You are on page 1of 10

Basa, Kasenian, jeung

Kahirupan Sunda
KU ayana kamekaran tknologi internt nu ngarambah
nepi ka tepis wiring, ttla mawa pangaruh nu
kalintang had kana kahirupan basa Sunda. Sanajan
tknologi datangna ti deungeun, tapi lain hartina
mareuman basa Sunda. Perkara ieu bisa diimeutan dina
sawatara jejaring sosial, saperti facebook. Ra
diantarana anu tara asa-asa deui ngawangkong th ku
basa Sunda tur bisa kabaca ku balara. Malah aya rasa
kareueus kana basa Sunda, mangsa bisa ngawangkong
ngagunakeun basa indung. Lebah dieu, bisa
dicindekeun yn naon rupa anu jolna ti deungeun th
henteu salawasna gorng, malah nu had og kacida
rana. Kilang kitu, kalintang gumantung kana kumaha
carana urang ngamangpaatkeunana pikeun kahadan.
Po basa indung anu dipiling saban 21 Fbuari tangtu
bakal leuwih haneuteun ku ayana natrat yn basa
indung th hirup knh, dina harti masih diparak ku
masarakat dina wangkongan sapopo. Lain ba basa
Sunda, da kaasup basa indung slr sjnna og jadi
leuwih hirup ku ayana kamekaran tknologi. Lebah dieu
seukeutna sawangan UNESCO th, anu antukna
netepkeun 21 Fbuari minangka Po Basa Indung
Internasional.Habna sumanget pikeun ngamumul
basa Sunda og bisa karasa ti kalangan rumaja.
Contona, dina Fstival Drama Basa Sunda (FDBS)
Pelajar anu diayakeun ku Tater Sunda Kiwari,
pesertana bisa ngajaul ngaleuwihan targt panitia.
Sabada pendaptaran FDBS Pelajar ditutup, kacatet 49
grup tater rumaja nu miluan dina ta fstival. Lain ba
patandang ti Jawa Barat, da aya og peserta anu jolna
ti Banten. Basa Sunda henteu bisa dipisahkeun ku

wilayah administratip. Komo deui Banten mah kapan


sidik Sunda pisan. Sajabana ti FDBS Pelajar anu digelar
ti tanggal 7 nepi ka 27 Fbuari, di Gedong Kasenian
Rumentangsiang og maneuh dipidangkeun rupaning
kasenian Sunda, kayaning tari tradisonal, sandiwara
Sunda, longsr, jeung sajabana. Beuki pikabungaheun
basa nengetan personilna leuwih ra didominasi ku
kaum rumaja. Sandiwara Sunda mimiti neut-neutan
deui, dipidangkeun sacara maneuh di Rumentangsiang.
Grup Sri Murni jeung Ringkang Gumiwang kaasup dua
grup sandiwara nu mindeng ngagelarkeun pintonan di
Rumentangsiang.Ku leuwih hirupna basa Sunda, boh di
dunya maya atawa dina kahirupan sapopo, dipiharep
mawa pangaruh had pikeun masarakat. Budaya Sunda
tetep bisa kajaga pikeun ngawangun kahirupan nu silih
asah, silih asih, tur silih asuh. Rrongan dina
kahadan, wanoh jeung baraya katut tatangga, muga
leuwih natrat deui. Urang Sunda bisa ngigelan
kamekaran jaman, bari henteu kudu ngaleungitkeun
idntitasna salaku urang Sunda. Pon kitu deui, taya
salahna mikaresep kasenian deungeun kalayan henteu
kudu mopohokeun kasenian banda urang. Dina mangsa
globalisasi kiwari, taya deui pilihan iwal ti kudu wani
aub tarung dina persaingan. Urang Sunda kudu siap
tandang makalangan sangkan henteu jadi galandangan
di lembur sorangan. Pangpangna mah nurutkeun data
statistik, di lembur sorangan og ttla urang Sunda
mh kalld ku para pendatang. Widang konomi,
pulitik, katut kasenian, ulah nepi ka kajadian jati kasilih
ku junti. Urang Sunda kudu bisa hirup kalayan walagri
di lemah cai Sunda. Ironis kabina-bina mangsa nyaksian
urang Sunda nu teu kabagan pacabakan tur teu
mampuh mibanda pangiuhan. Di sisi sjn, ra nu
hirupna medah-meduh, malah ngarasa bingung kudu

kumaha makeun raja kaya.Dina kaayaan sarupa kitu,


naha kamana atuh palsapah silih asih th jeung
sasama th? Naha urang bet tga ngantepkeun baraya
nu katalangsara di sarakan sorangan? Ku kituna, lain
ba ngamumul basana jeung kasenianna, tapi nu
leuwih utama mah miara ajn inajn jeung saripati
kalinuhungan budayana pikeun dipraktkeun dina
kahirupan sapopo.Lamun silih asah, silih asih, jeung
silih asuh geus bisa diterapkeun dina kahirupan
sapopo, tangtu beuki ndah Sunda th. ndah
alamna, ndah kahirupanana. Hirup basana, hirup
kasenianna, tur hirup budayana. Apan harti Sunda
th ndah. Rk ditarjamahkeun kana basa naon og,
Sunda mah salawasna ndah tur reumbeuy
kahadan.***

Atikan Kasenian di Sakola, Napak


dina Budaya Bangsa
ANU pangheulana jadi pananya th tangtuna og:
naon tujuanana ngayakeun atikan kasenian di sakolaan,
pangpangna tingkat SD? Puguh ba tujuanna lain
pikeun ngajadikeun sakur siswa sangkan jadi seniman.
Perkara isuk jaganing gto aya diantarana nu jadi
seniman, ta mah tangtu henteu matak ngarobah
tujuan utama iayakeunana atikan kasenian di sakola.
Siswa tingkat SD, mangrupa mangsa nyorang atikan
formal anu bakal nangtukeun ngabentukna karakter
siswa ka hareupna. Diayakeunana atikan kasenian di
sakola th tujuan utamana mah pikeun ngatik sangkan
siswa jadi kratif. Ku ayana atikan kasenian, siswa og
dilatih pikeun mibanda kamampuh nalar, kalemesan
budi, imajinasi, sarta kaseukeutan rasa dina nyawang
kahirupan di lingkungan sosial budaya Indonsia. Jadi,

atikan kasenian th henteu sakadar kalangenan, anu


diayakeun dapon henteu. Lantaran, atikan kasenian
bisa raket patalina jeung mata ajaran sjnna. Nu
matak, sok aya istilah seni ngajar, seni diajar, jeung
seni sjnna. Perkara ta nuduhkeun yn naon rupa
perkara og bakal leuwih anteb lamun ditumpangan ku
seni.Pamarntah kalintang surti kana pentingna atikan
kasenian, pangpangna anu patali jeung kabudayaan. Ku
kituna, dina PP No. 19, Taun 2005 ngeunaan Standar
Nasional Pendidikan, kecap seni salawasna dihijikeun
jeung budaya (seni dan budaya). Upama diteuleuman
leuwih jauh, dihijikeunna kecap seni jeung budaya th
mibanda harti yn atikan kasenian salawasna kudu
nyoko kana budaya di lingkungan swang-swangan.
Lantaran bangsa Indonsia mibanda kabeungharan
budaya, tangtu ba di saban wewengkon th nyampak
seni jeung budaya nu mandiri, sarta bda jeung seni
budaya sjn. Tong boro nyarita nasional, dalah di tatar
Sunda og kalintang beungharna. Saban wewengkon,
sasarina miboga seni jeung budaya nu mibanda ajninajn punjul, sarta boga ciri has swang-swangan.
Seni jeung budaya ieu pisan anu perelu ditpakeun ka
barudak sakola, sangkan mikawanoh, anukadituna
dipiharep mikacinta. Numuwuhkeun rasa kacinta tur
kareueus kana seni jeung budaya sorangan, kalayan
lain hartina nutup diri kana seni jeung budaya global.
Taya salahna mikawanoh tur mikaresep budaya
mancanagara, tapi henteu mopohokeun seni jeung
budaya banda sorangan. Lanataran, seni jeung budaya
bangsa, tangtu karakteristikna bda jeung seni budaya
deungeun. Hususna di tatar Sunda, tangtu ba anu
perelu diwanohkeun th seni budaya Sunda. Ra urang
deungeun nu ngahaja ngayakeun panalungtikan
ngeunaan seni budaya Sunda, ku lantaran ngarasa

kataji tur nganggap seni budaya Sunda linuhung.


Tangtu ba kalintang lebarna lamun urang Sunda
sorangan henteu mikawanoh. Ngawanohkeun seni
budaya Sunda bisa dimimitian ku npakeun basa Sunda
jeung rupaning kamonsan basa Sunda dina ajn
sastra, anu nyampak dina eumpaka lagu, sajak, carpon,
jeung sajabana. Perelu ditandeskeun deui yn basa
Sunda th henteu kampungan. Basa Sunda og bisa
jadi basa rupaning palmuan. Komo deui lamun
ngagedurkeun npakeun kabiasaan ngagunakeun
aksarana. Mmang, aksara Sunda geus langka
digunakeun, lantaran kalintang banggana lamun
ngamimitian ngawanohkeun aksara Sunda, anu kakara
kapaluruh sababaraha taun katukang; nepi ka kiwari
og masih knh ra nu nganggap yn aksara Sunda
th ha na ca ra ka. Padahal nu sastuna mah aksara
Sunda th ka ga nga. Jadi, wajar lamun bangga
diterapkeun dina kabiasaan sapopo. Ku kituna, aksara
Sunda mah geus puguh hs, tinggal basana nu kudu
digedurkeun th, lantaran basa Sunda mah masih
knh diparak dina kahirupan sapopo. Malah dina
tayangan tivi nasional og, basa Sunda mindeng
dipak, sanajan ngan ukur di sabudeureun bobodoran.
Kilang kitu, ku mindeng dikedalkeun og apan bisa
nuduhkeun yn basa Sunda th masih knh aya
dikieuna, dipikawanoh, tur masih loba anu
ngagunakeun dina kahirupan sapopo. Nu leuwih
utama, basa Sunda th basa rasa, nu kalintang anteb
tur nyurup digunakeun ku para nonoman urang
Sunda.***

Wasta

: Tommy Enjery S

Kelas
Sakola

: X Ipa 2
: SMAN 2 Cimahi

Kliping Basa
Sunda

Taun ajaran 2012-2013


Puji sareng syukur urang panjatkeun ka
Gusti anu Maha Esa. Ku sabab izinna abdi

bisa ngajieun ieu kliping. Di harapkeun ieu


kliping bisa ngaguna ka pambaca Jung
sararea. Dugi baya kalepatan, abdi
haturkeun hampura. Mugi- mugi di lain
warktos abdi bisa ngajieung kliping leuwih
hade dai.

Daftar Euis ;
Bubuka...................................................... i

Daftar Eusi................................................ii
Ulah Sagala Mahal....................................1
Jakarta- Cipanas........................................2
Budaya Nulis Jung Maca..........................3
Miara Jati Diri Bangsa..............................4
Nyemah di Lembur Sorangan...................5
Pangajaran Basa Sunda.............................6
Maca Jung Internet....................................7
Sajak Midang.............................................8
Sajak Midang.............................................9
Pangajaran Basa Sunda...........................10
Lawang Saketeng....................................11
Tanya Jawab............................................12
Warta.......................................................13
Kolom Remaja........................................14
Sajak Remaja...........................................15
Kaendahan Buntut...................................16

Cinta Belewuk.........................................17
Lalayaran Bali- Australia........................18
Acara PEDA KTNA................................19
Ngalatih Disiplin Miceun Runtah...........20
PBB Jawa Barat.......................................21
Miara Pusaka Sajarah..............................22
Artikel Garut...........................................23
Agamis....................................................24
Artikel.....................................................25
Bantuan...................................................27
Shalat Khusyu.........................................29
Harta Jeung Kasolehan...........................31
Basa, Kasenian Jeung Kahirupan Sunda.32
Artikel Kasenian......................................34
Daftar Pustaka..........................................iii
Daftar Pustaka;

- Malajah Sunda Midang edisi 25 Mei25 Juni 2011.


- Malajah Sunda Mungle edisi 09 15
Juni 2011.
- www.google.com