You are on page 1of 5

Puisi sunda : Asih nu mawa peurih 1 oleh Pustaka Sunda Asih surup ngudag srangenge haliwungna ati anu

ngageuri kembang tresna ngawagu wayahna rumasa raga teu walakaya Geuning enya diri ngarasa lieuk euweuh ragap teu aya ukur keclak ibun katresna ngalembereh maseuhan satia Naha enya teu aya harga ? talaga wening nyangkrung na soca bedah marudah ngaremkeun rasa asih, tresna, satia nu taya harga kahalimpudan pamaes dunya naha aya ngagenclangna rasa ? Puisi sunda: KALAKAY GUPAY oleh: Nano S. Wilujeng angkat, deudeuh Teu kedah ngumbar tibelat Da ci soca moal saat-saat Teu kedah ngumbar kawaas Da ngangres mo laas-laas Wilujeng angkat, deudeuh Urang luaskeun ku ikhlas Di jajapkeun ku sewu mamanis Tanpa kecap pileuleuyan Tanpa citangis marengan Wilujeng angkat, deudeuh Kantenan kalakay gupay Nu ngebat lebah pengkolan Heas-heas nurih ati, sakedapan Ngalongkewang diri leungiteun puntangan Hambar diri ilang tungkusan harepan Sirna ilang mamanisna

Kantenan kecap papisah Karaos mungkaskeun asih Kantos nyeuit nurih ati, sungkan pisah Uplek ngobrol sajajalan bari ngagugulung kangen Wanci sareupna maju ka kulonkeun Sora alon ngaharewos pileuleuyan Wilujeng angkat, deudeuh Mugia bagja marengan Metik ati nu jadi panutan Bari sabar ku papasten Urang geus jadi nu lian Wilujeng angkat, deudeuh TUKEURAN IEU SAJAK (Yus Rusyana, Ciliwung, 19 Juli 1966) Tukeuran ieu sajak Ku salambar simbut atawa samak saheulay Heug rungkupkeun ka barudak nu teu kaburu heuay Pating golepak dina trotoar Tukeuran ieu sajak ku beas wuluh atawa heucak Heug sidkahkeun kanu haropak Anu marangkuk di saung atawa di kolong sasak Tukeuran ieu sajak Ku sababaraha siki pelor Heug tembakkeun kana genggerong koruptor manipulator Sina enya kalojor Tukeuran ieu sajak Ku beubeutian tina kalbu anu rido Keur nyebor anu balangsak (Lamun teu kitu sasaak) WASIAT KONGLOMERAT (Taufik Faturahman, 1992, Galura No.38) Lamun Apih paeh pangbungkuskeun ku salambar boeh ladang ngeleketek tina rupa-rupa proyek Lamun Apih nemahan pati pangmesenkeun padung jati

ladang ngumpulkeun komisi jeung rupa-rupa korupsi Kontrak-kontrak nucan diteken Jeung SPK-SPK nu can dilaksanakeun awurkeun luhureun paesan na tetengger heug tulisan : parantos mulang ka kalanggengan Apih, konglomerat tuladan PANGBALIKAN (Wahyu Wibisana, Ciawang ,28-7-56, tina Kanjutkundang) Iuh, iuh gunung kuring angin ulin dina embun-embunan sawaktu-waktu kuring kudu nepungan dumeh hirup halabhab cinta di maranehna nya ayana Aya sababna kuring tibelat aya sababna kuring pegat tapi nu ahir lain kaabadian kakasih dina hate ngawih deui Iuh,iuh gunung kuring nyata, nyata tanda-tanda ngabalungbung jalan hirup nepi ka nyawa rek asup ka maranehna kuring rek balik ka maranehna kuring rek pamit LEUWI (Abdullah Mustappa, Tina Mangle No.217) sora nu tinggerendeng teu weleh saheng di leuwi aing laut nu tan istirah teu weleh motah di leuwi aing di leuwi aing

sagala teu weleh betah sagala teu weleh motah LALAKON I (Hadi AKS, Tina Galura No.39) Mangsa budak resep ulin ngarucu bulan mangsa rumaja resep wanoja ngumbar asmara nincak sawawa narik jangkar ngambah sagara geus kolot mah kari tapakur isuk sore ngitung umur! LAGU HIRUP (Eddy D. Iskandar, 1992) Unggal poe unggal lengkah nataan tanggal dina kalender angger aya nu diarep-arep ari umur melesat henteu kajeueung Dina beja dina carita teu weleh aya nu miheulaan warna-warni kajadian. Teu kapireng da puguh katalimbeng rusiah Dina sakeclak cimata. Aya kasedih nu teu kedal. Dina kongkolak kahirupan. Aya nu miang teu mulang deui BONGAN KITU (Juniarso Ridwan, 1992) Bongan kitu disebutna, puguh mega dipapay di awang-awang: cek aing angin bongan kitu karasana, nyerina raheut tatamba ka saban tabib: cek aing ngimpi

bongan kitu digambarna, geulis kabina-bina ditepungan unggal wayah: cek aing werejit bongan kitu pandena, nyarita sorangan ditataan di rs jiwa: cek aing eling bongan kitu ayana, beda jeung nu lian diguliksek dina kamus: cek aing ibadah bongan kitu itunganana: Gusti

You might also like