You are on page 1of 4

Naskah Drama Si Kabayan Pemeran Drama Si Kabayan 1. SI KABAYAN 2. NYI ITEUNG 3. LAMSIJAN 4. ABAH 5. AMBU 6.

MANG KARMA BUBUKA KU JURU CATUR/NARATOR amiarsa, si Kabayan anu kakocap pinter tapibodo, bodo tapi pinter, tina gunem caturna jeung Nyi Iteung meunang ilham. Seja usaha,neangan pangupa jiwa pikeun maraban kulawarga. Kumaha ketakna si Kabayan?Sumangga nyanggakeun pintonan Drama, dina carios si Kabayan Ngingu Munding.SIKABAYAN ASUP KA PANGGUNG, LEUMPANG SALSE, KULIAT, HEUAY, TERUS DIUKSILA TUTUG, NGAGERE CEULI KU BULU HAYAM, SIRAH LEHEK/DENGDEK, PANONPEUREUM HAYAMEUN, MEUREUDEUY.DATANG NYI ITEUNG NGAJINGJING SAPUNYERE/INJUK. JENGKEL, AMBEK, GEREGETEUN. NYI ITEUNG : (NYENTAK ) Kabayan !Kunaon ceuli th hayoh wa digr ?Kumaha mun tosblong, siah ?Digaw kadituh, kaluman kami mah nnjona og. SI KABAYAN : (AYEM, LEULEUY) Jh, kunaon ari manh, Jikan?Mani taya bosena kana ambekambekan teh, sor isuk euweuh eureuna.Ulah kitu, matak trh kolot. NYI ITEUNG : Kaluman tuda, boga salaki th mani euweuh pisan guam.Ngalangala suluh ka dituh. SI KABAYAN : Aaaaah, horam euweuh bedogna. NYI ITEUNG : Matak naon mun nginjeum ka Abah?06 SI KABAYAN : Embung ah, sok ngambek si Abah mah.Bisi nagih ongkoh, heug kami boga knh hutang. NYI ITEUNG : (JENGKEL) Ih, lalaki th teu uyahan siah !Heug usaha atuh, ulah ngajentul wa.Turutan batur ! SI KABAYAN : Usaha kana naon, Teung ? NYI ITEUNG : Nya kana naon w atuh, kawas batur.Keun ba teu jadi Pagaw Nagri og, asal usaha nu halal.Tuh kawas Pa Haji, miara hayam, miara domba, atawa naon w atuh. Sing aya guam hirupth, da jelema mah teu ngeunah dagingna(SI KABAYAN NGOREJAT, TERUS NANGTUNG, SURASEURI GUMASEP) SI KABAYAN : Hhh, hhh, heueuh bener, Teung. Asa diingetan, puguh kami teh hayang hayang diajar wisarwata, ah naon ning, Teung? NYI ITEUNG : (NYENTAK) Wiraswasta, belegug !Lain wisarwata SI KABAYAN : Jh, nya ulah mak belegug atuh, Teung.Salah saeutik mah meunang. NYI ITEUNG : Heueuh rk kumaha atuh? SI KABAYAN : Hhh, kieu Teung. Akang rek badami jeung si Lamsijan.Pokona mah Iteung ulah hariwang, Akang pasti usaha. NYI ITEUNG : Jig atuh, ulah ulin wa. Sing mikir hirup th. SI KABAYAN : Nya heueuh ieu ge rk mikir.SI KABAYAN JEUNG NYI ITEUNG LEUMPANG NGURILINGAN PANGGUNG.NYI ITEUNG KALUAR, SI LAMSIJAN ASUP KA PANGGUNG.

SI LAMSIJAN : (SONO) Eh, geuning manh, Kabayan?Rk ka mana, euy ? SI KABAYAN : Heueuh, baga Jan.Puguh ngahaja rk ka imah manh. SI LAMSIJAN : (DARIA) Euleuh, aya naon, Kabayan? Asa rareuwas teuing, euy. SI KABAYAN : Ulah reuwas, da lain rk nagih.Puguh Kuring th hayang diajar wiraswasta.Cik mnta bongbolongan, kana naon, nya? SI LAMSIJAN : Ooooooh, kitu?(NEPAKAN TARANG LALAUNAN) K, k, k, kumaha, nya? Oh heueuh, kumaha mun ngingu lauk engkoy ? SI KABAYAN : (GOGODEG) Embung, teu boga balongna, Jan. SI LAMSIJAN : (SUMANGET) Ngingu puyuh atuh? SI KABAYAN : (GOGODEG) Embung ah, leutik endogna. SI LAMSIJAN : (KUCIWA) Aaaah manh mah, nya hayang naon atuh?Da usaha anu badag mah kudu ged modalna og.Mun hayang anu ged endogna, nya ngingu munding ! SI KABAYAN : (ATOH, EMPRAK) Tuaaaaaaaaah enya bener, taaa, Jan.(NEPAK TAKTAK LAMSIJAN) Hhh, nuhun, Jan.Kuring satuju ngingu munding mah.Manh th mmang sobat anu sajati, Jan. SI LAMSIJAN : (NGOA) Hemh, boga duitna, nyah? SI KABAYAN : (SOMBONG) Wuah, duit mah gampang, Jan. Aya Abah.Malah mah moal dililalila, ayeuna ge rk nepungan ka Abah. Hhhh, pasti mr ari jangmodal usaha mah. SI LAMSIJAN : Hemh, mani agul boga Abah galak th. SI KABAYAN : Iiih, galakgalak g boga Kuring mah.Hayu, manh rk milu, Jan? SI LAMSIJAN : Moal ah, rk nempo balong.Jig w, diduakeun sing hasill. SI KABAYAN : Heueuh jig atuh rk ka balong mah. Assalamu alaikum.. SI LAMSIJAN : Waalaikum salam warohmatullohi wa barokatuhMUSIK PANYELANG. ABAH JEUNG AMBU DI PANGGUNG, DATANG SI KABAYAN SURASEURI. ABAH : (TATAG) Kabayan ! Ari manh ling, henteu? SI KABAYAN : Iiiiih ari Abah.Nya ling atuh. Iraha Uing glo ? ABAH : Lain nanaon, ta w bet suraseuri kawas anu glo anyar. SI KABAYAN : (NYENTAK) Naooon? Gagabah teuing ?? ABAH : Naha siah disebut glo anyar teh bet ngambek? AMBU : (TENANG) Geus heubeul meureun, Bah. ABAH : Boa enya, da geuning disebut glo anya mah ngambek. SI KABAYAN : Eh boga Abah jeung Ambu teh sarua glona.(REUWAS, NUNGKUP BIWIR) Ah, bit, henteu ktangHhhh, hampura Bah, Mbu, Abah Kembu AMBU : (NYENTAK) Naon siah? Nyebut Kembu ka kami ? SI KABAYAN : Jh, saha anu nyebut kembu?Cek Uing th, Abah, Ambu. ABAH : Naha, saha anu nyebut Abah kembu? SI KABAYAN : Nya Abah, bieu. AMBU : Eh, Abah.Ulah diajak ngomong wa si Borokokok mah.Bisi tpa glona.Minantu nurustunjung. ka mitoha nyebut kembu. SI KABAYAN : Waaaaaaah, ulah kitu atuh, Ambu. AMBU : (NYENTAK) Naon siah? Sakali deui nyebut kembu, dibabuk siah. SI KABAYAN : Ituh geura? Kalah kanceuh, saha nu nyebut kembu?Heunteu, Uing mah teu nyebut kembu.

ABAH : Geus, geus, ulah kamalinaan, ra kunu lalajo.Sok diuk, Kabayan. Abah rk nanya. SI KABAYAN : Hhh, mangga, Bah. ABAH : Rk naon manh th, Kabayan? SI KABAYAN : Puguh ngahaja, Uing th hayang tepung jeung Abah, jeung Ambu.Seja nyanggakeun silaturahmi, Bah. ABAH : Aaah, mak jeung hayang tepung sagala.Tara ti sasarina manh mah, Kabayan.Rk mnta duit meureun, nya? Atawa rk nginjeum par? SI KABAYAN : Tuuuuuuuh, da. Abah mah gorng wa ka Uing th.Can nanaon geus nuding nu lainlain.Ulah suudon, Bah, Gorng kalakuan kitu th.Umat Islam mah kudu alus panyangka. ABAH : Heueuh, heueuh, lah. Manh meunang.Sok, rk naon manh th atuh, Kabayan? AMBU : Wah, minantu gejul wa diladnan, lob anggur mah. SI KABAYAN : Aduh, Embu mah mani tga ka Uing th. AMBU : (NGANCAM) Tah.. tah tah awas siah, geus nyebut deui kembuka aing. SI KABAYAN : Jh, saha nu nyebut kembu?Heunteu Embu, teu embu, tapi geulis.Hhhh, dasar mitoha burung AMBU : Pk siah !! (NGAMANGNGAMANG SENDAL) SI KABAYAN : (MURINGIS) Aduh, ampun..ampun..ampun Mbu !! ABAH : (NYENTAK) Eh, meugeus, Ambu !Cicing atuh, kami rek ngomong.Sok teruskeun Kabayan rk naon sia th? SI KABAYAN : (DARIA) Bah, Uing th hayang diajar wisarwata, ah..duh.. ku hsngomong th, nya? Naon ning?Oh enya, wi ras.. swas..ta ! Tah kitu, Bah!Jadi, Uing th hayang diajar usaha,. Bah. Tapiii, teu boga modalna. ABAH : Tuuuuh, pasti rk nginjeum duit ka aing. SI KABAYAN : Eeeeeh, salah atuh, Bah. Salah !!Geus gorng sangka deui ba Abah mah.Lain, lain rek nginjeum, Bah. Tapi ngajak kerjasama.Urang bagi hasil bagi untung, Joint Bah, Joint ! ABAH : Naon joint th, Kabayan? SI KABAYAN : Usaha, tapi modalna Papatungan, Bah. ABAH : (DARIA) Oooh usaha? Usaha kana naon, euy ? AMBU : Wuah, moal lutreuk si ta mah.Can aya dina kamusna, si Kabayan bisa usaha. ABAH : Eh, mangke lanan, Ambu.Urang dngkeun heula omonganana. AMBU : Kadng ti tadi g. SI KABAYAN : Hhh, Ambu mah ka Uing th sengit wa. ABAH : Sok teruskeun, Kabayan.Usaha naon ta euy? Kumaha papatungan th? SI KABAYAN : Kieu, Bah.Urang meuli munding. Modalna papatungan, miarana ku duaan babarengan. Tapi sangkanadil, urang bagi dua miarana th. ABAH : Kumaha carana? SI KABAYAN : Urang sapotong wang, Abah bujurna, Uing huluna. ABAH : His, k heula, ulah gagabah nyieun kacindekan th.Naha manh mak hayang miara huluna? SI KABAYAN : Ngarah teu kudu miceunan taina.Maraban w wungkul. ABAH : Ambu, cing kami mnta bongbolongan yeuh.Mun kitu carana, mana nu kudu dipilih? Huluna, atawa bujurna? AMBU : (TANDES) Nya mending huluna atuh, miara bujur mah kudumiceunan taina.Nu kitu

patut mah bikeun ka si Kabayan. ABAH : (DARIA, TANDES) Satuju, bener pisan ta pamadegan th, Ambu.Moal enya kolot kudu miceunan taina?Hey, Kabayan ! SI KABAYAN : Kumaha, Bah? ABAH : Heug aing dak papatungan jeung manh, tapi kami huluna, manhbujurna.Lamun satuju kitu, heug. Henteu mah, moal. SI KABAYAN: Moal kaduhung, Bah? ABAH : Naha mak kudu kaduhung? Nya moal deuleu.Ieu th hasil musyawarrroh SI KABAYAN : Cak siah, ketok palu tilu kali.Trok, trok,. trok ! Keputusan tidak dapat diganggu gugat.Kuring bujur, Abah hulu.88 ABAH : Heueuh, tah saksina si Ambu. SI KABAYAN : Jadi lah(SI KABAYAN, ABAH, JEUNG AMBU KALUAR TI PANGGUNG, DIPIRIG KU KACAPISULING

You might also like