You are on page 1of 3

Allohu Akbar, Allohu Akbar, Allohu Akbar, Walillahilham.

Langkung ti payun urang nyanggakeun puji kalih syukur ka Dzat anu Maha GhoIur,
anu teu kendat-kendat maparin ni`mat ka urang sadaya. Rohmat miwah kawilujengan
mugia salamina ngocor ngagolontor ka jungjunan urang sadaya nyaeta Kangjeng Nabi
Muhammad SAW, anu parantos maparin tuduh jalan enggoning ngahontal kabagjaan
dunya akherat pikeun umatna.
Salajengna sim kuring wasiat ka diri pribadi sareng ka para wargi sadaya, hayu
urang sami-sami ningkatkeun kataqwaan ka Alloh Subhanahuwata`ala.
adirin sidang Ied rohimakumulloh!
Sakumna umat Islam saampar jagat, ti magrib kamari tug dugi enjing-enjing
ayeuna, raengna maruji ka Gustina ku aosan takbir, tahmid, tahlil sareng tasbih, geusan
ngagunakeun ka Nu Maha Suci, Alloh anu Maha Welas asih ka makhlukna.
Surupna srangenge wanci magrib kamari, minangka gupay pileuleuyan tina bade
ngantunkeun urang sadadya, anu moal tepang deui, kiwari kantun waasna, nyangkaruk
dina jajantung, meulit dina ati, sumarambah dina bayah, pileuleuyan Romadhon.
Balebat Iajar di beulah wetan, wanci subuh nu pinuh ku pangharepan, disambung ku
meletakna srangenge wanci enjing ayeuna, lir mukakeun lalangse hate, nyingraykeun
lawang lambaran anyar geusan neruskeun lalampahan manusia ngajugjug ka tempat
pangbalikan, anu saparapat jalan pinuh ku rupa-rupa pangajak, panyaram, gogoda, sareng
pangbibita, sangkan manusa poho purwadaksina.
Niti wanci Idil Fitri nu dianti, datang mangsa mungkas puasa anu diteda-teda,
cunduk waktu tutug rampung sasih saum, tuntas ngabdikeun diri ku ibadah saum geusan
nohonan pancen ti Nu Maha Agung.
Peurih murilitna peujit, panas halabhabna genggerong, panon ranyay, urat kendor,
taya tangan pangawasa, leumpang asa kumalayang, ayeuna sirna leungit kaganti ku
kabungah nu taya papadana, kabungah anu moal katanding ku harta banda, sabab dinten
ieu dinten lebaran, dinten Dhiyafatun minalloh, dinten panyuguhan ti Alloh. Pidawuh
Kangjeng Rosululloh SAW :

Hartosna : 'Pikeun falma anu puasa bakal kenging dua kabungah, bakal bungah ku
duanana, nyaeta kahifi bungah nalika buka puasana, kadua bungah nalika pendak
sareng pangerannana faga di akhirat`
Kabungah kahiji :

Hartosna : 'Kabungah nalika buka puasana, tegesna leungit rasa lapar, sareng
rasa halabhab atawa dahaga, nalika dimeunangkeun ka manehna buka, nyaeta wanci
magrib atawa bungah ku sabab tamat saum sasasih lamina`.
Allohu Akbar, Allohu Akbar, Allohu Akbar, Walillahilham.
adirin sidang Ied rohimakumulloh!
Mungguhing jalmi, upami nuju kenging kabungah, sok aya kalana hilap kana
perkara anu kacida pentingna, anu kacida ageung ajenna. Contona sapertos perkara anu

kacida pentingna, anu kacida ageung ajenna. Contona sapertos urang ayeuna, ku ayana
urang bungah ku tamatna saum, teu kaemut ku urang yen urang teh tos kaleungitan ku
hiji mutiara anu kalintang ageung hargana, nya etaku pisahna sareng sasih anu pinuh ku
mangpirang-pirang piuntungeun kanggo urang sadaya, malihan anu janten salasawios
modal geusan ngahontal ka bungah anu kadua, nyaeta kabungah jaga dimana urang
patepang sareng Dzat mantenna anu di akherat. Sakumaha kasauran Kangjeng Rosululloh
SAW :

Hartosna : 'imana-mana tumiba ahir sasih Romadhon, mangka langit sareng
bumi sareng para malaikat pada narangis, karana tumiba musibah pikeun umat Nabi
Muhammad SAW. Kangfeng Rosul ditaros, Naon eta musibah teh Ya Rosul?

Hartosna : 'Rosul ngawaler, musibah teh nyaeta tos leungitna bulan
Romadhon,sabab dina bulan Romadhon mah dua diifabah, sodaqoh ditampi, kasaean
ditikel-tikel ganfaranana, sareng siksaan difauhkeun`
Upami ku urang dilenyepan, ari langit, bumi sareng para malaikat careurik,
nyeungceurikan urang, piraku urang dina dinten ieu henteu tiasa ngeclakkeun cisoca
karana handeueul Romadhon tos leungit.
Allohu Akbar, Allohu Akbar, Allohu Akbar, Walillahilham.
Hadirin sidang Ied rohimakumulloh!
Kasauran ulama, lebaran di dunya teh pikeun pangemutan kana perayaan di akherat,
anu pasti bakal kasorang ku urang sadaya. Dina dinten ieu dintenan lebaran, aya jalmi
anu angkat nganggo kendaraan, aya anu mapah, aya anu nganggo anggoan, aya anu
ditaranjang, aya anu nganggo anggoan sae, aya anu nganggo anggoan awon, sapalih aya
anu suka bungah, sareng aya anu nangis ku sabab sedih. Eta kaayaan kitu teh gumantung
kana kaayaan sareng kamampuhan masing-masing.
Emutkeun, kajantenan kiamah the sapertos kitu.
Ayeuna ku urang sawang atawa bayangkeun yen akherat oge moal benten ti kitu,
ngitung-ngitung sae sareng awonna laku lampah waktu hirup di dunya, mangga lenyepan
ieu pidawuh Rosululloh SAW :

Hartosna : 'Saha falma anu sukses ngalaksanakeun saum dina sasih Romadhon,
bari didadasaran ku iman sareng miharep ganfaran ti Alloh, mangka sadaya dosana anu
tos kaliwat, ku Alloh dihampura.
Mugi-mugi saum urang sadaya masing ditampi ku Alloh Subhanahu wata`ala.
Allohu Akbar, Allohu Akbar, Allohu Akbar, Walillahilham.
Hadirin sidang Ied rohimakumulloh!
Kabungah anu kadua nyaeta kabungah nalika urang papendak sareng Alloh jaga di
akherat.

Hartosna : 'Kabungah nalika papendak sareng pangeranana, tegesna hasil babales


sareng ganfaran, atawa ku ningali at Pangeranana`
Aknggo ngengingkeun kabungah anu kadua ieu, urang kedah Idul Fitri. Supados
urang kalebet kana Idul Fitri, syaratna cumponan euis pidawuh Alloh anu aya dina surat
Arrum ayat 31, anu unggelna :

Hartosna : Anu tarobat, tegesna balik ka Alloh sareng sieun ku Alloh, sareng
ngadegkeun sholat, sareng ulah fadi aranfeun ti golongan falma anu musyrik. Ari tobat
teh nyaeta eureun tina lampah dosa, bari nyuhunkeun pangampurana, sarta fanfi moal
balik deui tegesna moal milampah deui kana eta dosa`

Ari dosa anu kapilampah ku urang, eta aya dua rupi nyaeta :
Kahiji dosa ka Alloh, mangka urang istigIar, tegesna nyuhunkeun dihampura ku
mantenna.
Kadua dosa ka papada jalma, tah dosa anu ieu mah kalintang abotna, margi moal tiasa
langsung dihampura ku Alloh, upami urang teu acan silih hampura heula sareng jalmi
anu aya hubungannana sareng eta dosa.
Kumargi kitu, dinten ieu dinten lebaran, dinten lulubaran dosa sareng papada jalmi,
urang ngantelkeun ati ka ati, tepang panangan sasalaman, nepungkeun surti ku surti, surti
mungguh di batin, sanajan bari teu betus ngedalkeun eusi paneda, urang silih hampura
lahir batin, beresih dina mustari, rahayu cunduk ka waktu.
Mangga urang mulang deui kana setra weningna Iitrah manusa, lir mulangna getih
kana jajantung, sabada sumarambah kan saraI-saraI jeroeun jisim, beresih deui ku
perbawa hawa seger anu asup kana mamaras urang.
Setra weningna Iitrah urang sadaya, lir cikahuripan anu kahujankeun ti langit,
sabada laut pinuh ku unsur-unsur kaasin, ditilar ku sa`abna nu ngalayang ka jomantara,
nu maralak nyiram bumi.
Dinten ieu dinten anu mustari, geusan nepungkeun deui sanubari, sabada ka
keunaan ku rereged, kadangkalamisahkeun dalitna papada ati, rasa ngewa, ijid, keuheul,
ngunek-ngunek, ayeunan mangsana urang puyarkeun, urang leyurkeun lir cireumis nu
tuus kasorot ku sinar sang surya.
Baeu urang sambungkeun deui tali silaturahmi, anu jauh urang deukeutkeun, anu
misah urang hijikeun, anu rumeuk urang cekaskeun, anu kotor urang setrakeun. Mugi-
mugi urang sadaya dipaparin jalan pituduh kana jalan anu lempeng nyaeta jalanna jalmi-
jalmi anu dipaparin ni`mat, sanes jalmi-jalmi anu dibenduan sareng sanes jalmi-jalmi anu
salasar

You might also like