KÉAN SANTANG

Kéan Santang téh putra Prabu Siliwangi anu katelah gagah tur sakti. Di Pajajaran, malah di Pulo Jawa teu aya hiji ogé jalma anu bisa nandingan kasakténna. Dina hiji waktu Kéan Santang ngadeuheus ka ramana, unjuk-kan yén dirina hayang ningali getih sorangan. Hayang tarung ngadu jajatén, tapi teu aya nu bisa nandingan. Ngadangu kasauran putrana kitu, Prabu Siliwangi geuwat baé nyauran para ahli nujum karajaan. Ménta bongbolongan, sugan aya jalma anu bisa nandingan kasaktén Kéan Santang. Ditanya kitu, para ahli nujum téh kabéhanana ngabigeu teu aya nu némbal. Ngan teu lila ujug-ujug aya aki-aki anu nyampeurkeun ka Kanjeng Prabu. “Kanjeng Prabu, kaula bisa nuduhkeun saha jalma anu bisa nandingan kasaktén tuang putra. Jauh pisan éta jalma téh, ayana di nagri Mekah, ngaranna Bagénda Ali.” “Saha kira-kirana anu bakal unggul lamun anak kaula tarung jeung Bagénda Ali?” Kanjeng Prabu ,alik naor. Anéh pisan, saméméh ngajawab éta aki-aki téh geus ngaleungit, duka ka mana ngilesna. Ti harita Kéan Santang teu genah cicing. Hayang geura gok patepung jeung jalma nu ngaran Bagénda Ali. Hayang geura tarung ngadu jajatén. Hiji waktu Kéan Santang pamitan ka ramana Prabu Siliwangi, seja miang ka nagri Mekah, rék nepungan Bagénda Ali. Sanggeus diwidian ku ramana, gejlig baé anjeunna angkat ti Pajajaran. Leumpang ngulon, muru ka lebah panonpoé surup. Bubuhan jalma sakti, leumpangna téh napak kancang, nyaéta leumpang dina kulit cai, nyéak gancang ka ditu ka kulonkeun. Barang nepi ka nagri Mekah, Kéan Santang patepung jeung aki-aki anu keur ngiuhan handapeun tangkal korma. Pok Kéan Santang nanya. “Ki, cing tuduhkeun di mana ayana Bagénda Ali téh?” Éta aki-aki téh ukur melong, neges-neges ka nu anyar datang. “Saha Ujang téh?” pokna kalah malik nanya. “Kaula téh Kéan Santang ti Pulo Jawa. Kaula hayang tepung jeung Bagénda Ali. Cenah anjeunna téh jalma sakti, kaula hayang ngadu jajatén.” “Euh, kitu. Yu atuh tuturkuen Aki!” ceuk éta akiaki ngajak indit ti dinya. Kéan Santang nuturkeun. Tapi kakara ogé sababaraha léngkah, aki-aki téh

pok nyarita, “Aéh, iteuk Aki tinggaleun. Cing pangnyokotkeun, Ujang!” Kéan Santang geuwat balik deui, maksud rék mangnyokotkeun iteuk. Ari iteuk si aki téa nanceb deukeut tangkal korma. Barang éta iteuk dicabut, karasa bet pageuh. Kéan Santang nyabut deui beuki bedas, angger baé teu kacabut. Kéan Santang mapatkeun ajian, nyabut deui éta iteuk sataker tanaga. Ané pisan. Lain iteuk anu kacabut téh, tapi kalah sukuna ambles kana taneuh. Kitu jeung kitu baé, unggal manéhna nyabut, sukuna kalah beuki mebes. Kéan Santang geus ngoprot késang. Iteuk angger teu bisa kacabut. Manéhna mimiti boga curiga yén aki-aki nu boga éta iteuk téh tangtu lain jalma samanéa. Keur kitu, aki-aki téh geus aya gigireun. “Saha saenyana andika téh, Ki?” ceuk Kéan Santang semu lungsé. Si Aki ukur seuri ditanya kitu téh. “Nya kaula anu ditéangan ku andika téh. Kaula Bagénda Ali!” Ngadéngé kitu, rumpuyuk baé Kéan Santang nyuuh kana sampéan Bagénda Ali. Manéhna taluk, sadar yén kasaktén dirina ukur satungtung buuk upama dibandingkeun jeung élmu kawedukan Bagénda Ali. “Kaula taluk, sumerah diri hoyong guguru ka Kanjeng Bagénda,” ceuk Kéan Santang. “Heug, tapi andika kudu ngucapkeun sahadat heula, asup agama Islam,” walon Bagénda Ali Ti harita Kéan Santang asup agama Islam sarta terus guguru, ngulik bagbagan agama Islam di Nagri Mekah. Sanggeus ngarasa cukup ngalap élmu, Kéan Santang pamitan hayang mulang deui ka nagrina, Pajajaran. Ku Bagénda Ali diwidian kalayan dibéré pancén yén Kéan Santang kudu nyebarkeun agama Islam di Pulo Jawa. Aya dua rupa barang anu dibekelkeun ku Bagénda Ali nyaéta tasbéh jeung kitab Al-Qur‟an. Kéan Santang mulang deui ka Pajajaran, nyebarkeun agama Islam. Teu saeutik rahayat Pajajaran anu tuluy ngagem agama Islam. Ari ramana, Prabu Siliwangi, teu kersaeun ngagem agama Islam. Dibarengan ku sawatara prajuritna, Prabu Siliwangi ninggalkeun karaton, ngungsi ka hiji tempat di pakidulan Garut. Ceuk sakaol, di dinya anjeunna „nghiyang‟, ngaleungit tanpa wujud. Ari para prajuritna minda rupa jadi maung.

Sign up to vote on this title
UsefulNot useful