You are on page 1of 1

SAPTU, 1 OKTOBER 2011

walimatussafar

Sumedang, Oktober 2011 Assalamu alaikum Warahmatullaahi Wabarakaatuh


Tawis Kaajrih kana pangasih Gustu Nu Maha Suci, tanda tumarima kana Rahmat ti Allah SWT, sim kuring sakulawargi seja syukuran dina raraga rencana mios ka Tanah Suci ngalaksanakeun rukun Islam anu kalima. Sakedahnamah sim kuring sakulawargi anu ngadongkapan Bapa/Ibu/Saderek kanggo silaturahmi sareng neda dihapunten tina sagala rupi kalepatan sareng kaluluputan tur nyuhunkeun pidua, namung jalaran waktos anu samporet sim kuring teu tiasa ngadongkapan Bapa/Ibu/Saderek sadayana. Jalaran eta sim kuring ngulem Bapa/Ibu/Saderek kersa rurumpaheun dina : Dinten : Saptu, 1 Oktober 2011 Waktos : Tabuh 10.00 dugika rengse Tempat : Lingk. Kaum RW. 10 Kel. Regol Wetan Sumedang Tausiyah : KH. Atep Saefulloh Disuhunkeun piduana nu kasuhun mugia dina ngalaksanakeun ibadahna aya dina kalancaran turta dina panangtayungan Alloh SWT, miwah tiasa ngahontal martabat Haji anu mabrur sareng mabrurah. Amin. Sakalih ti eta sim kuring salaku manusa biasa teu leupas tina sifat khilaf, ku kituna ngalangkungan ieu serat sim kuring sakulawargi nyuhunkeun dihapunten tina sagala kalepatan lahir bathin. Kana kasumpingan Bapa/Ibu/Saderek sim kuring sakulawargi kalintang ngahaturkeun nuhunna.

Wassalamu alaikum Warahmatullaahi Wabarakaatuh


Anu seja ziarah ka Tanah Suci :

1. 2. 3. 4. 5.

ALAN DAHLAN AHMAD MARZUQI (ADAM) EDY RUHIYAT Dra. PIPIT BADRIAH BEBEN ZAENUDDIN HERLINA LIUW

You might also like