2

TUJUAN Siswa dapat menyimak untuk memahami, dan menanggapi wacana tulis berupa cerita wayang, bagian-bagiannya, unsur-unsur seninya, menyimpulkannya dan menceritakan perwatakan tokoh wayang dengan penampilanya

A. MIKAWERUH ISTILAH PAWAYANGAN Wayang golèk : wayang bonèka nu dijieun tina kai (golèk=bonèka) Alok : kawih pangeuyeub dina kakawihan atawa carita wayang Dalang : jalma purah ngalalakonkeun carita wayang Gamelan : saparangkat tatabeuhan nu lengkep dina wayang nu diwengku ku, rebab, gambang, saron, boning, kendang, goong , jstè nayaga : tukang nabeuh gamelan sinden : tukang ngawih/ngahaleuang Gugunungan : 1) parabot dalang nu sok ditancebkeun dina gebog cau, sok dipakè isarah leba nunda atawa nyampeur carita/lalakon ku dalang Jantur, ngajantur : mèrèskeun nanceb-nancebkeun wayang dina gebog mèmèh manggung Kotak wayang : kotak paranti wadah/pikeun nyimpen wayang B. MIKAWERUH CARITA WAYANG JEUNG PAGELARAN WAYANG 1. BABON CARITA WAYANG Carita wayang tèh nya èta rupa-rupa lalakon anu biasa atawa bisa dipidangkeun dina pegelaran wayang, mangrupa gambaran ngeunaan sipat jeung watek manusa di dunya. Lalakon-lalakon pikeun pagelaran wayang nyumber kana carita babon atawa pakem (sumber). Satuluyna ditepikeun sempalanana, galur atawa carangan. Lalakon dina carita wayang anu dijadikeun sumber ku para dalang Sunda, nya èta: 1)Babad Loka Pala/ Arjuna Sastra Bahu, 2) Ramayana, 3) Mahabarata, jeung 4) Wayang Madya 1. Babad Loka Pala/ Arjuna Sasrabahu Caritana nyambungkeun lalampahan Rahwana kana carita Ramayana, sok sanajan bèda alur caturna. 2. Ramayana Eusina nyaritakeun Rama jeung Sinta. Tuluy aya paperangan lantaran Sinta diculik ku Rahwana. Aya lima jilid tina carita Ramayana, nya èta 1) Rama medal, 2)Rama Gandrung, 3) Rama Tambak, 4) Rama Yuda, jeung 5) Rama Kondur 3. Mahabarata

K-KUR-010/L1

Carita Mahabarata disusun dina wangun puisi, anu rèana 24000 pada. Aslina mah disusun dina basa India kira-kira 500 taun samèmèh masèhi. Silsilah Mahabarata dimimitian. Dina Mahabarata anu nyekel kaadilan tèh Pandawa, ari anu murka nya èta Kurawa 4. Carita Wayang Madya Mangrupa carita turunan Pandawa jeung Kurawa Di handap ieu aya bagan pancakaki Pandawa jeung Kurawa, pèk tengetan!

2. PAGELARAN WAYANG Pagelaran wayang mangrupa adumanis (kolaborasi) antara sastra nu mangrupa carita wayang jeung tèater rayat (pagelaran), anu biasana dipirig ku gamelan salèndro, anu diwangun ku dua saron, peking, selentem, boning, boning rincik, kenong, kempul jeung goong, kendang indung jeung tilu kulanter, sarta gambang jeung rebab. Dina ngalalakon carita wayang, struktur pagelaran diwangun ku sababaraha bagian. Upamana waè: kakawèn, murwa, nyandra, jeung anta wacana. Geura urang pedar hiji-hiji.

K-KUR-010/L1

Kakawèn, nya èta kawih dalang dina pagelaran wayang golèk, anu ngagunakeun basa Kawi (Jawa Kuno), anu sok disebut suluk, eusina mangrupa papatah, piwuruk, atawa saran ka nu ngadangukeun lalakon. Murwa, nya èta kekecapan anu dipakè bubuka ku dalang wayang sabada kakawèn, sok ngagunakeun basa Kawi (Jawa kuno). Najan kitu, dalang wayang golèk di Tatar Sunda rèa anu ngagunakeun basa Sunda. Biasana digalantangkeun tur dipirig ku hawar-hawar sora gamelan. Eusina sok ngagambarkeun kaayaan adegan carita anu keur dilalakonkeun Nyandra, nya èta prolog anu digalantangkeun ku dalang sabada murwa. Eusina ngagambarkeun kaayaan karajaan, kaluhungan raja, kautamaan (watek jeung pakènana) bari dipirig ku gamelan . Anta-wacana, nya èta paguneman dina pagelaran wayang. Unggal tokoh wayang boga warna sewing-sèwangan, nepi ka nu lalajo mikawanoh saha anu keur nyaritatina ngadèngè sorana wungkul. Tutup lawang sigotaka, nya èta tanda atawa omongan yèn pagelaran wayang geus rèngsè. Biasana diucapkeun ku dalang bari nancebkeun gugunungan.

K-KUR-010/L1

Sign up to vote on this title
UsefulNot useful