You are on page 1of 3

A.

Watesan Sajak
Sajak nya éta karya wangun ugeran (puisi) anu teu pati kauger ku patokan jumlah
padalisan dina sapadana, jumlah engang dina unggal padana, atawa sora tungtung dina
unggal padalisan.
B. Wanda Sajak
Ditilik tina wangunna, aya tilu wanda sajak téh di antarana:
a. Sajak épik nya éta sajak anu sipatna ngadadarkeun kajadian/carita kapahlawanan.
b. Sajak lirik nya éta sajak anu ngagambarkeun rasa panyajakna, sipatna leuwih
subjektif.
c. Sajak dramatic nya éta sajak anu ngébréhkeun hiji kaayaan tokoh nu dipilih ku
panyajakna.
C. Kumpulan sajak jeung pangarangna, di antarana:
Lalaki di tegal pati (Suyudi, 1963)
Janté Arkidam (Ajip Rosidi,1967)
Nu ngaronghéap mangsa surup ( Eddy D Iskandar,1975)
Jagat Alit (Godi Suwarna, 1979)
Nu mahal ti batan inten ( Yus Rusyana,1980)
Urang naon di Cinaon (Wahyu Wibisana,1992)
Blus kéré lauk (Godi Suwarna, 1992)
D. Tehnik maca sajak
Salian ti maham eusi sajak, aya sababaraha hal nu kudu diperhatikeun dina maca sajak,
nya éta:
a. Lenyepan
Saméméh maca hiji sajak urang kudu bisa ngalenyepan heula kana eusi sajak
sagemblengna.
b. Vokal
Sorana kudu béntés tur buleud dina harti tétéla kadéngéna
c. Nada jeung rasa
Anu dimaksud nada jeung rasa didieu aya patalina jeung sikep dina nepikeun éta
sajak. Naha nadana sinis,nyungkun, mikamelang jsb. Ari rasana pikabungaheun,
pikakeuheuleun atawa nu séjénna.Sikap urang dina maca sajak kudu saluyu jeung
nada katut rasa anu dikandung dina éta sajak.
d. Wirahma
Wirahma nya éta anca-gancangna dina maca sajak. Kaasup randegan jeung lentongna.
e. Eksprési
Anu dimaksud éksprési nya éta ébrehan jiwa anu diantarana baé katémbong sacara
fisik dina paroman (mimic) jeung pasang peta (gesture).
Dina maca sajak téh kudu diluyukeun jeung eusi katut karakter sajakna. Anu puguh mah,
upama maca sajak téh haying dijadikeun pintonan nu narik ati, jelas mikabutuh latihan
anu daria.
E. Conto sajak judulna do’a karya Apip Mustopa

D O’ A

(haturan pa oto iskandar di nata)

jungjungan
pangnankeupkeun éta nyawa
nu indit taya nu nanya
taya tapakna di dunya

angin
pangusikkeun sapangeusi buana
yén aya sinatria nu perlaya
di wewengkon langit sunda

bulan
baturan éta nyawa nu ditundung
di tempat baktina taya nu daék ngajungjung

hé panonpoé
geura awurkeun panas nu ngaduruk sagala
sangkan ieu dada
sakumna nyawa sunda
nyaho boga pahlawan digjaya
(dicutat tina Saratus Sajak Sunda,1997)








Kuningan, 2 Oktober 2012
Praktikan Dosen Pembimbing Guru Pamong




Yani Suryani Ariyanto, M.Pd Dra. Hj. Siti Julaeha