You are on page 1of 2

HIKMAH SHOLAT

Para hadirin sadaya, Sakumaha anu parantos pada uninga yen uninga Allah SWT. Parantos ngawajibkeun ka sakur kaom muslimin ngalakonan sholat lima waktu sapoe sapeuting. Sholat teh ngarupikeun ibadah anu pangafdolna, margi sholat teh ngarupikeun ibadah anu ngeunaan sadaya anggota urang lahir-batin: hate, lisan katut sadaya anggota kedah ngiring gerak, ngadeg, ruku, jeung sujudna. Sajabi ti eta, sholat teh ngandung hikmat anu pohara seuerna, boh anu tumali sareng kasehatan badan urang, anu tumali sareng katenangan batin urang, boh anu patali sareng kabutuhan masarakat umum, margi prakna sholat teh merlukeun tempat, pakean anu henteu tiasa dijieun ku sambarangan jalmi, kedah aya pabrikna atanapi tempat paninunan, nya kitu deui dina ngeunaan arah kiblat, merlukeun elmu bumi nanaon. Kumargi kitu, mangga urang sasarengan merhatoskeun ieu dalil-dalil supados solat urang leres-leres dilakonan ku urang kalawan nyumponan kana saratrukunna katut sunat-sunatna. Dawuhan Allah SWT.

Hartosna: Saestuna sholat the difardhukeun ka satiap jalma mumin kalawan ditangtukeun waktuna.

Ku ayana kitu, urang sadaya diparentah ku Gusti Allah ngarti kana elmu falak mma atawa ngagaduhan jam, arloji pikeun nitenan waktu sholat. Jadi ngagaduhan jam atawa arloji the pikeun kaom muslimin mah tiasa kaasup kana fardhu kifayah, komo pikeun anu nyanyabaan nyorangan mah tiasa kalebet fardhu ain. Tegesna ngagaduhan jam atawa arlojina oge matak kenging ganjaran, asal diniatan. Dawuhana-Na:

Hartosna: Ari naraka Wel (anu pohara matak nyerina) eta disadiakeun pikeun jalma anus ok mopohokeun kana solatna (ngaahirkeun waktu).

Perlu diemutkeun, yen ngalakonan solat anu nyumponan kana sarat-sarat, rukun katut adab-adabanana, eta the tiasa janten panghalang kana ngalakonan dosa atawa kamungkaran, sakumaha pidawuh Allah:

Hartosna: Lakonan sholat! Saestuna solat the matak nyegah tina pagawean anu goring jeung pamungkaran. (Q.S. Al-Ankabut: 45)

Para hadirin sadaya, Ieu ayat negaskeun, yen sholat teh secara otomatis tiasa janten panolak kana migawe dosa sareng kamungkaran. Tapi naon margina sok seueur jalma anus ok sholat tapi ngalakonan dorakana ngereuyeuh keneh wae? Tah ieu teh ngarupikeun tanda tanya, margi dawuhan Allah mah moal palsu, moal bohong, upami ngalakonan sholatna sampurna mah. Pangna kitu oge boa teuing ngalakonan sholatna acan sampurna. Mangga bae masing-masing nitenan salirana.

Para hadirin sadaya, Sajabi ti sholat fardhu, aya mangpirang-pirang sholat sunat nya eta: 1. Sholat sunat rowatib anu dilakonan samemeh atawa sabada sholat fardhu. 2. Sholat sunat anu ngagaduhan waktu husus, sapertos: sholat Isyroq, sholat Dhuha, sholat Witir, sholat Tahajud, sholat Taraweh, sholat Ieud, sholat Awwabin jeung sajaba ti eta. 3. Sholat sunat mutlak, sapertos: sholat Hajat, dimana urang ngagaduhan kabutuh supados diijabah atanapi kasieun supados disalametkeun, sunat Istikhoroh, kanggo nyuhunkeun pituduh ti Gusti Allah ngeunaan pamaksudan urang sae atanapi awonna mungguh Allah supados Gusti Allah maparin alamat ku urang jeung sajabana.

Kumargi kitu, kawajiban urang sadaya supados ngamumule anu saleresna kana ngalakonan sholat, ulah lalawora bilih matak kaduhung di akherat.

You might also like