You are on page 1of 2

Samping kebat dilelepe samping poleng digulung deui kuring lepat nya mepende sing horeng indung si nyai

Papatong euntrep na rega di cepret ku karet geulang montong deukeut kanu egang bisi didempet teu bisa hudang Rincik rincang rincik rincang saladah gede beungketna sidik pisan sidik pisan nyi randa ageng .... Tikukur mawa-an heucak Mawa deui mawa deui .r datang ka pecak Rangda deui rangda deui Tat tit tut daun sampeu saha nu hitut saha nu ngambeu dibawa ka saung butut datang-datang pakdurudut Rincik rincang rincik rincang aya roda na tanjakan sidik pisan sidik pisan nyai teh bogoh ka akang Jalan-jalan ka cianjur nijek batu ngajelegur hanas kuring meuli bajigur diambuan bau bujur hayang nyatu euweuh kejo beasna di panggilingan boga minantu rada gelo mitohana di tampilingan

kini kini kuang kuang geutok geutok peupeundeyan nini nini keur mendeyang di bekok peperedeyan hayu urang bareng ngecrik ulah poho mawa emberna kunaong mang ceurik hayang nyusu ka nini na Cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok tai cakcak ninggang huntu laun-laun nya dilebok Cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok cai ngeclak ninggang momo* laun-laun jadi orok Kembang cula kembang tanjung kembang sagala domdoman rek sabulan rek sataun moal weleh diantosan Aya roda na tanjakan katinggang ku pangpung jengkol aya randa gogoakan katinggang ku hulu botol Jauh jauh manggul awi nyiar-nyiar pimerangeun jauh-jauh neang abdi nyiar-nyiar pimelangeun Aya listrik di masigit caangna ka Pabrik Kina Aya istri jangkung alit hanjakal teu di calana Manuk ciung na pisitan

buah nona aratah keneh dicium kunu kumisan si nona kalahka jebleh kacibogo kacibadak meuli ragi di bendunagan ulah bobogohan jeng budak mahugi pepeulendungan jalan2 ka kang apip lila2 pasti kesel lamun ningal smp yapip pastina moal nyesel lelempangan meuli timun meulina ka kang apip dari pada urang ngalamun mendingan k smp yapip Meuli piring di Mang Ohan Mayarna make duit rebuan Mun Silaing keur bobogohan Eta leungun ulah kakarayapan ka bandung tuluy k bogor ka cianjur meli bonteng ka siksa bga kabogoh sungutna bau sepiteng ci karacak ninggang batu laun-laun jadi dekoq sirah botak katinggang batu nya eta . bletok obat nyamuk katiup angin kuring ngamuk menta kawin sugan teh kaliki dangdeur boro abdi gancang ngadek

sugan teh lalaki bager boro abdi gancang daek kaduhung ngadu kaleci meuli leupet di cabean kaduhung boga salaki liang.ngagedean di keubon aya nu mancing urangna teu acan di acukan lamun urang eukeur geuring geura geura di ubaran Meuli jagong keur japati Eta jagong di awurkeun Eta beungeut jiga peti Anu erek di kuburkeun Aya mobil warna silver Mobilna keur ngala pare Lamun maneh hayang pinter Ulah loba teuing sare lamun maneh boga keris sok paehan lauk hiu lamun maneh bisa basa inggris sok naon artina I LOVE YOU kajeun jeungjing sisi rawa asal ka ci apus jana kajeun teu jingjing teu bawa asal nu dibungkus kucana kaleuweung bade melak tomat disarengngan ku sobat eweuh obat nu mujarab iwal ti solat salawe duapuluh lima mobil sedan cetna hejo

awewe jaman ayeuna bisa dangdan teu bisa ngejo anu matak anu mawi hulu botak ka tinggang awi tataksiran-tataksiran hulubotak di sisiran meni hayang buah muris menangna kalah yuyu ibu lilis mani geulis abdi nyebatkeun i love u bi mumun meuli neon meulina di kota kembang eh maneh eta beungeut atawa naon mani siga si koneng ngambang datang waktu sholat magrib bapa-bapa malah gudag gidig tuh tinggaleun sholat magrib nukitu incuna jurig datang waktu sholat isya anak muda malah ngagaya tuh tinggaleun sholat isya nukitu bapana kuya. datang waktu sholat subuh ema-ema malah neangan suluh tuh tinggaleun sholat subuh nukitu jelma teu puguh datang waktu sholat lohor bapa-bapa malah malolor tuh tinggalen sholat lohor bukitu te pake kolor

ecet-ecet oet-oet barudak ngarurek belut kapelet kuring kapelet ku randa nu gede hitut malati kembang malati dipelakeun dina batu upami hoyong ka sim abdi dongkap wae ka buah batu.. nini-nini kuang kuang.. aki-aki nuju tuang nini aki meuni beugang Kini-kini ti parigi Anak bogo na ayakan Nini-nini lari pagi Ngajedog dina tanjakan Aya jurig aya ririwa Kini-kini dina ledeng Aya ijid aya ngewa Nini-nini ngajak ngedeng Mudah-mudahan kahibur sadayana

You might also like