You are on page 1of 1

Mengke lanan,

keun urang reureuh heula


didieu,
di saung panyawangan harepan urang

bae,
tong nempo batur nu ting salebrut
lalumpatan mapag hareupan
ting haroak mukaan kitab dunya
ieu aing barana aing

lain teu kabita,
lain ulah kabita,
tuh tingal hateup lamunan
ting koyondon jeung barolong
mo' kadada najan maksa

keun,
najan jero dada karerab heab

You might also like