka Kang Jaja. Nu diajak ngomong olohok.
“Kejadian lagi, Bang…” kondektur ngarahuh. Pon kitu deui supir.
“Gak salah, Don, kena tipu ni orang…”
Kang Jaja kaluar tina beus bangun nu linglung naker.

Langit katèmbong ceudeum. Jelema lalar liwat di sisi jalan. Sora mobil silih tèmbal. Di terminal
Kang Jaja luak-lieuk bingungeun. Kang Jaja ceurik. Kudu kamana lalampahan. Apan alamat aya
dina surat. Suratna dina kantong. Leungeunna ngadègdèg ngodok saku baju. Aya kertas sacewir.
peta ti Pa lurah tèa. Untung peta mah aya. Di terminal Kang Jaja tunya-tanya ngeunaan peta dina
kertas. Inget kènèh Pa Lurah mèrè pijalaneun.

“Wah, masih jauh, Mas. Naik mobil angkot lagi dua kali kalo mau sampai..”
Butuh tujuh rèbu cenah mun hayang tepi naik angkot. Leng Kang Jaja ngahuleng. Naik mobil
duit timana. Apan dua rèbu deui. Kang Jaja kokotètèngan di terminal. sakapeung ngawani-wani
miceun kaèra mènta duit. Tapi euweuh nu daèk mèrè. Teungteuingeun. Hareupeun èmpèr toko
Kang Jaja ceurik deui. Gusti, kudu kumaha ayeuna pilampaheun? Kang Jaja ngajerit jero hatèna.

Ngarasa geus nyaho jalan mah Kang Jaja rèk nekad leumpang. Tapi awakna asa leuleus.
Beuteung Kang Jaja kokoèt lapar kacida. Hareupeunna aya tukang kupat tahu. Kang Jaja
kumètap. Kupat Tahu: Rp. 3000. Deuh, kurang sarèbu dina meulina gè. Kang Jaja ngarènghap
panjang. Rènghapna seuseut. Rèt ka toko, nempo jam dinding. Geus asub satengah lima. Nyur
hayang kiih deuih.

Teu kungsi lila, Kang Jaja nèangan WC. Di belah kulon manggih WC. Bus manèhna abus.
Pikiran mah kumalayang kamana mendi. Hatè nyeri. Inget kudu solat mah. Kabeneran aya
mushola ngahiji jeung WC umum. Geuwat manèhna wudu. Sajeroning solat, hatè mah
ngacaprak teu puguh jurus. Teu welèh jerit mènta tulung ka Pangèran. Sabada rèngsè solat,
Kang Jaja lila ngadu’a. Teu poho mungkas sasadu saklek ka Gusti bakating ku bingung.
Bakating ku jangar…
Gusti, naha bet meunang musibah kawas kieu? Atuh tulungan sim kuring. Enya, kuring mampuh
leumpang nyorang alamat. Daèk. Tapi awak leuleus inggis teu kuat lalampahan. Tulungan Gusti.
Ayeuna pisan kuring mènta tulung butuh duit sarèbu wè keur meuli kupat tahu. Lapar kacida
Gusti. Pitulung Anjeun mah sok datang timana wae…

Kang Jaja teu nyaho deui kudu ngadu’a naon. Nu aya amah pikiran nu sarwa bingung. Pajeujeut.
Kang Jaja cengkat. Manèhna kaluar ti mushola. Teu poho ka kamar WC heula. Leguk nginum
ciatah. Sabot rèk kaluar ti WC, manèhna ngadèngè aya nu ngageroan…

“Mas, Mas…” aya pamuda nepak taktak. Awakna jangkung gedè. Lungeun si manèhna nunjuk
kotak gigireun panto. Mandi, Kencing, Berak Rp. 1000. Leng sirah Kang Jaja muter. Gusti…
karèk bieu pisan kuring mènta tulung hayang duit sarèbu, na atuh kalahka dipènta sarèbu. Kang
Jaja ngagoak dina hatèna…

You might also like