You are on page 1of 1

Langkung ti payun mangga urang sami-sami manjatkeun puja sinareng puji syukur ka hadirat Illahi Robbi anu parantos

maparinan mangrupi-rupi nikmat, nikmat iman sinareng Islam ka urang samudayana. Oge solawat miwah salam mugia dilimpahkeun ka junjungan urang samudayana nyaeta Kangjeng Nabi Muhammad Rasululloh SAW. Ka kulawaraga, ka para sohabatna, tug dugi ka urang samudayana anu taat, patuh, kana sagala parentahna, ngajauhan sagala laranganna dugi ka akhir zaman. Atuh oge teu hilap sim kuring ngahaturkeun nuhuna pangatur acara anu parantos masihan waktos kanggo cumarios dina ieu waktos. Para hadirin sadayan sim kuring Atas nami Panitia Penyelenggara ngahaturkeun rebu nuhun, laksa keti gerah kabingahan, bingah ka giri-giri, bingah amarwata suta, bingah anu taya hinggana, sanggem paripaos sim kuring teh asa mobok manggih gorowong, asa ditonjok ku congcot ku kasumpingannana para hadirin sadaya dina nohonan pangulemna sim kuring anu dina dinaten ieu urang samudayana tiasa patepung lawung paamprok jonghok patepang raray dina ieu haplah anu pinuh ku mang pirang barokah. Para Hadirin sadaya simkuring atas nami Panitia Penyelenggara neda ageung agung cukup lumur neda jembar hampurana ku sadumeh penyediaan ieu tempat panampiannana anu tangtos kirang nyugemakeun, boh dina basa-basina, dina tata titina, sareng dina tindak tandukna anu tangtos pisan kirang nyugemakeunnana, kumargi kitu pamugi janten maklum. Kumargi sakitu ti sim kuring henteu bade panjang lebar, nanging dina hal ieu sim kuring neda ageung agung cukup lumur, neda jembar hampurana anu jadi margi, tata titina, tindak tandukna, oge basa-basina mung sakadar dirarampa suga kitu meureun kieu, anu tangtos pisan upami teu ninggang kana wirahmanamah, seueur silung sareng sumbangna kalayan teu puguh entep seureuhna. Rupina ti sim kuring cekap sakitu bae, atuh bilih aya kasauran anu kirang sapagodos sareng manah para hadirin sadaya pamugi ageung sihapuntenna, atuh kanggo pamungkas beber layar poe anyar, lulus banglus ginuluran tebih tina marganing balai, anggang tina sagala gogoda nu ngarancana, kalayan disarengan luhur kuta gede dunya jatnika sapapaosna bagja dunya rawuh akheratna.

You might also like