You are on page 1of 2

Assalamualaikum Wr Wb Hadirin anu sami-sami linggih, Kersaning Gusti Nu Maha Suci, urang sadayana tiasa patepung lawung paamprok

jong hok dina ieu acara. Mugi ieu acara th lungsur langsar kalayan kahontal sagala anu dipimaksad. Amin. Ngadegna sim kuring dina danget ieu payuneun parasepuh miwah paratamu anu sami r awuh, taya sanes seja ngiring jabung tumalampung sabda kumapalang. Kitu oge bari jeung digedeng ku kendang gede pakauman, dag-gig-dug rasaning ati, rumasa sim kuring mah taya kabisa, sanggem paripaos ta mah tang tang lauk buruk mi lu mijah. Boa catur g nu tanpa bukur, ngalantur teu puguh alang ujurna taya pulun ganeunana. Nanging sanaos suwung ku pangaweruh suda ku pangabisa, sim kuring baris nyobi ng aguar tma ieu biantara anu unina Ngaronjatkeun Kareueus Nonoman Kana Basa Sunda. Hadirin nu dipihormat, Saparantos sim kuring maluruh sababaraha sumber anu jadi rujukan. Sihoreng geuni ng, anu utama pikeun para nonoman atanapi generasi muda anu jadi seuweu siwi Paj ajaran teh, taya sanes kedah mibanda rasa katineung kana budayana. Ulah nepikeun ka jati kasilih ku junti mupusti budaya asing bari teu malire budaya urang sora ngan. Anu antukna cul dog-dog tinggal igel. Adean ku kuda beureum, ngarasa reueu s ku banda meunang nginjeum. Sanes hartosna nonoman sunda ulah malire kana budaya deungeun, nanging asa langk ung payus saupami weruh kana budaya deungeun teh disarengan ku ngaraksa ngariksa budayana sorangan. Utamana kana basa sunda anu jadi ciciren bangsa. Naha basa sunda ciciren bangsa? Rupina basa teh nuduhkeun ciri anu dipibanda ku salahsahiji suku bangsa. Kitu oge bakal disebut sekeseler sunda saupama disareng an ku aya basana. Asa palangsiang, saupamana dina hiji waktu keur aya di nagara deungeun, heug aya nu naros, kawit ti mana, dijawn teh ti Indonesia. Indonesiana di mana? Ana dijawab teh ti Jawa Barat. Batur teh nanya d eui: Atuh pinter basa Sundana, tiasa abdi ngiring diajar? Pisakumahaeun teuing er ana saupama urang keur di mancanegara diperedih ku batur pikeun ngawanohkeun bas a Sunda , tapi urang teu bisa. Ngawanohkeun Basa Sunda saleresna mah sanes kanggo para nonoman wungkul, tapi to s kedah diwanohkeun ti kawit balita. Upami di Jawa Barat nya ku Basa Sunda. Basa Sunda salaku basa indung bakal leuwih nyerep ka diri nooman lamun geus dibiasak eun diwanohkeun ti bubudak. Sajabi ti eta, mikacinta basa Sunda, hartosna urang parantos ngalaksanakeun aman ah anu aya dina batang tubuh UUD 45, utamana pasal 36, Bab XV. Eta teh sanes mung ukur kanggo basa Sunda, nanging sakur basa daerah nu aya di saantero Nusantara perlu dipiara jeung dimekarkeun. Ana kitu mah nonoman anu mikareueus jeung ngagu nakeun basa Sunda dina hirup kumbuhna, ngandung harti eta nonoman teh tos kalebe t kana warga nagara anu hade. Hadirin, salajengna, generasi muda anu mikacinta kana basa Sunda sami sareng par antos ngamalkeun ajaran agama. Peryogi kauninga, yen sagala rupa basa anu dipare ke ku sakumna jalma anu aya di satangkaraking jagat atanapi satungkebing langit ieu, sanes ciptaan manusa, nanging dadamelan Anu Maha Kawasa Allah SWT. Mangga u ningaan Q.S Arrum ayat 22. Anu unina wallohu alam : jeung di antara tanda-tanda k akawasaanNa nyaeta nyiptakeun langit jeung bumi jeung rupa-rupa basa jeung warna kulit. Saestuna tina hal eta teh bener-bener nyangkaruk tanda-tanda pikeun jalm a-jalma anu mikanyaho. Tah geuning, ana kitu mah basa Sunda oge kalebet kana hasil dadamelan Gusti Nu M aha Suci. Atuh mupusti basa Sunda oge tiasa kelebet kana padamelan ibadat. Kitu oge upami jalmana aruningaeun alias marikanhyaho tea. Pasualan utama anu kedah kawaler dina ieu tema biantara teh, nyaeta kumaha sangk an generasi muda mikacinta kana basa Sunda. Waleranana, sajabi ti rupi-rupi hal anu disebatan tadi, rumus anu utama mah generasi muda ulah ngaraos isin, era, at anapi gengsi ngagunakeun basa Sunda. Cindekna, konci utama para nonoman/generasi muda mikcinta kana basa Sunda, diant awisna ulah eraan. Ulah era ngagunakeun basa Sunda atawa ulah gengsi cacarita ku basa sunda boh di lingkungan kulawarga boh di jalan pasampangan salami urang nu

cacarita papada ngarti kana basa sunda. Hadirin, ulah sieun disebut urang kampung bau lisung pedah nyarita ku basa sunda malah kudu sabalikna, urang kudu ngarasa reueus sabab geus ngamumule budaya kar uhun. Ulah sagala embung, nanging kudu sagala daek nyaeta kudu daek aub dina kagiatan kasundaan, sapertos acara tembang, mamaos, jeung sajabina. Sim kuring kalintang katajina ku tarekah Bapa Adang S, anu mingpin acara Caraka Sundanologi di televi si. Eta oge kalebet kana tarekah ngirut kana kerep nonoman ngagunakeun basa sund ana. Kitu oge sapertos acara Mojang jeung Jajaka Parahyangan nu dilaksanakeun ku Disb udpar Jawa Barat, eta mangrupi salah sawios tarekah ngaronjatkeun kacinta kana b asana. Margi anu namina mojang jeung jajaka Sunda mah sageuy teu ngawasa kana ba sana. Terekah sanesna, di antawisna urang kedah ngaronjatkeun sarana sareng rupi-rupi kagiatan anu nibulkeun kareueus nonoman kana basa katut budaya Sunda, sapertos p asanggiri biantara sareng debat anu nuju lumangsung ieu. Anu sanesna sapertos pasanggiri maca carpon, maca sajak, sareng nerbitkeun bukubuku hancengan nonoman nu make basa panganteur basa Sunda. Kitu oge unggal studio radio di tatar sunda, ditarekahan sangkan aya waktu husus dina acara siaran anu ngagunakeun basa Sunda salaku basa panganteurna. Hadirin anu sami-sami linggih, eta mah sakadar cita-cita simkuring. Da ahirna ma h diwangsulkeun deui ka nonoman nyalira. Cindekna mah urang kedah peheuyeuk-heuyeuk leungeun dina ngamumule ngaraksa sare ng ngariksa basa katut budaya Sunda. Manawai bahan katampi, hapunten sanes bade ngabejaan bulu tuur, atanapi mamataha n ngojay ka meri. Ieu mah mungguhing kajurung ku identitas sim kuring salaku non oman Sunda. Sasieureun-sabeunyeureun bae mah ngiring nyumbang saran. Manawi bahan katampi, hapunten sanes bade ngabejaan bulu tuur, atanpi mamatahan ngojay ka meri. Ieu mah mungguhing kajurung ku identitas sim kuring salaku nonom an Sunda. Sasieureun sabeunyeureun bae mah ngiring nyumbang saran. Amit mungkur. Hapunten sakali deui, bilih aya basa anu kirang merenah sumarambah kana manah sareng matak nyelekit kana ati. Mugi agung cukup lumur jembar sihaka sima. Wassalamualaikum wr.wb.

You might also like