You are on page 1of 13

Bul Sasab

Ditulis oleh Badru Tamam Mifka di/pada 13 Februari 2008 1 Suara

Kuring jeung Ki Memed mapay-mapay walungan ka kebon Haji Dayat, ngadon rk mnta daun sampeu keur lalab sambel. Ilaharna po minggu, barudak sok ngajak liliwetan. Malem mingguna sok ngariung di pos ronda, man kartu, ngabako, teu kaliwat kopi hideung jeung wayang golk dina radio. Teu robah barudak nu ngumpul th ukur Jajang, Ocid, Asep jeung kuring. Ti kubu akiakina mah ukur ki Astahim, Ki Memed jeung Ki Amin. Nya kitu isukna ngumpul th dipungkas ku liliwetan di saungna sawah Mang Duyeh, bari diayun ambing ku haleuang kawih jeung suling ki Amin. Puguh ari liwet mah ti tatadi g geus asak. Sok hdd luhurna ditumpangan asin pamr ti warung indung Ocid. Aya peuteuy jeung jengkol ti Jajang. Tapi sambelna mah euweuh nu barisaeun nyieun. Wayahna w metot heula Nyi Nunung nu keur nyeuseuh di imahna. Kabh mupakat lalabna hayang dun sampeu. Teu talangk deui, kuring jeung Ki Memed tuturubun muru kebon Haji Dayat, sakalian rk ngala daun cau. Barang rk meuntas walungan, gebeg th kuring duaan ngarandeg nempo aya jelema morongkol teu usik-usik handapeun tangkal krsen. Diilikan geuning bul. Tarangna bancunur ged jiga nu tidagor. Sukuna diiket tali rapia alah batan geus dirogahala. Kuring duaan rikat mariksa ta sakadang bul. Dedegan awakna jangkung ged. Buukna semu konng, dibaju kameja pondok warna koneng. Kahandapna mak sontog bodas, disapatu jangkung. Hirup knh Ti plant mana ieu mahluk? Ki Memed semu ngagerendeng bari tanggah ka langit. Gk manhna cingogo. Beu, ieu panu mani saawak-awakpokna deui pirajeunan nyingkab-nyingkab baju si bul. Lain panu, Ki, kulit bul mah mang kitu. Ceuk kuring bari tuluy leungeun ngoppang muka tali tina suku si bul. Ki Memed unggut-unggutan. Jigana aya nu ngahaja miceun, dirogahala heula, Lo. Ki Memed terus masang tarang kerung. Teu salah deui, Ki! Pok th, ayeuna mah bawa w ka bal dsa, atawa ka imah Haji Dayat heula nu deukeut. Satuju, Lo! ceuk Ki Memed bari ngangkat palebah sirah si bul. Heueuh, Lo, kasiksa mun seug urang duaan mawa ieu bule ka bal desa. Ki Memed ngangkat

awak si bul bari semu ngaheujeun beurateun. Prut manehna hitut. Dina hat kuring kutuk gendeng. Reugeuyeung kuring duaan ngagotong si bul, meuntas walungan muru imah Haji Dayat. Kawnhan Haji Dayat sakur kulawargana araya di imahna, teu wudu atuh pada mantuan. Sanggeus nyarita kumaha mimitina manggih bul, kuring jeung Ki Memed muru imah Pa Lurah, rk bbja. Sok inget yn 1 x 24 Jam Tamu Wajib Lapor, nya kitu deui si bul teh smah can puguh. Teu kungsi lila kuring, Ki Memed, Pa Lurah jeung Cecep anak lalaki panggedna muru imah Haji Dayat nak mobil Pa Lurah. Di imah Haji Dayat, si bul masih ngajoprak pingsan knh. Atuh geuleuyeung w si bul th dibawa ka pusksmas. Nya tidinya jadi nyaho ngaranna th Harry Thomas. Kapanggih biodatana tina surat katerangan dina rangselna. Sajeroning dipariksa, si Harry Thomas ngulisik satengah sadar. Teu kungsi lila tidinya, si Harry Thomas nu satengah sadar th antukna mah dibawa ka imah Pa Lurah. Sanggeus tepi deui ka lembur, kuring jeung ki Memed mah geuwat muru barudak di saung. Geus teu kuat lapar. Jalanna liwat imah Haji Dayat. Teu poho Ki Memed mnta dun sampeu jeung dun cau. Nepi ka saung, barudak geus areuweuh. Seuneu ukur ruhak. Asin ukur cucuk. Peuteuy jeung jengkol ukur cangkang. Sambel ukur sengitna. Duh, jigana barudak dahar dina kastrol. Katempo aya tulisan dina triplk saung mak areng hideung: Bwt Cep Alo Sareng Ki Nurustunjung Siah Duaan, Nyiksa Urang Mah Inget Knh Ka Tah Di Aghan Liwet, Di Juru Luhur WasSalam Tim Gegana Memed Batur. Maranh. Saung!

Lieuk kuring duaan ka luhur saung. Bedus, ssa liwet keur di riung kulawarga hayam, pada macokan. Gajleng th ki Memed ka luhur saung, teu asa-asa nalapung hayam jaluna. Hayam kabh barirat. Gk Ki Memed sila, kokorh ssa liwet jiga nu rk ceurik. Balik ti saung, di tengah jalan ki Memed dibintih hayam bikang Sabada magrib, imah Pa Lurah riab ku jelema. Luha-loho di jandla jeung di panto hareup, pada hayang nempo bul. Kuring jeung Ki Memed ge milu lkskng ka jero imah. Nya sakeudeung mah silih degungkeun sirah jeung balad ngaliwet soal kajadian tadi beurang. Si Harry Thomas cenah geus nguniang hudang. Tapi Pa Lurah jeung kulawargana teu bisa ngawangkong jeung manhna bubuhan teu ngarti basa batur. Ditawaran dahar g kalahka ngajawab nat-nit-not. Katempo Neng Yuyun, anak Pa Lurah, keur jongjon ngubaran bohak tarang Cep Harry Thomas. Leng. Lantaran can bisa knh ngawangkong nyambung, Pa Lurah nitah Cecep nang Kang Rahmat, guru bahasa Inggris di SMA, nu imahna gigir masjid Ar-Rohman. Bjana mah manhna bisaeun ngomong bahasa inggris da kungsi kursus cenah sataun di Par. Alah bener ning geus nyang-nying-nyong jeung Kang Rahmat mah kakara bacprot nyambung. Kuring jeung ki Memed mah beuki teu kuat hayang ceurik, bakating ku teu ngarti.

Kang Rahmat ngadhm, tuluy nyarita. Janten kieu, Pa Lurah. Kang Harry Thomas th urang Amrik. Saurna mah bad ka Pangandaran, namung sasab di tengah jalan. Manahorng sasab dugi ka lembur urang. Saurna mah basa anjeunna meuntas ka ieu lembur bad ka walungan, ujug-ujug aya nu megat. Kang Harry th saurna mah ditakol ku kai. Tidinya anjeunna teu emut deui Pa lurah unggut-unggutan, tuluy nanya. Barang-barangna aya nu leungit teu? Bisi harita th dirampog. Saurna mah teu aya nu kaleungitan. tmbal Kang Rahmat. Urang lembur nu ti tatadi ngabandungan tingkecewis. Simp sakeudeung. Sanggeus Kang Harry diistirahatkeun ka jero kamar, urang lembur kabh bubar. Baju Ki Memed katmbong ngagayot ku sarupaning ku. Singhoreng ti tatadi th susulumputan ngodokan kler. Saminggu ti harita, Kang Harry Thomas katempo dunga-dengo hareupeun imah Pa Lurah. Jiga nu hayang ulin. Atuh ti harita manhna jadi deukuet ka kuring jeung Ki Memed najan can ngarti kudu ngawangkong naon. Ki Memed onaman asa guminter najan ngan bisa ngomong yes jeung no bari teu puguh jurus. Tapi Kang Harry katempona geus apt tur lindeuk ka kuring duaan. Diajak ulin kamana-mana g nunutur bujur wa. Diajak ngurek jeung nguseup mah milu wa. Baku setlanna th mak kaos jeung calana buntung. Tapi tisaprak barntol jeung kaligata lantaran diajak asruk-asrukkan ka kebon jagong, Kang Harry jadi tara mak calana buntung deui. Sakecap dua kecap mah ngomong Sunda geus bisaeun bubuhan sapopo ulin jeung barudak pamuda. Kamari mah bisaeun ngomong dahar, kulub tutut, hayu jeung nurustunjung. Tidinya nak jadi bisa embung, naon ieu, udud, belut, lauk jeung bahnol. Nu sjnna mah saeutik-saeutik ngarti mun pareng batur ngomong, tapi teu bisaeun nmbal. Kadieu beuki kadieu geus jiga ka dulur, silih br. Nya kitu ta Kang Harry mindeng mr, ari kuring mah ukur sakali. Ayeuna mah lembur g geus kaubek ku Kang Harry. Silih suntrungkeun di sawah Mang Duyeh, silih tngkas, silih porosotkeun sarung mun pareng diajak solat ka tajug. Sabulan ti harita, Kang Harry amitan rk mulang ka nagarana. Kuring jeung Ki Memed ngarasa kaleungitan batur ulin. Duh, Kang Harry th jajaka somah. Bja ti Kang Rahmat mah manhna aya hat kadua leutik ka Neng Yuyun anak Pa Lurah. Leng. Bener tiiseun euweuh Kang Harry mah. Di pos ronda th peuting ayeuna mah ukur aya kuring jeung Ki Memed. Karasa knh kamari mah dariuk tiluan, ngalinting bako mol. Sok jadi inget Kang Rahmat nyarkan kuring jeung Ki Memed, pajar th Kang Harry bbja dibr ganja Indonesia. Duh, abong bul teu gaul. Angin peuting tiis karasana. Kuring duaan gogolran di pos ronda gumulung panineungan. Ayeuna mah gening tiiseun euweuh Kang Harry mah, Ki Yes *** Heuleut watara bulan, Kang Harry Thomas ujug-ujug ngurunyung deui ka lembur. Ayeuna mah ginding; mak kaca mata, kamja, lepis, jeung rangsel ged. Kuring jeung Ki Memed datang ngabageakeun. Ngarasa pangling. Gagah gening si bul th.

Nurustunjung si Harry, Lo, nyaho rk kadieu deui mah baheula th moal ceurik. Ceuk Ki Memed semu keuheul. Kuring mah ukur seuseurian. Kang Harry Thomas ayeuna mah ngontrak gigireun imah Kang Rahmat. Ari diaku deui titah cicing di imah Pa Lurah mah, Kang Harry ayeuna mah mumul, raeun. Ceuk Kang Rahmat mah, Kang Harry th boga rencana rk netep di Indonesia. Bjana rk nyieun imah di lembur ieu. Kuring jeung Ki Memed atoh ngadngna. Horray, Lo, Kang Harry mawa duit loba ti imahna!! Ki Memed ajrag-ajragan sapanjang galengan. Atuh belut th nyempod deui ka jero liang. Piimaheun Kang Harry Thomas geus ngeureuyeuh di wangun. Bjana ti Kang Rahmat mah, Kang Thomas g keur getol-getolna kursus basa Sunda di Bandung. Pantes jarang dak diajak ulin deui. Atuh dua minggu kursus g geus lumayan karasa. Kang Harry geus loba ngarti mun batur ngomong, tapi ari nmbal mah masih ballol. Minggu ganti minggu, bulan ganti bulan, imah Kang Rahmat geus ngadeg. Imahna teu ged. Leutik tapi kaciri lucu. Kitu deui basa sunda na geus kadng lancar. ta w pas hiji po keur leumpang jeung Kang Rahmat balik ti Bandung, ku Ki Memed digeroan diajak ngopi heula di warung Nyi Odah, tmbalna mani alus. Hatur nuhun. Nanging abdi nyuhunkeun widi bad mios pokna. Kuring jeung Ki Memed silih pelong bakating ku reuwas. Lo, Kang Harry beuki nyunda. Heueuh, Ki, ku dak diajar mah kabh g bisa. Ku dak diajar nyunda bener-bener mah, bul g bisa. Kacida mun urang lembur lh nyundana. Atuh kiwari mah budak Sunda g geus pada ninggalkeun basa sorangan Ys Jejeg sataun, Kang Harry geus teu kagok jadi urang Sunda. Saeutikna geus lancar ngomong Sunda, pakan nyunda basajan, ngan buuk mah angger koneng. Datang ka kacamatan g geus teu dianteur deui ku Kang Rahmat. Bja mah dahar ge geus sagala asup. Mun dahar th sambel jeung lalab mah kudu w sayagi. Karesepna daun gedang jeung peuteuy. Komo geus cicing di imahna sorangan mah, geus jiga w urang lemburna th. Isukisuk diharudum sarung. Peutingna ngilu ngaronda. Nu reuwas mah, Kang Harry geus muslim. Unggal adan sok ngilu solat. Ceuk Kang Rahmat mah, sabulan katukang Kang Harry hayang diajar agama Islam. Nu mingkin kuring reuwas mah, Kang Harry ngalamar Neng Yuyun. Leng. Atuh urang lembur g kabh gujrud. Nya kitu deui Pa Lurah mah teu bisa nanaon, da sual jodo keur Neng Yuyun mah nu kudu nyieun kaputusanna g Neng Yuyun sorangan. Teu kungsi lila, kurunyung kulawarga Kang Harry ti Amrik pada daratang. Po minggu ngarumpul di imah Pa Lurah. Ku alus ayeuna mah nu narjemahkeun basa th Kang Harry sorangan, bubuhan geus lancar ngomong Sunda. Teu nyangka saminggu ti harita Neng Yuyun narima lamaran Kang Harry. Saumur-umur kakara aya urang lembur kawin jeung bul. Saptu hareupna, acara kawin Neng Yuyun Sumiati jeung Kang Harry Thomas dilaksanakeun. Rob jelema pada nyaksian. Rencanana pangantn th peutingna rk

nanggap wayang golk. Atuh urang lembur bungah ngadngna. Dina acara kawinan, teu nyangka bakal loba bul nu daratang manggihan pangantn. Kuring jeung Ki Memed pangheulana ngawilujengkeun ka pangantn. Sakapeung mah kuring sok ngahuleng nempo Neng Yuyun nu beuki mncrang mun pareng didangdanan. Smah beuki merul. Jigana salembur tamplok kadinya. Jelema ngantay sasalaman jeng pangantn. Ki memed katempona geus ngoppang gigireun mja parasmanan. Patingburinyay cahya kamra nu motrt panganten. Kabeurangnakeun jelema nu ngantay sasalaman th geus teu pati pagelek-gelek. Semu corengcang. Sabot semah keur dihibur ku nu nyanyi dangdut jeung nu anteng joged dina panggung, torojol th Kang Harry kaluar bari gigisik panon. Aya naon, Kang? kuring nanya semu reuwas. Tuh itu mangkelukna. Itu pisan mangkelukna! Kang Harry nunjuk Ki Darman nu keur uyek joged. Kabh smah ngalieuk ka panggung. Nu nyanyi eureun. Pon kitu deui musikna. Ki Darman luak-lieuk jiga nu bingung. Naon kitu?! kuring nanya deui. Nu nakol sim kuring baheula! ceuk Kang Harry. Atuh gajleng Ki Memed jeung Ki Astahim nwak Ki Darman nu ngajanteng knh luhur panggung. Ki Memed rikat nyokot mikropon. Sugan th rk ditakolkeun. Ah kalahka dipak ngomong jiga emsi. Bener ilaing nu baheula ngarogahala Kang Harry?! Ki Memed nyereng ka Ki Darman. Nu ditanya pungak-pingeuk bangun nu sieun. Song mikropon disongokeun kana baham Ki Darman sina ngomong. Sakur jelema nu aya didinya jemp. Alam simp. Smah nu geus baralik g daratang deui, puguh w da nu hahaok th kadng ka jalan g. Hayoh ngomong aki-aki nuruspedut! Pilih ngaku atawa didagor?! Ki Memed terus ngaguliksek semu ngancam. Song deui mikropon ka Ki Darman. Muhun, muhun. Kuring nu baheula nakol Kang Harry tmbal Ki Darman arapapeureupeup awahing ku sieun kacida. Naha?! Song deui mikropon ka Ki Darman. Eu..baheula th, sugan th, sugan th Kang Harry th walanda nu bad ngajajah Ki Darman nmbal pupurungkutan. Atuh ger w sakur nu aya didinya seuri akeyakeyan. Musik sada deui, haleuang dangdut kadng deui. Nu jogd ngagaritek deui. Ki Darman mah turun, solongkrong ngajak sasalaman ka Kang Harry mnta hampura sual kajadian nu geus liwat. Teu kungsi lila manhna nyiuk sangu di mja parasmanan. Belewek-belewek rewogna kacida, ngubaran kareuwas meureun. Sataun tiharita, Kang Harry Thomas jeung Neng Yuyun Sumiati boga budak. Abong ngalah ka bapana, orok th buukna semu konng. Bja ti Cecep mah budak th dingaranan Haryanto Harianeun. Tapi sabulan tiharita ngaran budak diganti jadi Muhammad Heri Thom-bo Ati. Duh, mani bagja nu rumah tangga. Mugia rumah tanggana tetep bagja, Neng. Kuring ikhlas. Muhun, najan dogong-dogong tulak cau mangtaun-taun kuring miharep waktu nu alus rk wakca. Duh geuning kapiheulaan ku bul sasab

Parebut Tuti
Ditulis oleh Badru Tamam Mifka di/pada 15 Februari 2008 4 Suara Si Dano, sakolana di SMP Cikeruh-Sumedang, Budak Kang Baban, nyarita pangalamanna gelut ka kuring, dijieun carita we ku kuring, daripada weuh gadag di imah ngadon ngegelan panto

Dano jeung Dacep rk galungan, teu sirikna jiga nu rk silih rebut pati. Elit politik mah di luhur silih dudut parebut korsi, oalah nu duaan malah rk slih jenggut parebut Tuti. Enya Tuti pisan, Tuti Suryanti binti Ahmad Arjaki, stuning wanoja geulis ting-ting nu jadi inceran ampir kabh lalaki di lembur Cipati. Teu ukur barudak pamuda kamari, dalah aki-aki tujuh mulud g najan teu nyirikeun teu welh w ulubiung milu kompetisi miharep ati Tuti. Najan loba nu mikahayang ka Tuti, tapi nu meusmeus ranteng urat beuheung teu sirikna unggal po agul diri kabungbulengan ku Tuti mah nu kadng th ukur Dano jeung Dacep, dua pamuda lembur nu silih sigeung pada hayang meunangkeun cinta Tuti. Kapengpeongan. Kompetisi dimimitian ku paginding-ginding hareupeun Tuti. Dano ngablaan nginjeum duit meuli baju alus najan hasilna teu pisan-pisan ukur ginding kakampis. Pon kitu deui Dacep nu embung lh ginding najan adan ku kuda beureum. Tahap kadua kompetisi jadi kstrim: Gelut! Dano nangtang. Dacep embung disebut leutik burih. Peuting ayeuna pisan, di kebon awi, dua pamuda th geus panas hat. Salah sahiji kudu meunang tarung. Nu lh kudu ngajauhan Tuti. Pikeun Dano jeung Dacep, teu paduli teuing lalaki lian mah, da puguh teu ngagokan iwal jelema nu ngajanteng hareupeunnana. Dua pamuda th geus titatadi silih haok, ngawakwak tipopolotot, bet ngahaja silih bales pantun heula. Dano geus nembongkeun sihung. Dacep geus buringas. Dano nembongkeun potrt Tuti ukuran poskar. Dacep g embung eleh, manehna nembongkeun potrt Tuti ukuran 10 R. Hate Dano ngagedur ngabebela kapanasan. Duanana ngahaja can darahar ti imah mula, puguhing kolot can nyangu. Duanana g geus taki-taki, geus siap nadah serangan nu jadi musuh. Serenteng dua pamuda th buk-bek silih dudut bulu suku heula. Beletak Dano miheulaan neunggeulkeun peureup kana sirah Dacep. Solontod Dacep mundur gubaygboy, gedebut nambru luhureun ti munding. Tapi manhna rikat nangtung deui. Serenteng narajang Dano. Buk sukuna nojos angen Dano. Goak Dano ngagoak,

ngacleng nangkuban. Amarahna mingkin ngagugudag. Dano nyambat ngaran Tuti. Dano takbir. Gajleng muru Dacep, peletak ngprt ceuli katuhuna. Ngung karasa panas. Dacep ngocak nyambat nini na. Teu kungsi lila Dano ngajenggut. Dacep pungak-pingek puguh Dano sirahna botak. Antukna ngot. Teu poho nojos liang irung Dano ku cingir; haneut. Ahirna silih suntrungkeun. Gubrag dua pamuda th nangkarak. Dano rikat nangtung, pon kitu deui Dacep nangtung ku dua leungeunna. Dano taki-taki. Dacep masang kuda-kuda. Ngahgak. Set Dano nyokot pso tina sakuna. Pso kater. Dacep teu riuk-riuk gimir diasongan peso th. Set manehna ge nyokot panakol bedug. Gajleng Dano ngasongkeun pso, buk leungeunna di takol ku Dacep. Dano kkrpngan nyambat ucingna. Sabot kitu Dacep nngkas suku lawanna. Duk! Dano jungkir balik, labuh bujur tiheula nenggar akar. Goak bisul Dano bucat. Gap Dacep nyekel leungeun Dano. Dacep marieuskeun leungenna. Puguh w atuh leungeun Dano asa rengat. Pupuringisan. Embung lh, leungeun kncana nyokot kai sapotong deukeut sukuna. Peletak Dacep ditakol. Leng dunya asa muter. Serenteng deui duaan silih tarajang. Buk peureup Dano meupeuh beungeut Dacep. Beletak siku Dacep nyiku tarang Dano. Bruk duaannana kapiuhan silih tangkeup. Euweuh nu lh. Euweuh nu meunang Saminggu tiharita, kompetisi pindah kana mistik. Ber Dacep neang plt ka kulon. Pon kitu deui Dano nyiar plt ka wtan. Lain plt keur lauk. Tapi keur mlt Tuti. Dano guguru ka Abah Ebah. Dacep hiber ka Abah Omon. Dua bulan guguru asihan. Dano yakin pltna matih. Dacep og optimis. Dano mak jurus kiceup sakti. Dacep mak rumus seuri sakti. Duanana kudu mak jurus jeung rumus ta maksimal dua lengkah ti beungeut Tuti. Geus rngs guguru, duanana panggih deui. Silih agul plt. Hayu wang buktikeun ka jinisna! Pakuat-kuat ajian. Saha nu matih bakal meunang asih Tuti. Po minggu jam salapan kompetisi dilaksanakeun. Dua pamuda th geus ti isuk-isuk naragog hareupeun imah Tuti. Jam satengah sapuluh targt kaluar ti imahna. Ngajanteng sisi jalan jiga nu rk megat mobil. Dano nyampeurkeun ti belah kulon. Dacep ti belah wtan. Dua lngkah ti Tuti, dua pamuda th ngaluarkeun jurus. Biwir Dano katangen kunyam-kunyem: nelengnengkung-nelengnengkung sima mamah kiceup aing seblok seblak pot nyepot wawawaw ajrih asih hyap ampih sima kiceup seblok pot papah giring seblak nyepot wawawaw

Puuh! Dano niup leungeunna, tuluy diusapkeun kana panonna. Hyap, kadieu Tuti Dano ngagupayan bari keukeureuceuman. Dacep embung lh ajian. Biwirna katmbong runyah-renyoh: balatuktak godeg oma balatungteng turalean

seuri nyari gurilap-gurilap tah sima tah tuma wak wek wok wak wek wok

imut jimat jimat nu

nurut mantap tumarima marema

Puah! Dacep miceun ciduh kana leungeunna. Ldot diusapkeun kana biwirna. Hyap kadieu Tuti Dacep ngagupayan bari sura-seuri. Kaciri aya rmh nyelap dina huntuna. Angin mingkin ngagelebug. Lieuk Tuti melong Dano. Lieuk Tuti melong Dacep. Lila teu ngomong. Sabot kitu. Tid! Tid! Tidid! Aya motor gede tur alus eureun hareupeun Tuti . Tuti nya? Muhun. Ameng Yu! pamuda nu luhureun motor nanya.

Tuti unggeuk, tuluy nyampeurkeun. Gk diuk luhureun motor. Geuleuyeung motor ngabiur ninggalkeun Dano jeung Dacep. Langit ceudeum. Dano jeung Dacep kapiuhan. Pingsan. Plt Abah Ebah jeung Abah Omon lh ku plt Jepang

Nyiar Duit
Ditulis oleh Badru Tamam Mifka di/pada 26 Juli 2008 5 Suara

Zaman kiwari mah neangan duit teh hese kacida. Komo deui ayeuna mah harga-harga kabutuhan sapopoe ge geus mahal tur mahiwal. Putatpetot aprak-aprakan sapoe jeput nyiar napkah, hasilna mah sakali beak sapoe ge. Kabeh jalma geus lieur ku duit. Lieur ngalana, bingung pareng rek dibalanjakeunna, basa kerenna mah dilema. Kateuing ari jalma beunghar jiga artis atawa pajabat nu loba duit mah, meureun ngaluarkeun duit teh asa ngaluarkeun hitut. Isuk-isuk keneh kuring rek mangkat ka Cileunyi, dititah ku babaturan kuli ngarombak imah Haji Junedi. Karasa hoream uncag-incig teh dalah ongkos angkot ge ayeuna mah pikasieuneun. Tisaprak harga BBM naek, ongkos angkot milu naek. Kahayang mah leumpang, tapi era ku tukang batagor. Kapaksa we nyokel celengan si Teteh. Mun

pareng nempo kuring nyokelan celengan teh, pamajikan mah sok gogodeg bari nyeungseurikeun. Geus jarang ayeuna mah nu numpak angkot teh. Lolobanamah ngabelaan pasedeksedek naek beus DAMRI, cenah ongkosna kaitung murah. Nyaan pisan ongkos DAMRI leuwih murah pisan batan angkot. Ti Tanjungsari ka Kebon Kalapa ge ukur mayar 4000. Mun angkot mah 4000 teh ukur nepi ka Cileunyi. Loba jalma nu rek ka Jatinangor atawa ka Cileunyi, malahan milih naek DAMRI, mayar sarebu ge ditarima cenah. Tapi poe ieu kuring milih naek angkot. Sirah keur jangar kieu mah teu sudi teuing pasedek-sedek nangtung dina DAMRI, kuring mah sok kapiuhan. Tiiseun kieu Kang, angkot teh? cekeng teh ka supir Ah, kieu we upami enjing-enjing dugi ka siang mah, Kang, tiiseun. Leuheung siang mah aya bubaran barudak sakola, janten teu ngahelas teuing. Tuh, tingali Kang, DAMRI mah marema nya. Muhun, beus badag nurustunjung, ngarebut panumpang. Rek ka Cileunyi nu deukeut ge diangkut si bangkawarah teh. Ceuk supir bari nyiduh kaluar. Kuring ukur seuri ngadanguna. Singhoreng ayeuna mah DAMRI jeung angkot teh keur mumusuhan. Jalma pantaran kuring mah nyiar duit teh kudu bolokot heula jeung kesang, malahan geutih. Sirah jadi hulu, hulu jadi sirah. Najan hasil nu katarima teu sapira, tapi hatur lumayan keur kabutuhan sapopoe mah. Kitu we, basana mah gali lobang tutup lobang. Tapi kuring mah bagja boga pamajikan daek sabar diajak sangsara ge. Atuh nahas mun urang boga pamajikan teu sabaran, sing pareng dibere beunghar ge, bakal riweuh jauh ti kabagjaan. Jalma pantaran kuring mah nyiar duit teh kudu daek papanasan kawas kieu. Tapi teu karasa gawe di imah Haji Junedi teh geus tereh beres deui. Atuh da digeder ti isuk, komo dibantuan ku nu lian mah, pagawean teh gancang beres. Haji Junedi atoh nempo hasil gawe kuring jeung nu sejenna. Karasa, jalma beunghar kawas Haji Junedi mah teu koret ka jalma kuli jiga kuring teh. Manehna nyuguhan, ngajak dahar bareng, tuluy teu asa-asa mere buruh. Kuring moal cangcaya, manehna pasti abus surga. Ti kajauhan kadangu sora adan asar. Kuring geuwat milu mandi di imah Haji Junedi. Awak karasa genah dipake solat ge. Nuhun, Gusti oOo Najan geus asup sore, tapi hawa masih keneh karasa bayeungyang. Angkot ka sorenakeun mah katempo marema, komo deui beus DAMRI nepika dengdek-dengdek wae bakating ku pinuh. Sore mah geus loba nu mulang gawe. Di jero angkot, awak karasa mingkin hareudang, lantaran panumpang ngabelaan nangkel di lawang panto ngahalangan angin. Di jero bujur geus silih geol, karasa panas. Najan kasiksa ku hareudang, tapi teu ambek da kuring di jero ngabaur jeung panumpang awewe, teu jangar teuing. Sok atoh mun aya nu turun, bujur bisa usik lega. Komo ayeuna mah nu narangkel teh geus tarurun palebah Cikuda ge. Hiji dua

panumpang mulai turun. Di pengkolan Ciromed, turun pamuda jabrig. Sor ngasongkeun duit, teuing sabaraha. Timana, Jang? Ti Jatinangor. Kurang lima ratus. Ah, biasana ge mayar sakitu. Beda ayeuna mah, bengsinna ge geus mahal. Sayah mah mahasiswa, mayarna murah! Rek mahasiswa, rek presiden ge mayar mah sarua! Na ari maneh sok maksa! ceuk si pamuda bari nakol kaca spion mobil. Gelo siah, mahasiwa sangsara! Kalahka rek ngarusak mobil. Gelut siah jeung aing! Sok kadieu turun wani mah, pehul! Supir turun, si mahasiswa kekerot. Silih haok, silih suntrung. Antukna mah silih cabok, buk-bek silih teunggeul di sisi jalan. Kabeh panumpang awewe di jero angkot jejeritan. Awewe mah sok riweuh, nonton gelut jeung nonton mengbal teh sarua wae, jejeritan teu puguh. Nyaan awewe mah, jiga nu gelut teh kabogohna wae. Nempo dua jalma masih buk-bek gelut teh, kuring geuwat turun, niat rek misah. Orokaya nu gelut geus teu bisa dipisah. Crot geutih kaluar tina irung supir. Cer irung si mahasiwa ge sarua ngucur geutih. Pokona mah cur-cor pikasieuneun. Untung pisan ti kajauhan katempo loba jalma lalumpatan milu rek misah. Nu duaan teh pada nyarekelan, pada misah. Sok wani mah siah tuluykeun, sirah bihun! Sok siah gelo, haramjadol Beuteung kardus! Duh, Gusti, pira oge duit lima ratus, nepika pasea kitu oOo Imah kontrakkan kuring karasa tiiseun. Kuring keketeyepan abus ka jero. Lalaunan kuring ngelol ka kamar pamajikan. Katempo manehna keur anteng maca majalah. Kuring ngadehem, tuluy nanya. Nuju naon, Teh? nu ditanya teu ngalieuk. Kuring ngadehem deui, tapi pamajikan jiga nu embung ngalieuk. Teu sasarina kitu. Lalaunan kuring nyampeurkeun manehna. Katempo manehna baeud. Kuring hemeng nempona.

Teteh kunaon baeud? cekeng teh semu ngaheureuyan. Nu ditanya kalahka malik nonggongan. Raray Teteh janten awon pami nuju baeud mah nya kuring ngaheureuyan deui. Nu diheureuyan kalahka malik molotot. Duh, Gusti, panonna meni endah. Aa tadi nyandak artos sabaraha tina cengclengan? pamajikan nanya semu ambek. Salapan rebu, naon kitu? Tadi Teteh uih ti bumi Bi Nuni, naek ojeg kirang artosna, kirang sarebu, jadi isin. Sugan teh ongkos teu acan naek. Bade nyokel cengclengan artosna tos ku Aa seep. Ceuk pamajikan bari baeud. Kuring teu kuat nahan seuri ngadanguna. Ih, Teteh, da artos mah teu dicandak sadayana. Aya disesakeun. Disesakeun naon, dina cengclengan mung aya 200 perak. Tembal pamajikan bari malik nonggongan. Kuring seuri ngabarakatak. Oh, saminggu nyengclengan geuning ngan aya salapan rebu dua ratus! Sugan teh sajuta nya, Teh. Ceuk kuring bari seuri akey-akeyan. Pamajikan katempona baeud keneh, bari ngegelan biwirna nu semu beureum. Nya atos atuh, iraha-iraha dilebetan deui ku Aa cekeng teh. Kuring ngahaja heheotan, pamajikan beuki kesel ka kuring. Duh, hanjakal Teteh nuju baeud, nuju bendu, tadina mah bade diajak ngabaso di Mang Endun. Ceuk kuring bari api-api rek ngaleos. Kareret pamajikan malik curinghak, tuluy nyampeurkeun kuring. Aa tadi janten damel di bumi Pa Haji? Langsung dipasihan artos? Sabaraha? pamajikan merekpek nanya. Kuring teu ngajawab, kalahka ngahaja heheotan. Aa bade langsung ka Mang Endun, atanapi bade bobo heula? pamajikan nanya bari semu ngagoda. Leungeunna nangkeup cangkeng. Bade bobo heula ah cekeng teh. Hayu atuh! Kuring jeung pamajikan muru kasur, goledag bareng gogoleran. Tuluy kuring sare nonggongan pamajikan, api-api kerek. Geuning Aa mah kalahka bade bobo kitu. Ih, tadi kan Teteh ngajak bobo heula Sanes bobo kitu atuh Har, bobo kumaha deui atuh?

Nu ditanya kalahka imut eraeun. Tuluy pamajikan nangkeup bari ngome kancing baju kuring, semu nu ogo. Tapi artosna mung saalit, Teh Wios tembal pamajikan ogo bari imut ngagelenyu. Ah, najan ukur hasil duit saeutik, tapi karasa bagja mun pamajikan beunghar ku imut, bageur, sabar, ogo Karasa bagja, Gusti Sumedang, Juli Kainspirasian ku rumah tangga Kang Nanang 2008

Golkar chairman Aburizal Bakrie stated that the coalition will never be solid if there is no awareness from each party to speak for the people. He hopes that the Century Bank case will be a blessing in disguise to strengthen the coalition. "Our target after the inquiry committee is for the government to be solid," stated Aburizal, or often called Ical, after a discussion themed "Party Coalition in the Presidential System" held by the Freedom Institute, Jakarta, Wednesday. The speaker for the discussion is a teaching staff member from the Syarif Hidayatullah State Islamic University, Bachtiar Effendy, and also a researcher from Indonesian Survey Institute, Dodi Ambardi. According to Aburizal, Century Bank's case is one of many problems in Indonesia. For that reason, the political process of the case in the House must continue till the plenary meeting of the House. The case must also be proceeded into legal courses. Aburizal stated that Golkar speaks for the people and plans to win the 2014 elections. "Though in a coalition, each party has a chance to win the 2014 coalition." Bachtiar Effendy stated that a government with presidential system would be hard put to run effectively if there were too many parties. Therefore, Bachtiar indicated the need to change the structure of the parties or to limit parties. After the final report from the inquiry committee on Century Bank yesterday, Golkar central board chief Priyo Budi Santoso stated, "Golkar's position is solid. All the staff members support the decision and attitude of the fraction during the final view at the committee. We give the highest appreciation and we are proud of the fraction's

performance in the committee." According to Priyo, Golkar fraction's decision hasn't affected the coalition supporting SBY-Boediono. He is confident that President Susilo Bambang Yudhoyono won't replace a minister from the coalition whose political view in the committee was at odds with the Democratic Party's. Regarding the possibility of impeachment on VP Boediono and Finance Minister Sri Mulyani Indrayani, Priyo stated that those matters haven't been considered by Golkar. "We're not quite at ease about Boediono being dismissed. The nation would have to spend a great deal of energy for that." Minister for Communication and Information Tifatul Sembiring from the PKS fraction stated that PKS' final view doesn't affect the cabinet's performance. "(The cabinet) It's still solid. The president continues to lead, there's no problem," he stated in between a hearing before the Commission I of the House.

You might also like