You are on page 1of 11

Neangan Pijalaneun

MULANG ti pagaweana, Nunu teu luluy muru imahna. Pikirana nu baluweng ti kamarina keneh, maksa sukuna sangkan nyimpang heula ka imah sobatna, Oji. Na, bet siga hayam ku cekak! Kunaon maneh teh, Nu? Can ge Nunu ngecagkeun parabot diukna, geus disantongan manten ku pananya Oji. Nyeta puguh Ji, caritana mah uing teh keur baluweng, ieu teh. Jih, na geuning baluweng!? Baluweng teh baluweng kumaha? Oji cupu-capa kana pesak bajuna. Goloprak, ngaluarkeun bungkusan roko keretek. Barina ge Nu, selang teuing pipilueun mikiran Bank Century lah. Sing tepi ka botakna ge tah hulu, percaya, moal aya pangaruhna kana bungkus roko mah! ceuk Oji ditungtungan nyundut rokona. Teuing ka mana leokna congo caritaanana mah. Lain kitu, Ji. Ieu mah duarieus yeuh! Nunu nurut. Milu nyeungeut rokona. Sedot, pelenyun. Haseup mulek. Rohangan imah salin jinis jadi siga di jero pangar. Duarius teh, duarius kumaha? Cing atuh bejakeun ka uing. Sugan bisa mantuan! Puguh, nu matak ka dieu ge, sugan di dinya mah boga bongbolongan! Tah geuning. Maneh mah teu poho kana karesep uing ngabolongan. Hehe! Cing, sok atuh bejakeun, naon nu kudu dibolongan teh? Puguh kieu ieu teh, Ji Nunu nyelang heula ngetrukeun tungtung rokona kana biwir asbak. Prul, calacahna marurag. Ke, tapi meunang mun uing menta cai heula!? Ih, na ieu mah Ki Dulur teh!? Geus menta dipangabonglongankeun, hayoh deuih menta cai! Omong Oji bari nyerengeh. Tapi heug lah. Ku uing dipangnyokotkeun. Ngarah beungeut maneh teu cakueum teuing! pokna deui bari kebat muru dapur. Balik deui teh aya nu milu. Teko nanangkel dina leungeuna. Di dinya sok naheur cai oge, Ji? Bener oge, Nunu jadi meunang piseurieun. Sugan nguji ieu mah Ki Semah teh!? Oji nyantongkeun tulale teko kana gelas. Yeuh, Nu. Ti mimiti sasapu, ngepel, nyeuseuh, gegeroh, tepi ka ngejo, seubeuh uing mah! Heueuh, da teu kitu mah rek kumaha deui? Piraku ari budak kudu dititah nebeng dahar di tatangga onaman mah!? Ah, heueuh we. Peupeuriheun pamajikan jauh-jauh neangan duit! Sugan salakina mah nu di lembur, daek-daek ngurus imah atuh. Kitu lin, Ji? Tah geuning pinter maneh teh! Heueuh. Pikiran uing ge tepi tah ka palebah dinya! Enya. Dipikir-pikir mah asa tibaralik hirup teh! Heueuh sorangan, kitu. Ieu mah nyaritakeun uing.

Manasina maneh ceuk Oji bari ngareret Nunu. Nu direretna mah semu ngabalieur. Ngarasakeun tungtung omongan sobatna nu rada nunjel kana angena. Meunang sawatara jongjongan, duanana kalah paheneng-heneng. Bangun keur silih teuleuman pikiran jirim nu keur disinghareupanana. Eh, enya. Lain tadi teh maneh boga picaritaeun? Cing atuh kumaha? Oji nu meupeuskeun kasimpe. Tapi ieu mah sual pribadi, Ji. Pribadi kumaha? Hartina uing teu kudu apal? Is, lain kitu, Ji. Pan ceuk tadi ge, nu matak uing ka dieu teh hayang menta bongbolongan. Kumaha atuh? Nunu narik napasna. Semu beurat. Bangun enya kasaeur ku bangbaluh jeroeun dadana. Tapi kira-kirana di dinya bisa ngarusiahkeunana? Nunu kalah nanya bari mencrong. Sugan eta maneh, percaya teu ka uing? ** CACAP nyaritakeun satengah pasualana, Nunu nyelang heula maseuhan tikorona ku cai herang tina gelas hareupeunana. Kebat ngareret Oji. Hayang nyidikeun reaksina. Nu direretna mah katara lir nu keur mikir. Marengan paroman beungeutna nu geus robah ti samemehna. Jadi, intina mah salila ieu teh maneh bobogohan jeung Nyi Lilis, anakna Ma Urmi, nu boga warung sangu di parapatan. Bari jeung bobogohanana maneh teh susulumputan. Kitu meureun? Nya kitu tea, Ji. Susulumputan teh iwal ti hareupeun indungna. Tuluy nu ceuk maneh baluweng, palebah mana tah? Pan meureun ilahar kangaranan lalaki resep ka awewe mah. Tong boro nu kakara sarengseng panon, dalah nu sarengseng padung ge mungkin bae. Sual eta sih ngarti uing oge. Jeung teu jadi bahan pamikiran. Ngan ieu yeuh, Ji Nunu ngarandeg heula. Bangun asa-asa rek pok. Manehna teh keur gede beuteung. Gede beuteung? Reuneuh maksud maneh teh? Oji ngarenjag. Kitu sabenerna mah, Ji. Ke ke heula, Nu. Ari maneh apal ti saha mun manehna bener-bener keur reuneuh? Oji mencrong beungeut Nunu.

Manehna nyuratan. Maneh percaya? Tuluy yakin yen maneh nu ngalantarankeunana? Ari saratus peresen mah henteu. Dalah uing teu apal: Naha aya lalaki sejen, iwal uing, nu pernah sare jeung manehna? Ngan nu eces, uing moal rek mungkir, uing memang kungsi. Semet dinya, duanana taya nu lemek. Sakedapan pada sibuk dina pikirana sewang-sewangan. Kumaha tah, ceuk di dinya, Ji? Nunu bangun teu sabar hayang geura nyaho pamanggih sobatna. Kumaha mun titah digugurkeun? Sual ngagugurkeun mah gampang. Tapi lain eta Ji, masalahna. Manehna teh menta tanggung jawab. Menta dikawin? Oji ngahuleng. Nya atuh tong hayang dikawin kituh! Gantian we ku naon? Ku duit, upamana. Saleuheung mun bisa kitu, Ji. Meureun uing ge moal jangar teuing. Isuk pageto ge moal burung ditambruan tah. Ngan eta tea, Ji. Manehna teh keukeuh menta dikawin. Basana ge, keun bae jadi nu kadua atawa nu katilu oge, asal bener-bener dikawin sacara sah! Kitu ceuk dina suratna mah. Ke lanan. Ari memehna aya perjanjian tepi ka dinya henteu? Perjanjian sih euweuh. Ngan ieu tea, Ji. Hate leutik uing yeuh. Uing memang ngaku. Rumasa! Jeung pangpangna mah, paur we kana ancamanana. Bararaid teung ari kudu nyirekem di bui onaman mah! Di dinya ge tangtu ngarti meureun. Sing enya ge susulumputan, tapi pan bukti mah bisa dikorehan. Jeung indungna tangtu apaleun ongkoh. Nya atuh geus we kawin ku maneh! Pan maneh mah tangtu sanggup marabanana, lin? Tah ieu. Lain teu kapikir ku uing ge tepi ka dinya. Tapi pan di dinya ge nyaho sorangan. Kumaha timburuanana pamajikan uing. Tong boro tepi ka kituna, dalah telat balik sapoe ge, wuih, ngawakwakna! Sedeng manehna, enya Nyi Lilis tea, hayang dikawin sacara sah. Meureun nu dimaksudna teh di hareupeun naib. Kudu aya idin ti pamajikan. Jeung ngarah nyaho sarerea we ongkoh! Leupaskeun nu ieu! Beurat, Ji, beurat! Pamohalan tepi ka dinya mah. Lianti karunya ka budak, kumaha keh ceuk mitoha? Atawa ceuk tatangga? Apal sorangan lin, sasat hirup uing mah, enya siga ayeuna, bisa digawe, bisa boga imah, pan lantaran kulawarga pamajikan sareatna mah ta teh!

Duka atuh ari kitu mah. Oji ngaraga meneng. Tapi najan kumaha bae oge, Nu, ceuk uing mah, kudu we eta mah salah saurangna aya nu jadi korban! ** OBROLAN Nunu jeung sobatna teu bisa tepi kana kaputusan. Nunu can bisa manggihan kumaha pijalaneunana geusan kaluar tina karangkeng pasualan nu nguribengan dirina. Pasualan nu dijieun ku dirina sorangan. Pon kitu, Nunu ngabenerkeun kana caritaan Oji, yen salah saurangna kudu aya nu jadi korban. Mun henteu pamajikanana, nya tangtu Nyi Lilis, ari lain dirina onaman mah! Sajajalan muru ka imahna, uteuk Nunu uleng deui. Kuar-kuir deui. Neangan jalan sejen nu sakirana lancar disorang. Can kapanggih! Inget kana surat nu ti Nyi Lilis. Surat teh katarimana kamari. Nyampak geus aya dina pesak calanana. Karampa basa neangan korek api keur nyeungeut rokona, waktu karek turun pisan ti imah Nyi Lilis. Harita teh Nyi Lilisna mah hawar-hawar papadon ti jero imah. Eusi surat Nyi Lilis memang henteu sacara terang-terangan nuliskeun ngaran Nunu. Tapi semet ku kecap Akang. Minangka nu dipenta tanggung jawabna. Najan kitu, pangrasa Nunu, tangtu nu dimaksudna teh nya manehna tea. Manehna nu sakali mangsa teu bisa nyingkahan pangajak setan. Hartina, tina eusi eta surat, taya hal nu pantes jadi bahan pijalaneun. Ahirna, sanggeus Nunu satekah polah meruhkeun kamampuh uteukna, minangka bukti tina engke kumaha, behna mah kudu balik kana asal, kumaha engke. Tepi ka imahna, Nunu teu loba luak-lieuk. Teu keketrok-keketrok acan. Langsung asup ngaliwatan lawang hareup. Gebeg, manehna ngarenjag. Kebat ngajengjen dina lawang panto. Panona rut-ret ka nu keur dariuk di patengahan. Nyi Lilis keur papahareup jeung pamajikanana. Dada Nunu ngadadak ratug. Tah geuning! pamajikan Nunu nu ngalieuk. Dituturkeun ku paneuteup Nyi Lilis sareretan sarta kebat tungkul. Nunu taki-taki rek nyinghareupan Perang Baratayudha! Gilig harita keneh, salah saurangna kudu aya nu jadi korban! Bari taya kecap nu kedal, gek milu ngariung. Na geuning Akang teh kalah ngabueuk? Sora pamajikan Nunu matak ngageterkeun kekendangan ceulina. Ieu Nyi Lilis, Kang teu kebat. Lir ngahaja nungguan reaksi salakina. Nyi Lilisna mah masih tungkul. Ieu Nyi Lilis, saurna bade naroskeun, kumaha serat teh tos didugikeun?

Kumaha? Nunu semu curinghak. Ih, ari Akang! Tos didugikeun serat Nyi Lilis ka saha teh geuning rerencangan Akang, ka Kang Oji? Kumaha? Dedengean teh surat keur si Oji? Nunu bener-bener curinghak. Ih, ari Akang. Akang teh kunaon? Enya, serat Nyi Lilis nu dititipkeun ka Akang, saurna kumaha? Tos dipasihkeun ka Kang Oji? Pamajikan Nunu nyaritana semu anca. Baruk? Jadi surat teh jang si Oji? Nunu mencrong beungeut pamajikana. Kebat ngareret Nyi Lilis. Nu direretna mah masih angger. Tungkul! Itu geura ari Akang. Panyangki Akang kanggo saha kituh? Ah henteu. Tembal Nunu meh teu kadenge. Bareng jeung pikirana nu ngabelesat ka tukang. Kamari, waktu apal dina pesak calana aya surat, Nunu inget, Nyi Lilis teh hawar-hawar cacarita ti jero imah nu teu pati jentre kana ceulina. Tadi, waktu ngobrol jeung Oji, Nunu kungsi mireungeuh sorot panona nu beda. Nu teu bisa kahartikeun ku manehna. Kiwari Nunu ngarasa hanjakal. Kaduhung geus kumawani cacarita ka sobatna, Oji. Awak Nunu ngolosod. Nambru dina korsi. Ret deui ka Nyi Lilis. Angger. Tungkul! Heueuh, euweuh mangpaatna boga hape oge!***

Semah Poe Saptu


TOK, tok, tok! Sora nu ngetrokan panto. Teu diwaro ieuh. Paling ge salaki rek ngaheureuyan. Leak, leak, ngulasan pipi ku pupur. Tok, tok, tok! Ah, jeun teh teuing. Boseneun mah eureun sorangan. Ret deui, nempo kalangkang beungeut dina eunteung. Bisi rupa ngadadak robah. Tapi angger, geulis keneh ning kuring teh. Geura mun digambarkeun mah: beungeut ngadaun seureuh, tarang teja mentrangan, halis ngajeler paeh, irung kuwung-kuwungan, biwir jeruk sapasi, huntu gula gumantung, gado endog sapotong. Heuheuy deuh! Mani buhun nya gambaran teh! Siga jaman Piraun lelengohan wae! Tapi nyaan. Omat ulah teu percaya! Ceuk salaki ge kuring teh panggeulisna sakolong langit. Jujur manehna mah. Buktina, Aki Suha oge mindeng titajong mun pareng papaliwat jeung kuring. Biwir ngarenyu. Tok, tok, tok! Tok, tok, tok! Heeh, na aya ku bandel! Batan repeh kalah beuki tarik. Palangsiang lain nu didago-dago! Guragiru muru panto hareup. Enya we, nyampak saurang wanoja keur ngajajanan eh, maksud teh ngajajanteng hareupeun lawang. Punten Eteh, dupi ieu leres bumina Kang Darma? Eu sumuhun, ceng teh bari nilik-nilik manehna. Asa ku anyar pinanggih! Nilik kana papakeanana mah siga-siga urang jauh. Make baju terusan pulas beureum saheab. Dina taktakna nyolendang tas leutik tina kulit imitasi. Dupi Kang Darmana nuju aya, kituh? Numawi teu acan sumping, tembal teh bari panon mah teu lesot ti manehna. Tapi, insya Alloh sakedap deui, geura! Haben diajak ka jero, semah teh keukeuh mugen. Basana mah hareudang. Memang katara beungeutna rarembes ku kesang. Apaleun meureun mun di jero imah kuring mah euwueh AC.

Manehna leuwih milih diuk dina korsi teras paranti kuring ngadaweung. Tah, di dieu mah aya AC teh. Eh, lain AC ieuh ketang, AG. Enya, Angin Gelebug tea. Sanggeus mere cai mah, leos we ka dapur. Inget kana sangu nu can diangkat. Tadi teh ngahaja dipandeurikeun. Diselang heula ku dangdan. Angkahanan teh sangkan salaki bisa dahar sangu haneut. Biasa kuring mah mun ngejo teh sok pabeubeurang. Nu matak kamus kuring mah teu wawuheun kanu ngarana ngawadang teh. Ah, naon ketang make mamawa kamus sagala. Kawas budak sakola bae! Ngakeul teh loba rundag-randeg. Da eta leungeun, bet henteu sauyunan jeung pipikiran. Kalah hayoh kukulayaban ka mana-mendi. Make hayang nenget-nenget semah. Saha? Urang mana? Aya perlu naon? Tangtu manehna teh lain urang dieu. Sorangan ge cangkem pisan ka sakabeh pangeusi lembur mah. Euweuh, di dieu mah euweuh dedegan nu ngaharib-harib acan jeung manehna teh. Mun tea manehna dulur salaki, piraku temen ari kuring teu apal mah. Barina ge, mun enya teh, dulur ti nu mana horeng? Pan salaki mah teu boga uwa teu boga emang. Atuh mun manehna batur salaki di pasar, piraku deuih make nyusul-nyusul ka imah. Meureun bieu oge panggih. Jeung deui, pan mindeng bunta-bantu di pasar teh, tara singna nempo manehna. Enya, asa kakaraeun pisan aya awewe deungeun nanyakeun salaki. Moal kituh salaki teh bogaeun hutang? Atawa bogaeun Ah, palias! Bageur salaki kuring mah. Moal, salaki kuring mah moal kawas salaki anjeun! Euh, ari kuring, belegug teh mani dibeakeun ku sorangan atuh nya! Padahal mah semah teh aya di luar. Enya, tadi teh can kaburu tulak-talek. Awahing geumpeur tea meureun. Memeh nepungan manehna, make hayang noong heula tina kaca. Gebeg! Nyampak semah teh suwung. Diilikan ka luar, nu aya kari gelas nu nyesakeun cai satengahna. Panasaran, laju imah dikurilingan, buruan tatangga dilieukan. Tapi lebeng! Semah teh teu kaambeu bau-bauna acan. Ah ketang, mani teu sopan nya! Siga kana sero wae! Tapi nyaan ning, tungtungna mah kuring teh kawas hayam keur endogan. Teuing mun kawas ucing keur kumincir! Cilingcingcat ka ditu ka dieu. Unggal rohangan imah (lain sawah sakotak) beak kaider kabeh. Na jadi tagiwur kieu atuh? Pira ge kaleungitan semah! Jarum jam geus jauh ninggalkeun angka hiji. Cape bulak-balik teu puguh, bru weh ngecagkeun parabot diuk kana korsi di petengahan. Kawas bujur aseupan. Elekesekeng. Beuheung ge ngadadak loncer ceuk Kang Doel Sumbang tea mah siga si Ema bating haben dipake ngalieukan ka buruan. Aya bahan moal ngurunyung deui sugan mah semah teh! Salaki ongkoh, na ka mana tah si nurustunjung teh? Bae ah nyebut kitu oge. Tuda mani nyiksa ka pamajikan teh!

Hanas geus mangnyieunkeun urab! Geus mangnyambelkeun! Geus dangdan sageulis-geulis! Nyaho moal balik mah, mun tadi teh milu jeung Ceu Kayah. Meureun kiwari teh keur balakecrakan di kebona. Ngahuap-huapkeun liwet campur peda. Nyoelkeun takokak kana sambel goang. Leuh, kacipta! Piraku teu nimat keur panas poe kieu! Kasawangna mah eta we, leungeun pakupis. Tina cowet pindah kana tarang. Komo dibarung seuhah bari ungsrak-ingsreuk! Nyao atuh ah, kalah jadi lieur. Teu ku semah, teu ku salaki. Kuring ngahuleng. Ke, boa-boa aya hubungana antara salaki nu teu daek balik jeung semah nu leungit teh? Tah, tah, mimitina yeuh! Ti mendi deuih boga pipikiran ka dinya? Tapi da asa teu pamohalan! Enya, pan semah teh nanyakeun salaki. Mana kitu ge tangtu wawuheun jeung boga perlu. Tapi wawuheun di mana? Boga perlu naon? Boa-boa Boa-boa bener caritaan si Jaja!? Ceuk si Jaja, nu sok maturan salaki nungguan jongko di pasar, cenah unggal poe Saptu, salaki teh sok elat datangna deui mun tas balik dahar jeung kuring. Malah kalan-kalan mah, cenah, tara ngurunyung deui. Enya, pan ayeuna ge poe Saptu. Beu, meureun we atuh! Telat soteh salaki teh Kuring ngabalieur. Lila ngaheheneng, lelembutan kagareuwahkeun ku sora motor nu asup pakarangan. Motor salaki! Direret teh aya nu diuk tukangeunana. Saha? Ning semah nu tadi. Beu, enya we. Behna mah teu nyalahan panyangka teh! Deuleu eta awewena, make pupuntangan sagala! Sura-seuri deuih. Cuih! Mani kawas sero ateul! Nanaonan ta teh? Ngahaja. Sangkan kuring timburu? Teu singna. Puguh mah sebel! Kuring miceun beungeut. Teu hayang singna harita mah mapagkeun manehna siga sasari. Papakean nu nang dangdan salila-lila geus teu ditolih deui. Gura-giru muru kamar. Nyungseb kana angel. Piceurikeun mah mani geus nyelek. Keun siah, rek dianteur heula! Rek tepi ka mana tah? Nyai, kunaon? Salaki geus di jero kamar. Kuring ngabigeu. Boga nu karasa?

Gentak malikeun awak. Beungeutna dipencrong satakerna. Sok siah, rampang-reumpeung! Era? Sieun? Na di dinya teh kalah kawas bueuk meunang numpaling! (Hampura, taya maksud ngaruksak babasan!) Aya ku sebel tah ka salaki. Kunyem teh tibang sakitu-kituna. Kalah laju muka lomari. Nyokot bungkusan leutik siga kado. Kuring curinghak. Inget, bungkusan eta teh geus lila paselap jeung bajuna. Kira dua taun kaliwat. Leutik ari leutikna mah. Aya meureun sapuluh ka sapuluh senti mah. Wangun pasagi. Nu aneh teh eta palebah bubungkusna. Mani royal! Make lawon sutra jeung dikaputan. Ongkoh mani dipupusti pisan ku manehna teh. Teuing nanahaon tah? Sorangan ge da teu meunang nyaho. Kade Nyi ieu mah tong digunasika! carekna basa mimiti mawa eta bungkusan. Naon kituh Kang eusina? Eusina mah rusiah! Na mani rurusiahan sagala! Kawas jeung saha wae! Pokona mah rusiah. Wayahna tong dibuka! Da lain keur Nyai, lain keur Akang! Beu, paingan atuh. Paingan mani omat-omatan tong hayang nyaho eusina. Meureun we da jang sero ateul! Kuring teu waka hudang basa salaki mah kebat kaluar deui ti kamar. Keun siah rek dianteur heula! Rek tepi ka marana tah! Engke mah rek dibab Ieu, Is! Akang mah ngan kapihapean ieu ku Usep teh! Duka naon ari eusina mah. Akang jeung Etehna mah da teu kungsi muka. Naon ta teh? Make ngaakangkeun. Teu neuleu aya cukang irung pamajikan! Tapi ke heula! Naha salaki teh nyebutkeun kapihapean jeung nyabit-nyabit ngaran Usep? Ngaran Usep teh memang mindeng dicaritakeun salaki. Cenah mah eta teh batur dalitna basa di es-em-pe. Ceuk salaki mah kiwari teh keur gering parna. Tapi, naon hubungana? Laju kuring hudang kabawa panasaran. Ngintip tina sela-sela panto. Kajeueung si awewe teh nampanan bungkusan tea. Oh. Nuhun atuh, Kang! pokna bari ngampihan ka jero tasna. Hampura we, Is! Akang teu bisa nungkulan! Da kumaha atuh, mani teu kabejaan pisan! Sawios, Kang.

Enya. Sing sabar we! Akang jeung Etehna mah tibang bisa ngajurung dunga. Muga we Usep sing tenang di alamna! Sing ditarima ku Mantena! Atuh Iis, nu ditinggalkeunana, sing kuat deuih nandangan cocoba teh! Innalillahi! Kuring ngembang kadu. Eungeuh tina caritaan satuluyna, manahoreng semah nu ngarana Iis teh ngahajakeun nepungan salaki. Rek neang barang nu dipihapekeun jenat salakina ka salaki kuring, nu mangrupa bungkusan leutik tea. Ari pangna tiheula ngaleungit, enya basa nepungan kuring tea, cenah mah tepung jeung babaturana urang dieu nu kabeneran rek ka pasar. Sigana teh tuluy milu. Sakalian nepungan salaki kuring. Jeung deui, sabenerna mah cenah bebeja heula ka kuring. Ngan bae kuringna nu teu ngadenge. Meureun atuh, pan tadi teh keur anteng ngalamun di dapur. Beu, jadi parada. Rasa-rasa boga dosa ongkoh. Geus nyangka nu lain-lain ka manehna. Astagfirulloh! Ehm, hampura teuing, Is! Tangtu kuring ge bisa neuleuman perasaana dina waktu harita. Nu matak kahayang mah kebat nyampeurkeun basa Iis tuluy amitan. Ngan hanjakal we, kudu kaelehkeun ku rasa era. Ongkoh kapalang deuih, salaki teh geus nyebutkeun kuring keur aya nu karasa ngadadak ka manehna teh. Pamustunganana mah kuring ngagoler deui dina ranjang. Namper-namperkeun perasaan nu merul teu puguh. Naon dih Nyi nu karasa? Salaki nyampak gigireun bari laju ngarampaan awak. Lain ngarampaan ieuh ketang, nu kitu mah kasebutna teh nyasaran! Ari Akang rek naon? Nyaho kuring teh keur samar rasa. Pan ayeuna teh poe Saptu. Kuring keom. Asa kaingetan. Enya, si Jaja mah pastina ge moal apaleun, naon nu sok dipigawe ku salaki dina poe Saptu. Paduduaan jeung kuring tangtuna oge. Pan ceuk Akang ge Abdi teh keur aya nu karasa! Teu singna! Tapi itu urab jeung kulub peuteuy! Engke deui urab mah! omongna bari rek ngagalentoran. Gentak kuring ngagurinjal. Aya naon?

Abdi mah panasaran. Panasaran kumaha? Ari bungkusan nu jang Iis naon sih eusina? Lah, selang teuing dipikiran! Tong boro Akang jeung Nyai, nu saukur kapihapean, dalah nu ngarang caritana oge aya bahan moal nyahoeun! Kuring bati***

You might also like