You are on page 1of 2

Wawancara Murid SMP Puspanegara Ka Bu Siti Nuraini Yusuf Salaku Guru Basa Inggris Waktu wawancara Tempat wawancara

Nara sumber Nu ngawawancara Jejer wawancara : Kemis, 23 Pebruari 2012 : Di payun rohang guru SMP Puspanegara : Bu Siti Nuraini Yusuf (Guru Basa Inggris) : Alfiyah Salma jeung Feby Dwitri (Murid SMP Puspanegara Kelas 94) : Pamekaran Murid Dina Palajaran Basa Inggris

Feby

: Assalamualaikum Bu

Bu Siti : Waalaikumsalam wr.wb Feby : Punten Bu, abdi Feby Dwitri sareng ieu Alfiyah Salma ti kelas Salapan Opat, pami Ibu aya waktos tur ngawadian mah bade ngawawancara Ibu. Kumaha tiasa, Bu? Bu Siti : Kabeneran Ibu rineh, sok atuh dek nanyakeun naon hidep teh? Feby : Nuhun, Bu. Langsung wae, dupi Ibu ti mana kawit?

Bu Siti : Asal Ibu ti Makassar Feby : Dupi Ibu dilahirkeun taun sabaraha sareng dimana?

Bu Siti : Lahir di Makassar, 23 Oktober 1968 Feby : Dupi Ibu kagungan putra sabaraha?

Bu Siti : dua Feby : Dupi ayeuna panglinggihan Ibu di mana?

Bu Siti : Di Karanggan Graha Puspasari 2 Feby : Dupi atikan Ibu naon?

Bu Siti : S1 Feby : Waktos kuliah, Ibu nyandak jurusan naon?

Bu Siti : Basa Inggris Feby : Dupi Ibu kantos aktip di organisasi naon wae?

Bu Siti : Islam Feby : Pami teu kaabotan abdi hoyong terang, naon moto Ibu, nu janten cecepengan dina Enggoning ngalakonan tugas?

Bu Siti : Leuwih alus telat tinimbang teu sama sakali Feby : Dupi cita-cita Ibu waktos alit, hotong janten naon?

Bu Siti : Duta ageung Feby : Kumaha paraosan Ibu, dumeh cita-cita teu tinekan?

Bu Siti : Nyukurkeun dina nu parantos dipasihan ku Allah Feby : Naon pamadegan Ibu perkawis murid dina pangajaran Basa Inggris?

Bu Siti : Rata-rata satiap pangabisa murid sami Feby : Naon pesen Ibu, kanggo siswa-siswa SMP Puspanegara dina pangajaran Basa Inggris? Bu Siti : Biasakeun nyarita ngagunakeun basa Inggris, nambah undak-unduk basa Inggris, diajar kalawan getol lamun hoyong janten nu pangalusna Feby : Rupina, wawancara tos cekap. Hapunten abdi parantos ngaganggu waktos istirahat Ibu. Hatur nuhun tina waktosna. Assalamualaikum Bu Siti : Waalaikumsalam

Pameunteunan Wawancara Ku Bu Siti Nuraini Yusuf Salaku Narasumber dina Wawancara No. 1. 2. Pameunteunan Ngagunakeun basa Sunda Ngagunakeun basa Sunda sarta basa Indonesia (campuran) Ngagunakeun basa Indonesia Tawis

3.

You might also like