You are on page 1of 11

.



Hadirin sidang Jumat Rahimakumullah!

Lamun indit ka Mekkah maksad hayang jalan-jalan tur
pelesiran wungkul, tangtu moal pinanggih kasugemaan,
sabab lain tempatna

Lamun indit ka Tangkubanperahu maksud hayang
jongjon ibadah ulah kaganggu ku pelesiran tangtu moal
ngarasa sugema, sabab lain mernahna

Nyakitu deui lamun anu puasa maksud hayang tibra
sare, ngeunah sarta mirasa kadaharan, bari hayang salse
pelesir nyanyabaan, tangtu moal ngarasa sugema. Sabab
lain kitu kuduna.

Tapi lamun seja ngalatih diri, ngabersihan rohani,
maksud rek ngalesu kalbu, maka sakabeh rasa jeung
rarasaan jadi maha guru, mere pelajaran jeung didikan,
nepi ka atra katembong sarta nyata karasa yen nu puasa
teh

[sangkan maraneh jadi jalma ahli


bakti jeung takwa, albaqarah ayat 183],

[supaya maraneh jadi jalma ahli syukur,


albaqarah ayat 185],

[supaya
aranjeun meunang pituduh dina jalan anu lempeng,
albaqarah ayat 186]
Hadirin sidang Jumat Rahimakumullah!

Hudang sahur tangtu teu ngeunah, sabab keur tibra
sare! Tapi kusabab niat puasa, rek ngalatih diri [batin],


menerkeun karep, mernahkeun kahayang dina karidoan
anu Maha Heman, teu talangke.... korejat hudang.
Leungit tunduh jeung kakeueung. Najan dahar teu pati
mirasa oge tetep dilakonan sabab lain rek ngadon dahar
tapi rek ibadah, rek neuleuman kataqwaan, syukur jeung
rusyud [pituduh] anu mawa betah jeung genah dina
ibadah.

Sakabeh waktu dipake ibadah, diijir diitung, sangkan
kabeh kapake teu mubadzir, wanci janari korejat hudang
tibuburanjat sieun kabeurangan, sieun kasubuhan,
padahal biasanamah waktu teh dihahambur, dipake
meakkeun umur, ngadeukeutan liang kubur ku lampah
anu teu jujur, atawa morongkol dina kasur.

Pangandika Rasulullah SAW:

Maraneh kudu sahur, saestuna dina sahur eta pirang-


pirang berkah kahadean
[HR. Bukhari Muslim]





Pangandikana deui:

Saestuna Allah masihan rahmat, tur malaikat


ngaduakeun ka jalma-jalma anu dalahar sahur
[HR. Ahmad]



Pangandikana deui: Ari sahur teh berekah [ngandung
pirang-pirang kahadean] ku kituna ulah ninggalkeun
hudang shaur, najan ngan sempet ku nginum saregot

Hadirin sidang Jumat Rahimakumullah!

Tina bakating ku utama-utamana hudang janari, najan
saregot atawa sahuap oge nu didaharna, bakal dipasihan
rahmat ku Allah sarta diduakeun jeung
dipangmentakeun hampura ku para malaikat. Kukituna
urang kudu mentingkeun hudang janari

Dina hadits majhul, aya katerangan yen umat Islam
tetep dina kahadean satungtung tara ngengke-
ngengkekeun buka, sarta ngaakhirkeun waktu sahur

Diantara faidah sahur diakhirkeun teh pikeun
ngadeuketkeun waktu shubuh, ngarah teu kasiangan,
supaya shalat subuh dina waktuna kalawan berjamaah,
kusabab sadayana tos garugah

Sahur kudu diakhirkeun, ari buka mah ulang di engke-
engke. Lain kudu terus dahar tapi cukup ngabatalan bae,
sakumaha biasana Rasulullah SAW ngabatalanna ku
korma atawa ku cai.

Hadirin sidang Jumat Rahimakumullah!
Pisakumahaeun teuing kabungah jalma nu buka puasa
ngagambarkeun jeung ngarasakeun bungahna jalma nu
butuh ditulung ditalang. Ditambahan deui ku perjanjian


ka Allah yen anu buka puasa the ngabogaan harepan
anu gede pisan pikeun ditarima doana.

Tiluan anu TEU ditolak doana, kahiji anu puasa nepi


kabuka, kadua pamingpin anu adil, katilu anu ker
didolim [dinyenyeri] (HR. At-Tirmidzi)

Kumargi kitu, tos lumrah upami buka kedah ngadua
heula:


nun gusti, karana gusti abdi puasa, sareng kaanjeun
abdi iman sareng karana rizki pasihan tigusti abdi buka,
kalayan rahmat anjeun nun gusti dzat anu maha asih
tisadaya nu asih

Ieu doa ningalikeun rasa syukur jeung tumarima sabab
tas dahaga jeung lapar disampakkeun rezeki tinu Maha
Heman. Puasa karana gusti sarta rejeki anu diteda
Ieu doa bukti

[bakti],


[syukur],jeung

[rasa diri yen aya dina


hidayah]



Aya deui doa anu kantos dibaca ku kanjeng nabi waktos
buka:

Ilang musnah dahaga, sarta lantis urat-urat, sarga


muga-muga ditetepkeun ganjaranana

Ieu doa, ngajerit ka gusti, sangkan bulan puasa ulah
ngan ukur lesu lapar, letih langlayeuseun, hese cape teu
kapake tapi disuhunkeun puasa teh hoyong katampi,
sarta buahna hoyong kaala, hasilna hoyong kapetik



Aya deui doa anu sok diaos ku shohabat kanjeung nabi
jenenganana Abdullah

Nun Gusti! Abdi neda ka gusti ku rahmat gusti anu


cukup pikeun sagala rupa barang, mugi gusti
ngahampura ka abdi

Ieu doa nyuhunkeun sangkan enya-enya puasa teh jadi
taraje kana darajat

[bakti],


[syukur],jeung

[pituduh, anu moal




kahontal lamun nu ngadoa lamokot ku dosa, sarta teu
aya karep tobat, bari moal deui-deui, sabab kapok
ngalampahkeun laku lampah anu salah, jeung
pamasiatan

Hadirin sidang Jumat Rahimakumullah!
Hampir saminggu shaum tos dilakonan
MUNG sa sasih.tina 12 sasih..
Urang teu ngaraos kaabotan cacapean ti enjing-enjing
dugi ka sore nyiar kipayah dina masalah kaduniaan

ATUH urang oge ulah ngaraos kaabotan cacapean dina
sasih Romadhon..
Hayu urang ikhlaskeun jiwa raga urang dina mayunan
sasih anu kalintang muliana

Sabulan anu nilaina manglipet-lipet pahala kanggo
tabungan urang di akherat.
Sabulan kanggo tabungan pi surgaeun anu abadi.
Sabulan kanggo ngahapus dosa urang engke di yaumil
akhir.

You might also like