You are on page 1of 2

Piwuruk

Lain bangban lain pacing Mihapé sisir jeung minyak


lain kananga aduna kadé kaancloman leungeun
Lain babad lain tanding Mihapé pikir jeung niat
lain ka dinya kuduna kadé kaangsonan deungeun

Lamun urang ka Cikolé Mun engké mesék kalapa


moal hésé tumpak kahar pasti butuh ku cipati
Lamun urang boga gawé Mun hadé ka indung bapa
moal hésé barangdahar pasti diasih ku Gusti

Lamun urang ninun kantéh Masing asak-asak ngéjo


ulah resep maké poléng bisi tutung tambagana
Lamun urang leutik kénéh Masing asak-asak nénjo
ulah resep ngomong goréng bisi kaduhung jagana

Meunggeus diangir ku Jeungjing Sing getol nginum jajamu


geura ganti ku Kihiang nu guna nguatkeun urat
Meunggeus pelesir ti peuting Sing getol néangan élmu
geura ganti ku sambéang nu guna dunya ahérat

Silihasih

Abong-abong abdi bonténg Mun teu tulus ka paseukna


seubeuh diacar diangeun ka pacirna ogé hadé
Abong-abong abdi goréng Mun teu tulus ka lanceukna
seubeuh disangsara deungeun ka adina ogé hadé

Batur mah dibaju hideung Sapanjang jalan Soréang


kuring mah kabaya baé moal weléh diaspalan
Batur mah dipikatineung Sapanjang tacan kasorang
kuring mah sangsara baé moal weléh diakalan

Daék sotéh ka Cinangka Sugan téh kukupu hideung


ka Cisitu mah teu purun singhoréng sirama-rama
Daék sotéh ka manéhna Sugan téh kukuh mitineung
ka nu itu mah teu purun singhoréng kamana-mana

Hayang teuing buah hiris Tibatan jalan gang buntu


teu bisa ngasakanana mending gé ka Baros baé
Hayang teuing ka nu geulis Tibatan abdi dipalsu
teu bisa ngakalanana mending gé teu cios baé
Sésébréd

Aya roda na tanjakan Rarasaan ngala mayang


katinggang ku pangpun jéngkol teu nyaho cangkeuteuk leuweung
Aya rangda gogoakan Rarasaan konéng umyang
katinggang ku hulu kohkol teu nyaho cakeutreuk hideung

Ka mana nya nyiar kulit Majar manéh cengkéh konéng


hayang seubeuh sesewiran kulit peuteuy dina nyiru
Ka mana nya nyiar duit Majar manéh lengkéh konéng
kayang seubeuh pelesiran kulit beuteung mani nambru

Rarasaan melak cau Sok hayang nyaba ka Bandung


teu nyaho mun melak jahé sok hayang nyaho nanjakna
Rarasaan matak lucu Sok hayang nanya nu pundung
teu nyaho mun matak réhé sok hayang nyaho nyentakna

RARAKITAN

Mihapé sisir jeung minyak,


kadé kaancloman leungeun.
Mihapé pikir jeung niat,
kadé kaangsonan deungeun.

Sapanjang jalan Soréang,


moal weléh diaspalan.
Sapanjang tacan kasorang,
moal weléh diakalan.

Sing getol nginum jamu,


nu guna nguatkeun urat.
Sing getol neangan élmu,
nu guna dunya ahérat.

Rarasaan ngala mayang,


teu nyaho cangkeuteuk leuweung.
Rarasaan konéng umyang,
teu nyaho cakeutreuk hideung.

You might also like