You are on page 1of 2

Nami:

Kelas :

“ Pidato Kalulusan Kelas VI ”

Assalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh .

Alhamdulillahi robilalamin wasalatu wasallam ala sayidina mmuhamadin


wa’ala ailihi wahsobini ajma’in

langkung ti payun puji sinareng sukur urang sanggakeun ka Allah


SWT, solawat miwah salam mugia di kocorkeun kajungjunan urang sadaya
kanjeng Nabi Muhammad SAW, ka kulawargana , ka sohabatna, tug dugi ka
urang sadayana.

Sim kuring atas nami kelas VI, sateu acana bade nyuhunkeun di
hapunteun boh bilih dina ieu cumarios seueur ka kirangan , mugia Bapa /Ibu
kalih rerencangan ngama’lum .

Teu karaos sim kuring sareung rerencangan tos genep taun nyuprih
elmu di ieu sakola . Tos seueur elmu nu di paparinkeun ku Ibu sareung
Bapa guru .Bapa sareung Ibu kalayan pinuh kasabaran parantos ngaping sim
kuring saparakanca .Ku margi kitu, mudah-mudahan naon-naon anu parantos
di paparinkeun ku Ibu sareung Bapa guru janten obor kanggo abdi sadaya
dina enggoning neraskeun sakola anu langkung luhur, kalih ti eta, mudah-
mudahan kasaean Ibu sareung Bapak guru di wales ku Allah SWT.

Pamungkas , abdi sareung rerencangan nyuhunkeun di hapunteu n , boh


bilih salmi sim kuring nyuprih elmu di ieu sakola seueur kalepatan.

Pidu’a sareung nasehat ti ibu sareung bapa guru mudah-mudahan abdi


sadaya aya dina kalancaran enggoning neraskeun nu langkung luhur .
Pileuleuyan-pileuleuyan

Sapu nyere pegat simpay

Paturay patepang deui

Wassalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh .

You might also like