You are on page 1of 2

Tukang Kembang

Utamana Inggit nu ngarasa leungiteun th, kawantu pangdipikanyaahna. Geus dianggap incuna sorangan. Kabeneran ampir Saumur jeung rk sarimbag jeung incuna sorangan. Unggal di Aki mulang ke lemburna, balikna deui th kudu ba aya oleh-oleh husus keur Inggit. Sarra. Saimah-imah. Pa Gumbira, apana inggit. Bu Gumbira, indungna. Nya kitu deui adi jeung lanceukna, Ikbal katut Jatnika, sarua ngarasa leungiteun. Ngan ku sabab raketna pisan jeung Inggit, manhnamah leuwih-leuwih asa leungitanana th. Naha Si Aki th teu aya ba? ceuk Inggit ka mamahna, siga rk sahinghingeun ceurik. Nya ta mah. Mamah og meni asa beuheung sosonggeteun, sono hoyong pendak sareng Si Aki, walerna. Boa teu damang? ceuk Jatnika. Panginten., saut Bu Gumbira deui. Euleuh, kumaha atuh Mah? Inggit beuki ngarasa hariwang.

Kumaha upami urang longok, sakantenan amengan ka Situ Panjalu? Si Bungsu Ikbal usul.
Leres Pa, Inggit jol satuju. Nu dimaksud Si Aki ku sarra th, tukang kembang langganan Bu Gumbira jeung Inggit. Tina sering balanja kembang ti Si Aki, laun-laun jadi asa jeung baraya. Mana komo sanggeus Si Aki Tukang Kembang, siga nu nyaaheun pisan ka Inggit. Malah pok deui-pok deui nyebutkeun, asa ka incu sorangan. Atuh beuki asa jeung baraya ba. Ampir saban po, rk dibeulian rk henteu, kudu ba ngahajakeun eureun. Basana th hayang panggih jeung incu. Nya kitu deui Bu Gumbira, rk ngagaleuh rk henteu, kedah ba miwarang lirn. Puguh deui Inggit mah, sirikna teu ngahajakeun megat di buruan. Biasana samulangna Si Aki ngrilingkeun dagangan. Da tara ka mana deui jalanna, boh inditna, boh balikna, pasti ngaliwat ka hareupeun imah Inggit. Urang panjalu Si Aki th. Ngaran aslina mah Abdul Manap. Ti keur ngora knh geus bubuara ka Bandung. Asalna tukang minyak tanah. Ditanggung mak salang jeung rancatan. Ka bh dieu ganti ngajual kembang. Sabulan atawa dua bulan sakali sok mulang ka lemburna. Ku sabab geus teu asa jeung jiga ta, ku bu gumbira sering dibahanan olh-olh, bawaeun ka lemburna. Aya gula, kopi, sirop, kuh kalng, sakepeung pakan urut keur babasah. Anu tara tara th ngongkosan, lantaran keukeuh tara ditarima. Nya kitu deui Si Aki, unggal mulang ti lemburna, tara lngoh. Tampolanana ari keur usum pann mah, sok ngirim bas sagala. Tangtu ba lian ti olh-oleh husus, keur incu kadeudeuh, Inggit ta. Biasana bungbuahan, manggu, sawo, pisitan, atawa kadongdong. Kumaha usum-usuman ba. Nu dimaksud oleh-oleh khusus keur inggit teh, sabenerna ukur babasan. Sabab dina prakna mah keur sarra. Kawantu sakali ngirim th pasti tara kurang ti sakarinjing gede. Tapi geus dua bulan leuwih, ti saprak Si Aki bbja rek ngalongok lemburna, tacan balik-balik deui. Tungtungna Pa Gumbira nyatujuan kana usul Si Bungsu Ikbal. Upama sabaulan deui Si Aki tetep ngampeleng, sakalian jalan-jalan, rk ngahajakeun dilongok. Kabeneran Si Aki mindeng nyaritakeun ngaran lemburna. Teu pati jauh ti kota kecamatan cenah. Enya upami sasih payun Si aki angger ngampleng, sakalian jalan-jalan, urang longok. Urang uah-uih ba. Ti dieu Ahad enjing-enjing, pasosonten mulih sauh Pa Gumbira ka barudak. Sakantenan ntobian mobil anyar deuih, ceuk Jatnika.

Nembe ngagaleuh mobil apan Pa Gumbira th. Mobil tilas, sedan alit. Tapi najan tilas, henteu kolot-kolot teuing. Naha atuh ari pitilupoun deui kana jung, kira-kira jam hiji beurang , ujug-ujug reg aya mobil alus pisan, lirn payuneun Pa Gumbira. Harita di imah th kakara aya Inggit jeung Ikbal, lian ti Bu Gumbira th. Henteu kungsi lila kurunyung Jatnika. Rada jauh sakolana Jatnika mah. Sedengkeun Pa Gumbira, teu acan mulih ti kantorna. Biasana tabuh stengah lima, nemb dugi ka bumina. Sangkaan sarra, paling-paling bade naroskeun alamat. Pdah kabeneran keur araya di tepas. Da teu terang ta, saha jeung urang mana ta jalmi th. Ngan pasti lain jelema sagawayah. Tina dangdanan jeung mobilna og katara jalma aya. Ari pk si tatamu th, ngahaja niat nepangan Pa Gumbira sakulawarga. Waktos diuningakeun Pa Gumbira masih knh aya di kantor, walerna th, Sawios bade diantosan ba, cenah. Atuh Bu Gumbita th kacida bingungna. Margi kana waktosna Pa Gumbira mulih th masih knh lami. Beui bingung lantara si tamu ngalos, ninggalkeun pribumi. Tuluy rurusuhan muru mobil sarta mukakeun panto Beulah tukang. Asalna sarra bingung campur atoh, barang ti jero mobil kaluar Si Aki. Bajuna henteu saperti keur dagang kembang. Ayeunamah beresih jeung alus. Nya kitu deuih kulitna. Henteu hideung saperti sammhna. Aki..! cenah Inggit lumpat muru Si Aki. Gabrug duanana silih rangkul. Geus karuhan kitu mah, Pa Gumbira teras diwartosan aya Si Aki. Saha saleresna si tatamu th? Singhorng putra Si Aki pangageungna. Anu majar salah saurang putra Si Aki pangageungna. Anu majar salahsaurang putrana, ampir sarimbag jeung Inggit. Ari pangna ngahaja nepangan, lian ti ngawartosan Si Aki th moal dagang kembang deui. Margi diwagel ku putra-putrana. Tapi sakali-kalieun, pasti nganjang ka bumi Pa Gumbira. Utamana upama sono ka Inggit. Nya kitu deuih, Pa Gumbira sakulawargi, kedah sering ngalongok Si Aki di lembur. Teu sangka nya, Si Aki tukang nyunyurung roda kembang th, putra-putrana maraju. Di antarana nu natamu ka Pa Gumbira. Kagungan pabrik beusi sagala, cenah, anjeunna th.

You might also like