You are on page 1of 10

5Orang Jawa dengan menggunakan bahasa sunda tetapi logatnya memakai bahasa Jawa

bercerita kepada Orang Sunda tentang mimpinya di malam Jum'at.


Orang Jawa : "Mas abdi wengi ngimpen
Orang Sunda : "ngimpen naon mas?"
Orang Jawa : "Ngimpen bobo jeung nu geulis."
Orang Sunda : "Kumaha dina jero impenannana?"
Orang Jawa : "Pokona endah pisan ngan pas abdi gugah nu geulis teh hento aya, pa
n abdi teh kesel ah abdi teh bobo deui we."
Orang Jawa : "Eh ngimpen deui."
Orang Sunda : "Bari kerung, ngimpen naon deui mas?"
Orang Jawa : "Ngimpen gaduh acis seueur pisan. Pas abdi gugah dicabakan dina pes
ak calana, acisna hento aya ah abdi teh kesel bobo deui we."
Orang Jawa : "Eh abdi ngimpen deui"
Orang Sunda : "Ngimpen naon deui mas?"
Orang Jawa : "Ngimpen ee"
Orang Sunda : "Kumaha tah?"
Orang Jawa : "Pas abdi gugah, dicabak teh aya ee teh. Hahahahahahaha...."

Si Encep budak kelas opat SD keur gundem catur jeung bapana.


Encep : "Pa, Encep enjing bade ulangan Matematika. Pami Encep kenging peunteun 1
0, bapa bade masihan naon ka Encep?"
Bapa : "Bapa bade masihan duit saratus rebu..!"
Encep : "Alim ah saratus rebu mah, sarebu wae nya, Pa?"
Bapa : "Naha, Cep?"
Encep : "Saratus rebu mah cape ngetangna.."

Aya saurang ibu-ibu tumpak angkot, tina dandanana mah siga guru SD eta teh, diuk
na angkot di hareup gigireun supir. Bari ngadagoan angkotna pinuh, supir tuluy
nanya ka ibu-ibu eta.
Supir : "Dupi ibu ngawulang di SD?"
Bu Guru : "Muhun"
Supir : "Ngawulang Seni...?"
Bu Guru : "Sanes"
Supir : "Agami...?"
Bu Guru : "Sanes..."
Supir : "Ngawulang naon atuh..?"
Bu Guru : "Ngawulang Bahasi....!"
Supir : "Ooo...hh..!" Ceuk supir bari nincak gas.
Hiji poe leuweung nu sakitu legana kaduruk nepi ka cai ge garing bakating ku pan
asna seuneu. sasatoan kabeh mencar kalabur kaluar, teu nyesa hiji hijieun acan.
Sanggeus kahuruan tinggal haseupna tina jeuro guha kaluar indung jeung anak maun
g.
"Ma..aden lapar" anak maung ka indungna
"Nya ke urang..." can ge beres nyarita, ti tukangeun kaluar oge uncal ti jeuro g
uha, singhoreng uncal jalu nu ngilu nyumput.
"Ma itu uncal..udag ma aden hayang daging uncal" anak maung rada ngagareuwahkeun
indungna anu reuwaseun.
Indung maung teu talangke langsung luncat ngudag eta uncal.
Uncal anu leuwih leutik leuwih lincah tibatan maung, ngan satarik tarikna ge sat
o nu geus nahan lapar jeung hawa panas duanana beuki laun, ngan sakadang uncal g
ancang manggih jalan manehna lulumpatan ngaliwatan tangkal kai nu rekep, maung b
ati ku nafsu teu bisa newak bae beunang kadeoh, manehna muru uncal ngan..awak ma
ung tungtungna nyelap na sela tangkal.
Kanyahoan maung teu bisa ojah, uncal nguriling balik deui. abong jalu sanajan un
cal boga pikiran cabul.
"Ah..bae sagalakna maung, da ti tukang mah angger we maung bikang" uncal ngomong
sorangan. geus kitumah maung teh diopi ku uncal. geus beres uncal terus lumpat
deui bari heheotan..(aya kituh uncal nga heot).
Geus bisa leupas maung balik deui ka anakna.
"Ma...ma..kumaha SI UNCAL teh beunang...mana ma..aden lapar.."
Indung maung kadon jamutrut ka anakna " eh...ari maneh tong susa sisi PAPIH kitu
h!!!" bari ngaleos.

Kacaritakeun Solihin budak anu butut boga babaturan ngarana Ii nu kasep jeung Gi
nda nu super cool. Di hiji waktu barudak nu tilu eta ulin ka tempat latihan TNI
angkatan udara terjun payung.
Ii : "heh ihin, abi rek nanya ka maneh. Majar maneh teh pinter lin?"
Solihin : "rek nanya naon maneh? Naon wae pertanyaannana pasti ku kuring mah ka
jawab." ( sabari masang wajah anu balaga. Padahal mani geuleuh gaya na teh)
Ginda : "bener hin maenya the master teu bisa ngajawab" (bari semu ngaledek)
Solihin : "heueuh bener"
Ii : "kieu hin, urang rek nanya. Mana nu bener ? "terjun payung teh terjun make
payung" atawa "terjun payung teh terjun make pa" "sok jawab mana nu bener. Kapan
an maneh teh pinter"
Ginda : "sok hin jawab. Ulah lobah mikir"
Solihin : "gampang atuh eta mah. Nya nu bener mah atuh terjun payung teh terjun
make payung. Kumah benerteu?â
Ii + ginda: "wah ihin, maneh bener pisan. Bener bener bener goblok gebloh teu ka
tulungan matak ge sakola meh rada ngarti seutikmah"(sabari seuri cacarawakan)
Solihin : "naha uing salah kitu"(sabari mikir)
Ginda : "geus ayeuanamah, supaya maneh yakin mana jawaban nu bener. Ayeuna urang
terjun payung. Maneh terjunna make payung. Urang jeung si ii make parasut"
Solihin : "hayu. Ke keheula lamun urang terjun tina kapal atuh meureun koidâ "
Ii + ginda: "pikiran we olangan. Da moal nyaho ari can di ajaran mah"
Solihin : "?@#??!%%!#~`"

Hiji mangsa si sueb indit ka bandung naek bis.Maklum,na bis sok padedet ku muata
n ari ges pinuhmah,nya si sueb teu kabagean jok kapaksa manehna nangtung.
Keur anteng manehna ngalamun torojol aya copet kakarayapan kana pesak calanana,k
abeneran pesak calana si sueb teh ges soeh(robek),trus manehna ngomong kieu,
Sueb : "Sok sia rek maling naon?"
Copet: "Heunteu mang,"
Sueb : "Sok mending digorowoken copet,atawa mendingan tuluy usapan bobogaan aing
."
Copet: "..?@/???Ehm..."

Mang Juned poe eta kadatangan tamu dulurna pak Kosim ti Jakarta, kabeneran maneh
na jeung pak Kosim boga budak saumuran kira-kira 5 taunan.
basa mang Juned keur ngobrol jeung pak Kosim di teras imah, anakna keur uplek ma
en koleci jeung anak pak Kosim. Keur anteng maen koleci, ujug-ujug gejlo weh aya
bangkong luncat ka deukeut barudak nu keur maen koleci, atuh barudak teh rareuw
aseun.
Anak mang Juned: "Ih, awas aya bangkong, aya bangkong"
Anak pak Kosim : "Idih, ada kodok, ada kodok"
Anak mang Juned: "Yeeh, tong di kodok, geuleuh"
Atuh mang Juned jeung pak Kosim nu ngadengekeun sing cakakak

Hiji peuting si aki jeung si nini keur ngalobrol di kamar memeh sare.
Aki : "Nini urang teh geus karolot,aki rek menta dihampura bisi aya kasalahan ka
Nini"
Nini : "Ih aki sarua nini oge, urang silih hapura we atuh umur mah saha nu nyaho
."
Aki : "Sukur atuh ari nini rek ngahampura ka aki mah,sabab aki teh pernah saling
kuh ka nini"
Nini : "Kutan jeung saha aki?"
Aki : "Eta jeung Si Edah tukang lotek tea,terus jeung Si Emeh anak Mang Sarkawi,
malah jeung Si Icih oge nu dilebak ngalaman."
Nini : "Nya ari aki geus ngaku mah bari jeung ngarasa kaduhung teu nanaon ki dih
ampura,tapi nini oge sarua geus pernah salingkuh."
Aki : "Ari nini jeung saha?"
Nini : "Ari nini mah mun geus salingkuh teh sok neundeun kacang hejo dia toples"
Aki : "Toples nu di dapur nini?"
Nini : "Enya aki,nu dina toples mah sesana pan anu sakeler mah beak dibubur."
Aki : "????????!!!??"

Di hiji poe jum'at saberes jum'atan, si ucok (orang batak nu karek pindah k band
ung) ambek-ambekan da sendalna leungit,, si ucok nanya ka barudak nu keur nongkr
ong,,
Si Ucok: "Heh kau barudak,, ninggali sendal kuring teu??"
Barudak: "Sendal nu kumaha bang??"
Si Ucok: "Eta sendal nu karek meuli bieu isuk-isuk"
Barudak: "Wah teu apal bang"
Datang Pa Haji nu karek kaluar ti Mesjid, di tanya oge ku si ucok...
Si Ucok: "Pa Haji, sendal kuring leungit pa haji"
Pa Haji: "Pahili meureun bang"
Si Ucok: "Bah..! Siapa pula eta pa hili?? Wah kudu di bantai ku kuring..!"
Pa Haji: "Eh si abang, Pahili teh Pagentos"
Si Ucok: "Bah..! Duaan jeung si Pa gentos??? Wah duanana ku kuring rek di bantai
..!"
Pa Haji: "Aduh di bejaan teh teu ngarti-ngarti, pa haji uwih ahh...Assalamualaik
um.."
Si Ucok: "Bah..! Rek kamana Pa Haji?? Sendal kuring kumaha ieu??"
kacaritakeun dihiji lembur aya hiji pamuda nu kakara balik jadi TKI di arab saud
i, kabejakeun si eta pamuda teh mawa babawaan loba pisan keur oleh-oleh jang pam
ajikana dilembur, tayohna mah eta beja teh kadengeeun ku bangsat anu geus biasa
ngaranjah eta lembur, panjang carita eta bangsat teh geus siap-siap erek ngajora
g imah TKI tea engke peuting.
kacaritakeun eta bangsat teh geus ngadakom dina kenteng nunguan nu boga imah sar
e, sanggeus lila di tungguan nu boga imah teh can sare wae kadon hayeuh ngobrol
terus sosonoan dapuguh geus lila tea teu panggih.
sibangsat geus teu kuat cangkeuleun nungguan bari ngadedengekeun nuboga imah, ba
ri pok salakina ngomong ka pajikan na salakina: euh nyi meni liket asa ketan kie
u. ceuk salakina...
pamajikan na seuri bari ngarangul... ngadenge kitu sibangsat anu geus lila nungg
uan beuki keuheul wae atuh, jrut manehna turun tina suhunan bari pok ngomong "on
coman we sakalian ajig....bari dirigdig lumpat si bangsat teh. teu kosi lila eta
bangsat teh balik deui bari " jedak...najong bilik manehna ngomong deui dasar u
len siah... dirigdig deui we eta sibangsat teh lumpat
Dina hiji poe, aya ibu-ibu numpak angkot bari ngangais budak. tapi tisabareng na
ek angkot, eta budak teh teu eureun ceurik wae,
tayohnamah eta budak teh hayangeun nyusu tapi indungna eraeun da puguh angkot te
h pinuh, tuluy wae ku indungna di beberah sina repeh, tapi eta budak kalah beuki
tarik ceurikna teh.nya akhirna mah indungna ngelehan era era oge susuna dikalua
rkeun tuluy di asongkeun kabudakna bari tuluy dirungkupan ku samping.
teu kosi lila eta budak kaluar nolol tina samping bari pok ngomong ka penumpang
sejena "ngalaleueut a ......"

Isak : "Rus, ari ayeuna poe naon?"


Rusdi : "Poe Kemis"
Isak : "Ari isukan"?
Rusdi : "Poe Jumaah"
Isak : "Ari geus Jumaah?"
Rusdi : "Nya balik atuh Sak, piraku cicing wae di mesjid".
Isak : "Pinter geuning Rusdi mah."
(Rusdi jeung Isak tingserengeh, dibaturan ku nu maca)

Sebut wae ngarana Mang Ihin, tukang obat keliling, nu sok mangkal di hareupeun k
antor pos. Jam dalapan manehna geus ngampar, manehna teh spesialisasina kana oba
t nyeri sirah tradisional, bari terus gogorowokan sangkan nu liwat katarik ku ob
at nyeri sirah "made in" manehna.
Mang Ihin terus noroweco, "Bapa-bapa, ibu-ibu, sareng saderek sadaya, mangga cob
ian ieu obat, dupi obat nu didagangkeun ku sim kuring taya lian ti obat nyeri si
rah, obat nu cespleng.
Upami Bapa atawa ibu katerap panyawat nyeri sirah, cobian nuang ieu obat, moal s
amenit-menit acan eta panyawat nyeri sirah bakal ical, ieu memang terbukti obat
nyeri sirah paling cespleng," cek Mang Ihin teu siriknya nepi ka gogorowokan, am
pir-ampiran beakeun sora.
Tapi saurang oge teu aya nu mirosea, nu liwat ukur ngareret wungkul. Malah nu li
wat kalah katarik ku atraksi tukang obat kulit nu maenkeun oray kobra.
Geus leuwih ti tilu jam meureun Mang Ihin gogorowokan teh. Geus kasawang ku mane
hna moal aya jalma nu ngabandungan omongan manehna, Mang Ihin terus meresan daga
nganana. Memeh balik, manehna nyampeurkeun tukang dagang nu ngadon dagang di jer
o kios sisi jalan.
"Peryogi naon Mang?", Ceuk nu dagang tina jero kios.
Mang Ihin, "Cik Jang, sugan aya procold, meser dua mah. Puguh rada nyeri sirah E
mang teh, dagang ti isuk teu aya nu ngareret-reret acan" Ceuk Mang Ihin bari nga
songkeun duit lima rebuan salambar.
Pasosore jang Imat ngahajakeun ulin ka Si Nana sobatna. Kasampak di imah Si Nana
aya Ninina keur ngawangkong di hareup bari ngawedang kopi hideung jeung seupan
sampeu anyar nyait tina panyeupanan, panas tur ngebul keneh.
Jang Imat nyampeurkeun tuluy nanya ka ninina si Nana.
Imat, "Punten Ni, ari Nana aya di ompok deh?"
Nini, "Aya bieu mah di tukang keur semesan sosoranganan wae handapeun tangkal ko
po."
Imat, "Haaarr...ari nini, piraku maen batminton sosoranganan?"
Nini, "Lain keur batminton, tapi keur semesan, eta geuning nu sok dipencetan ku
indung leungeun make hempon."
Imat, "Oohh...sanes semesan atuh Ni, tapi SMS-an eta mah. Kunaon dipencetana ku
indung leungeun henteu ku cinggir nya Ni?"
Nini, "Bieung ah, teu nyararaho kuring mah."
Imat, "Ari cinggir mah paranti meresihan rorompok korong."
Nini, "Nurustunjung siah, kuring keur ngawedang yeuh!"
Imat, "He-he, punen Ni, heureuy. Mangga atuh, rek ka tukang nyampeur si Nana, bi
si kumaha onam..!"
Nini, "Nos! Kaditu sampeurkeun bege!"

Hiji poe Bu Mirna guru SD kelas lima keur nerangkeun hal kawajiban nuntut elmu.
Sanggeus nerangkeun tuluy Bu Mirna nanya ka barudak kelas lima.
Bu Mirna, "Barudak, ari nuntut elmu teh kawajiban saha? Naha kawajiban Ibu atawa
maneh?"
Barudak, "Maneeehh......!" Ceuk barudak saur manuk.
Bu Mirna baeud.

Dina hiji mangsa Pa ulis indit ka Rumah sakit,maksudna nek ngoprasi anakna anu s
uing, sabab cek beja ti bupati aya program Operasi biwir suing masal,
Enya we pas tepika rumah sakit geus ngantri anu rek operasi, selang 5jam kakara
ka giliran anak pa Ulis,"sok canak putra na pa kalebet"cek Dokter, selang 1jam g
eus beres, "beres dok?" cek pa ulis, "muhun pa,antosan 3 mingon nembe prbana di
laan nya pa"saur dokter, leos weh pa ulis mulih.
Selang samingu budak na pa ulis ngadu cenah aya nuaneh, sabab tiap anak pa ulis
kiih(kahampangan) eta biwirna ngadadak enyar enyur ngageter, pa ulis reuwas.
Isukna pa ulis langsung gura giru ka rumah sakit nek ngontrog dokter, pas geus p
aadu hareupan langsungwe pa ulis ngadu masalahna, " pa Dokter kunaon pura abdi t
eh biwirna jadikieu? " cek pa ulis, "nakumaha kitu pa.!"
Dokter bingung, "kieu pa kunaon tiap putra abdi kahampangan biwirna enyar enyur
ngageter?", jawab dokter "o... Punten pa kumargi, bahan kange nambal biwir putra
bapa seep, nya kuabdi di gentos ku daging gagaduhan sapi anu awewena.".."o... P
aingan atuh, kabitaeun meren..."

Basa dina pelajaran matematika SD,


Guru : "Opat tambah dua sabaraha Nang?"
Unang : "Genep Pa"
Guru : "Alus, ari lima dikurang dua sabaraha Ti?"
Tuti : "Tilu.."
Guru : "Bener... ari dua dikali dua sabaraha Lih?"
Olih (bari luak-lieuk) : "Seep Pa Guru ...."
Guru : "Naha bisa kitu Lih ?"
Olih : "Muhun pami tangkal sampeu dua dikali duanana nya seep we..."
Guru : "??!!"

Kabayan : "Abah kenal teu ka Jiang Zemin ?"


Abah : "Nya apal atuh, mantan Presiden Cina sampai Maret 2003"
Kabayan : "Uiii hebat euy ..."
Abah : "Abah teaaa ....", bari ngusapan kumis bakat ku bangga
Kabayan : "Bejana Jiang Zemin teh aslina orang Garut nya Bah."
Abah : "Ah... ceuk sahaaa ...??"
Kabayan : "Da ngaran aslina mah cenah Ujang Jamin, ngumbara ka Cina ganti ngaran
jadi Jiang Zemin ... hehehe ... Kabayan tea..." bari gura-giru ngaleos
Abah : "Dasar si borokokok !!"

Ateul jeng Gateul


Amang, "Bi, ari obat ateul kunaon?"
Bibi, "Di aro wae"
Amang, "Ari obat gateul?"
Bibi, "Di garo...!"
Amang (aro-aro teu ateul...)

Basa na Salasa jam dalapan Mang Dadang ngahaja jalan ka pasar Majalaya hayang ba
lanja lalab-lalaban jang sarapan. Barang datang ka pasar nyampak kang Dana mamaw
a anakna balanja kalapa salapan.
Mang Dadang :"Naha kang balanja kalapa? Kan kang Dana aya tangkalna dalapan?"
Kang Dana :"Ah nya jang babawaan ka bapa mang, bapa saya hayang martabak kalapa ma
ng Dadang balanja lalab? Mana samarana?"
Mang Dadang :"Aya tah laja ... salam."
Kang Dana :"Naha laja salam, mang Dadang tara masak nya? Tah bawa kalapa jang la
lab mah."
Mang Dadang :"Nya lah ngajaran dahar lalab aya kalapaan . mangga Kang."
Kang Dana :"Mangga ."
Mang Dadang kapaksa mamawa kalapa, padahal kahayangnamah mamawa samangka sakaran
jang jang anak-anakna. Kang Dana mapay-mapay jalan satapak, rada hanjakal mamawa
kalapana ngan dalapan... TAMAT... dadaaaah
Ibro : "Naha Din lain Anjing teh haram ceuk urang Islam mah..."
Udin : "Ya iya laaah....na kunaon pake nanya kitu..?"
Ibro : "Tapi geuning pak haji jeung bu haji di kampung dewek mah ngaringu anakna
, diusapan, dihuapan, komo nu masih leutik keneh mah malah sok sare bareng sagal
a..."
Udin : "Ah..!!! haji nanahaon nu kitu mah... dosa besar !!"
Ibro : "Maenya..?? kan nu diinguna ge anak pak haji keneh ..wew !!" bari lumpat
Udin : "??!!@#$"
Geus jadi kabiasaan Jang Ahmad, sobat salakina, unggal wancina dahar beurang sok
datang ka imah Nyi Ipah ngadon milu dahar.
Keur jaman kiwari nu sagala serba mahal mah puguh we sagala teh kudu dirit-irit,
kukituna kadatangan Jang Ahmad teh malah jadi nambahan beban kaluarga Nyi Ipah.
Dina hiji beurang kurunyung Jang Ahmad datang ka imah Nyi Ipah.
Jang Ahmad :"Kumaha Nyi wartosna.... damang ?" ceuk Jang Ahmad bari basa-basi
Nyi Ipah :"Sae kang..." bari rada bendu
Jang Ahmad :"Pami Kang Dadangna pangesto ? nuju kamana...?"
Nyi Ipah :"Nuju di kebon, nyaeta ayeuna mah Kang Dadang teh rada kaganggu emutan
ana ayeuna teh.....". Nyi Ipah ngabohong bari masang taktik.
Jang Ahmad :"Na kunaon kitu ...?" bari semu heran
Nyi Ipah :"Nya duka kumaha Kang, ayeuna mah unggal aya tamu Kang Dadabg teh sok
neunggeul tamuna ku halu..."
Ngadenge kalakuan sobatna jadi owah, Jang Ahmad langsung pamitan....teu lila dat
ang Jang Dadang, salaki Nyi Ipah.
Jang Dadang :"Aya saha tamu bieu teh Nyi ?"
Nyi Ipah :" Eta..... Kang Ahmad rek nambut halu ngan ku abdi teu dipasihkeun..."
bari ngabohong
Jang Dadang :"Naaa atuh halu-halu wae........kadieukeun urang susulkeun..."
tuluy Jang Dadang nyusul Jang Ahmad bari mamawa halu. Teu lila Jang Ahmad geus m
imiti kaciri tereh kasusul.
Atuh Jang Dadang gogorowokan ngageroan Jang Ahmad bari ngacungkeun halu. Puguh w
e Jang Ahmad beuki tarik lumpatna pedah nempo Jang Dadang ngudag-ngudag bari nga
cungkeun halu.
Basa dina pelajaran Bahasa Indonesia disalah sahiji SMP di Bandung, Pak Guru nga
latih hiji-hiji muridna sina kahareup.
Pak Guru : "Mimin tulis kahareup ... BHAYANGKARA...."
Mimin nu rada tunduh langsung kahareup bari nulis ku kapur dina bor .... BAYANGK
ARA
Pak Guru : "Geuning teu pake BH Min ... ? (maksudna BHayangkara)
Mimin : "Bet ngangge Pak Guru...." bari ngarabaan susuna, puguh we murid-murid j
eung Pak Guru teh teu karuat nahan kaseuri.

Jang Dodo keur nembok sumur di perkampungan orang Betawi. Meureun rada malaweung
, na atuh ujug-ujug gejebur ..!! Jang Dodo tigejebur ka sumur bari ngagorowok tu
lung-tulungan.
Ngadenge aya nu tulung-tulungan, si orang Betawi nyampeurkeun nu maksudna rek nu
lungan Jang Dodo.
Jang Dodo : " Taraje...!!! taraje ...!!! ", maksudna menta disodorkeun taraje ka
handap.
Orang Betawi bingungeun bari leos indit deui, sangkaan manehna mah TARAJE teh NT
AR AJE.... yeeee
Mang Asep urang kampung bau lisung ngumbara ka Jakarta jadi tukang bangunan. Hij
i waktu manehna datang ka dokter gigi cenahmah nyeri huntu.
Dokter Gigi : "Kenapa giginya mang..?"
Mang Asep : "Gigi saya koropok, cabut saja Dok"
Dokter Gigi : "Coba buka mulutnya...", si dokter teh bari terus mariksa huntu Ma
ng Asep. Beres dipariksa terus huntu Mang Asep dicabut bari getih kaluar tina gu
sina. Tuluy si Dokter teh nyelapkeun kapas kana huntu Mang Asep nu masih getihan
."
Dokter Gigi : " Gigi tekan..."
Mang Asep kalahka ngagual geolkeun bujurna kawas Inul keur ngebor.....dikirana s
ina GIGITEKAN
Dokter Gigi : " ..??%@%& ..."
Ceuk beja Nyi Uti sok salingkuh jeung si Udin, tatangga sakaligus mantan kabogoh
na, lamun salakina keur gawe di Jakarta. Padahal salakina Nyi Uti sakitu galakna
, tukang mabok tukan nyabok, pokona sagala dikobok.
Hiji waktu Mang Usep, salakina Nyi Uti, rek indit deui ka Jakarta tapi hatena se
rba teu ngeunah, sieun pamajikan nana salingkuh. Untung otakna encer, menang aka
l jang nangkal supaya pamajikanna teu salingkuh.
Mang Usep tuluy ngagambar gajah dina pingpingna Nyi Uti pake spidol. Hulu gajah
persih dina pingpingna, tapi gambar tulalena nyanghareup kana bobogaan Nyi Uti.
Pikiran Mang Usep, lamun eta gambar kahapus artina pamajikan nana geus salingkuh
.
Saenggeus ngagambar Mang Usep pamit rek gawe ka Jakarta, pamajikan nana ceurik p
ura-pura sedih, nutupan kabungah, na jeuro hate geus hayang geura salingkuh. Meu
ren geus sajam, salakina indit, si Udin geus dikamar Nyi Uti.
Tapi teulila kadenge salakina balik deui, ngetok panto bari jojorowokan. Si Udin
rewas, tuluy kabur liwat dapur paranti jalan kabur. Tinggal Nyi Uti bingung, ru
rusuhan ngagambar tulale gajah nu grus kahapus basa tadi salingkuh, tapi gambar
tulalena jadi rubah, lain nyangharap kana anuna malah ngulampreh kahandap.
Saeunggeus panto di buka, buru-buru Mang Usep mariksa pingpingna Nyi Uti, panasa
ran. Atuh sakitu jamotrotna bari nyentak Nyi Uti :
Mang Usep : "Uti geuning gambar tulalena jadi kahandap, lain kaluhur ?"
Nyi Uti geumeuteuran, tapi untung boga akal jang ngajawab.
Nyi Uti : "Akang, meureun baueun, jadi weh tulalena ngulampreh kahandap !"

a. Saving Private Ryan - Nulungan si Rian


b. Enemy At The Gate - Musuh Ngajedog di Pager
c. Die Hard - Teu Paeh-Paeh
d. Die Hard II - Can Paeh Keneh
e. Die Hard III With A Vengeance - Nya an euy Hese Pisan Paehna
f. Bad Boys budag bedegong
g. Rocky - Osok Neunggeulan Batur
h. Rain Man - Lalaki Cicing di Bogor
i. Here s Something About Marry - Ari Ceu Meri Teh Kunaon?
j. Mission Impossible - Moal Bisa
k. Titanic - Tilelep
l. Paycheck - Nganjuk Heula
m. Reign of Fire - Beubeuleuman
n. Original Sin - Tara Ka Mesjid
o. Sleepless In Seattle - Cenghar Di Ciateul
p. Silence of The Lambs - Embe Pundung
q. Ghost - Jurig Kasep
r. Bad Boys - Budak Baong
s. Are We There Yet? - Lila Teuing Nepina Euy?
t. Home Alone - Tinggaleun
u. Casablanca - Mengkol Ti Sudirman
v. Gone In Sixty Seconds - Indit Siah Kaditu!
w. The Awakening - Hudang Sare
x. After The Sunset - Tereh Maghrib

You might also like