You are on page 1of 3

Puluhan murid sakola SDN Unsilster Desa Unsilster Kecamatan Purbaratu Kabupaten Tasikmalaya, nu dina tanggal 20 April 2010

keuna ku gempa. Masih keneh diajar di tenda darurat. Maranehna teu bisa balik deui ka sakola asal. Ku sabab sieun gempa deui. Pupuhu lembur didinya ngabewarakeun musibah Kecamatan Purbaratu Kabupaten Tasikmalaya, agung cahya netelakeun aya dua ratus opat puluh dua budak Sakola Dasar nepi ka sakola menengah pertama anu jadi korban gempa. Opat puluh genep urang diantarana nyaeta murid SDN Unsilster anu sakolana deukeut jeung tempat gempa. Maranehna ayena di ajar di tenda darurat. Khusus pikeun kelas genep anu minggu ieu bakal nyanghareupan Ujian Nasional, ti saprak dua minggu katukang maranehna cicing jeung diajar di imah kapala sakola SDN Unsilster. Murid kelas opat SDN Unsilster anu jumlahna tilu belas orang eta ngahaja ditempatkeun didinya, sangkan bisa meunang bingbingan diajar nu enya-enya. Samemeh ujian nasional murid utamana dibekelan pangajaran tambahan pikeun pangajaran bahasa Indonesia, bahasa Inggris, IPA, IPS, jeung Pkn. Unggal poe senen opat puluh genep murid anu diajar ditenda meunang bingbingan ti guru husus anu didatangkeun ti dinas pendidikan Kabupaten Tasikmalaya. Sri Nurhayati, murid kelas opat SDN Unsilster anu diajar di SDN Cibubur, ngebrahkeun yen manehanana kurang ngeunah di sakola nu anyar. Sabab kudu ngabiasakeun deui hirup jeung murid atawa guru sarta murid SMP korban gempa anu geus dititipkeun ka sakola-sakola anu deukeut.

Walikota ngajak murid merangkeun narkoba

Ihtiar merangan bahaya narkoba lain saukur kawajiban pamarentah wungkul, tapi oge kawajiban balarea. Ku ayana organisasi kamasarakatan nu ancrub milu merangan bahaya narkoba, saperti Komite Peduli Pendidikan Nasional (KPPN) Kota Bandung nu geus ngalaksanakeun pembinaan ka murid-murid SMU mangrupa babakti masarakat dina merangan bahaya narkoba.

Kitu ditandeskeun Walikota Bandung, H. Dada Rosada, SH, M.Si basa ngaluncurkeun "Buku Saku" sababaraha waktu kaliwat. "Barudak sakola minangka generasi penerus bangsa sangkan bisa ngahulag narkoba tina kahirupan, sabab narkoba mangrupa musuh utama nu baris ngancurkeun kahirupan sarerea," pokna tandes naker.

Tarekah merangan narkoba, ceuk Dada, mangrupa sumanget pikeun ngagempur peredaran jeung sindikatna, enggoning nyalametkeun kaom nonoman tina bahaya narkoba. Lamun narkoba bisa diperangan tinangtu baris medalkeun masarakat Kota Bandung nu bermartabat.

"Buku Saku" nu diluncurkeun teh dimaksudkeun keur barudak SMU sa-Kota Bandung. "Eusina ngeunaan bahaya narkoba jeung pencegahanana sangkan tong ngadeukeutan narkoba," teges Ketua KPPN Kota Bandung Diddy R. Ridjadi, S.IP. Ieu buku teh dipiharep mampuh ngadorong barudak nu keur nyuprih elmu di SMU, salian bisa ngajauhan narkoba, oge bisa milu aub meranganana.

Sekretaris KPPN Kota Bandung Drs. Fajar Kurniawan, M.Si negeskeun tarekah pembinaan jeung sosialisasi di lingkungan barudak sakola teh dilaksanakeun ngaliwatan pagelaran seni budaya jeung konser-konser musik. Lian ti eta, nu geus rutin dipigawe nyaeta ku jalan datang langsung ka sakola-sakola, mere piwuruk jeung ngabagi-ngabagikeun buku saku.*** (Cucu)

Batu Pasanggrahan di selareuma kapendak ku panaliti tina Compact Disc

Situs anu hiji ieu mah mimiti kapaluruhna ti narasumber, Guru Gunawan di salah sahiji sakolaan di Sumedang. Kitu nurutkeun Tim Penulis nu dipupuhuan ku Prof. Dr. Nina Herlina Lubis Ketua MSI Jabar nu anggota Timna, Drs. Mumuh Muhsin, M.Hum, Dra Etty S. Dyanti,M.Hum, Drs.Awaludin Nugraha, M.Hum jeung Miftahul Falah S.S ka MANGLE. Data awal kapendakna ku para panaliti tina, Compact Disc nu eusina tetela potret-potret hiji pasir jeung batu-batu alamna nu keur dieksploitasi ku hiji pausahaan. Pasirna ngajegir di Selareuma Desa Pasanggrahan Kacamatan Sumedang Selatan, sisi jalan raya beulah katuhu kira 300 meter sabada SPBU Samoja. Saenyana ari ngalianana mah geus rada lila, tina batu-batu anu kakali, batu-batu alamna teh ukuran panjang kurang leuwih 2 meter, sisi 40 sentimeter. Tina potret-potret katingali yen ieu paesan ngandung rupa-rupa batu. Di antarana pilar-pilar batu nu rek sarua jeung menhir. Tapi sanajan kitu, hiji menhir teh batu alam nu geus diolah ku manusa keur rupa-rupa kapereluan upacara, boh nu aya tumalina jeung wangunan teras umpak, boh menhir anu mandiri nu ngalengkepan altar batu. Dina kasus kieu bisa dikaji ulang, naha di tempat ieu teh aya situs nu corakna megalitik sejen jeung batu-batu nu susunanna sarua jeung batu-batu alam nu saperti tadi, turta salila ieu dikaramatkeun ku rayat sabudeureunana. Upama bener kitu, bisa jadi ieu kawasan jadi sumber batu-batu nu nyusun wawangunan teras umpak. Atawa upama kapanggih paparabotan tina batu, ku kituna bisa jadi ieu pasir memang bengkel tina hiji situs nu corakna megalitik. Dina hal ieu perelu dilakukeun panalitian nu leuwih jero deui pikeun nangtukeun naha ieu pasir teh bener situs atawa lain. Lian ti kitu, dilaporkeun oge ayana batu korsi di Dusun Pasir Peti. Kelurahan Pasanggrahan Kacamatan Sumedang Selatan. Nurutkeun Sumber lisan disebutkeun yen Batu Korsi, sanajan bentukna jiga korsi, tapi teu bisa didiukan ku manusa jeung diliwatan ku sasatoan. Upama aya anu ngadiukan, jalma anu ngadiukanana moal bisa nangtung deui. Kitu deui sasatoan nu ngaliwat ka luhureunana, bakal labuh tigogolente.

You might also like